A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
September 7

Yesaya 5:1-30
1. Kaula boga hiji lagu, eusina nyaritakeun sobat kaula jeung kebon anggurna. Darengekeun, ku kaula rek dikawihkeun: Sobat kaula kagungan hiji kebon anggur, di hiji pasir nu subur.
2. Taneuhna geus diririduh, geus dipiceunan batuna. Binih anggurna nu panghadena. Ngadamel saung pikeun tutunggon, ngadamel bak pameresan, ngantos buahna arasak. Ari pek buahna haraseum.
3. Saur ki sobat, ”Eh urang Israil jeung urang Yuda! Coba kami jeung ieu kebon anggur titenan mana nu salah.
4. Naha sugan kami salah migawena? Ku naon ieu anggur teh bet haraseum kieu, mencog tina panyangka?
5. Ayeuna maksud kami, perkara ieu kebon anggur rek diruksak bae, sina diranjah dileyek ku sato leuweung. Pagerna rek dicabutan, tembokna arek dibongkar.
6. Sina dilindih ku eurih, pepelakanana moal dipangkas, kebonna moal dikored, sina pinuh ku cucuk jeung jukut hama. Malah mega ge ku kami rek dicegah ulah sina ngahujanan.”
7. Eta kebon anggur teh Israil, kagungan PANGERAN Nu Maha Kawasa. Ari tangkal anggurna nya eta Yuda. Kahoyong-Na maranehna teh sing balageur, sing balener kalakuan. Tapi kalah ka sakarep-karep, nepi ka korbanna tingjarerit.
8. Cilaka maraneh! Haben mareulian imah jeung tanah sakitu geus boga loba. Moal lila deui ge rahayat mah geus moal aya anu boga tempat, tinggal maraneh caricing sorangan di ieu tanah.
9. Kaula geus ngadenge PANGERAN Nu Maha Kawasa ngadawuh kieu, ”Eta imah anu galede teh bakal karosong.
10. Pelak anggur di kebon anu legana sapuluh hektar, hasilna ngan jadi lima liter cai anggur. Tina saratus liter bibit, hasilna ngan sapuluh liter gandum.”
11. Cilaka maraneh! Isuk-isuk ari hudang ari gep kana inuman. Peutingna kitu keneh, ngarinum nepi ka peuting datang ka marabok.
12. Ari sukan-sukan tara tinggal ti tatabeuhan, kacapi, genjring, jeung suling, tapi kana padamelan PANGERAN mah teu awas.
13. Ku sabab kitu maraneh bakal arindit digiring jaradi tawanan. Kapala-kapala maraneh bakal sakarat kalaparan, rahayat biasa bakal paraeh lantaran halabhab.
14. Enggon nu paraeh sungutna geus calawak rek nyantok maranehna. Menak-menak Yerusalem ku eta dileglegan, dibarung ku tingkoceakna jalma biasa.
15. Unggal jalma bakal nandang kahinaan, sakur anu aradigung bakal ngahareluk.
16. PANGERAN Nu Maha Kawasa bakal midamel kumaha pisaeeunana, ciri yen Mantenna agung. Bakal ngahukum ka umat-Na ciri yen Mantenna suci.
17. Urut kota-kota dipake nyaratuan ku anak domba jeung anak embe.
18. Cilaka maraneh! Pamohalan leupas tina dosa-dosa sorangan.
19. Ceuk maraneh, ”PANGERAN teu geura prak ngabuktikeun pangersa-Na ambeh karasa ku urang. Allah Israil nu suci teh geura prak atuh ngalaksanakeun papastiana-Na, hayang nyaho kumaha pangersa-Na teh!”
20. Cilaka maraneh! Goreng disebut hade, hade disebut goreng. Caang ceuk maraneh poek, poek ceuk maraneh caang. Puguh pait pajar amis, puguh amis pajar pait.
21. Cilaka maraneh, nganggap diri bijaksana jeung kacida pinterna!
22. Cilaka maraneh eh pahlawan-pahlawan botol anggur! Ari keur ngucek-ngucek inuman mani asa aing panggagahna, pangjagona.
23. Padahal ku barang panyogok ge taluk, nepi ka luas ngabebaskeun jalma jahat, tega ka nu tanpa dosa.
24. Ku sabab kitu, lir jarami jeung jukut garing tingpurintil dihakan ku seuneu, akar maraneh bakal buruk, kembangna gararing tuluy beak katiup ku angin, lantaran arembung narima pangajaran ti PANGERAN nu Maha Kawasa, ti Allah Israil nu suci.
25. PANGERAN bendu ka umat-Na, panangana-Na ngulang rek nyiksa. Gunung-gunung bakal aringgeung, nu paraeh bangkena patulayah di jalan-jalan teu beda ti bubututan. Parandene PANGERAN bendu-Na moal waka liren, masih keneh ngulang-ngulang panangan rek nyiksa.
26. PANGERAN maparin tangara, nyaur hiji bangsa ti nu jauh, disuitan sina datang ti peuntaseun jagat. Burubul daratang, lajuna nyemprung.
27. Tur saurang ge euweuh anu capeeun, euweuh anu ngarampeol. Tara harees, tara ngalenyap-lenyap acan. Taya nu udar sabuk, taya nu pegat tali tarumpah.
28. Jamparingna lalancip, gondewana geus tarapti kari ngawengkang. Talapok kudana tareuas lir batu seuneu, kikiping kareta-kareta perangna muihna jeg angin puyuh.
29. Peta prajurit-prajuritna lir singa tas nekuk mangsa, mangsana dibawa lumpat moal aya anu bisa ngaleupaskeun.
30. Barang geus waktuna, eta balad teh ngagalaur ka Israil mani sada gumuruhna laut. Sakuliah nagri poek jeung pinuh ku kasumpeg. Caang kaandih ku poek.

Yesaya 6:1-13
1. Dina taun pupusna Raja Usia kaula ningal PANGERAN, keur linggih dina tahta-Na anu luhur, jubah-Na minuhan Bait Allah.
2. Sakuriling Mantenna aya mahluk-mahluk keur narangtung, ngagalebur hurung, jarangjangan genep-genep, dua nutupan beungeutna, dua nutupan awakna, dua deui pikeun hiber.
3. Eta mahluk-mahluk paceluk-celuk pada batur, pokna, ”Suci, suci, suci! Suci PANGERAN Nu Maha Kawasa! Kamulyaan Mantenna minuhan jagat!”
4. Sorana ngeundeurkeun dasar Bait Allah, jeung Bait Allah teh jadi pinuh ku haseup.
5. Ceuk kaula, ”Tiwas aing! Sabab tiap ucap biwir aing teh doraka, jeung hirup teh campur jeung jalma-jalma anu saucap-ucapna jahat. Heug ayeuna nenjo Raja, PANGERAN Nu Maha Kawasa. Ku aing katenjo bungkeuleukan!”
6. Mahluk anu saurang turun hiber nyampeurkeun ka kaula mawa ruhak ruhay dina cacapit.
7. Tel ruhakna ku eta diantelkeun kana biwir kaula, sarta ceuk eta mahluk, ”Biwir maneh geus diantelan ku ieu. Kadorakaan maneh geus nyingkir, dosa maneh geus dihampura.”
8. Kaula ngadenge Pangeran ngandika, ”Saha nu ku Kami kudu diutus? Saha nu kudu jadi utusan Urang?” Kaula miunjuk, ”Sumuhun abdi! Mangga abdi utus!”
9. Seug kaula ku Mantenna dijurung, ngemban ieu timbalan pikeun jalma-jalma: ”Sakumaha seringna ge maraneh ngadenge, moal ngarti-ngarti. Sakumaha seringna narenjo ge tetep moal bisa awas ka nu keur kajadian.”
10. Dawuhan Mantenna deui ka kaula, ”Eta jalma-jalma uteukna sina marintul, ceulina sina tarorek, panonna sina lalolong. Ulah sina ngalarti, ulah sina ngadarenge, ulah sina narenjo. Bisi tarobat tuluy ngadareuheus ka Kami, heug bae ku Kami disina calageur.”
11. Kaula tumaros, ”Dugi ka iraha kituna teh, nun Pangeran?” Waler-Na, ”Nepi ka kota-kota galempur, karosong, imah-imah euweuh anu ngareusian, tanahna ruksak jeung sepi.
12. Eta jalma-jalma ku Kami rek disingkirkeun ka nu jauh, sakuliah tanahna sina jempling.
13. Upama aya keneh anu ngari, najan ngan saurang tina sapuluh, eta nu saurang ge bakal ditumpes lir kiara nu geus dituar kari tunggulna.” (Eta tunggul ngibaratkeun bibit anyar umat Allah.)

Mazmur 105:23-26
23. Ti dinya Yakub sumping ka Mesir, tanah Ham, sarta lajeng matuh bubuara di dinya,
24. ku Mantenna dikersakeun jadi jembar baranahan, malah jadi leuwih kuat batan satruna.
25. Pikir satruna ku Mantenna dirobah jadi ijid ka umat-Na, abdi-abdi Mantenna ku maranehna ditipu diperdaya.
26. Mantenna ngutus Musa, abdi-Na, disarengan ku Harun, anu kapilih ku Mantenna.

Amsal 24:28-29
28. Ulah jadi saksi ngalawan tatangga teu karana sabab, atawa ngomong goreng hal dirina.
29. Jeung ulah boga rasa, ”Manehna ge kitu ka aing, rek dibales sing satimpal!”

1 Korintus 15:29-58
29. Lamun anu maot moal dihirupkeun deui, naon gunana jelema dibaptis ku karana anu geus maot? Ngarep-ngarep naon? Lamun enya nu geus maot moal dihirupkeun deui saperti ceuk sawareh, pikeun naon maranehanana dibaptis ku karana nu geus maot?
30. Pikeun naon deui sim kuring jeung rasul-rasul sejen nepi ka kudu nangtang bahya unggal usik?
31. Unggal poe sim kuring nyanghareupan bahya pati teh, dulur-dulur! Tapi teu nanaon, lantaran aranjeun enggeus ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang.
32. Lamun ngan nurutkeun timbangan manusa bae mah naon untungna sim kuring di Epesus sasat kudu tarung jeung sato-sato galak? Sabab lamun bener nu geus maot moal dihirupkeun deui, nya mending sakumaha ceuk kacapangan, ”Hayu urang nyatu nginum, da isukan mah urang paraeh.”
33. Aranjeun ulah kabobodo. Sabab, ”Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.”
34. Pake pikiran sehat, geura eureun tina lampah doraka. Kudu arera, di aranjeun aya anu teu nyaraho ka Allah.
35. Bisa jadi aya anu nanyakeun, ”Kumaha ngahirupkeunana deui anu geus maraot? Make badan anu kumaha engkena?”
36. Pananya anu bodo! Binih oge dipelak teh paeh heula supaya hirup.
37. Lamun anjeun melakkeun binih, binih gandum atawa binih naon bae, anu dipelak teh sikina, lain anu geus lengkep jadi tangkal anu kari ngagedean.
38. Kawas kumaha engke tangkalna, Allah anu ngatur. Pitangkaleun unggal binih ku Mantenna geus ditangtukeun saeukeurna-saeukeurna.
39. Badan mahluk-mahluk anu nyawaan henteu kabeh sarua. Manusa badanna kieu, sasatoan badanna kitu, manuk, lauk, badanna beda-beda deui.
40. Kitu deui wujud anu aya di langit jeung wujud anu aya di bumi. Kaendahan wujud anu di langit beda jeung kaendahan wujud anu aya di bumi.
41. Kaendahan panonpoe beda jeung kaendahan bulan. Bentang-bentang boga kaendahan sorangan, antara bentang jeung bentang deui oge kaendahanana henteu sarua.
42. Kitu oge halna badan jelema anu geus maraot lamun geus dihirupkeun deui. Badan anu dikubur teh sipatna henteu langgeng, ari badan anu geus dihirupkeun deui sipatna abadi.
43. Keur dikuburna badan teh nya goreng rupana nya taya dayana, ari geus dihirupkeun deui mah nya endah nya gagah.
44. Waktu dikuburna badan teh sipatna jasmani, alami, ari geus dihirupkeun deui mah sipatna rohani. Jadi ku sabab aya badan anu sipatna jasmani, tangtu aya badan anu sipatna rohani.
45. Sabab dina Kitab Suci ditulis, ”Manusa anu kahiji, nya eta Adam, jadi mahluk hirup,” tapi Adam anu ahir mah nya eta Roh anu ngahirupkeun.
46. Anu datang ti heula teh anu sipatna jasmani, lain rohani. Anu sipatna rohani mah datangna pandeuri.
47. Adam kahiji dijadikeunana tina taneuh, asal ti ieu bumi. Ari Adam kadua mah asal ti sawarga.
48. Sakur nu asal ti bumi, kabeh sarua jeung Adam kahiji anu dijadikeun tina taneuh. Sakur anu asal ti sawarga sarua jeung Anjeunna anu asal ti sawarga.
49. Sakumaha urang ayeuna make badan anu kaayaanana kawas manusa anu dijadikeun tina taneuh, engke urang bakal make badan anu kaayaanana kawas Manusa anu asal ti sawarga.
50. Maksud sim kuring kieu dulur-dulur: Sipat daging jeung getih moal bisa dibawa ka Karajaan Allah, anu sipatna teu langgeng moal bisa dibawa ka anu sipatna langgeng.
51. Sim kuring rek ngabejakeun ieu rasiah: Urang teh moal waka maot kabeh, tapi urang kabeh bakal dirobah.
52. Kajadianana ngadadak di jero sakiceup mata waktu sangkakala ditiup panganggeusan. Waktu eta sangkakala ditiup, anu geus maraot bakal dihirupkeun deui, moal keuna deui ku maot, sarta kabeh kaayaanana dirobah.
53. Anu sipatna teu langgeng diganti ku anu sipatna langgeng, anu tadina keuna ku maot dirobah ku anu sipatna teu keuna ku maot.
54. Sanggeus hal eta kajadian, sanggeus anu sipatna teu langgeng dirobah jadi langgeng, bakal bukti anu ditulis dina Kitab Suci, ”Maot geus dibasmi. Kaunggulan geus beunang!”
55. ”He maot, mana kakawasaan maneh? Mana peurah panyeureud maneh?”
56. Peurah maot asalna tina dosa, ari kakawasaan dosa asalna tina Hukum Agama.
57. Tapi puji sukur ka Allah! Mantenna geus maparin kaunggulan ka urang ku jalan Gusti urang Yesus Kristus.
58. Ku sabab kitu dulur-dulur kudu teger jeung pengkuh, kudu garetol, rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti. Sabab aranjeun nyaho yen sakur lampah aranjeun pikeun Gusti moal aya anu mubadir.