1 |
Puji PANGERAN! Sukurkeun ka PANGERAN, ku karana kasaeana-Na, asih-Na salalanggengna. |
2 |
Saha nu sanggup nyaturkeun sagemblengna kawasaning PANGERAN, saha nu bisa puas muji kaagungana-Na? |
3 |
Jamuga sing saha anu tuhu kana hukum, anu salawasna migawe nu bener. |
4 |
Mugi emut ka abdi, nun PANGERAN, numutkeun karidoan manah ka nu jadi umat, mugi abdi dilayad, dipaparin kasalametan ti Gusti, |
5 |
sangkan tiasa nyaksian kajembaran umat anu ku Gusti dipilih, ngiring suka dina kabagjaan umat Gusti, ngiring reueus sareng umat kagungan Gusti. |
6 |
Abdi sadaya parantos dosa, sami sareng karuhun, parantos nyieun kajahatan sareng kadorakaan. |
7 |
Karuhun abdi-abdi di Mesir henteu ngartoseun kana padamelan Allah anu araheng teu areling kana piwelas-Na anu sering dibuktoskeun, anggur ngaralawan ka Nu Maha Kawasa, di Laut Beureum. |
8 |
Najan kitu ku Mantenna disalametkeun, demi nedunan jangji-Na, geusan ngabuktikeun pangawasa-Na. |
9 |
Laut Beureum ku Mantenna ditimbalan supaya saat ngoletrak, maranehna dipeuntaskeun nyorang dasar laut, teu beda jeung ti di darat. |
10 |
Ku Mantenna diluputkeun tina kawasa nu mikangewa, diluputkeun tina kawasaning musuh; |
11 |
sabab satru-satruna teh kaliputan ku laut, nepi ka taya nu kari saurang-urang acan. |
12 |
Kakara maranehna percaya kana jangji-Na, tuluy maruji sukur ka Mantenna. |
13 |
Tapi gampang pisan parohona kana pitulung-pitulung Mantenna, jeung embung ngadago kuma pituduh-Na; |
14 |
di gurun keusik maranehna karanjingan hawa napsu, nepi ka ngadaroja ka Allah. |
15 |
Sakahayangna ku PANGERAN dicumponan, tapi bari dibarengan ku pagebug. |
16 |
Waktos di gurun keusik, maranehna sirik ka Musa sareng ka Harun, abdi PANGERAN. |
17 |
Wag bumi beulah, nyapluk Datan, sakulawarga Abiram kabeh karuwang. |
18 |
Gur aya seuneu, ngalentaban gorombolan maranehna, nu daroraka teh kaduruk gareheng. |
19 |
Di Sinai maranehna nyieun tironan anak sapi, seug arca jijieunanana teh disarembah; |
20 |
kamulyaan Allah ku maranehna ditukeurkeun kana arca sato anu nyatuna jukut. |
21 |
Geus lat poho ka Allah, nu jadi Jurusalametna, nu geus midamel kajadian-kajadian aheng basa di Mesir, |
22 |
nu midamel mujijat-mujijat basa di tanah Ham, jeung mintonkeun karongkahan di basisir Laut Beureum. |
23 |
Kitu nu matak Mantenna ngadawuh — maranehna teh rek dibasmi, kabujeng ku Musa, abdi Mantenna, nu ngadeuheus mangnedakeun pangampura, nepi ka teu tulus dibasmina teh. |
24 |
Maranehna nampik tanah anu sakitu hadena, da teu ngandel kana jangji Mantenna; |
25 |
heug tinggelendeng di pangrerebanana, arembung ngadenge gentra PANGERAN. |
26 |
Ku kituna PANGERAN sumpah ngangkat panangan, maranehna rek disina tingjaloprak di gurun keusik, |
27 |
sarta turunana sina paburencay ka bangsa-bangsa lian, sarta sina bacacar paraeh di nagri-nagri asing. |
28 |
Tuluy maranehna nyarantel maruhit ka Baal Peor, jeung ngadalahar sasajen pikeun arwah dewa-dewa. |
29 |
Peta maranehna kitu ngajaheutkeun manah PANGERAN, lajeng ku Mantenna digebug ku sasalad. |
30 |
Neut Pinehas tandang, nu baroga dosa dihukum, sasalad jadi sirep. |
31 |
Pitandang anjeunna kitu, turun-tumurun salalawasna dipieling jadi picontoeun. |
32 |
Maranehna nyieun pibendueun Mantenna di cinyusu Meriba, balukarna Musa jadi kahukum ku kalakuan maranehna, |
33 |
maranehna ngalawan ka Musa, nepi ka anjeunna kalepasan saur. |
34 |
Maranehna henteu maehan para pamuja brahala, parentah PANGERAN kitu ku maranehna teu diturut, |
35 |
kalah ka pacorok jodo jeung maranehna, sarta niru adat eta jalma-jalma anu teu nyaho ka Allah. |
36 |
Umat Allah teh ngabarakti ka brahala, ngalantarankeun maranehna cilaka. |
37 |
Maranehna ngurbankeun anak-anakna nu lalaki, nu awewe, dijieun kurban ka brahala-brahala tanah Kanaan. |
38 |
Barudak nu taya salahna teh ku maranehna diparaehan sarta tanahna teh ku eta tukang-tukang maehan dinajiskeun. |
39 |
Maranehna geus nganajiskeun maneh ku kalakuanana, henteu saratia deui ka Allah. |
40 |
Ku sabab eta PANGERAN bendu ka umat-Na, jadi geuleuh ka maranehna. |
41 |
Tuluy diselehkeun kana kakawasaan para pamuja brahala, jadi dibawah ku musuh-musuhna. |
42 |
Ku musuh-musuhna digencet, ditundukkeun sama sakali kana kakawasaanana. |
43 |
Sering pisan PANGERAN ngaluputkeun umat-Na, tapi maranehna anggur milih ngalawan ka Mantenna beuki jero tilelepna dina dosa-dosana. |
44 |
Tapi ana maranehna sasambat ku PANGERAN didangu, kasusahna diperhatoskeun. |
45 |
Demi maranehna, Mantenna emut kana perjangjiana-Na, sarta ku sabab kacida asiheuna-Na ka maranehna, Mantenna henteu ngabengisan deui. |
46 |
Sakur anu ngagencet ka maranehna, ku Mantenna disina jadi malik mikarunya. |
47 |
Salametkeun abdi-abdi, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya, candak wangsul ti bangsa-bangsa lian, supados tiasa nganuhunkeun sareng ngamulyakeun, jenengan Gusti nu suci. |
48 |
Mulyakeun PANGERAN, Allah Israil, mulyakeun Mantenna ti ayeuna, salalanggengna! Hayu sarerea nyarebut, ”Amin!” Mulyakeun PANGERAN! |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Mazmur 106:1 |
Mazmur 106:2 |
Mazmur 106:3 |
Mazmur 106:4 |
Mazmur 106:5 |
Mazmur 106:6 |
Mazmur 106:7 |
Mazmur 106:8 |
Mazmur 106:9 |
Mazmur 106:10 |
Mazmur 106:11 |
Mazmur 106:12 |
Mazmur 106:13 |
Mazmur 106:14 |
Mazmur 106:15 |
Mazmur 106:16 |
Mazmur 106:17 |
Mazmur 106:18 |
Mazmur 106:19 |
Mazmur 106:20 |
Mazmur 106:21 |
Mazmur 106:22 |
Mazmur 106:23 |
Mazmur 106:24 |
Mazmur 106:25 |
Mazmur 106:26 |
Mazmur 106:27 |
Mazmur 106:28 |
Mazmur 106:29 |
Mazmur 106:30 |
Mazmur 106:31 |
Mazmur 106:32 |
Mazmur 106:33 |
Mazmur 106:34 |
Mazmur 106:35 |
Mazmur 106:36 |
Mazmur 106:37 |
Mazmur 106:38 |
Mazmur 106:39 |
Mazmur 106:40 |
Mazmur 106:41 |
Mazmur 106:42 |
Mazmur 106:43 |
Mazmur 106:44 |
Mazmur 106:45 |
Mazmur 106:46 |
Mazmur 106:47 |
Mazmur 106:48 |
Mazmur 1 / Maz 1 |
Mazmur 2 / Maz 2 |
Mazmur 3 / Maz 3 |
Mazmur 4 / Maz 4 |
Mazmur 5 / Maz 5 |
Mazmur 6 / Maz 6 |
Mazmur 7 / Maz 7 |
Mazmur 8 / Maz 8 |
Mazmur 9 / Maz 9 |
Mazmur 10 / Maz 10 |
Mazmur 11 / Maz 11 |
Mazmur 12 / Maz 12 |
Mazmur 13 / Maz 13 |
Mazmur 14 / Maz 14 |
Mazmur 15 / Maz 15 |
Mazmur 16 / Maz 16 |
Mazmur 17 / Maz 17 |
Mazmur 18 / Maz 18 |
Mazmur 19 / Maz 19 |
Mazmur 20 / Maz 20 |
Mazmur 21 / Maz 21 |
Mazmur 22 / Maz 22 |
Mazmur 23 / Maz 23 |
Mazmur 24 / Maz 24 |
Mazmur 25 / Maz 25 |
Mazmur 26 / Maz 26 |
Mazmur 27 / Maz 27 |
Mazmur 28 / Maz 28 |
Mazmur 29 / Maz 29 |
Mazmur 30 / Maz 30 |
Mazmur 31 / Maz 31 |
Mazmur 32 / Maz 32 |
Mazmur 33 / Maz 33 |
Mazmur 34 / Maz 34 |
Mazmur 35 / Maz 35 |
Mazmur 36 / Maz 36 |
Mazmur 37 / Maz 37 |
Mazmur 38 / Maz 38 |
Mazmur 39 / Maz 39 |
Mazmur 40 / Maz 40 |
Mazmur 41 / Maz 41 |
Mazmur 42 / Maz 42 |
Mazmur 43 / Maz 43 |
Mazmur 44 / Maz 44 |
Mazmur 45 / Maz 45 |
Mazmur 46 / Maz 46 |
Mazmur 47 / Maz 47 |
Mazmur 48 / Maz 48 |
Mazmur 49 / Maz 49 |
Mazmur 50 / Maz 50 |
Mazmur 51 / Maz 51 |
Mazmur 52 / Maz 52 |
Mazmur 53 / Maz 53 |
Mazmur 54 / Maz 54 |
Mazmur 55 / Maz 55 |
Mazmur 56 / Maz 56 |
Mazmur 57 / Maz 57 |
Mazmur 58 / Maz 58 |
Mazmur 59 / Maz 59 |
Mazmur 60 / Maz 60 |
Mazmur 61 / Maz 61 |
Mazmur 62 / Maz 62 |
Mazmur 63 / Maz 63 |
Mazmur 64 / Maz 64 |
Mazmur 65 / Maz 65 |
Mazmur 66 / Maz 66 |
Mazmur 67 / Maz 67 |
Mazmur 68 / Maz 68 |
Mazmur 69 / Maz 69 |
Mazmur 70 / Maz 70 |
Mazmur 71 / Maz 71 |
Mazmur 72 / Maz 72 |
Mazmur 73 / Maz 73 |
Mazmur 74 / Maz 74 |
Mazmur 75 / Maz 75 |
Mazmur 76 / Maz 76 |
Mazmur 77 / Maz 77 |
Mazmur 78 / Maz 78 |
Mazmur 79 / Maz 79 |
Mazmur 80 / Maz 80 |
Mazmur 81 / Maz 81 |
Mazmur 82 / Maz 82 |
Mazmur 83 / Maz 83 |
Mazmur 84 / Maz 84 |
Mazmur 85 / Maz 85 |
Mazmur 86 / Maz 86 |
Mazmur 87 / Maz 87 |
Mazmur 88 / Maz 88 |
Mazmur 89 / Maz 89 |
Mazmur 90 / Maz 90 |
Mazmur 91 / Maz 91 |
Mazmur 92 / Maz 92 |
Mazmur 93 / Maz 93 |
Mazmur 94 / Maz 94 |
Mazmur 95 / Maz 95 |
Mazmur 96 / Maz 96 |
Mazmur 97 / Maz 97 |
Mazmur 98 / Maz 98 |
Mazmur 99 / Maz 99 |
Mazmur 100 / Maz 100 |
Mazmur 101 / Maz 101 |
Mazmur 102 / Maz 102 |
Mazmur 103 / Maz 103 |
Mazmur 104 / Maz 104 |
Mazmur 105 / Maz 105 |
Mazmur 106 / Maz 106 |
Mazmur 107 / Maz 107 |
Mazmur 108 / Maz 108 |
Mazmur 109 / Maz 109 |
Mazmur 110 / Maz 110 |
Mazmur 111 / Maz 111 |
Mazmur 112 / Maz 112 |
Mazmur 113 / Maz 113 |
Mazmur 114 / Maz 114 |
Mazmur 115 / Maz 115 |
Mazmur 116 / Maz 116 |
Mazmur 117 / Maz 117 |
Mazmur 118 / Maz 118 |
Mazmur 119 / Maz 119 |
Mazmur 120 / Maz 120 |
Mazmur 121 / Maz 121 |
Mazmur 122 / Maz 122 |
Mazmur 123 / Maz 123 |
Mazmur 124 / Maz 124 |
Mazmur 125 / Maz 125 |
Mazmur 126 / Maz 126 |
Mazmur 127 / Maz 127 |
Mazmur 128 / Maz 128 |
Mazmur 129 / Maz 129 |
Mazmur 130 / Maz 130 |
Mazmur 131 / Maz 131 |
Mazmur 132 / Maz 132 |
Mazmur 133 / Maz 133 |
Mazmur 134 / Maz 134 |
Mazmur 135 / Maz 135 |
Mazmur 136 / Maz 136 |
Mazmur 137 / Maz 137 |
Mazmur 138 / Maz 138 |
Mazmur 139 / Maz 139 |
Mazmur 140 / Maz 140 |
Mazmur 141 / Maz 141 |
Mazmur 142 / Maz 142 |
Mazmur 143 / Maz 143 |
Mazmur 144 / Maz 144 |
Mazmur 145 / Maz 145 |
Mazmur 146 / Maz 146 |
Mazmur 147 / Maz 147 |
Mazmur 148 / Maz 148 |
Mazmur 149 / Maz 149 |
Mazmur 150 / Maz 150 |
|
|
|
|
|