A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Agustus 30

Pengkhotbah 8:1-17
1. Ngan jelema anu lantip anu bisa ngarti kana sagala perkara. Kalantipan teh ngabearkeun parangi, ngajauhkeun camberut.
2. Estokeun timbalan raja, tapi ulah gampang-gampang ngedalkeun kaul ka Allah.
3. Raja mah sagala wenang. Anu matak urang sing jauh ti payuneunana, ulah ngadeukeutan tempat anu sakitu matak bahlana.
4. Raja mah sagala tindakanana reujeung kawasa, sakersana moal bisa dipungpang.
5. Sapanjang urang ngesto kana timbalanana tangtu salamet. Jelema anu lantip mah nyaho kumaha kuduna, jeung iraha waktuna ngalampahkeunana.
6. Sagala rupa oge dilampahkeunana teh kudu ninggang dina mangsana, keuna kana carana. Orokaya urangna, kanyaho teh ngan saeutik pisan.
7. Moal aya saurang-urang acan anu nyahoeun ka nu bakal kajadian, tur moal aya anu bisa ngabejaan.
8. Moal aya saurang-urang acan anu bisa nyandet atawa ngulur-ngulur waktu pipaeheun. Moal aya anu bisa sumingkir tina hal eta najan diakalan kumaha oge.
9. Ieu kabeh kanyahoan ku kami sajeroning mikiran kajadian-kajadian di ieu dunya. Di dunya mah geuning aya sawatara jelema anu nyarangking kawasa, ari nu sejenna sangsara ku lantaran kakawasaan maranehna.
10. Kami geus nenjo jelema-jelema jahat dikalubur, ku nu marulang tas nguburkeun teh kalah ka diparuji tur di lemburna pisan, tempat nu jarahat tea nyarieun kajahatan. Estuning mubadir!
11. Naon sababna jelema-jelema garampangeun bae nyieun kajahatan teh? Nya meureun, da kajahatan teh teu buru-buru dihukum.
12. Atuh nu jarahat teh laluasa, da migawe kajahatan ratusan kali ge salamet bae. Euh enya, aya anu ngomong kieu, ”Mun maneh sieun ku Allah tinangtu mulus rahayu.
13. Nu jahat mah moal jamuga, hirupna teh ibarat kalangkang, bakal paeh ngora-ngora, lantaran teu sieun tea ku Allah.”
14. Tapi ieu teh mustahil. Geura pek tengetan kajadian di alam dunya: Geuning sok aya jelema hade bet nandangan hukuman anu kuduna ditibankeun ka jelema anu jahat, ari anu jahatna kalah ka meunang ganjaran hancengan jelema nu hade tea. Ceuk kami ge mubadir.
15. Nu matak kami mah yakin jelema teh kudu nyenangkeun maneh, dahar, nginum, jeung nyenangkeun awak, da ngan sakitu-kituna kasenangan hirup mah. Sahenteuna, kitu-kitu bae mah meureun bisa sajeroning susah payah di alam dunya teh, sapanjang hirup paparin ti Allah ka dirina.
16. Unggal kami nyoba-nyoba hayang pinter ambeh nyaho kana kajadian-kajadian di dunya, hasilna teh kieu: Najan mikir beurang peuting,
17. angger bae teu ngarti-ngarti ka anu dipidamel ku Allah teh. Sakumaha diulikna ge taya petana kateuleuman. Nu palinter ge ngan ngakuna bae nyaho soteh, nyahoeun mah henteu.

Pengkhotbah 9:1-18
1. Nya lila nya bangga mikiran hal eta teh. Seug bae ngarasa yen polah jelema palinter jeung balener teh, kitu deui kanyaah jeung kangewana, kabeh aya dina cangkingan Allah. Taya nu bisa nyaho naon nu bakal kasanghareupan teh.
2. Saurang ge taya bedana, sarua pada keuna ku papasten anu sarua, nu jahat, nu bageur, nu hade, nu goreng, nu nyekel agama, nu henteu, nu mere kurban, nu henteu. Nu hade taya leuwihna ti nu doraka, nu ngangkat sumpah taya bedana ti nu henteu.
3. Kabeh jelema papastenna sarua. Tah nya ieu pisan nu mawa apes kana sagala kajadian di dunya teh. Sapanjang hirupna pikiran jelema teh pinuh ku rupa-rupa kadorakaan jeung paniatan anu garelo, nyaho-nyaho hos paeh ngadadak.
4. Tapi sing saha anu kaasup kana mahluk hirup, eta aya keneh harepan. Sabab mending keneh anjing hirup ti batan singa paeh.
5. Nu hirup mah nyaho yen bakal paeh. Ari nu paeh mah teu nyaho naon-naon, geus taya pangajina, geus les kapopohokeun.
6. Kanyaahna, kangewana, timburuna, kabeh kabawa paeh, moal bisa cumarita deui dina sagala anu kajadian di dunya.
7. Anu matak mending bek dahar, pek geura senang-senang, leguk inum anggurna, geura sukan-sukan, da ku Allah ge diridoan.
8. Sing senang, sing gumbira sapapanjangna.
9. Enggoning ngalakonan hirup anu mubadir teh — hirup paparin ti Allah tea — pek pake senang-senang jeung pamajikan. Poe-poe anu mubadir teh anggur pake ngabagjakeun awak, sabab ngan eta buruhna tina hese cape.
10. Naon anu dipigawe, pigawe enya-enya, da ari geus paeh mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter. Pasti kasorang eta teh engke.
11. Aya deui anu kasaksi ku kami: Di dunya mah nu tarik lumpatna ge tara salawasna meunang balap. Nu gede wawanen tara salawasna unggul tarung, anu pinter tara salawasna bisa nyiar kipayah, anu encer uteukna tara salawasna bisa beunghar, anu boga kamampuh tara salawasna meunang pangkat luhur, kawantu aya apesna masing-masing.
12. Manusa taya nu nyaho kana papastenna. Ibarat manuk anu kajiret ku tataheunan, ibarat lauk anu karungkup ku heurap, urang oge nyaho-nyaho geus kacerek ku apes.
13. Aya nu ku kami kasaksi, conto alus ngeunaan anggapan jelema kana kapinteran.
14. Aya hiji kota leutik, jelemana ge saeutik, diperangan ku hiji raja anu gagah. Eta raja geus ngepung rek ngamimitian ngagempur kuta.
15. Di dinya teh aya hiji jelema miskin, kacida pinterna. Ku kapinteranana manehna bisa nyalametkeun eta kota. Tapi manehna taya pisan anu malire.
16. Ceuk kami mah kapinteran teh ngungkulan kagagahan. Tapi kapinteran Ki Miskin teh bet taya anu malire, ucap-ucapanana taya anu ngabandungan.
17. Padahal ti batan ngadengekeun hahaokna hiji pangereh ka anu garejul, mending ngadengekeun pituah anu leuleuy ti anu pinter.
18. Sabab kapinteran teh leuwih seukeut batan gobang. Sabalikna nu doraka mah najan ngan saurang ge matak ruksak saniskara anu hade.

Pengkhotbah 10:1-20
1. Ku bangke laleur sahiji minyak seungit sabotol bau kabeh. Ku kagejulan anu teu pira, tarekah ti nu pangpinterna ge bisa gagal.
2. Jalma pinter mah sagawe-gawena teh tangtu bener. Ari jalma gejul mah gagaweanana ge teu puguh. Geus lumrahna kitu,
3. kagejulanana ku jalma saliwat ge bakal kanyahoan. Kaciri gejulna teh tina kalakuanana keneh.
4. Ari diambek ku nu kawasa, ulah terus menta eureun digawe. Ku sabar mah kasalahan gede ge sok dihampura.
5. Kami geus nyaksian hiji kateuadilan anu dilantarankeun ku para pangereh,
6. jalma bodo dibere nyekel kakawasaan, ari jalma beunghar diluli-luli.
7. Kami kungsi nenjo jalma-jalma beulian tarumpak kuda, ari pangagung laleumpang cara jalma beulian.
8. Nyieun cubluk matak tigebrus, ngabongkar tembok matak digegel oray,
9. digawe di pangalian batu matak kabentur, meulah kayu matak kagencet.
10. Kampak mintul nu tara diasah, makena ge kudu sataker tanaga. Nu matak ge samemeh prak digawe kudu dipikiran heula carana.
11. Taya gunana boga jampe ngalilindeuk oray ge ari geus kapiheulaan dipacok mah.
12. Ucap-ucapan jelema lantip nungtun kana dihormat, ari biwir anu gejul mah matak nyilakakeun dirina sorangan,
13. ari ngong ngomong ari ngaco, dina tungtungna gejulna nataku.
14. Nu gejul mah sok ngeceblek. Taya jalma anu nyaho bakal aya kajadian naon engke, jeungna deui taya anu bisa ngabejaan bakal aya kajadian naon sanggeus urang paeh.
15. Jalma anu bodona katotoloyoh nepi ka teu nyaho jalan ka imah, hirupna teh kalah ka cape.
16. Cilaka nagara, lamun rajana budak kamari, lamun para pamingpinna sapeuting jeput ngan sukan-sukan.
17. Bagja nagara, lamun rajana pageuh kana putusanana, lamun para pamingpinna dalaharna puguh dina waktuna, jeung daraek nyaleser diri sarta nyegah kana mabok.
18. Jalma anu ku kedul-kedulna nepi ka sangeuk menerkeun kenteng-kenteng acan, imahna teh bocor bae, lila-lila ambrug pisan.
19. Pesta matak gumbira, cianggur matak hegar. Tapi duanana ge ari teu ku duit mah moal kasorang.
20. Ka raja mah ulah nyawad, najan ngan diharewoskeun ge ulah. Ka nu beunghar ulah nyempad najan di pangkeng sorangan ge, bisi kadenge ku cakcak, heug bae diucah-aceh.

Mazmur 103:6-14
6. PANGERAN geus maparin kaadilan, jeung ngabela hak sakur nu dikaniaya.
7. Maksad Mantenna ku Mantenna geus diterangkeun ka Musa, padamelan-padamelana-Na geus dipintonkeun ka kaom Israil.
8. Estu PANGERAN teh welas asih, lautan kurnia, sabar adil palamarta, sarta jembar hampura-Na,
9. tara terus nyeuseul salawasna, tara terus bendu salalanggengna;
10. ngahukumna ge tara diukur-ukur kana dosa urang, tara diijir-ijir kana kadorakaan urang;
11. malah saenyana mah, sakumaha jauhna tanah ka langit, nya sakitu rosana kawelasana-Na ka sakur anu hormat ka Mantenna teh.
12. Sakumaha anggangna wetan ti kulon, nya sakitu jauhna dosa-dosa urang dijauhkeunana ti urang.
13. Sakumaha bapa nyaaheun ka anakna, PANGERAN teh nyaaheun ka sakur anu hormat ka Mantenna.
14. Mantenna uninga kana bahan asal urang, kaemut yen urang teh saukur lebu.

Amsal 24:10-12
10. Lamun maneh babari leutik hate ku kasusahan, tetela hengkerna atuh.
11. Mun maneh nenjo aya jelema digusur rek dipaehan, geuwat rebut.
12. Meureun ceuk hate maneh eta lain urusan aing. Tapi eta kereteg kitu teh ku Allah kauninga, tur bakal dibalitungkeun.

1 Korintus 10:19-33
19. Naon ieu maksud sim kuring? Rek malibir nyebutkeun yen brahala atawa susuguhna aya hartina?
20. Lain kitu! Maksud eta ucapan kieu: Kurban anu disuguhkeun dina altar umat brahala lain dihaturkeun ka Allah, tapi disuguhkeun ka roh-roh jahat. Sim kuring nyarek aranjeun ngahiji jeung roh jahat.
21. Sabab lamun aranjeun nginum tina lumur pikeun roh jahat, teu meunang nginum tina lumur Gusti; lamun aranjeun ngadahar susuguh pikeun roh jahat, teu meunang ngadahar Jamuan Gusti.
22. Kajaba ari rek mapanas ka Gusti mah! Lamun kitu, naha manusa teh leuwih kuat ti batan Anjeunna?
23. ”Urang mah kumaha ge meunang,” kitu ceuk nu ngaromong. Eta enya. Tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun teh hade. ”Kumaha ge meunang” — henteu kabeh anu dimeunangkeun bisa nulung.
24. Ulah hayang senang sorangan, ragangan hate batur.
25. Aranjeun meunang ngadahar masakan daging naon bae anu dijual di pasar, teu kudu curiga nanyakeun.
26. Sabab ceuk Kitab Suci, ”Bumi jeung sagala eusina kagungan Pangeran.”
27. Upama diondang dahar ku anu henteu saagama sarta aranjeun nedunan pangondangna, naon susuguhna dahar ulah asa-asa, ulah nanyakeun naon-naon, teu kudu curiga.
28. Tapi lamun aya anu ngaharewosan, ”Ieu masakan urut nyuguh brahala,” eta masakan ulah didahar, tanda nganuhunkeun geus dibejaan jeung demi kayakinan;
29. lain kayakinan sorangan, tapi kayakinan jelema nu ngabejaan. ”Wah,” kitu meureun ceuk salah saurang, ”kuring bebas, naha make kudu kahalangan ku kayakinan batur?
30. Ieu dahareun ku kuring geus disukurkeun ka Allah. Kuring geus muji sukur nganuhunkeun ieu rejeki ti Allah, naha make teu meunang ngadahar?”
31. Eta kieu: Urang boh dahar boh nginum, salawasna kudu reujeung maksud ngamulyakeun ka Allah.
32. Ku jalan kitu urang moal nepi ka ngalantarankeun batur labuh kana dosa, boh urang Yahudi, boh nu lain urang Yahudi, kitu deui jamaah Allah.
33. Kitu sim kuring mah, hayang ulah ngaraheutan hate batur, dina sagala rupa hal sok ngaraskeun ka nu sejen, tara hayang senang sorangan, lantaran hayang nyalametkeun maranehanana.