A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
September 2

Kidung Agung 3:1-11
1. Saban peuting, ari di ranjang geus sare, anjeunna kaimpi bae, kaimpi keur diteangan, weleh teu kapanggih bae.
2. Diaprak saluluar kota, dilongok ka jalan jeung jajahan, disusul ka lulurung, haben bae diteangan, tapi lebeng teu kapanggih.
3. Anggur tepung jeung nu ngaronda, ku kuring ditanya, ”Manawi pendak sareng panutan kuring?”
4. Tapi henteu lila ti harita, ana gok teh anjeunna kapanggih. Gabrug dirangkul tipepereket, henteu dilesotkeun deui, tuluy diajak ka bumi ibu, sup ka pangkeng tempat kuring dijurukeun.
5. Wanoja-wanoja Yerusalem, aranjeun kudu jarangji, sumpah demi uncal anu rikat jeung demi uncal bikang, ulah rek ganggu kana kacinta kuring duaan.
6. Naon itu anu mumbul ti lebah gurun, jiga haseup ngebun, tur kasawur ku seungit dupa jeung emur, sarupaning seuseungitan dagangan para sudagar?
7. Leuh geuning Suleman, sumping nitihan jampana, dikawal ku genep puluh prajurit, prajurit-prajurit petingan Israil,
8. kabeh oge jago ulin pedang, ahli jurit tukang tarung, masing-masing nyoren pedang, taki-taki tina bahlaning peuting.
9. Raja Suleman nitihan jampana, tina kai kelas hiji,
10. tihang-tihangna dilakop perak, tiungna disulam emas, babantalna disarungan lawon wungu, endah lemes beunang ninun putri-putri Yerusalem.
11. Heuy, wanoja-wanoja Sion, yap nongton Raja Suleman. Anjeunna nganggo makuta, ibuna ku anjeun nu nerapkeunana, dina poean rendenganana, poe kabagjaanana.

Kidung Agung 4:1-16
1. Ku geulis enung, jungjunan! Soca enung sakitu dicindung, tembong cureuleuk nyengcelak. Rambut ombak-ombakan lir embe-embe keur tarurun ti pasir-pasir Gilad.
2. Waos enung bodasna tinanding domba-domba anu nembe dimandian tas dicukuran, pepek jangkep beres roes, taya cocengna.
3. Lambey enung beureum lir rara sakelat, ana emut sasauran ku lucu matak tibelat. Damis enung ngalangkang jeroeun cindung.
4. Tenggek enung mulus lir munara Daud, rantuyna kangkalung enung sarupi sarebu kepeng nu ngagarantung.
5. Pinareup lir dua uncal bikang, uncal kembar nu keur nyaratuan di tegal bakung.
6. Engkang rek ngarereb di pasir emur, di pasir menyan, tepi ka bray beurang, poek kasilih ku caang.
7. Ku geulis enung, jungjunan; estu taya kuciwana!
8. Yap enung panganten, jeung engkang urang miang ti Pagunungan Libanon, urang sareng ti Libanon. Yap lungsur ti puncak Gunung Amana, ti Gunung Senir jeung ti Gunung Hermon, tempat singa reujeung kerud.
9. Paneuteup enung, duh rayi panganten, katut kangkalung na tenggek enung, geus ngabandang hate engkang.
10. Kadeudeuh enung ka engkang, estu ni’mat karaosna, duh enung, rayi panganten. Kacinta enung karasana langkung ni’mat ti batan anggur, seuseungitan enung langkung leleb ti batan wawangian lianna.
11. Lambey enung semu amis lir madu, ilatna nyakclakan susu jeung madu. Raksukan nyebarkeun seungitna Gunung Libanon.
12. Kakasih engkang rayi panganten, ibarat taman tutupan, nu dikikis sakuriling, lir cinyusu nu dipager.
13. Pinuh ku pepelakan, lir pakebonan dalima, nu buahna pangeunahna. Kitu deui kembang pacar, akar wangi,
14. jahe, koneng, tiwu, kayu manis, kitu deui rupa-rupa menyan. Emur, kayu garu, jaradi di dinya, katut rupa-rupa wawangian nu pangseungitna.
15. Cinyusu ngaburial nyaian eta kebon, kitu deui susukan, ngagolontor ti Pagunungan Libanon.
16. Hudang, he angin kaler, angin kidul, tiup kebon kuring, sina nyambuang seungitna. Muga-muga kakasih kuring sumping ka kebonna, sarta nuang bubuahan nu pangeunahna.

Mazmur 104:10-23
10. Gusti ngadamel cinyusu-cinyusu, tingburial di lebak-lebak, walungan-walungan ngalocor di antara pasir-pasir,
11. nyadiakeun cai nyadiaan margasatwa; di dinya kalde-kalde alas nyirnakeun hanaangna.
12. Dina tatangkalan deukeut sisi-sisina, manuk-manak nyarieun sayang, jeung ngarawih disarada.
13. Ti langit, Gusti ngahujanan pasir-pasir, sareng bumi dieusi ku rahmat Gusti.
14. Gusti ngadamel jukut jaradi jang sasatoan, sareng rupi-rupi tutuwuhan jang kaperluan manusa, dugi ka manehna tiasa pepelakan keur paneneun,
15. sareng ngahasilkeun anggur keur nyukakeun dirina, minyak jetun keur ngagumbirakeunana, sareng roti keur nimbulkeun tanagana.
16. Kayu kiputri Libanon, seueur kengingna hujan — tatangkalan milik PANGERAN ku anjeun, pelak Mantenna,
17. enggon manuk-manuk nyarayang; manuk-manuk bango mah nyarayangna dina tangkal caringin.
18. Embe-embe alas nyaricingan gunung-gunung nu laluhur, peucang-peucang nyarumputna dina batu-batu cadas.
19. Gusti ngadamel bulan keur tanda waktu, panonpoe ngartieun iraha wancina surup.
20. Gusti ngadamel peuting, sareng dina poekna sasatoan alas laliar;
21. singa-singa ngora tinggalaur neangan mangsa, neangan hakaneunana anu geus disadiakeun ku Allah.
22. Ana panonpoe meletek, sato-sato alas ngarampih deui, dararepa di enggonna.
23. Jalma-jalma kalaluar muru pagaweanana, digarawe nepi ka burit.

Amsal 24:17-18
17. Ulah gumbira lamun musuh cilaka, ulah bungah lamun manehna tijungkel.
18. Peta maneh kitu ku PANGERAN kauninga tur teu dirujukan, boa teuing eta musuh teh ku Mantenna moal tulus dihukumna.

1 Korintus 12:1-31
1. Ayeuna sual kurnia-kurnia ti Roh Suci anu ditanyakeun ku aranjeun tea. Memang aranjeun kudu terang kana hal eta, dulur-dulur!
2. Waktu tacan jadi umat Kristus, aranjeun nyarembah ka brahala anu bisu taya hirupna. Tangtu ayeuna karasa eta teh salah.
3. Aranjeun kudu tarerang, jelema anu diaping ku Roh Suci moal sanggupeun nyumpahan ”Yesus sing disapa!” jeung moal aya anu bisa ngaku ”Yesus teh Gusti”, lamun henteu ditungtun ku Roh Suci.
4. Kurnia anu sipatna rohani teh rupa-rupa, tapi kabeh asal ti Roh anu hiji.
5. Carana ngabdi rupa-rupa, ari nu diabdianana mah Gusti anu hiji.
6. Jelema anu ngabdi ka Gusti boga kamampuh masing-masing, eta kamampuh asalna ti Allah anu hiji.
7. Urang masing-masing ku Roh Suci anu nyicingan diri urang dipaparin kamampuh anu mandiri, tapi kabeh pikeun pimangpaʼateun jalma rea.
8. Ku eta Roh aya anu dipaparin kamampuh pinter nyarita, aya anu dipaparin kamampuh bisa nerangkeun maksud dawuhan Allah.
9. Ku eta Roh aya anu dipaparin kayakinan anu luar biasa, aya anu dipaparin kamampuh bisa nyageurkeun kasakit.
10. Ku eta Roh aya anu dipaparin kamampuh bisa nyieun kaajaiban-kaajaiban, aya anu dipaparin kamampuh bisa ngawejang, aya anu dipaparin kamampuh bisa ngabedakeun kamampuh anu asal ti eta Roh jeung anu asalna lain ti eta Roh. Aya anu dipaparin kamampuh bisa nyarita dina basa-basa anu ajaib, aya anu dipaparin kamampuh bisa nerangkeun hartina eta basa-basa.
11. Eta kamampuh-kamampuh kabeh asalna ti Roh eta keneh. Maparinna ka masing-masing beda-beda, kumaha kersana eta Roh.
12. Kristus teh lir hiji badan rupa-rupa bagianana, sanajan babagianana rupa-rupa, wujud badanna mah hiji.
13. Urang oge kitu, nu Yahudi, nu lain Yahudi, nu kumawula, nu merdeka, ku eta Roh geus dibaptis dijadikeun sabadan jeung Kristus, sarta urang kabeh geus dibere nginum Roh nu hiji tea.
14. Badan anu hiji teh henteu ngan hiji bagian bae, tapi babagianana teh loba.
15. Ku sabab kitu sanajan upamana ceuk suku, ”Kami mah teu kaasup badan da lain leungeun,” teu bisa dilain-lain yen suku lain bagian badan.
16. Sanajan upamana ceuk ceuli, ”Kami mah teu kaasup badan da lain mata,” teu bisa disebutkeun yen ceuli lain babagian badan.
17. Lamun rupa sakujur awak ngan panon bae hiji, kumaha rek bisaeun ngadenge? Atawa ngan ceuli bae hiji, kumaha rek bisaeun ngambeu?
18. Memang kitu mistina, tiap babagian badan anu rupa-rupa teh ku pangersa Allah ditempatkeun samistina.
19. Lain ge awak ari ngan sabagian mah!
20. Nya kitu, babagianana loba, awakna mah hiji.
21. Ku sabab kitu panon moal bisaeun ngomong ka leungeun, ”Kami teu butuh ku maneh!” Sirah moal bisaeun ngomong ka suku, ”Kami teu butuh ku maneh!”
22. Sabalikna lamun babagian anu sigana teu pira teh teu aya, urang moal bisa kua-kieu.
23. Jeung eta babagian-babagian anu jigana teu pira teh dipalirena ku urang leuwih ti nu sejen. Kitu deui babagian anu katembongna kurang alus, ku urang leuwih diurus.
24. Babagian-babagian anu bangunna geus alus mah henteu mikabutuh perhatian deui. Badan teh geus kitu disusunna ku Allah, nepi ka babagian anu sigana teu pira teh meunang panghargaan anu layak.
25. Ku sabab kitu disusunna badan teh henteu misah-misah, sakabeh babagianana nu hiji ka nu hiji deui aya pakuat-pakaitna.
26. Upama aya hiji bagian anu nyeri, kabeh bagian ngarasa nyeri. Upama nu hiji didama-dama, nu sejenna oge milu ngarasa genah.
27. Aranjeun teh kabeh Salira Kristus, masing-masing jadi babagianana.
28. Di jero jamaah, Allah nempatkeun umat-Na nurutkeun kumaha layakna. Di nu kahiji rasul-rasul, di nu kadua nabi-nabi, di nu katilu guru-guru, ti dinya terus jelema-jelema anu barisa nyieun kaajaiban, terus anu barisa nyageurkeun kasakit, terus anu barisa mere pitulung, anu barisa nungtun ka nu sejen, anu barisa nyarita ku basa-basa anu ajaib, anu barisa nerangkeun hartina eta basa-basa.
29. Henteu kabeh jadi rasul, henteu kabeh jadi guru, henteu kabeh jadi nabi, henteu kabeh bisa nyieun kaajaiban,
30. henteu kabeh bisa nyageurkeun kasakit, henteu kabeh bisa nyarita make basa-basa anu ajaib, henteu kabeh bisa nerangkeun hartina eta basa-basa.
31. Ihtiarkeun supaya meunang anu leuwih ti eta. Tapi pangutamana mah turutkeun ieu papatah sim kuring.