A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
September 4

Kidung Agung 7:1-13
1. Duh ku agung, enung teh terah linuhung. Sampean mutuh ku sieup tur payus nganggo selop. Bitis lir jaksi sajantung, lir beunang masieup seniman.
2. Udel lir cacangkir cekong moal bahe anggur nu jadi eusina. Lambut lir tumpukan gandum diriung ku kembang bakung.
3. Pinareup siga uncal sakembaran, siga uncal bikang papasangan.
4. Tenggek lir munara gading, soca lir empang di kota Hesbon deukeut gapura eta kota gede. Pangambung lir munara Libanon anu nanjeur neuteup ka Damsik.
5. Mastaka dangah lir Gunung Karmel, rambut ririakan, cahayaan, lemes lir sutra, kaendahanana sanggup ngunduh jajantung raja.
6. Ku manis enung, ku geulis! Sugri pangemat cinta, di enung nyampak sadia.
7. Salira lampanyat lir tangkal korma, pinareup lir ranggeuyan buahna.
8. Eta korma engke arek ditaekan arek diunduh buahna. Pinareup enung lir rantuyan buah anggur. Seungit napas enung, seger lir serengna jeruk.
9. Baham enung saibarat cianggur petingan. Saupama kitu, eta anggur baris ngocor ka panutan baris nyegeran lambeyna baris maseuhan waosna.
10. Da kuring anu anjeunna, nu teu kendat mikatineung.
11. Mangga panutan, urang iang ka padesan urang ngendong di tegalan,
12. ngarah enjing-enjing pisan bisa ningalian pelak anggur, parantos marentik atawa tacan, kembangna parantos beukah atawa tacan. Kitu deui dalima, parantos pentilan atawa tacan. Tah di dinya, abdi sumeja ngalayanan kacinta engkang.
13. Engke ku engkang kaangseu seungitna tangkal arak katut bubuahan nu raraos, parantos aya caket panto, nu anyar sareng nu parantos lami, kenging abdi nyimpen haturan engkang, jungjunan!

Kidung Agung 8:1-14
1. Leuh, mun seug engkang teh lanceuk teges, anu sami-sami nginang ka pun biang! Meureun saban patepang di jalan najan ku abdi dirangkul, moal aya nu nyela.
2. Heug ku abdi teh dipontel, diajak mulih, ngarah abdi ku engkang diwulang perkawis cinta. Engkang dihaturanan leueuteun, manisan anggur sareng cai dalima.
3. Bari engkang nanggeuy sirah abdi ku tangan kiwa, tangan nu tengen ngusapan.
4. Wanoja-wanoja Yerusalem, aranjeun kudu jarangji, ulah rek ganggu, kana kacinta kuring duaan.
5. Saha ieu wanoja nu sumping ti gurun keusik, pakaleng-kaleng jeung kageugeutna? Di handapeun tangkal apel, tilas engkang kapungkur dibabarkeun, engkang ku abdi digeuingkeun.
6. Hate engkang ulah dibuka iwal pikeun abdi. Tong kantos ngarangkul wanita lian, iwal ti ka diri abdi. Cinta teh bedas lir malakalmaot, geter birahi teh rosa lir ajal pati. Ana eta parantos hurung, nguntab-nguntab lir muntabna seuneu.
7. Geus hamo kalis ku cai, mo kaceot ku walungan. Jalma nu wani-wani meuli cinta ku dunyabrana, geus tangtu dilelewean.
8. Adi urang lanjang leutik budak keneh, susuna ge acan ngeusi. Rek kumaha peta urang ka manehna, samangsa aya nu ngalamar?
9. Upama eta teh kuta, urang adegan munara perak, upama eta teh panto, urang tulakan make tulak kai kiputri.
10. Ieu kuring teh kuta, susu kuring lir munarana. Panutan kuring yakin, yen lamun jeung anjeunna, tangtu kuring bakal bagja.
11. Suleman kagungan kebon anggur di Baal Hamon. Disewakeun ka para patani, sewaanana masing-masing sarebu uang perak.
12. Suleman nampa uang sewa sarebu-sarebu, kacoceng ku mere untung ka nu nyarewa masing-masing dua ratus. Kebon anggur kuring mah kuring sorangan anu ngurus.
13. Enung, ieu rerencangan engkang, ceulina mani rarancung, pada-pada hayang nguping sora enung ti jero taman.
14. Enggal engkang, geura gasik-gasik sumping, masing rikat tinanding uncal bikang, gancang cara uncal jalu ngora, lungsur ti gunung nu pinuh ku tangkal samara.

Mazmur 104:31-35
31. Mugia kamulyaan PANGERAN tetep langgeng! mugia PANGERAN ngaraos bagja ku sugri dadamelana-Na!
32. Bumi ku Mantenna diteuteup, bumi ngeleper, gunung-gunung ku Mantenna ditoel, peledug bijilan haseup.
33. Kaula seja nyelukkeun PANGERAN saumur-umur seja nyanyi ngamulyakeun Allah kaula sapanjang gumelar.
34. Mugia pupujian kaula kamanah ku Mantenna, lantaran kabungah kaula timbulna ti Mantenna.
35. Muga-muga jalma-jalma dosa ditumpes ti bumi para durjana sing ulah aya nu kari. Mulyakeun PANGERAN, he nyawa! Mulyakeun PANGERAN!

Amsal 24:21-22
21. Anaking, kudu sieun ku PANGERAN jeung ku raja. Ulah milu ngalawan ka Allah atawa ka raja,
22. da tangtu baris tereh tiwas. Hayang nyaho maneh rasana balahi ti Allah atawa ti raja?

1 Korintus 14:1-20
1. Ku sabab eta ihtiarkeun supaya aranjeun boga kanyaahan. Jeung usahakeun supaya meunang kurnia Roh, pangpangna kurnia kamampuh bisa nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah.
2. Anu ngomong ku basa anu ajaib, basa Roh, ngomongna lain ka manusa tapi ka Allah, da manusa mah teu aya anu ngartieun kana omonganana. Anu diucapkeunana ngan Allah anu uninga, ngucapkeunana oge lantaran kajurung ku Roh Allah.
3. Sabalikna anu nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah mah ngomongna ka sasama manusa, aya pulunganeunana, matak teger, matak lipur.
4. Anu ngomong ku basa Roh ngan matak teger soranganana. Sabalikna anu nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah mah matak seger sajamaah.
5. Sukur lamun aranjeun kabeh bisa ngomong ku basa Roh. Tapi leuwih sukur lamun aranjeun mampuh nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah. Anu boga kamampuh kieu tempatna leuwih utama ti batan anu mampuh ngomong ku basa Roh. Omongan basa Roh kakara aya mangpaʼatna ka sajamaah, lamun aya anu bisa nerangkeun hartina.
6. Coba upama sim kuring engke ka dieu ngomong ku basa Roh, bakal aya mangpaʼatna ka aranjeun? Sama sakali moal aya. Sejen deui upama sim kuring nerangkeun wahyu ti Allah, atawa nerangkeun hal Allah, atawa ngawejang, atawa ngajar.
7. Tatabeuhan anu teu nyawaan, upamana suling atawa kacapi, lamun ditabeuhna teu puguh naha bakal kanyahoan sorana lagu naon?
8. Contona deui, lamun tarompet perang ditiupna sambarangan teu puguh, saha anu rek maju jurit?
9. Nya kitu keneh lamun aranjeun ngomong ku basa Roh anu teu puguh unina, saha nu rek ngarti? Omongan aranjeun jadi leungit ku angin.
10. Basa di dunya teh rupa-rupa, tapi hiji ge teu aya anu teu boga harti.
11. Tapi lamun aya anu ngajak ngomong ka sim kuring make basa anu ku sim kuring teu kaharti, sim kuring asing ka manehna, manehna asing ka sim kuring.
12. Aranjeun anu kacida harayangna meunang kamampuh ti Roh Allah kudu alihtiar, supaya anu dipaparinkeun teh pangpangna anu bisa dipake pikeun ngabantu ngamajukeun jamaah.
13. Ku sabab eta lamun rek ngomong ku basa Roh kudu neneda heula ka Allah supaya sakalian bisa nerangkeun hartina.
14. Sabab kieu: Upama sim kuring ngadoa ku basa Roh, anu ngadoa teh ngan roh sim kuring bae, pikiran mah teu milu ngadoa.
15. Jadi kudu kumaha? Kieu sim kuring mah: Lamun ngadoa ku basa Roh, diteruskeun ngadoa make pikiran. Pupujian kitu keneh, roh pupujian, pikiran oge pupujian.
16. Lamun jelema awam milu ngadengekeun aranjeun sembahyang muji sukur ka Allah make basa Roh anu ku manehna teu kahartieun, naha manehna bakal ngucapkeun ”Amin” kana pamuji sukur aranjeun? Moal, lantaran teu ngartieun.
17. Sanajan doa pamuji sukur aranjeun kacida alusna, pikeun manehna mah sama sakali teu aya paedahna.
18. Sim kuring muji sukur ka Allah bisa make rupa-rupa basa nu ajaib leuwih ti batan aranjeun.
19. Tapi di jero kumpulan mah sim kuring mending make lima kecap anu bisa kaharti ku batur, ti batan rebuan kecap anu araneh teu matak kaharti.
20. Ulah kawas budak pikiran teh dulur-dulur! Kudu kawas budak soteh kana hal-hal anu jahat, pikiran mah kudu sawawa.