A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
September 11

Yesaya 13:1-22
1. Ieu pangandika Allah ka Yesaya putra Amos perkara nagara Babul.
2. Kelebetkeun bandera perang di pasir bulistir. Haokan para prajurit, acungkeun leungeun, tangara maju tarung ngadobrak lawang-lawang eta nagri nu kamagungan.
3. PANGERAN geus ngumpulkeun sakumna prajurit Mantenna nu warani jeung satia, seja ngadegkeun perang suci, ngahukum bangsa anu ngentabkeun manah-Na.
4. Dengekeun, gunung-gunung tinggulugur, nya seahna jalma loba, sora bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan anu geus sabilulungan. PANGERAN pupucuk perang geus tarapti nginditkeun pasukana-Na.
5. Eta bangsa-bangsa daratang ti nagri-nagri anu jarauh, ti unggal tungtung jagat. PANGERAN anu keur ngentab manah geus saged ngalebur eta nagri sakuliahna.
6. Geura tinggarerung nahan kanyeri! Wancining GUSTI geus nepi, Nu Maha Kawasa bakal gancang ngaragragkeun karuksakan.
7. Jalma-jalma bakal laleungit kawani, leungeunna ngaraplek.
8. Kabeh bakal gimir jeung diraksuk ku kanyeri, kawas kanyeri awewe anu rek ngajuru. Hatena pinuh ku kasieun, semet bisa silih pelong pada batur, ulatna karerab ku rasa wirang.
9. Wancining GUSTI meh nepi, hiji wanci anu bengis, wanci Mantenna ngencarkeun kasewot jeung bebendu nu ngentab-ngentab. Bumi ku Mantenna bakal disuwungkeun, sakur nu doraka bakal dibasmi.
10. Bentang-bentang jeung sakur nu caang-caang di langit cahayana bakal lus-les, panonpoe bakal poek wanci meletek, bulan moal cahayaan.
11. PANGERAN ngadawuh, ”Bumi ku Kami rek diruksak ku bahla, jalma-jalma nu migawe dosa bakal dihukum. Sakur anu kamagungan sina nandang kahinaan, sakur anu gumede jeung taya rasrasan bakal disiksa.
12. Bakal langka jelema nu nyesa, leuwih langka ti batan emas.
13. Upama Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa enggeus nembongkeun amarah, langit bakal ngagibrig, bumi bakal gunjang-ganjing.
14. Anu keur ngaradon numpang di Babul bakal kalabur, baralik ka nagrina masing-masing, pasalebrungan kawas uncal keur dibeberik, kawas domba euweuh nu ngangonna.
15. Nu kasusul tangtu pegat nyawana ku pedang.
16. Jaba ti geus teu walakaya teh kudu nenjo barudakna dicacag, imahna dirayah, awewe-awewena digadabah.”
17. PANGERAN ngadawuh, ”Kami rek nginditkeun urang Media sina ngarurug ka Babul. Maranehna moal kabita ku perak, moal kagoda ku emas.
18. Jamparing jeung gondewana nyabutan nyawa jalma-jalma anu ngarora. Moal karunya ka orok, moal karunya ka budak.
19. Babul karajaan pangendahna. Tapi ku Kami, PANGERAN, rek diancurkeun cara Sadumu jeung Gomora!
20. Hamo dicicingan deui. Urang Arab moal aya deui anu masang kemahna di dinya. Tukang ngangon moal aya anu ngaradon ka dinya.
21. Rek dijieun enggon sato gurun, enggon bueuk nyararayang. Ruruntukna sina dipake enggon ajret-ajretan embe leuweung jeung manuk onta.
22. Urut munara-munarana jeung puri-purina, bakal dipake enggon babaung ku ajag jeung anjing leuweung. Babul tereh euweuh! Umurna moal lila deui!”

Yesaya 14:1-32
1. PANGERAN bakal hawatoseun deui ka Israil umat-Na. Israil bakal diangken deui jadi kagungana-Na. Bakal diwidian nyaricingan deui tanahna, bareng jeung bangsa asing anu marilu hirup di dinya.
2. Loba bangsa anu bakal ngabantu urang Israil mulang ka tanahna, tanah paparin PANGERAN. Di nagrina sorangan urang Israil bakal dikaulaan ku bangsa-bangsa sejen. Anu bareto nangkep Israil bakal ditangkep ku Israil, anu bareto ka Israil nyangsara bakal diparentah ku Israil.
3. Kasangsaraan urang Israil ku PANGERAN bakal dienggeuskeun, kanyerina bakal dileungitkeun, dijait tina kerja paksana.
4. Sanggeus kitu maranehna bakal nyieun popoyokan pikeun Babul, kieu: ”Kutan raja lalim teh geus tiguling! Atuh moal bisaeun nyiksa deui!
5. Eta pangawasa-pangawasa nu jarahat, anu marentahna bari amarah, anu tara eureun-eureun nyiksa bangsa-bangsa patalukanana, kakawasaanana geus ditilas ku PANGERAN.
6. ***
7. Ayeuna jagat geus tengtrem, geus aman, jalma-jalma saruka bungah.
8. Kayu kijamuju jeung kiputri di Libanon jaligrah da eta raja geus tiguling, maranehna moal aya nu nuaran deui, da tukang nuaranana geus euweuh!
9. Dunya anu maraot geus gugupay, ngagupayan raja Babul. Arwah jalma-jalma anu keur hirupna karawasa teh bakal digiring ka dinya. Arwah raja-raja tingjuringkang tina tahta-tahtana,
10. nyaralukan ka raja Babul, ʼNah, maneh ge geus apes, teu beda ti kami, bakal ngabaturan kami.
11. Bareto geus biasa dikawihan, dipangnabeuhkeun kacapi, biasa ngamulyakeun maneh, ayeuna kudu ngagoler di dunya anu maraot, disimbut ku cacing-cacing, dikasur bilatung-bilatung.ʼ ”
12. Eh raja Babul, bentang pajar nu moncorong! Maneh enggeus ngagebut ragrag ti langit! Bareto sok nalukkeun bangsa-bangsa, ayeuna geus digejretkeun kana taneuh.
13. Bareto maneh geus ujub arek mancal langit, rek nagenkeun tahta saluhureun bentang anu pangluhurna. Geus boga pikir rek anegleng jadi raja di puncak gunung di kaler, tempat kumpul dewa- dewa.
14. Majar teh rek naek ka puncak mega, rek nyaruaan ka Nu Maha Kawasa.
15. Tapi geuning bet digebruskeun ka handap nu pangjerona, ka dunyana nu maraot!
16. Nu geus maraot ka maneh malencrong jeung nareuteup semu heran. Tuluy ngaromong, ”Kutan eta jelema anu ngoyagkeun jagat ngendagkeun karajaan-karajaan teh?
17. Baruk eta anu ngaburak-barik nagri-nagri jeung malikkeun jagat jadi gurun keusik teh? Kutan eta jelemana anu tara ngaleupaskeun sakitanana sangkan mulang teh?”
18. Urut raja-raja sejen kabeh baroga kuburan jeung aralus,
19. ari maneh mah teu boga. Bangke maneh bakal dialungkeun tuluy buruk, kaurugan ku bangke-bangke serdadu anu tariwas di pangperangan, tuluy bareng digurubagkeun kana liang cadas, kaleyek-leyek kawas bangke.
20. Mayit maneh moal aya nu nguburkeun cara raja-raja sejen, da nagri maneh geus ruksak ku maneh sorangan, rahayat maneh paraeh ku maneh keneh. Kulawarga maneh anu jarahat tea saurang ge moal aya anu salamet.
21. Geura prak peuncitan! Anak ieu raja bakal maraot nanggung dosa karuhunna, saurang ge moal aya anu kawasa di ieu jagat, moal aya anu minuhan jagat ku nyieunan kota-kota.
22. PANGERAN Nu Maha Kawasa ngadawuh, ”Babul ku Kami rek ditarajang diburak-barik. Moal disesakeun, saurang ge moal aya anu dihirupan, kaasup barudakna. Kami, PANGERAN, anu nimbalan kitu.
23. Babul rek dijieun ranca, jadi enggon bueuk. Babul ku Kami rek disapu, sagala rupana tangtu beak disapukeun. Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa anu nimbalan.”
24. PANGERAN Nu Maha Kawasa geus ikrar, ”Naon bae sakersa Kami bakal ngajadi. Putusan Kami kabeh tangtu bukti.
25. Kami rek ngabasmi urang Asur di tanah Israil kagungan Kami, sarta ngaleyek maranehna di gunung-gunung Kami. Kami rek mecat pasangan ti umat Kami anu diterapkeun ku maranehna, jeung nurunkeun momotanana.
26. Kitu pangersa Kami anu bakal tumiba ka alam dunya. Leungeun Kami geus ngangkang rek ngahukum bangsa-bangsa.”
27. PANGERAN Nu Maha Kawasa geus mastikeun kitu. Panangana-Na geus sadia baris ngahukum, moal aya nu bisa ngahalang-halang.
28. Ieu pangandika anu diembarkeunana dina taun pupusna Raja Ahas.
29. Eh urang Pelisti, panggitik anu dipake ngagitik ka maneh geus bubuk. Tapi maneh taya alesan pikeun bungah. Oray nu hiji geus paeh, tapi aya gantina nu leuwih bahaya. Aya hiji endog oray, ana megar jadi naga hiber.
30. PANGERAN bakal ngarawat umat-Na anu sangsara, ngaraksa sangkan maranehna salamet. Sabalikna maraneh, eh urang Pelisti, bakal ditarajang ku bahaya kalaparan! Maraneh saurang ge moal aya nu hirup.
31. Eh kota-kota nagri Pelisti, geura sasambat tulung-tulungan! Kabeh geura tingdaregdeg kasieunan! Aya nu ngebul meledug ti beulah kaler: Hiji balad bakal narajang ka maneh, jalma-jalmana saurang ge taya nu kecing.
32. Kudu kumaha jawaban urang ka utusan-utusan nu daratang ka urang ti Pelisti? Rek ditembal, yen PANGERAN geus nguatkeun Sion, sarta umat Mantenna anu sangsara bakal aman di dinya.

Mazmur 106:19-23
19. Di Sinai maranehna nyieun tironan anak sapi, seug arca jijieunanana teh disarembah;
20. kamulyaan Allah ku maranehna ditukeurkeun kana arca sato anu nyatuna jukut.
21. Geus lat poho ka Allah, nu jadi Jurusalametna, nu geus midamel kajadian-kajadian aheng basa di Mesir,
22. nu midamel mujijat-mujijat basa di tanah Ham, jeung mintonkeun karongkahan di basisir Laut Beureum.
23. Kitu nu matak Mantenna ngadawuh — maranehna teh rek dibasmi, kabujeng ku Musa, abdi Mantenna, nu ngadeuheus mangnedakeun pangampura, nepi ka teu tulus dibasmina teh.

Amsal 25:6-7
6. Di payuneun raja mah ulah medengkreng cetaan jelema penting.
7. Mending keneh ditawaran tempat nu leuwih utama, ti batan ditimbalan pindah ti dinya, lantaran aya jelema nu leuwih penting ti batan maneh.

2 Korintus 3:1-18
1. Kumaha caritaan sim kuring anu bieu teh aya sari-sari muji maneh? Naha sugan siga anu mikabutuh surat pujian cara batur, ti aranjeun atawa tembongkeuneun ka aranjeun?
2. Surat pujian anu dipikabutuh ku sim kuring mah nya aranjeun, katulisna dina ati, sarta bisa ditingali jeung dibaca ku sarerea.
3. Nu nyerat surat pujian anu ieu mah Kristus ku anjeun, kitu deui anu ngintunkeunana ka sim kuring. Ditulisna lain dina papan batu kawas anu ti heula, tapi dina hate manusa, sarta anu dianggo nulisna lain mangsi tapi Roh Allah anu jumeneng.
4. Bisa nyebut kitu teh lantaran sim kuring ngandel ka Allah, ku karana Kristus.
5. Saenyana sim kuring mah teu boga kasanggupan pikeun ngalakonan eta papancen ti Allah teh. Bisa soteh ngalakonan, ngan ku karana pangersa Allah keneh, nu maparin kamampuh ka sim kuring.
6. Nya Mantenna anu ngalantarankeun sim kuring sanggup jadi palayan tina perjangjian anyar, anu eusina lain hukum-hukum anu beunang nulis, tapi eusina teh nya eta Roh Gusti. Sabab hukum-hukum anu beunang nulis tea mah maehkeun, sabalikna Roh Gusti mah ngahirupkeun.
7. Hukum Agama Yahudi anu ditulisna diwangun aksara dina papan batu tea, waktu diumumkeunana dibarengan ku gumebyarna cahaya kamulyaan Allah anu tembong dina raray Musa. Sanajan eta cahaya geus mimiti surem, urang Israil teu kadarugaeun neuteup. Lamun Hukum Agama, anu eusina ngancam paeh tea waktu diumumkeunana dibarengan ku cahaya sakitu mulyana,
8. atuh komo anu meunang ngadamel Roh Gusti, cahayana tangtu leuwih mulya!
9. Lamun perjangjian anu ngancam ku hukuman geus sakitu mulyana, geus komo deui perjangjian anu tujuanana keur pisalameteun, pasti mulyana kabina-bina!
10. Dibandingkeun jeung agungna kamulyaan anu ieu mah kamulyaan anu ti heula teh kasilep.
11. Lamun hal anu umurna teu lila geus mulya, geus komo deui hal anu sipatna langgeng tangtu leuwih-leuwih mulyana!
12. Sim kuring wani nyebut kitu, lantaran ngandel kana eta hal.
13. Sim kuring moal kawas Musa anu mindingan rarayna ku cindung, supaya urang Israil henteu narenjo cahaya Pangeran anu mimiti rek leungit tina rarayna.
14. Ku sabab Musa mindingan rarayna ku cindung, nepi ka kiwari oge urang Israil mah maca eta perjangjian lawas teh teu ngarti-ngarti, da pikiran sehatna katutup ku eta cindung. Eta cindung kakara bisa disingkirkeun lamun jelema ngahiji jeung Kristus.
15. Malah ayeuna ge ana maranehanana maca Hukum Musa, pikiran sehatna angger kapindingan ku eta cindung.
16. Tapi eta cindung teh bisa diangkat, sakumaha ceuk Kitab Suci anu ngeunaan Musa: ”Waktu anjeunna malik mayun ka Pangeran, cindungna diangkat.”
17. Tah, ”Pangeran” anu disebut dina eta ayat teh nya eta Roh; di mana aya Roh Pangeran, aya kamerdekaan.
18. Ku kituna urang kabeh nyumiratkeun cahaya kamulyaan Pangeran, da beungeut urang mah henteu katutup ku eta cindung. Eta cahaya mulya anu asalna ti Pangeran, Roh tea, ngarobah kaayaan urang jadi mulya kawas Mantenna sarta beuki lila beuki mulya.