A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
September 5

Yesaya 1:1-31
1. Ieu kitab eusina dawuhan-dawuhan Allah ngeunaan nagara Yuda jeung Yerusalem, anu diwahyukeun ka Yesaya putra Amos jaman eta nagara diparentah ku Raja Usia, Raja Yotam, Raja Ahas, jeung Raja Hiskia.
2. PANGERAN ngadawuh, ”Eh bumi jeung langit, darengekeun ieu dawuhan Kami. Barudak anu ku Kami digedekeun geus ngalawan ka Kami.
3. Sapi wawuheun ka anu bogana, kalde ingeteun dibawa nyatuan ka mana ku dununganana. Eta leuwih harideng ti batan umat Kami Israil, anu henteu nganyarahokeun ka Kami.”
4. Cilaka maneh eh bangsa anu doraka, eh jalma-jalma anu garoreng jeung jarahat! Maraneh bakal ngarempeyek katindihan ku dosa-dosa! Maraneh nampik ka PANGERAN Allah Israil anu suci, geus mariceun.
5. Ku naon ngan ngaralawan bae? Harayang dihukum anu leuwih keras? Eh Israil, sirah maneh geus pinuh ku borok, hate jeung pikir teu waras.
6. Awak saluluar tina sirah nepi ka dampal suku geus teu aya anu walagri, barisul, carenang, baroleksek. Borok-borok maneh can diberesihan, can dibulenan, can diubaran.
7. Nagara maneh geus ruksak, kota-kotana jadi lebu. Tanah direbut ku batur, eusina diburak-barik, maneh ngan bisa nenjokeun.
8. Tinggal Yerusalem, tapi eta ge enggeus kakepung, geus taya hahalangna, kawas saung di kebon anggur, kawas pondok di kebon bonteng.
9. Cacak lamun PANGERAN Nu Maha Kawasa teu kersa nyesakeun sawatara urang sina salamet, tangtu Yerusalem oge geus tumpur cara Sadumu jeung Gomora.
10. Eh Yerusalem, kalakuan rahayat maneh, jeung kalakuan anu karawasa, teu beda ti kalakuan urang Sadumu jeung Gomora. Dengekeun ieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, regepkeun piwulang-Na.
11. Dawuhana-Na, ”Marukan Kami rek kabita ku kurban-kurban maraneh? Kami ge boga domba, leuwih loba ti batan anu diduruk ku maneh dikurbankeun ka Kami. Gemukna ge leuwih alus ti batan gemuk sato-sato anu ti maneh. Kami geus seubeuh teuing ku getih sapi, getih domba, jeung getih embe.
12. Dititah ku saha maneh mawa tanda bakti anu karitu ka Kami teh? Dititah ku saha maneh nincakan Bait Kami?
13. Teu guna maneh mawa pangabakti oge. Kami ijid kana bauna eta beubeuleuman maneh! Kami ijid kana Pesta Bulan Anyar, kana Sabat, jeung kana kumpulan-kumpulan ibadah maneh, lantaran geus kalampud ku dosa maneh.
14. Kami geus ijid kana eta Pesta Bulan Anyar jeung kana hari-hari besar maraneh, ngabangbaluhan bae Kami, nyapekeun.
15. Kami arek ngabalieur lamun maraneh nadahkeun doa. Rek ngadaroa sakumaha rosana ge ku Kami moal ditolih. Sabab maraneh nadahkeun leungeun anu lamokot ku getih.
16. Beresihan heula diri. Eureunan kalakuan anu doraka teh. Eureun nyieun dosa,
17. lampahkeun anu bener. Usahakeun sangkan kaadilan terap. Belaan anu sangsara. Belaan hakna budak pahatu. Tangtayungan randa-randa.”
18. PANGERAN nimbalan, ”Hayu urang padukeun. Maraneh teh geus lestreng ku dosa, tapi ku Kami rek disina bodas beresih. Najan dosa maneh nepi ka beureum kawas getih, bakal jadi bodas kawas kapas.
19. Lamun narurut ka Kami, sagala pibagjaeun nu aya di ieu tanah ku maraneh tangtu kapetik.
20. Sabalikna lamun teu narurut, cilaka, tangtu dibasmi. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”
21. Kota anu bareto sakitu satiana teh kalakuanana geus kawas dayang! Bareto eusina teh jelema-jelema anu balener, ari ayeuna ngan tinggal jalma-jalma tukang maehan.
22. Eh Yerusalem, bareto maneh teh ibarat perak, ayeuna mah geus teu hargaan. Bareto mah saibarat anggur hade, ayeuna mah cai biasa bae.
23. Para pamingpin anu aya di maneh ayeuna kabeh tukang rusuh, ngabaturna ka penjahat, darolog kana panyogok, lalapar ku pangruruba. Di pangadilan cadu nulung ka nu pahatu, paliyas nyoreang ka pangaduan randa-randa.
24. Ku sabab kitu dengekeun ieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, ”Maraneh musuh Kami, ku Kami arek dibales supaya ulah musingkeun bae.
25. Kami arek meta. Maraneh arek dimurnikeun sina beak karahana, sina leungit kokotorna,
26. rek dibere deui pamingpin-pamingpin jeung juru-juru nasehat anu hadena kawas nu ti heula-heula. Mun geus kitu Yerusalem bakal disebut kota ibadah, kota anu satia.”
27. Ku sabab PANGERAN mah adil, kersaeun nyalametkeun Yerusalem katut sakabeh anu tarobat.
28. Sabalikna anu daroraka jeung ngalawan, ku Mantenna tangtu ditundung, ditumpes.
29. Maraneh bakal kaduhung geus nyarembah ka tatangkalan jeung nyieun kebon-kebon anu husus pikeun dewa-dewa.
30. Maraneh bakal ngarangrangan cara tangkal karamat anu geus rek paeh, lir kebon teu meunang cai.
31. Lir kalakay bisa beak ku seuneu saenyay, jalma-jalma anu karawasa tea oge bakal beak ku kadorakaanana sorangan, moal aya anu bisa ngeureunkeun ruksakna.

Yesaya 2:1-22
1. Ieu timbalan Allah, anu didawuhkeun ka Yesaya putra Amos, perkara Yuda jeung Yerusalem:
2. Engke ka hareup, gunung tempat Bait Allah ngadeg bakal muncul pangluhurna, mucunghul ngaluhuran pasir-pasir, bakal kasaba ku loba bangsa.
3. Rahayat eta bangsa-bangsa bakal silih ajak: ”Hayu urang naranjak ka pasir, pangcalikan PANGERAN, urang ka Baitna Allah Israil. Engke urang ku Mantenna diwulang pilampaheun, sangkan napak kana jalan pituduh-Na. Sabab piwulang PANGERAN teh datangna ti Yerusalem, ngandika-Na ka umat-Na teh ti Sion.”
4. Mantenna bakal memeres perkara bangsa-bangsa galede. Maranehna bakal ngarobah pedangna jadi wuluku, tumbakna dijieun arit. Bangsa-bangsa moal perang deui, moal tatahar perang deui.
5. Eh turunan Yakub, hayu urang nyorang jalan anu caang panuduhan PANGERAN!
6. Nun Allah, Gusti parantos miceun umat ku anjeun, turunan Yakub. Tanahna pinuh ku tukang sihir ti wetan sareng ti tanah Pelisti. Rahayatna biluk kana adat bangsa batur.
7. Tanahna pinuh ku emas perak, harta sisimpenanana teu aya watesna. Kudana kacida seueurna, kareta perangna parantos henteu kaetang.
8. Tanahna pinuh ku brahala, maranehna nyarembah kana barang buatanana sorangan.
9. Kabehanana bakal direndahkeun jeung dihinakeun. Nun PANGERAN, mugi ulah dihampura maranehna teh!
10. Maranehna bakal marubus ka guha-guha di gunung-gunung cadas, atawa ngarali liang nyingkiran PANGERAN anu keur bendu, nyingkahan pangawasa jeung kamulyaana-Na.
11. Hiji waktu katakaburan jeung kaangkuhan manusa bakal eureun, dibasmi. Ngan PANGERAN anu bakal diagungkeun.
12. Dina waktu eta PANGERAN Nu Maha Kawasa bakal ngarendahkeun sakur anu aragung, anu aradigung.
13. Tangkal-tangkal kiputri di Libanon anu laluhur, kitu deui tangkal-tangkal kiara di tanah Basan ku PANGERAN bakal dibasmi.
14. Gunung-gunung nu laluhur kitu deui pasir-pasir bakal diratakeun jeung taneuh.
15. Kitu deui munara-munara anu laluhur jeung sakabeh kuta puri benteng.
16. Malah kapal-kapal anu panggaledena jeung pangalusna ge bakal dikarem-karemkeun.
17. Katakaburan manusa bakal eureun, kaadigungan bakal dibasmi. Brahala-brahala bakal beak. Dina waktu eta ngan PANGERAN anu bakal diagungkeun.
18. ***
19. Jalma-jalma bakal nyarumput di guha-guha di gunung-gunung cadas, atawa ngarali liang nyingkiran PANGERAN anu keur bendu, nyingkahan pangawasa jeung kamulyaana-Na, mangsa Mantenna rawuh seja ngoyagkeun jagat.
20. Dina waktu eta jalma-jalma bakal ngalung-ngalungkeun brahala-brahala tina perak jeung emas bubuatanana sorangan, sina diruksak ku beurit cantung jeung lalay.
21. Lamun PANGERAN geus sumping rek ngoyagkeun jagat, jalma-jalma bakal nyarumput kana guha-guha di gunung-gunung cadas nyingkiran PANGERAN anu keur bendu, nyingkahan pangawasa jeung kamulyaana-Na.
22. Nu matak ge ulah sok sumender ka manusa. Bisa naon manusa mah!

Mazmur 105:1-6
1. Mulyakeun PANGERAN, sambat jenengana-Na, mashurkeun padamelana-Na ka sakumna umat;
2. sanggakeun pupujian jeung lalaguan ka Mantenna, caritakeun sagala karyana anu pikahelokeun.
3. Kudu bungah yen urang teh umat kagungana-Na, sakur nu ngabakti ka PANGERAN sing suka ati.
4. Kudu neneda ka PANGERAN katut pangawasa-Na, salawasna ulah jauh ti hadirat-Na.
5. Sing aringet kana mujijat-mujijat Mantenna nu enggeus- enggeus, kitu deui kana tanda-tanda aheng jeung hukum tina lambe-Na,
6. he turunan Ibrahim, abdi-Na, he rundayan Yakub, anu ku Mantenna kapilih!

Amsal 24:23-25
23. Kieu deuih ceuk nu palinter: Salah ari hakim ukur maen sangka bae mah.
24. Sabab mun nepi ka jalma salah teu dihukum, hakimna tangtu pada nyapa, ku sasaha ge dipikangewa.
25. Hakim nu bener nibankeunana hukuman teh ka nu salah, bakal parek rejekina sarta kawentar ngaranna.

1 Korintus 14:21-40
21. Dina Kitab Suci ditulis, ”Kami rek ngandika ka umat Kami, dawuhan Pangeran, make jalma-jalma anu ngaromongna ku basa-basa anu ajaib. Malah Kami rek ngandika ka umat Kami ku biwir jalma-jalma urang asing. Tapi sanajan kitu ge maranehna moal ngadenge ka Kami.”
22. Eta tanda kurnia kamampuh ngomong ku basa-basa Roh teh pikeun jelema-jelema anu tacan percaya, lain pikeun anu geus palercaya. Sabalikna kurnia kamampuh ngawejangkeun dawuhan Allah mah pikeun anu geus palercaya, lain pikeun anu tacan percaya.
23. Coba, upama aranjeun keur kumpulan, kabeh ngaromong ku basa-basa anu aneh, tuluy aya jelema sejen anu lain umat percaya asup, tangtu ceuk manehna aranjeun teh garelo!
24. Sabalikna lamun aranjeun keur ngawejangkeun dawuhan Allah, eta anu keur diwejangkeun teh bisa ngageuing nepi ka manehna ngarasa kana dosana. Anu kadenge ku ceulina teh
25. bisa ngalantarankeun manehna nembrakkeun eusi hatena, ngarendahkeun diri ngabakti ka Allah sarta ngaku, ”Sayaktosna, Allah aya di aranjeun!”
26. Dulur-dulur! Ngabakti ka Allah dina kumpulan teh kudu kieu: Nu saurang pupujian, nu saurang ngajar, nu saurang ngucapkeun wahyu ti Allah, nu saurang make basa Roh, nu saurang nerangkeun hartina eta omongan. Sagala-galana kudu reujeung maksud ngamajukeun jamaah.
27. Lamun aya anu rek ngomong ku basa Roh, duaan atawa panglobana tiluan, kudu bagilir. Tapi anu diomongkeunana kudu aya anu nerangkeun hartina.
28. Lamun teu aya anu bisa nerangkeun, ngomong ku basa Roh kudu eureun, teruskeun di jero hate bae.
29. Anu meunang warta ti Allah, kudu ngucapkeun eta warta, nu sejenna ngaregepkeun.
30. Tapi lamun ti nu karumpul aya deui anu meunang warta ti Allah, anu ti heula kudu eureun.
31. Aranjeun bisa piligenti ngucapkeun warta ti Allah, supaya bisa silih wurukan jeung silih kuatkeun kapercayaan.
32. Warta ti Allah kudu beres diucapkeunana ku anu meunang eta ilham,
33. sabab Allah teh resepeun kana kaberesan, teu resepeun ka nu kusut. Sakumaha kabiasaan di sakabeh jamaah Allah,
34. wanita di jero pajemuhan kudu repeh. Wanita teu meunang nyoara; kitu nurutkeun Hukum urang Yahudi, wanita teu meunang pipilueun.
35. Lamun aya tanyakeuneun lantaran hayang nyaho, tanyakeun ka salaki bae lamun geus aya deui di imah. Hina wanita mah nyarita di jero pajemuhan teh.
36. Atawa naha ari pangandika Allah teh asal ti aranjeun? Atawa datangna ngan ka aranjeun wungkul?
37. Jelema anu ngarasa kailhaman warta ti Allah, atawa ngarasa meunang kurnia anu sipatna rohani, kudu ngaku yen ieu anu dituliskeun ku sim kuring dina ieu surat teh estu parentah ti Gusti.
38. Tapi lamun manehna henteu daekeun malire kana ieu hal, ku aranjeun henteu kudu dipalire.
39. Jadi, dulur-dulur, sing boga kadaek pikeun ngucapkeun warta ti Allah, bari jeung ulah ngahalang-halang batur anu rek ngucapkeun omongan ku basa-basa anu ajaib.
40. Tapi sagala prakprakanana kudu sing rapih, sing beres entep-entepanana.