A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
September 17

Yesaya 25:1-12
1. Nun PANGERAN, Gusti teh Allah abdi, abdi seja ngahormat ka Gusti sareng muji jenengan Gusti. Gusti parantos midamel nu araheng. Parantos ngabuktoskeun sagala anu dipastikeun ti kapungkurna.
2. Kota-kota ku Gusti dijadikeun ruruntuhan, puri-purina dirugrugkeun. Karaton-karaton kenging musuh ngadegkeun parantos musna salalamina.
3. Bangsa-bangsa nu baredas ka Gusti bakal maruji. Kota-kota bangsa nu lalim bakal sarerabeun ku Gusti.
4. Nu sangsara, sareng nu taya daya, ka Gusti nyaluuh, laluput tina bancang pakewuh. Dipaparin enggon nyalindung tina angin topan, dipaparin pangiuhan, sangkan teu tutung ku panas. Jalma-jalma lalim teh narempuh, lir topan keur musim tiris,
5. lir panas manggang tanah keri. Nanging eta musuh-musuh teh ku Gusti parantos dibungkem. Gusti parantos ngajempekeun hahaokna jalma-jalma lalim, lir mega anu nyirepkeun panasna poe.
6. Di dieu, di Gunung Sion, PANGERAN Nu Maha Kawasa bakal ngajamu sakabeh bangsa sadunya. Sisihanana bangsa utama, anggurna nu panghadena.
7. Ti dinya Mantenna bakal ngadadak nyingkahkeun mendung kasedih anu ngauban bangsa-bangsa.
8. PANGERAN Nu Maha Agung bakal numpes ajal maot sina sirna salalawasna! Cipanon ku Mantenna bakal disusut ti unggal panon, sarta umat-Na anu hina jeung sangsara di sakuliah dunya bakal dijait. Kitu timbalan PANGERAN ku manten!
9. Lamun eta geus kajadian, saban jalma bakal ngucap, ”Mantenna teh Allah urang! Urang anu percaya ka Mantenna geus disalametkeun. Mantenna teh PANGERAN! Urang anu percaya ka Mantenna tinggal senang jeung bagja, sabab geus dirahayukeun.”
10. PANGERAN bakal nangtayungan Gunung Sion. Sabalikna urang Moab bakal diluluh, diidek cara jarami keur berak.
11. Leungeunna roroesan kawas keur ngojay, tapi ku Allah bakal dilalumpuhkeun nepi ka moal bisa nanaon.
12. Puri-puri Moab jeung kuta-kutana anu laluhur bakal dirugrugkeun rata jeung taneuh.

Yesaya 26:1-21
1. Pidatangeun hiji mangsa, sakur anu araya di nagri Yuda ngarawihkeun ieu lagu: Kota urang tohaga! Allah ku manten bentengna!
2. Buka panto-panto kota, bere asup bangsa anu satia, anu rahayatna hade lampahna.
3. Gusti maparin kasantosaan, nun PANGERAN, ka sugri nu pangger tujuanana, sarta gaduh kapercayaan ka Gusti.
4. Sing percaya ka PANGERAN salalawasna, anu nyarengan ka urang sapapanjangna.
5. Nu aradigung ku Mantenna direndahkeun, kotana nu tohaga geus ditumpurkeun, kuta-kutana tingburulu jadi lebu.
6. Diparake leumpang ku anu tadina dikaniaya, ditarincakan ku sarerea.
7. Nun PANGERAN, nu balageur ku Gusti dipangdamelkeun jalan, nya leucir nya rata.
8. Abdi sadaya seja tumut kana pangersa, sareng muntangkeun harepan. Sugri panyileukan abdi di Gusti ayana.
9. Ari wengi hate kumejot ka Gusti. Upami Gusti parantos ngahakiman ieu bumi saeusina, nembe maranehna terang naon ari adil.
10. Nu jarahat, najan ku Gusti disabaran ge tetep teu daek migarwa nu bener. Di dieu ge, di nagrina umat anu ibadah, tetep kalakuanana bakal awon, arembungeun ngaku kana kaagungan Gusti.
11. Musuh-musuh Gusti teu gaduh pangira yen ku Gusti bakal dihukum. Sina areraeun nun PANGERAN, sina sangsara, sina nandangan nyerina hukuman, anu ku Gusti parantos dipastikeun. Pintonkeun kumaha nyaahna Gusti ka umat Gusti.
12. Gusti nu bakal maparin kasantosaan ka abdi-abdi. Margi sugri anu kahontal ku abdi-abdi, sayaktosna berkah tina padamelan Gusti.
13. Nun PANGERAN, Allah abdi sadaya, abdi-abdi tadina dikawasaan ku batur. Nanging ari panutan mah mung Gusti, PANGERAN.
14. Ayeuna maranehna parantos tariwas, pamohalan harirup deui. Arwah-arwahna moal harudang deui, ku Gusti parantos ditumpes, moal aya anu ngemut-ngemut deui.
15. Bangsa abdi ku Gusti didamel jembar, nun PANGERAN, wawatesan wilayahna di unggal jihat dilegaan, jadi kamulyaan ka salira Gusti.
16. Umat Gusti ku Gusti dihukum, nanging sajeroning sangsarana, mung ka Gusti sasambatna, nun PANGERAN.
17. Abdi sadaya ku Gusti disiksa, dugi ka jejeritan sapertos awewe anu sabroleun ngajuru pinuh ku kanyeri.
18. Abdi-abdi nandangan kanyeri, nanging henteu ngalahirkeun naon-naon, ka nagri teu tiasa ngabaktikeun kaunggulan, teu tiasa ngarengsekeun naon-naon.
19. Umat Gusti anu parantos tariwas, tangtos bakal harudang deui, mayit-mayitna bakal harirup deui. Sanaos parantos sirna di jero kubur, bakal nyararing deui, lajeng maruji kalawan suka. Anu maraotna parantos lami ge tangtos ku PANGERAN dihirupkeun deui, lir ciibun anu ngagarenclang nyegeran bumi.
20. Eh umat, arasup heula maraneh ka jero imah, panto tulakan. Nyarumput heula sakeudeung, bari ngadago lelerna bendu Allah.
21. Mantenna bakal mios ti panglinggihana-Na di sawarga, kersa-Na ngahukum jalma-jalma eusi bumi ku karana dosa-dosana. Anu maraehan pasti kabitur sanajan sakumaha bunina, kitu deui bumi oge moal ngabunikeun sakur anu enggeus dipaehan.

Mazmur 107:23-32
23. Sawareh nempuh lautan ku kapal-kapal, nareangan napkahna di laut-laut.
24. Maranehna narenjo hal-hal anu dipidamel ku PANGERAN, karya mujijat Mantenna di laut-laut.
25. Mantenna nimbalan, gelebug angin ribut niup, ombak motah pagulung-gulung,
26. kapal-kapal kaampulkeun ku cai nu mumbul luhur lep neundeut tilelep jero; ku bahla nu kawas kitu, jalma-jalma kabur pangacianana
27. tingdaligdeug tingjolongjong kawas nu mabok, beak dengkak, taak sagala dayana.
28. Keur sangsara kitu, maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana.
29. Angin ribut ku Mantenna dieureunkeun, ombak dilelerkeun.
30. Maranehna atoh dumeh laut geus anteng, ku Mantenna tuluy dituyun ka palabuan anu dituju.
31. Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN anu taya kendatna, kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna.
32. Maranehna kudu ngabewarakeun kaagungan Mantenna di pakumpulan jalma-jalma sarta muji Mantenna di rengrengan pamingpin.

Amsal 25:18-19
18. Jelema anu mere katerangan palsu hal baturna, sarua matak bahlana jeung pedang, gegendir atawa jamparing lancip.
19. Muntang ka tukang jalir waktu keur nandang pakewuh, ibarat huntu ungger dipake ngegel, suku lumpuh dipake ngalengkah.

2 Korintus 1:9-15
9. asa geus prak diragragan hukum pati. Tapi kajadian kitu teh saenyana mah jadi pangeling-eling supaya sim kuring ulah dir, nya kudu ngandel ka Allah bae anu iasa ngahirupkeun deui anu geus maot.
10. Nya Mantenna anu ngaleupaskeun sim kuring tina bahya pati anu sakitu gedena teh. Ka hareupna oge tangtu Mantenna bakal mitulung deui, nya Mantenna anu ku sim kuring seja dipuntangan.
11. Sim kuring yakin yen ku paneda aranjeun keur sim kuring teh, Allah baris nyalametkeun deui sim kuring tina bahya. Ari loba anu mangnedakeun mah tangtu baris dikabulkeun, sarta Allah bakal maparinkeun kurnia-Na, nepi ka loba anu bakal muji sukur ka Mantenna, nganuhunkeun kana hal sim kuring.
12. Sim kuring agul sajeroning hate, lantaran yakin yen lampah sim kuring di ieu dunya, pangpangna dina hal duduluran jeung aranjeun, dilakonanana reujeung hate anu iklas, berkah pitulung kamurahan sarta kakawasaan Allah, lain ku karana kabijaksanaan insani.
13. Ieu anu ditulis ku sim kuring ngan hal-hal anu baris bisa kabaca jeung kaharti ku aranjeun. Ayeuna-ayeuna mah peta sim kuring teh ku aranjeun moal pati kaharti. Tapi muga-muga engke mah kaharti enya-enya, sangkan engke ari Yesus Gusti urang sumping, aranjeun bisa agul ku sim kuring cara sim kuring mikaagul aranjeun.
14. ***
15. Nya ku lantaran yakin kana hal eta nu matak bareto sim kuring gilig rek manggihan aranjeun teh, malar aranjeun ngarasa tambah-tambah bagja.