A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
September 18

Yesaya 27:1-13
1. Dina mangsa eta PANGERAN bakal metakeun kakawasaan jeung pedang-Na anu pikagimireun, bakal ngahukum ka Lewiatan, naga tukang rungkal-ringkel luar-leor, jeung bakal ngabinasakeun mahluk raksasa anu ayana di laut.
2. Harita Mantenna bakal sasauran kieu ngeunaan kebon anggur-Na anu pikaresepeun,
3. ”Rek dikemitan ku Kami jeung moal elat diseboran. Beurang peuting moal elat dijaga-jaga, supaya ulah aya anu ngaganggu.
4. Ayeuna ieu kebon teh matak rudet. Nu bakal ngaganggu hirupna, najan ngan cucuk atawa jukut cucuk tangtu diduruk.
5. Kajaba lamun musuh-musuh umat Kami teh harayangeun nyalindung ka Kami, kajeun ari rek akur jeung Kami mah, pek akur jeung Kami.”
6. Ka hareup mah urang Israil turunan Yakub teh pijadieun lir tangkal, bakal akaran, pucukan jeung kembangan, buahna bakal minuhan saalam dunya.
7. PANGERAN ngahukumna ka Israil teh henteu cara ngahukum ka musuh-musuhna, tur anu tariwasna henteu sakumaha lobana.
8. Eta umat dihukumna ku PANGERAN teh dipiceun ka pangbuangan, dibawa jauh ku angin tarik ti wetan.
9. Dosa-dosa Israel bakal dihampura, nya eta upama batu altar-altar bangsa anu nyembah brahala geus marekplekan kawas apu, jeung altar-altar pangukusan atawa titironan Dewi Asera geus taya nu nyesa.
10. Kota anu dibenteng teh bakal rubuh, tuluy jadi suwung kawas leuweung kosong, dipake enggon sapi nyatuan jeung enggon ngaubna.
11. Dahan-dahan kakayonna geus pareunggas jeung gararing, diparulungan ku awewe pikeun suluh. Ku sabab eusina teh jelema-jelema anu henteu kapanjingan budi, ku Allah Khalik maranehna teu dipikawelas, teu dihampura.
12. Dina mangsa eta PANGERAN bakal ngempelkeun umat-Na ti Walungan Eprat nepi ka Mesir, dicandakan saurang-saurang kawas misahkeun beas tina gabah.
13. Dina waktuna urang Israil anu di pangbuangan di Asur jeung di Mesir bakal dicalukan ku tarompet, dititah marulang. Seug maranehna marulang, daratang ka Yerusalem, ngabakti ka PANGERAN anu calik di gunung suci.

Yesaya 28:1-29
1. Cilaka karajaan Israil! Kamulyaanana mimiti surem. Sarua layuna jeung makuta-makuta tina kembang anu diparake ku para pamingpinna anu geus marabok. Eta anu ngadarangahkeun sirah nu marake seuseungitan teh geus tinggaloler, marabok teu eling- eling.
2. Pangeran geus nyayagikeun hiji jalma anu bedas jeung kawasa, sina narajang ka maranehna lir topan jeung hujan es, lir caah anu ngagulidag limpas.
3. Kaumangkeuhan eta para pamingpin marabok teh bakal dileyek.
4. Kajayaan eta para pamingpin nu aradigung teh geus mimiti surem, sarta bakal musna kawas buah kondang cikalna, ari asak ari dipetik dihuapkeun.
5. Pidatangeun mangsa, pikeun umat-Na anu saralamet, PANGERAN bakal jadi lir makuta mulya tina kekembangan.
6. Ka sakur nu jadi hakim Mantenna bakal maparin hate nu adil. Ka sakur anu ngabela tina panarajang bakal maparin wawanen.
7. Malah nabi-nabi jeung imam-imam oge marabok nepi ka sasampoyongan. Ngarinumna anggur jeung arak loba teuing, nepi tingjolonjong titarajong, pikiranana ngaraco. Nabi-nabi kacida mabokna, nepi ka jadi teu paham kana tetenjoan-tetenjoan ti Allah. Imam-imam kacida mabokna, nepi ka teu bisa deui mutus perkara-perkara anu dibawa ka maranehna.
8. Meja anu dirariungna pinuh ku utah, geus teu aya anu beresih.
9. Seug ngaromongkeun kaula, pokna, ”Saha disangkana anu diwurukan ku manehna teh? Saha nu butuh ku caritana? Nu kitu mah ngan alus pikeun budak anu kakara eureun nyusu!
10. Manehna rek ngajar ka urang mani saaksara-saaksara, sabaris-sabaris, sakalimah-sakalimah.”
11. Lamun kaula henteu didarenge, engke Allah miwarang jalma asing sina ngawurukan ka aranjeun, make basa anu aneh.
12. Mantenna teh miwarang reureuh, seja nyenangkeun hate aranjeun. Tapi ku aranjeun teu didarenge.
13. Ku sabab kitu Allah bakal mere pangajaran ka aranjeun, saaksara-saaksara, sabaris-sabaris, sakalimah-sakalimah. Geus kitu sagala lengkah aranjeun bakal serba salah. Aranjeun bakal barohak, kasarimped, tuluy ditarangkep.
14. Darengekeun ku aranjeun, eh nu sarombong, anu ayeuna keur marentah rahayat di dieu, di Yerusalem. Ieu aya timbalan PANGERAN.
15. Dawuhana-Na, perjangjian anu ku aranjeun dipiagul teh perjangjian jeung ajal, perjangjian jeung dunya anu paraeh. Aranjeun yakin yen najan bahla tea datang aranjeun bakal salamet, bawaning ku percaya kana bohong jeung tipu.
16. Ayeuna kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung, ”Kami di Sion masangkeun hiji pademen, kuat jeung kukuh. Dina eta pademen Kami nempatkeun hiji batu juru anu ampeg, make tulisan kalimah kieu, ʼIman nu pengkuh sipatna sabar.ʼ
17. Sipatan anu dipake ngukur eta pademen nya eta kaadilan. Tali nu dipake nguji lempeng nangtungna nya eta kajujuran.” Hal-hal bohong anu dipiandel ku aranjeun bakal disapu ku hujan es. Rasa aman aranjeun bakal bedah ku caah.
18. Perjangjian aranjeun jeung ajal bakal dibatalkeun, kitu deui persatujuan aranjeun jeung dunya anu paraeh bakal digagalkeun, nepi ka upama datang bahla, aranjeun moal bisa walakaya.
19. Eta bahla bakal hantem narajang ka aranjeun unggal isuk, unggal beurang, unggal peuting. Unggal aya pangandika anyar ti Pangeran, aranjeun bakal nyareblak.
20. Aranjeun bakal kawas nu hees morongkol lantaran dipanna pondok, simbutna heureut.
21. PANGERAN bakal merangan ka urang cara keur di Gunung Perasim jeung di Lebak Gibon, maksa sangkan pangersa-Na dilampahkeun ku urang. Aheng peta Mantenna teh. Eta padamelana-Na anu aheng teh bakal diteruskeun nepi ka rengse.
22. Ku sabab kitu ieu wawaran kaula teh lain seungseurikeuneun! Lamun keukeuh nyeungseurikeun, bakal tambah sulit aranjeun ngaluputkeun diri. Kaula geus ngadenge putusan PANGERAN Nu Maha Kawasa, yen bakal pasti ngabasmi ieu nagri.
23. Darengekeun ieu omongan kaula, regepkeun ieu caritaan kaula.
24. Moal aya jurutani anu lahanna harita diwuluku harita keneh dipelakan.
25. Tangtu lahanna teh dirarata heula, kakara diawuran ku sisikian kayaning hades, jinten. Ari binih tarigu jeung hanjeli, eta mah melakna dijajar-jajar. Turut-turut sisi kebonna dipelakan bibinihan lianna.
26. Nyahoeun yen tani teh kudu kitu, kapan geus aya pituduhna ti Allah.
27. Nutu hades atawa jinten moal ku halu gede jeung beurat, tangtu ku anu ukuran meujeuhna.
28. Nya kitu deui anu ngirik gandum, moal dihaben ku gegedig nepi ka ajur, da nyahoeun yen kudu digeleng ku padati tapi ulah nepi ka bubuk.
29. Kanyaho kitu teh kabeh ti PANGERAN Nu Maha Kawasa. Estu agung hikmah Allah, tur kabeh moal aya nu bisa ngahalang-halang.

Mazmur 107:33-43
33. PANGERAN ngarobah walungan-walungan disina saraat ngoletrak cinyusu-cinyusu marangpet teu ngaburial deui,
34. tanah subur ngajadi tanah tuhur jeung ngandung uyah, lantaran jahatna jelema-jelema anu caricing di dinya.
35. Mantenna ngarobah gurun keusik sina jadi empang-empang cai, tanah tuhur jadi pinuh ku cinyusu.
36. Jalma-jalma lapar ku Mantenna ditempatkeun di dinya, nyarieun kota geusan pamatuhanana.
37. Maranehna nebaran lahan jeung marelak anggur, tuluy dipupu, beubeunanganana mucekil.
38. Mantenna ngaberkahan umat-Na, jadi rekah baranahan, ingon-ingonna disina tambah ngarekahan.
39. Waktu umat Allah kasoran, hina, sangsara, lantaran digencet pohara telengesna,
40. nu ngagencetna ku Mantenna dihina, disina uprak-apruk di gurun keusik nu tara katincak.
41. Sabalikna Mantenna ngajait anu mariskin tina kabalangsakanana, sarta kulawargana disina baranahan kawas kumbuhan domba.
42. Jalma balener narenjo hal ieu teh barungaheun, sabalikna nu jarahat mah teu kecet-kecet.
43. Muga hal ieu dipalikiran ku nu barijaksana, muga maranehna nyaraho kana kanyaah PANGERAN nu taya kendatna.

Amsal 25:20-20
20. Ngawihan jelema nu keur nalangsa, ibarat nu hayang haneut eukeur nirisan, tapi kalah ka muka baju, jeung ibarat nguyahan raheutna.

2 Korintus 10:1-18
1. Ayeuna sim kuring, Paulus, anu dipajarkeun leuleuy ari di hareupeun aranjeun, ari geus jauh mah jadi keras, aya pamenta pribadi. Pamenta teh, demi Kristus anu sareh jeung mulya manah,
2. engke lamun urang geus pajonghok, aranjeun ulah nyieun gara-gara nepi ka sim kuring kudu keras. Sabab sim kuring moal teu keras ka anu nyangka-nyangka yen usaha sim kuring sabatur-batur teh ngarah kadunyaan.
3. Sanajan hirup teh di dunya, tapi sim kuring henteu ngarah kadunyaan.
4. Pakarang paranti sim kuring tarung lain pakarang nu aya di ieu dunya, tapi pakarang-pakarang ampuh kagungan Allah, anu ku sim kuring dipake ngagempur benteng-benteng, ngagempur alesan-alesan palsu,
5. ngaruntuhkeun tiap-tiap sipat sombong anu ngadingding ngahalangan kanyaho ka Allah, sarta nalukkeun saniskara pipikiran sangkan aranut ka Kristus.
6. Engke sanggeus aranjeun taʼat datang ka antekna, sim kuring siap geusan ngahukum sakur anu henteu daek taʼat.
7. Aranjeun biasa nilik kana rupa lahir. Kumaha di dieu aya anu ngarasa yen dirina kagungan Kristus? Pek sina mikir deui enya henteuna. Mun enya dirina kagungan Kristus, sim kuring oge kagungan Kristus saperti manehna.
8. Sim kuring, sanajan upama nepi ka agul leuwih ti misti oge ku kakawasaan ti Gusti, henteu era, da eta kakawasaan teh dipake ngadegkeun aranjeun, lain dipake ngarubuhkeun.
9. Sim kuring teu ngaharep aranjeun ngarasa disingsieunan ku surat-surat sim kuring.
10. Ceuk nu nyarita, ”Paulus dina surat-suratna mah galak jeung hebat, tapi ari geus adu hareupan jeung urang mah lembek, ucapan-ucapanana taya eusina.”
11. Jelema kitu kudu ngarti, yen Paulus dina suratna jeung Paulus dina adu hareupan jeung aranjeun taya bedana.
12. Nya teu wani ari nandingan atawa nyaruakeun maneh jeung jelema anu nganggap dirina luhur kabina-bina mah. Jelema anu ngukur maneh ku dirina sorangan, anu ngabanding-banding maneh kana darajatna sorangan, saenyana kacida bodona.
13. Sim kuring mah teu rek muji maneh liwat ti wates, tetep aya dina wawatesan anu kakurung ku papancen ti Allah, di antarana nya eta ayeuna baranggawe di aranjeun.
14. Jadi waktu sim kuring mawa Injil Kasalametan hal Kristus ka aranjeun, saenyana henteu liwat tina eta wates.
15. Jadi moal muji maneh ku hasil pagawean batur ti luareun papancen anu ditangtukeun ku Allah. Anu dipalar teh mugia aranjeun tambah kapercayaan, bari sim kuring henteu kaluar tina wates anu geus ditangtukeun ku Allah.
16. Engke oge, ari ngamashurkeun Injil Kasalametan ka tempat-tempat sejen luareun aranjeun, moal nyokot tempat anu geus digarap ku batur, da sim kuring mah teu hayang muji maneh ku beubeunangan batur.
17. Dina Kitab Suci disebutkeun, ”Jelema mun arek agul, kudu agul ku padamelan Pangeran.”
18. Sabab jelema mah meunang soteh dipuji lamun hirupna kamanah ku Pangeran, lain ku sabab pujieun ceuk pangrasana.