1 |
Sanggeus Daud luput ti Saul tur rahayu ti sakabeh satru, anjeunna nyanggakeun ieu kidung pupujian ka PANGERAN: |
2 |
PANGERAN panyalindungan kaula, benteng kaula anu tohaga. |
3 |
Allah teh juru raksa kaula, kaula aman di Mantenna. Lir kepeng, Mantenna mindingan kaula, nangkis bahla, ngamankeun kaula. Mantenna jurusalamet kaula, ngaraksa jeung nyalametkeun kaula tina bahaya. |
4 |
Kaula ngajerit ka PANGERAN, seug Mantenna ngabebaskeun kaula ti musuh-musuh. Puji PANGERAN! |
5 |
Ombak pati datang ngalingkung, lambak ajal datang ngagulung. |
6 |
Bahya maot datang ngepung, kuburan datang naheunan. |
7 |
Sajeroning kasukeran, kaula nyambat ka PANGERAN, nyambat pitulung Allah. Sora kaula kadangueun ti gedong-Na, panyambat kaula diregepkeun ku Mantenna. |
8 |
Bumi inggeung jagat endag, dasaring langit aroyag sarehing Allah keur wera! |
9 |
Haseup meledug tina pangambung-Na, seuneu ngagedag jeung ruhak ruhay nyebrot tina bahan-Na. |
10 |
Mantenna meulahkeun langit, jut lungsur ngadampal mega kandel. |
11 |
Biur hiber tunggang mukarabin, sumiriwik nitih jangjang angin. |
12 |
Mantenna nutupan anjeun ku poek, dikuriling mega kandel pinuh ku cai. |
13 |
Ruhak ruhay muncrat hurung, mancawura tina kilat payuneuna-Na. |
14 |
Geleger, PANGERAN ngagentra ti angkasa, geleger soara Allah Nu Maha Kawasa. |
15 |
Mantenna mentang-mentangkeun jamparing musuh-musuhna paburisat tingbalecir disalamberan ku kilat. |
16 |
Dasar sagara mani nonggerak, alas jagat jadi ngabuliklak waktu PANGERAN ngahaok ka musuh-musuhna, sarta ngagaur ka maranehna lantaran wera. |
17 |
PANGERAN ti luhur ngahontal ka handap, kaula dirawel terus dibedol ti cai anu jero. |
18 |
Mantenna ngajait kaula ti musuh-musuh anu garagah rosa, jeung ti sakur nu mikangewa anu leuwih kuat batan kaula. |
19 |
Eta teh daratang narajang, sajeroning kaula keur kasusahan. Tapi PANGERAN sumping nulungan. |
20 |
Mantenna ngahanjatkeun kaula tina bahla, kaula dirahayukeun, sabab Mantenna nyaaheun. |
21 |
Kaula ku PANGERAN diganjar, reh lampah kaula bener. Dipaparin rahmat, reh kaula henteu salah. |
22 |
Reh kaula nurut kana papakon PANGERAN, tara baha ka Allah. |
23 |
Reh ngesto kana hukum- hukum-Na, tara ngalawan kana timbalana-Na. |
24 |
Mantenna anu uninga, yen lampah kaula beresih, nyegah diri tina lampah salah. |
25 |
Ngaganjarna ku sabab lampah kaula bener, reh uninga yen kaula henteu salah. |
26 |
Nun PANGERAN, Gusti satuhu ka nu mituhu, satemenna ka nu satemenna. |
27 |
Wening galih ka nu hatena beresih, ngamusuh ka nu misatru. |
28 |
Ngangkat nu hina harkat, nundukkeun anu arangkuh. |
29 |
Nun PANGERAN, Gusti teh sumbering caang, maparin caang ka abdi. |
30 |
Abdi sanggup nempuh musuh, ngacak-ngacak kakuatanana. Reh Gusti nu maparin kakuatan, nu maparin kagagahan. |
31 |
Mantenna Allah, sampurna sugri damel-Na, layak dipercaya pangandika-Na! Keur sakur nu nyalindung ka Mantenna, Allah teh lir jadi kepengna. |
32 |
Ngan PANGERAN anu jumeneng Allah. Ngan Allah panyalindungan urang. |
33 |
Ngan Allah ieu panyalindungan kaula nu teguh, anu ngamankeun jalan kaula. |
34 |
Anu ngawatek suku kaula jadi rikat tinanding peucang, di gunung-gunung taya kakeungkang. |
35 |
Anu ngajiad kaula parigel perang, sanggup metakeun gondewa nu pangheurasna. |
36 |
Nun PANGERAN, Gusti ngauban sareng nyalametkeun abdi, abdi jadi mulya ku pitulung Gusti. |
37 |
Gusti ngajagi sangkan abdi ulah katewak, sarta abdi tacan kantos ragrag. |
38 |
Sapanjang musuh can tumpur, hantem diudag terus digempur. |
39 |
Digeprak teu harudang deui, ngajaloprak di hareupeun abdi. |
40 |
Dina perang, Gusti nu maparin kakiatan, tur maparin kaunggulan. |
41 |
Ku pitulung Gusti, musuh birat ti abdi, sakur nu ngarah seep dibasmi. |
42 |
Musuh nareangan pitulung, tapi taya anu sanggup nulung. Seug sasambat ka PANGERAN, tapi henteu diwaleran. |
43 |
Ku abdi diluluh dijieun lebu, dileyek dijieun leutak. |
44 |
Abdi parantos ditulungan ti sakur nu ngaralawan. Karajaan abdi jadi lega, abdi ngarajaan bangsa-bangsa. Bangsa anu teu wawuh ge jadi bawahan abdi. |
45 |
Bangsa batur ka abdi sarujud, saucap abdi diturut. |
46 |
Kalalabur pangacianana, kalaluar ti jero bentengna, awakna pating daregdeg. |
47 |
PANGERAN jumeneng! Puji panyalindungan kaula! Celukkeun agungna kakuatan Allah anu nyalametkeun kaula! |
48 |
Mantenna nalukkeun musuh kaula, nundukkeun bangsa-bangsa, jadi bawahan kaula. |
49 |
Mantenna ngaluputkeun ti anu misatru. Nun PANGERAN, nya Gusti nu ngelehkeun eta musuh-musuh, anu ka abdi ngaraksa, luput ti tukang ngarogahala. |
50 |
Nu mawi abdi muji ka Gusti di lingkungan bangsa-bangsa. Abdi nganyanyikeun pupujian ka Gusti. |
51 |
Allah maparin kaunggulan langkung-langkung ka raja lisahana-Na! Asih-Na taya petotna, ka raja lisahana-Na, ka Daud sarundayanana, salalanggengna. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
2 Samuel 22:1 |
2 Samuel 22:2 |
2 Samuel 22:3 |
2 Samuel 22:4 |
2 Samuel 22:5 |
2 Samuel 22:6 |
2 Samuel 22:7 |
2 Samuel 22:8 |
2 Samuel 22:9 |
2 Samuel 22:10 |
2 Samuel 22:11 |
2 Samuel 22:12 |
2 Samuel 22:13 |
2 Samuel 22:14 |
2 Samuel 22:15 |
2 Samuel 22:16 |
2 Samuel 22:17 |
2 Samuel 22:18 |
2 Samuel 22:19 |
2 Samuel 22:20 |
2 Samuel 22:21 |
2 Samuel 22:22 |
2 Samuel 22:23 |
2 Samuel 22:24 |
2 Samuel 22:25 |
2 Samuel 22:26 |
2 Samuel 22:27 |
2 Samuel 22:28 |
2 Samuel 22:29 |
2 Samuel 22:30 |
2 Samuel 22:31 |
2 Samuel 22:32 |
2 Samuel 22:33 |
2 Samuel 22:34 |
2 Samuel 22:35 |
2 Samuel 22:36 |
2 Samuel 22:37 |
2 Samuel 22:38 |
2 Samuel 22:39 |
2 Samuel 22:40 |
2 Samuel 22:41 |
2 Samuel 22:42 |
2 Samuel 22:43 |
2 Samuel 22:44 |
2 Samuel 22:45 |
2 Samuel 22:46 |
2 Samuel 22:47 |
2 Samuel 22:48 |
2 Samuel 22:49 |
2 Samuel 22:50 |
2 Samuel 22:51 |
2 Samuel 1 / 2Sam 1 |
2 Samuel 2 / 2Sam 2 |
2 Samuel 3 / 2Sam 3 |
2 Samuel 4 / 2Sam 4 |
2 Samuel 5 / 2Sam 5 |
2 Samuel 6 / 2Sam 6 |
2 Samuel 7 / 2Sam 7 |
2 Samuel 8 / 2Sam 8 |
2 Samuel 9 / 2Sam 9 |
2 Samuel 10 / 2Sam 10 |
2 Samuel 11 / 2Sam 11 |
2 Samuel 12 / 2Sam 12 |
2 Samuel 13 / 2Sam 13 |
2 Samuel 14 / 2Sam 14 |
2 Samuel 15 / 2Sam 15 |
2 Samuel 16 / 2Sam 16 |
2 Samuel 17 / 2Sam 17 |
2 Samuel 18 / 2Sam 18 |
2 Samuel 19 / 2Sam 19 |
2 Samuel 20 / 2Sam 20 |
2 Samuel 21 / 2Sam 21 |
2 Samuel 22 / 2Sam 22 |
2 Samuel 23 / 2Sam 23 |
2 Samuel 24 / 2Sam 24 |
|
|
|
|
|