1 |
Dua taun ti harita, raja Mesir ngimpen ngadeg di sisi Walungan Nil. |
2 |
Anjeunna ningali aya tujuh sapi lalintuh naker haranjat ti walungan terus nyaratuan. |
3 |
Beh deui ningali tujuh sapi sejen, rarangkebong awahing ku begang-begangna, haranjat ti walungan, nyalampeurkeun ka sapi anu lalintuh. |
4 |
Seug nu lalintuh teh ku eta dileglegan taya nu ngari. Nyah raja lilir. |
5 |
Ana kulem deui, ngimpen deui, ningali gandum tujuh ranggeuy tina satangkal, nya baleuneur nya parepel. |
6 |
Beh ningali tujuh ranggeuy deui barijil tina satangkal, nya harapa nya parerang lantaran katebak angin ti gurun keusik. |
7 |
Eta tujuh ranggeuy anu harapa teh ngaleglegan ka nu baleuneur nepi ka beak. Korejat raja tanghi, emut yen ngimpen. |
8 |
Nepi ka isukna manahna guling-gasahan. Geus kitu, tukang-tukang sihir, jelema-jelema pinter ti sa-Mesir diangkir kudu nerangkeun impenan, tapi weleh taya nu sanggup. |
9 |
Ti dinya mantri nu ngurus leueuteun tea miunjuk ka raja, ”Kapungkur, nalika abdi Gusti gaduh dosa, |
10 |
ku Gusti dihukum dikabuikeun, ka panjara anu di gedong kapala kawal karaton, bareng sareng mantri nu ngurus katuangan. |
11 |
Hiji wengi abdi sareng pribadosna masing-masing kenging impenan, masing-masing aya hartosna. |
12 |
Eta impenan disanggemkeun ka hiji nonoman urang Ibrani, sami-sami sakitan, gandekna kapala kawal karaton. Ku eta nonoman, impian abdi masing-masing diterangkeun pihartoseunana. |
13 |
Bet leres, kateranganana kabuktosan: Abdi Gusti dijenengkeun deui, pun mantri nu sanesna digantung.” |
14 |
Raja miwarangan supaya Yusup disaur. Gancang Yusup dikaluarkeun ti panjara, diparasan jeung disalinan, tuluy dideuheuskeun ka raja. |
15 |
Timbalan raja ka Yusup, ”Kami ngimpi, euweuh nu bisa nerangkeun. Aya nu nyarita ka kami, yen maneh bisa nerangkeun impian.” |
16 |
Wangsulan Yusup, ”Abdi Gusti mah teu pisan-pisan. Anging Allah nu iasa nerangkeun, sareng bakal kamanah ku dampal Gusti.” |
17 |
Timbalan raja, ”Kami ngimpi keur nangtung di sisi Walungan Nil. |
18 |
Beh aya tujuh sapi lalintuh naker haranjat ti walungan terus nyaratuan. |
19 |
Aya deui tujuh sapi garoreng patut, bararegang kari tulang. Di sa-Mesir, kami mah kakara nenjo aya sapi begang-begang teuing. |
20 |
Eta sapi nu baregang teh seug ngaleglegan nu lalintuh. |
21 |
Tapi sakitu tas ngalegleg hiji ge taya nu jadi lintuh, angger bae rangkebong jiga tadina. Nyah kami lilir. |
22 |
Sakali deui kami ngimpi, nenjo aya gandum tujuh ranggeuy dina satangkal, baleuneur jeung parepel, meujeuhna asak. |
23 |
Beh tujuh ranggeuy deui tina satangkal, hararapa jeung parerang katebak angin ti gurun keusik. |
24 |
Ieu tujuh ranggeuy nu harapa ngaleglegan ka nu baleuneur. Ku kami geus diomongkeun ka dukun-dukun, tapi saurang ge taya nu sanggup nerangkeun.” |
25 |
Piunjuk Yusup ka raja, ”Impenan Gusti, duanana sami hartosna. Allah parantos mintonkeun ka dampal Gusti naon pikersaeuna-Na. |
26 |
Tujuh sapi nu lalintuh, hartosna tujuh taun, sareng tujuh ranggeuy gandum anu pepel, eta oge nawiskeun tujuh taun. Duanana sahartos. |
27 |
Saparantos eta, tujuh sapi kuru sareng tujuh ranggeuy gandum anu hapa tur perang katebak angin ti gurun keusik, hartosna tujuh taun paceklik. |
28 |
Sapertos anu bieu ku abdi Gusti kapiunjuk: Allah parantos mintonkeun ka dampal Gusti naon pikersaeuna-Na. |
29 |
Di salebet tujuh taun, nagara Mesir bakal nyorang kamakmuran. |
30 |
Saparantos eta, bakal katarajang ku paceklik anu kalintang bangetna, lamina tujuh taun, dugi ka kamakmuran di salebet tujuh taun nu kalangkung teh teu aya urut-urutna, tigerat di sakuliah nagara. |
31 |
Mangsa-mangsa makmur moal kaemut-emut deui, ku hebat-hebatna paceklik anu nuturkeunana. |
32 |
Gusti ngimpen dugi ka dua kali, nun Gusti, eta nawiskeun yen Allah parantos ngadamel kapastian pijadieunana, tur bade enggal-enggal dibuktoskeun. |
33 |
Dampal Gusti kedah milari hiji jalmi, nu tarampil tur wijaksana, kanggo nyangking sareng ngatur bahan pangan rahayat Mesir. |
34 |
Sareng kedah ngangkat padamel-padamel purah ngatur-ngatur. Saperlima tina hasil tatanen salebet tujuh taun kamakmuran, kedah disimpen. |
35 |
Eta padamel-padamel kedah ngempelkeun katedaan samangsa taun-taun kamakmuran nu bakal dongkap. Eta sadayana kedah aya dina panalingaan dampal Gusti. Bahan-bahan tedaeun kedah disimpen sae-sae di gudang-gudang nagara sareng dijagi. |
36 |
Maksadna taya sanes, kanggo pibekeleun sanagara di mana paceklik anu tujuh taun tea dongkap ka ieu nagara, supados rahayat Mesir ulah kantos maraot ku langlayeuseun.” |
37 |
Eta rarancang ku raja Mesir katut mantri-mantrina kamanah pisan. |
38 |
Dawuhan raja ka mantri-mantrina, ”Saha deui jelema nu kawas ieu, kalinggihan Roh Allah?” |
39 |
Geus kitu dawuhanana ka Yusup, ”Eta katerangan-katerangan maneh tetela asal ti Allah. Hamo aya anu leuwih pinter jeung wijaksana kawas maneh. |
40 |
Maneh pantes ngatur di karajaan kami, ditarurut ku sakumna rahayat. Euweuh nu leuwih luhur ti maneh kajaba kami, raja.” |
41 |
Dawuhanana deui, ”Maneh ayeuna ku kami diangkat jadi kawasa di sakuliah Mesir.” |
42 |
Raja nyabut lelepen cap karajaan tina remana, dianggokeun ka Yusup. Rap Yusup dianggoanan anggoan tina linen lemes, tenggekna dianggoanan kangkalung emas. |
43 |
Clak ditunggangkeun kana kareta kadua tutungganganana raja. Heulaeun kareta aya palatuk purah ceceluk: ”Hormat, bere jalan!” Kitu carana Yusup diangkat geusan mangkon kawasa di sakuliah Mesir. |
44 |
Ngadawuh deui raja ka anjeunna, ”Kami raja. Tapi tanpa idin ti maneh, di sakuliah Mesir teu meunang aya nu ngajalankeun pokal naon-naon.” |
45 |
Yusup ku anjeunna dipaparin jenengan bangsa Mesir, Sapnat-Paaneah, tuluy direndengankeun ka Asnat, putra istri Potifera, imam kota On. Geus kitu Yusup ngideran satanah Mesir. |
46 |
Basa mimiti ngabdi ka raja Mesir yuswa Yusup geus tilu puluh taun. Damelna papariksa ka sakuliah nagara. |
47 |
Sajero tujuh taun nagara teh mani lubak-libuk subur makmur, sagala tatanen ngajadi, cukul mucekil beunghar ku hasil. |
48 |
Sapanjang taun-taun anu makmur, sagala hasil bumi ku Yusup disimpen di gudang di kota-kota. Di unggal kota aya gudang hasil bumi ti wewengkon masing-masing. |
49 |
Hasil gandum mani kawas banjir, tinanding salobana keusik jero sagara, nepi ka teu ditaker-taker acan da geus lain taker-takereun. |
50 |
Memeh usum paceklik datang, Yusup geus kagungan dua putra ti Asnat geureuhana. |
51 |
Duanana pameget. Nu cikal dijenenganan Menase, sabab saurna, ”Ku kersaning Allah, aing geus hanjat tina balangsak, geus paler tina inget ka bapa sapala putra.” |
52 |
Nu kadua dijenenganan Epraim, karana saurna, ”Di nagara urut aing kabalangsak, ku Allah dipaparin anak.” |
53 |
Ti dinya, musim makmur tujuh taun di Mesir enggeus wekasan. |
54 |
Musim paceklik nu tujuh taun mimiti narajang, cocog sakumaha panorah Yusup. Di mana-mana, di nagara sejen geus meh taya dahareun, sabalikna di Mesir mah cukup kabina-bina. |
55 |
Tapi di Mesir oge saterusna mah geus mimiti aya bahla kalaparan. Rahayat jumerit ka raja. Ari dawuhan raja ka rahayatna, ”Maraneh ka Yusup bae, turut kuma dipetakeun ku anjeunna.” |
56 |
Sanggeus sakuliah nagara keuna ku paceklik, tur paceklikna beuki rosa, Yusup muka gudang-gudang gandum, dijualan ka rahayat Mesir. |
57 |
Jalma-jalma ti nagara-nagara sejen oge murubul ka Mesir ngaradon meuli gandum, kawantu paceklik teh geus nerekab ka unggal nagara. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Kejadian 41:1 |
Kejadian 41:2 |
Kejadian 41:3 |
Kejadian 41:4 |
Kejadian 41:5 |
Kejadian 41:6 |
Kejadian 41:7 |
Kejadian 41:8 |
Kejadian 41:9 |
Kejadian 41:10 |
Kejadian 41:11 |
Kejadian 41:12 |
Kejadian 41:13 |
Kejadian 41:14 |
Kejadian 41:15 |
Kejadian 41:16 |
Kejadian 41:17 |
Kejadian 41:18 |
Kejadian 41:19 |
Kejadian 41:20 |
Kejadian 41:21 |
Kejadian 41:22 |
Kejadian 41:23 |
Kejadian 41:24 |
Kejadian 41:25 |
Kejadian 41:26 |
Kejadian 41:27 |
Kejadian 41:28 |
Kejadian 41:29 |
Kejadian 41:30 |
Kejadian 41:31 |
Kejadian 41:32 |
Kejadian 41:33 |
Kejadian 41:34 |
Kejadian 41:35 |
Kejadian 41:36 |
Kejadian 41:37 |
Kejadian 41:38 |
Kejadian 41:39 |
Kejadian 41:40 |
Kejadian 41:41 |
Kejadian 41:42 |
Kejadian 41:43 |
Kejadian 41:44 |
Kejadian 41:45 |
Kejadian 41:46 |
Kejadian 41:47 |
Kejadian 41:48 |
Kejadian 41:49 |
Kejadian 41:50 |
Kejadian 41:51 |
Kejadian 41:52 |
Kejadian 41:53 |
Kejadian 41:54 |
Kejadian 41:55 |
Kejadian 41:56 |
Kejadian 41:57 |
Kejadian 1 / Kej 1 |
Kejadian 2 / Kej 2 |
Kejadian 3 / Kej 3 |
Kejadian 4 / Kej 4 |
Kejadian 5 / Kej 5 |
Kejadian 6 / Kej 6 |
Kejadian 7 / Kej 7 |
Kejadian 8 / Kej 8 |
Kejadian 9 / Kej 9 |
Kejadian 10 / Kej 10 |
Kejadian 11 / Kej 11 |
Kejadian 12 / Kej 12 |
Kejadian 13 / Kej 13 |
Kejadian 14 / Kej 14 |
Kejadian 15 / Kej 15 |
Kejadian 16 / Kej 16 |
Kejadian 17 / Kej 17 |
Kejadian 18 / Kej 18 |
Kejadian 19 / Kej 19 |
Kejadian 20 / Kej 20 |
Kejadian 21 / Kej 21 |
Kejadian 22 / Kej 22 |
Kejadian 23 / Kej 23 |
Kejadian 24 / Kej 24 |
Kejadian 25 / Kej 25 |
Kejadian 26 / Kej 26 |
Kejadian 27 / Kej 27 |
Kejadian 28 / Kej 28 |
Kejadian 29 / Kej 29 |
Kejadian 30 / Kej 30 |
Kejadian 31 / Kej 31 |
Kejadian 32 / Kej 32 |
Kejadian 33 / Kej 33 |
Kejadian 34 / Kej 34 |
Kejadian 35 / Kej 35 |
Kejadian 36 / Kej 36 |
Kejadian 37 / Kej 37 |
Kejadian 38 / Kej 38 |
Kejadian 39 / Kej 39 |
Kejadian 40 / Kej 40 |
Kejadian 41 / Kej 41 |
Kejadian 42 / Kej 42 |
Kejadian 43 / Kej 43 |
Kejadian 44 / Kej 44 |
Kejadian 45 / Kej 45 |
Kejadian 46 / Kej 46 |
Kejadian 47 / Kej 47 |
Kejadian 48 / Kej 48 |
Kejadian 49 / Kej 49 |
Kejadian 50 / Kej 50 |