A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
September 28

Yesaya 47:1-15
1. PANGERAN ngadawuh, ”Eh Babul, geura turun tina tahta, geura ngagepor dina taneuh ngebul! Maneh tadina lir parawan matak bogoh, hiji kota anu moal kaelehkeun. Tapi ayeuna mah geus teu kitu deui. Ayeuna mah maneh jadi badega!
2. Cokot batu panggilingan, geura nipung! Laan karembong! Bukaan kabeh eta pakean anu aralus teh tina awak! Hayoh nyingsat, tuluy meuntas cai.
3. Sina pada ngalalajoan maneh taranjang, tembong orat tembong wiwirang. Maneh ku Kami dibales, moal aya nu bisa ngahalang-halang.”
4. Allah Israil nu suci, geus ngabebaskeun urang. Jenengan Mantenna PANGERAN Nu Maha Kawasa.
5. PANGERAN nimbalan ka Babul, ”Geura los ka nu poek, tong kecet-kecet. Maneh moal disebut deui ratu bangsa-bangsa.
6. Basa Kami bendu ka umat Kami nepi ka maranehna teu diaku deui umat, maranehna ku Kami diselehkeun ka maneh. Bet maneh mani euweuh pisan karunya! Ka nu geus karolot ge mani tega nganiaya.
7. Maneh ngira rek bisa ngaratuan saendeng-endeng, teu karasa, teu kapikir pitemaheunana.
8. Dengekeun, eh nu tuman senang-senang, anu rasa maneh aman santosa! Maneh ngarasa sarua jeung Allah, euweuh anu nyaruaan! Boga rasa pamohalan jadi randa, pamohalan kauculan anak.
9. Tapi ngan di jero sakeudeung, di jero sapoe, eta dua hal bakal tumiba. Najan maneh make tumbal-tumbal tulak bala, tetep bakal kauculan salaki jeung anak.
10. Maneh asa jongjon nyieun kadorakaan, pangrasa teh moal aya nu nganyahoankeun. Maneh teh sasar ku kapinteran jeung ku akal budi sorangan. Maneh enggeus sompral nyebut, ʼAing Allah, euweuh anu nyaruaan!ʼ
11. Maneh bakal cilaka! Elmu-elmu gaib maneh moal bisa nyegah. Maneh bakal ngadadak katinggang bahla, bahla anu can kaimpi-impikeun acan.
12. Pek pake terus tumbal-tumbal jeung jampe-jampe nu dipake ti ngongora teh, pake ngagigila musuh.
13. Maneh nepikeun ka cape ku sagala tarekah. Pek geura menta tulung ka ahli-ahli palak maneh, pan maranehna teh tukang meleng bentang, tukang ngagambarkeun daerah-daerah angkasa, anu saban bulan mangnorahkeun ka maneh anu bakal kajadian.
14. Maranehna teu beda ti jarami sakeupeul, anu bakal beak ku seuneu. Dirina sorangan moal bisa katulungan, sabab seuneuna kacida panasna, lain seuneu anu genah dipake siduru.
15. Ngan sakitu mangpaʼatna ka maneh eta ahli-ahli palak pananyaan maneh saumur hirup teh. Kabeh bakal naringgalkeun ka maneh, jalanna masing-masing, moal aya anu kari pikeun nyalametkeun ka maneh.”

Yesaya 48:1-22
1. Eh urang Israil, eh turunan Yuda, darengekeun. Maraneh sok sumpah demi PANGERAN. Jeung ngakukeun ngabdi ka Allah Israil, tapi henteu reujeung prakna.
2. Sangkilang kitu make agul nyebut maneh warga kota suci, nyebut maneh gumantung ka Allah Israil anu jenenganana PANGERAN Nu Maha Kawasa.
3. Timbalan PANGERAN ka Israil, ”Ti bareto Kami geus mere nyaho naon anu bakal kajadian. Ku Kami dibuktikeun, tur ngadadak.
4. Ti samemehna Kami geus uninga yen maraneh bakal baredegong, teugeug kawas beusi, heuras kawas tambaga.
5. Jeung bareto Kami geus mere nyaho hal maraneh pikahareupeun. Kajadian-kajadian anu bakal keneh, ku Kami geus diandikakeun ti samemehna, pikeun nyegah ulah nepi ka maraneh nganggap yen eta beunang ngatur brahala maneh.
6. Sakur anu ku Kami geus diandikakeun ti samemehna, ayeuna geus kajadian. Kuduna mah maraneh teh ngaku yen pangandika Kami teh bener. Ayeuna Kami rek ngandikakeun perkara-perkara anyar anu bakal kajadian, anu can kungsi diandikakeun.
7. Ku Kami kakara rek dibuktikeun ayeuna, tur beda ti nu ti heula-heula. Supaya lamun enggeus kajadian, maraneh ulah nyebutkeun yen geus nyaho ti samemehna.
8. Kami nyaho maraneh moal ngandel. Nyaho, maraneh teh geus kaceluk tukang ngalawan. Eta sababna nu matak maraneh can pisan dibere ngadenge ieu perkara, sakecap ge can aya nu nepi kana ceuli maraneh.
9. Kami nyabar-nyabar maneh nahan amarah, ulah nepi ka ngabasmi ka maraneh, supaya jalma-jalma ngagungkeun ka Kami.
10. Maraneh ku Kami disangsara, diuji, lir perak diuji ku seuneu. Tetela maraneh teh taya hargana.
11. Pangna Kami midamel kitu, sabab: ulah nepi ka jenengan Kami aya anu ngarerendah, ulah nepi ka kamulyaan Kami dicoceng ku batur, sabab eta teh hak Kami sorangan.”
12. Timbalan PANGERAN, ”Darengekeun eh Israil, eh umat anu ku Kami geus disaur! Kami teh Allah, Anu awal, Anu ahir, Allah anu tunggal.
13. Panangan Kami ngajadikeun dadasar bumi, mentangkeun cakrawala. Upama langit jeung bumi dicalukan ku Kami, seug nyalampeurkeun sapada harita.
14. Coba karumpul! Darengekeun! Taya hiji brahala anu bisa ngawejangkeun yen jalma anu dipilih ku Kami teh bakal narajang Babul; manehna bakal ngajalankeun pangersa Kami.
15. Nya Kami anu ngandikakeun hal eta, anu nyaurna. Eta ku Kami dijurung jeung disina unggul.
16. Ka darieu sing deukeut! Darengekeun ieu Kami. Ti alam mimiti keneh ge Kami geus bruk-brak ngandika, sarta pangandika Kami tea kabeh geus nyata.” (Ayeuna PANGERAN Nu Maha Kawasa ngawasakeun ka kaula. Kaula ku Mantenna diutus.)
17. Allah Israil nu suci, PANGERAN, anu ngajait maraneh tea nimbalan, ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngawurukan ka maraneh keur kapentingan maraneh keneh, nungtun kana jalan anu samistina.
18. Coba mun maraneh narurut kana timbalan-timbalan Kami, tan wande meunang nugraha jeung berkah, anu ngocor lir walungan anu tara saat! Tan wande kaunggulan teh mapag lir ombak muru basisir.
19. Tan wande maraneh loba turunan lir keusik lobana, jeung ku Kami dijaga supaya teu musna.”
20. Geura kalaluar ti Babul, lumpat bebas! Celukkeun sing gumbira, sebarkeun ka mana-mana ieu warta: ”PANGERAN geus ngajait Israil abdi-Na!”
21. Basa PANGERAN nungtun umat-Na ngambah gurun keusik anu panas, umat-Na teu kungsi ripuh halabhab. Mantenna ngabijilkeun cai tina batu cadas, cadasna disina beulah, caina ngagolontor.
22. ”Ari anu daroraka mah pamohalan salamet,” timbalan PANGERAN.

Mazmur 111:7-10
7. Dina sagala damelna Mantenna satia jeung adil sagala parentah-Na beunang dipercaya,
8. tahan dina sagala jaman, diparentahkeunana kalawan sayakti jeung adil
9. Mantenna ngabebaskeun umat-Na, sarta ngayakeun perjangjian langgeng jeung maranehna. Mantenna estu suci tur hebat!
10. Saha-saha anu hayang jadi jalma bijaksana, kudu hormat ka PANGERAN. Mantenna baris maparin pangarti anu sehat ka anu taʼat kana parentah-Na. Mantenna layak dipuji salalanggengna.

Amsal 26:11-12
11. Anu gejul sok mindoan kagejulanana, cara anjing malikan utahna.
12. Leuheung keneh jelema nu pangbodona, ti batan jelema anu ngarasa pinter padahal henteu.

Galatia 6:1-18
1. Lamun aya batur migawe teu bener, pepelingan ku aranjeun, anu ariman. Tapi mepelinganana sing leuleuy, jeung kahade bisi aranjeun sorangan kabawakeun.
2. Kudu silih bantu kabeubeurat, nekanan hukum Kristus.
3. Anu sok ieu aing jelema penting padahal teu aya naon-naonna, sasat ngabobodo maneh.
4. Pariksa kalakuan sorangan, lamun bener, atohna rarasakeun bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur,
5. sabab masing-masing kudu tanggung jawab kana kalakuanana sorangan.
6. Anu geus nampa pangajaran Kristus, kudu nembongkeun kalakuan anu hade, tanda tumarima ka nu ngajarna.
7. Ulah boga sangka Allah beunang dibobodo. Naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna.
8. Melak anu asalna tina kahayang badani, tina eta pepelakan, maot nu bakal kaala. Melak anu asalna ti Roh Allah, hirup langgeng anu asal ti Roh Allah nu bakal kaala.
9. Jadi ulah bosen-bosen nyieun kahadean, supaya dina waktuna ngala, upama urang teu eleh ku kabosen, kabeh hasilna tangtu kaala.
10. Ku sabab eta, saban aya kasempetan sing getol migawe kahadean ka sing saha bae, komo ka batur sakapercayaan mah.
11. Tulisan anu ieu aksarana baradag! Sim kuring sorangan anu nuliskeunana.
12. Jelema-jelema anu mamaksa aranjeun disunat teh ngan ngagedekeun sual-sual lahir. Pamalarna taya lian, sangkan ulah nepi ka milu dikakaya ku urang Yahudi tina sabab salib Kristus.
13. Sanajan maranehanana disunat oge narurut kana Hukum agama Yahudi mah henteu. Maksa-maksakeun sunat ka aranjeun teh ngan ngarah kapuji geus bisa ngeunakeun eta ciri lahir ka aranjeun.
14. Ari kaagul sim kuring mah ngan Gusti urang Yesus Kristus anu geus pupus disalib. Sabab ku pupusna Anjeunna disalib teh pikeun sim kuring mah dunya geus teu aya hartina, nya kitu deui sim kuring pikeun dunya lir geus maot.
15. Disunat teu disunat teu jadi sual, nu perlu mah jadi manusa anyar.
16. Mugia anu pamadegan hirupna kieu, bareng jeung sakumna umat Allah sing disiram ku rahmat jeung kanugrahaan ti Allah.
17. Mugia ti semet ieu mah aranjeun henteu nyusahkeun deui hate sim kuring, sabab dina diri sim kuring aya tapak-tapak anu nandakeun yen sim kuring teh abdina Yesus Kristus.
18. Mugi-mugi Gusti urang Yesus Kristus maparin rahmat salamet ka aranjeun, dulur-dulur! Amin.