1 |
Mulyakeun PANGERAN, he nyawa! Nun PANGERAN, Allah abdi, Gusti teh Maha Agung! Gusti dangdos ku kaagungan sareng kamulyaan, |
2 |
salira dikubeng ku cahya. Gusti mantengkeun langit sapertos tenda, |
3 |
sareng ngadegkeun malige Gusti di luhur cai di langit. Mega dijadikeun kareta, angkat nitih jangjang angin. |
4 |
Angin dijadikeun utusan, kilat dijadikeun palayan. |
5 |
Gusti ngadegkeun bumi, nangtungna kukuh dina pademenna, moal inggeung-inggeung. |
6 |
Bumi ku Gusti diliputan ku lautan, minangka jubahna, cai lautan ngeueum gunung-gunung. |
7 |
Barang ku Gusti dihaok, cai teh kabur, purat-perot nguping haokna parentah Gusti, |
8 |
nyeot ti gunung-gunung ka lebak-lebak ka tempat anu ku Gusti parantos dipidamel keur eta. |
9 |
Gusti matok wawatesanana, anu ku eta hamo tiasa diliwatan, supados eta teh henteu ngaliputan bumi deui. |
10 |
Gusti ngadamel cinyusu-cinyusu, tingburial di lebak-lebak, walungan-walungan ngalocor di antara pasir-pasir, |
11 |
nyadiakeun cai nyadiaan margasatwa; di dinya kalde-kalde alas nyirnakeun hanaangna. |
12 |
Dina tatangkalan deukeut sisi-sisina, manuk-manak nyarieun sayang, jeung ngarawih disarada. |
13 |
Ti langit, Gusti ngahujanan pasir-pasir, sareng bumi dieusi ku rahmat Gusti. |
14 |
Gusti ngadamel jukut jaradi jang sasatoan, sareng rupi-rupi tutuwuhan jang kaperluan manusa, dugi ka manehna tiasa pepelakan keur paneneun, |
15 |
sareng ngahasilkeun anggur keur nyukakeun dirina, minyak jetun keur ngagumbirakeunana, sareng roti keur nimbulkeun tanagana. |
16 |
Kayu kiputri Libanon, seueur kengingna hujan — tatangkalan milik PANGERAN ku anjeun, pelak Mantenna, |
17 |
enggon manuk-manuk nyarayang; manuk-manuk bango mah nyarayangna dina tangkal caringin. |
18 |
Embe-embe alas nyaricingan gunung-gunung nu laluhur, peucang-peucang nyarumputna dina batu-batu cadas. |
19 |
Gusti ngadamel bulan keur tanda waktu, panonpoe ngartieun iraha wancina surup. |
20 |
Gusti ngadamel peuting, sareng dina poekna sasatoan alas laliar; |
21 |
singa-singa ngora tinggalaur neangan mangsa, neangan hakaneunana anu geus disadiakeun ku Allah. |
22 |
Ana panonpoe meletek, sato-sato alas ngarampih deui, dararepa di enggonna. |
23 |
Jalma-jalma kalaluar muru pagaweanana, digarawe nepi ka burit. |
24 |
Sakitu pepekna dadamelan Gusti, nun PANGERAN! eta sadayana dipidamelna estu kalayan binangkit, bumi teh pinuh ku saniskara ciciptan Gusti. |
25 |
Blang lautan upluk-aplak, katut mahluk-mahluk pangeusina ageung alit, tanpa wilangan, |
26 |
paranti kapal-kapal balayar, tempat ulin Lewiatan, mahluk raksasa laut ciciptan Gusti. |
27 |
Eta sadayana sumender ka Gusti nu maparin tedaeunana dina waktosna. |
28 |
Tedaeunana ku Gusti dipasihkeun, seug ditareda, Gusti anu nyayagikeunana, maranehna sarugema. |
29 |
Ana ku Gusti disingkiran, maranehna kasieunan, ana napas Gusti dicabut ti maranehna, maranehna maraot, marulang jadi lebu, asal-usul maranehna. |
30 |
Nanging upami ku Gusti dipasihan ambekan, maranehna jadi araya, Gusti maparin hirup anyar ka bumi. |
31 |
Mugia kamulyaan PANGERAN tetep langgeng! mugia PANGERAN ngaraos bagja ku sugri dadamelana-Na! |
32 |
Bumi ku Mantenna diteuteup, bumi ngeleper, gunung-gunung ku Mantenna ditoel, peledug bijilan haseup. |
33 |
Kaula seja nyelukkeun PANGERAN saumur-umur seja nyanyi ngamulyakeun Allah kaula sapanjang gumelar. |
34 |
Mugia pupujian kaula kamanah ku Mantenna, lantaran kabungah kaula timbulna ti Mantenna. |
35 |
Muga-muga jalma-jalma dosa ditumpes ti bumi para durjana sing ulah aya nu kari. Mulyakeun PANGERAN, he nyawa! Mulyakeun PANGERAN!
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
|
|
|
|
|
|
|
|
|
|
Mazmur 104:1 |
Mazmur 104:2 |
Mazmur 104:3 |
Mazmur 104:4 |
Mazmur 104:5 |
Mazmur 104:6 |
Mazmur 104:7 |
Mazmur 104:8 |
Mazmur 104:9 |
Mazmur 104:10 |
Mazmur 104:11 |
Mazmur 104:12 |
Mazmur 104:13 |
Mazmur 104:14 |
Mazmur 104:15 |
Mazmur 104:16 |
Mazmur 104:17 |
Mazmur 104:18 |
Mazmur 104:19 |
Mazmur 104:20 |
Mazmur 104:21 |
Mazmur 104:22 |
Mazmur 104:23 |
Mazmur 104:24 |
Mazmur 104:25 |
Mazmur 104:26 |
Mazmur 104:27 |
Mazmur 104:28 |
Mazmur 104:29 |
Mazmur 104:30 |
Mazmur 104:31 |
Mazmur 104:32 |
Mazmur 104:33 |
Mazmur 104:34 |
Mazmur 104:35 |
|
|
|
|
|
|
Mazmur 1 / Maz 1 |
Mazmur 2 / Maz 2 |
Mazmur 3 / Maz 3 |
Mazmur 4 / Maz 4 |
Mazmur 5 / Maz 5 |
Mazmur 6 / Maz 6 |
Mazmur 7 / Maz 7 |
Mazmur 8 / Maz 8 |
Mazmur 9 / Maz 9 |
Mazmur 10 / Maz 10 |
Mazmur 11 / Maz 11 |
Mazmur 12 / Maz 12 |
Mazmur 13 / Maz 13 |
Mazmur 14 / Maz 14 |
Mazmur 15 / Maz 15 |
Mazmur 16 / Maz 16 |
Mazmur 17 / Maz 17 |
Mazmur 18 / Maz 18 |
Mazmur 19 / Maz 19 |
Mazmur 20 / Maz 20 |
Mazmur 21 / Maz 21 |
Mazmur 22 / Maz 22 |
Mazmur 23 / Maz 23 |
Mazmur 24 / Maz 24 |
Mazmur 25 / Maz 25 |
Mazmur 26 / Maz 26 |
Mazmur 27 / Maz 27 |
Mazmur 28 / Maz 28 |
Mazmur 29 / Maz 29 |
Mazmur 30 / Maz 30 |
Mazmur 31 / Maz 31 |
Mazmur 32 / Maz 32 |
Mazmur 33 / Maz 33 |
Mazmur 34 / Maz 34 |
Mazmur 35 / Maz 35 |
Mazmur 36 / Maz 36 |
Mazmur 37 / Maz 37 |
Mazmur 38 / Maz 38 |
Mazmur 39 / Maz 39 |
Mazmur 40 / Maz 40 |
Mazmur 41 / Maz 41 |
Mazmur 42 / Maz 42 |
Mazmur 43 / Maz 43 |
Mazmur 44 / Maz 44 |
Mazmur 45 / Maz 45 |
Mazmur 46 / Maz 46 |
Mazmur 47 / Maz 47 |
Mazmur 48 / Maz 48 |
Mazmur 49 / Maz 49 |
Mazmur 50 / Maz 50 |
Mazmur 51 / Maz 51 |
Mazmur 52 / Maz 52 |
Mazmur 53 / Maz 53 |
Mazmur 54 / Maz 54 |
Mazmur 55 / Maz 55 |
Mazmur 56 / Maz 56 |
Mazmur 57 / Maz 57 |
Mazmur 58 / Maz 58 |
Mazmur 59 / Maz 59 |
Mazmur 60 / Maz 60 |
Mazmur 61 / Maz 61 |
Mazmur 62 / Maz 62 |
Mazmur 63 / Maz 63 |
Mazmur 64 / Maz 64 |
Mazmur 65 / Maz 65 |
Mazmur 66 / Maz 66 |
Mazmur 67 / Maz 67 |
Mazmur 68 / Maz 68 |
Mazmur 69 / Maz 69 |
Mazmur 70 / Maz 70 |
Mazmur 71 / Maz 71 |
Mazmur 72 / Maz 72 |
Mazmur 73 / Maz 73 |
Mazmur 74 / Maz 74 |
Mazmur 75 / Maz 75 |
Mazmur 76 / Maz 76 |
Mazmur 77 / Maz 77 |
Mazmur 78 / Maz 78 |
Mazmur 79 / Maz 79 |
Mazmur 80 / Maz 80 |
Mazmur 81 / Maz 81 |
Mazmur 82 / Maz 82 |
Mazmur 83 / Maz 83 |
Mazmur 84 / Maz 84 |
Mazmur 85 / Maz 85 |
Mazmur 86 / Maz 86 |
Mazmur 87 / Maz 87 |
Mazmur 88 / Maz 88 |
Mazmur 89 / Maz 89 |
Mazmur 90 / Maz 90 |
Mazmur 91 / Maz 91 |
Mazmur 92 / Maz 92 |
Mazmur 93 / Maz 93 |
Mazmur 94 / Maz 94 |
Mazmur 95 / Maz 95 |
Mazmur 96 / Maz 96 |
Mazmur 97 / Maz 97 |
Mazmur 98 / Maz 98 |
Mazmur 99 / Maz 99 |
Mazmur 100 / Maz 100 |
Mazmur 101 / Maz 101 |
Mazmur 102 / Maz 102 |
Mazmur 103 / Maz 103 |
Mazmur 104 / Maz 104 |
Mazmur 105 / Maz 105 |
Mazmur 106 / Maz 106 |
Mazmur 107 / Maz 107 |
Mazmur 108 / Maz 108 |
Mazmur 109 / Maz 109 |
Mazmur 110 / Maz 110 |
Mazmur 111 / Maz 111 |
Mazmur 112 / Maz 112 |
Mazmur 113 / Maz 113 |
Mazmur 114 / Maz 114 |
Mazmur 115 / Maz 115 |
Mazmur 116 / Maz 116 |
Mazmur 117 / Maz 117 |
Mazmur 118 / Maz 118 |
Mazmur 119 / Maz 119 |
Mazmur 120 / Maz 120 |
Mazmur 121 / Maz 121 |
Mazmur 122 / Maz 122 |
Mazmur 123 / Maz 123 |
Mazmur 124 / Maz 124 |
Mazmur 125 / Maz 125 |
Mazmur 126 / Maz 126 |
Mazmur 127 / Maz 127 |
Mazmur 128 / Maz 128 |
Mazmur 129 / Maz 129 |
Mazmur 130 / Maz 130 |
Mazmur 131 / Maz 131 |
Mazmur 132 / Maz 132 |
Mazmur 133 / Maz 133 |
Mazmur 134 / Maz 134 |
Mazmur 135 / Maz 135 |
Mazmur 136 / Maz 136 |
Mazmur 137 / Maz 137 |
Mazmur 138 / Maz 138 |
Mazmur 139 / Maz 139 |
Mazmur 140 / Maz 140 |
Mazmur 141 / Maz 141 |
Mazmur 142 / Maz 142 |
Mazmur 143 / Maz 143 |
Mazmur 144 / Maz 144 |
Mazmur 145 / Maz 145 |
Mazmur 146 / Maz 146 |
Mazmur 147 / Maz 147 |
Mazmur 148 / Maz 148 |
Mazmur 149 / Maz 149 |
Mazmur 150 / Maz 150 |