A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Agustus 27

Pengkhotbah 3:1-22
1. Sagala perkara di dunya aya waktuna. Naon bae anu kajadian di kolong langit boga dawuhna.
2. Aya waktuna lahir, aya waktuna maot. Aya waktuna melak, aya waktuna ngala.
3. Aya waktuna mergasa, aya waktuna nyageurkeun. Aya waktuna ngaruag, aya waktuna ngadegkeun.
4. Aya waktuna susah, aya waktuna bungah. Aya waktuna nguyung, aya waktuna igel-igelan.
5. Aya waktuna mikacinta, aya waktuna henteu mikacinta. Aya waktuna ngarangkul, aya waktuna henteu ngarangkul.
6. Aya waktuna papanggihan, aya waktuna kauculan. Aya waktuna nyimpen, aya waktuna miceun.
7. Aya waktuna ngabedahan, aya waktuna ngaput. Aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita.
8. Aya waktuna mikanyaah, aya waktuna mikangewa. Aya waktuna perang, aya waktuna kerta.
9. Meunang naon manusa tina sagala pagaweanana teh?
10. Kami nyaho, urang teh sarerea ge ditibanan kabeubeurat ku Allah.
11. Sagala hal oge ku Mantenna enggeus diatur waktuna. Urang ku Mantenna dipaparin hate panasaran hayang nyaho kana perkara nu tacan datang. Ngan orokaya urangna jadi teu sugema, da teu dikersakeun timu kana sagala pangersa Mantenna.
12. Mana ceuk kami, lampahkeuneun urang meungpeung hirup keneh teh taya deui lian ti sing senang-senang, salian ti usaha sakuat-kuat.
13. Urang dahar nginum bae kabeh, beubeunangan usaha teh pake senang-senang, da kapan eta teh rahmat ti Allah.
14. Kami nyaho, sagala rupa anu dipidamel ku Allah teh langgeng salilana, ku urang hamo bisa ditambahan atawa dikurangan. Ari Allah mana ngadamel kitu teh supaya urang boga kasieun ku Mantenna.
15. Sagala rupa anu enggeus kajadian, pon kitu anu bakal kajadian, saenyana geus aya ti tatadina. Jadi sagala anu enggeus kajadian teh ku Allah dipindo deui, dipindo deui.
16. Aya deui anu kabireungeuh ku kami, yen di kolong langit mah ari aya pangadilan jeung kaadilan teh geus tangtu aya kajahatan.
17. Ceuk kami sajeroning hate, ”Behna mah boh nu jahat boh nu bener, kabeh ku Allah baris diterapan hukum adil, sabab sagala perkara, sagala kalakuan, eta teh geus puguh waktuna.”
18. Kami yakin Allah teh seja ngadoja ka manusa, supaya manusa nyaraho yen dirina teh taya leuwihna ti sato.
19. Sabab nya manusa nya sato nasibna sarua bae. Manusa bakal paeh, sato bakal paeh, kawantu pada mahluk keneh. Jadi manusa teh teu leuwih punjul ti sato, hirupna sarua mubadirna.
20. Duanana ngajugjug ka tempat anu sahiji, asal tina lebu, marulangna deui oge kana lebu.
21. Cik, saha anu bisa mastikeun maneh yen nyawa manusa mah unggah ari nyawa sato mah turun ka jero taneuh?
22. Jadi pikeun manusa mah anu panghadena teh taya deui lian ti ngararasakeun niʼmatna beubeunangan barang gawena. Rek kumaha deui atuh? Da manusa mah taya petana nyaho bakal kumaha ari geus paeh.

Mazmur 102:12-17
12. Umur abdi lir kalangkang wanci tunggang gunung, abdi teh lir jukut garing.
13. Nanging nun PANGERAN, Gusti mah jumeneng Raja salalanggengna, jenengan Gusti tetep baris dipiemut, turunan nema turunan.
14. Gusti tangtos bijil nembongkeun kawelas ka Sion, parantos waktosna eta teh dipikawatir, nya ayeuna mangsana.
15. Eta teh sanaos parantos burak-barik, tetep dipikacinta ku sadaya abdi Gusti, sanaos eta teh kantun ruruntuk, tetep ku maranehna dipikawatir.
16. Bangsa-bangsa baris gimir ku PANGERAN, raja-raja di bumi sadayana bakal rentag ku kakawasaana-Na.
17. Lamun PANGERAN geus ngawangun deui Sion, kaagungan Mantenna bakal diebrehkeun.

Amsal 24:3-4
3. Hikmah jeung pangarti teh dasar ajegna rumah tangga.
4. Jalma nu boga kanyaho mah kamarna dieusi ku barang-barang anu aralus, marahal.

1 Korintus 8:1-13
1. Ayeuna sual susuguh pikeun brahala, anu ku aranjeun ditulis dina surat. Aya anu majar, ”Urang mah kabeh geus nyaho.” Puguh nyaho tea mah. Tapi kanyaho teh nungtun kana takabur, sabalikna ari kanyaah mah ngawangun kapribadian.
2. Anu majar geus loba kanyaho teh saenyana kanyahona can sabaraha.
3. Sabalikna jelema anu enya-enya nyaah ka Allah, tangtu ku Allah dikenal.
4. Sual ngadahar susuguh pikeun brahala, kieu: Urang terang brahala teh ngagambarkeun hal anu saenyana mah teu aya. Urang terang, Allah teh ngan hiji.
5. Memang aya anu disebut ”allah-allah”, aya nu di langit, aya nu di bumi. Malah nu disebut ”allah” jeung ”gusti” teh loba.
6. Tapi pikeun urang mah tetep Allah teh hiji, anu jumeneng Rama, anu ngajadikeun saniskara, tempat ngabaktikeun hirup urang; jeung ngan hiji Gusti, nya eta Yesus Kristus, anu jadi lantaran ayana saniskara, anu ngalantarankeun urang hirup.
7. Henteu kabeh jelema nyaho kana hal ieu. Jelema anu baretona nyembah ka brahala, nepi ka ayeuna oge masih keneh percaya susuguh anu disuguhkeun ka brahala teh ngan dahareun brahala. Jadi lamun ngadahar eta manehna ngarasa dosa. Pang kitu teh lantaran kayakinanana tacan ajeg.
8. Padahal saenyana kadaharan mah moal bisa leuwih ngaraketkeun hirup urang ka Allah. Teu ngadahar moal rugi, ngadahar moal untung.
9. Tapi omat, najan aranjeun geus nyaho yen meunang ngadahar eta, ulah matak batur anu kayakinanana tacan ajeg labuh kana dosa.
10. Kieu contona: Lamun aranjeun anu geus ”nyaraho” kana hal eta, katenjoeun ku anu imanna tacan ajeg keur dahar dina upacara di tempat brahala, bisa jadi eta jelema teh asa dicontoan nepi ka tuluy ngawani-wanikeun maneh milu ngadahar kadaharan anu geus disuguhkeun ka brahala.
11. Lamun nepi ka kitu, eta jelema, dulur urang keneh, anu oge geus disalametkeun ku karana pupusna Kristus, tangtu cilaka. Eta ”kanyaho” aranjeun teh nyilakakeun manehna.
12. Sarta ku lantaran kitu aranjeun oge jadi dosa, geus ngalantaran batur sasama Kristen labuh kana dosa jeung ngaraheutan kayakinanana anu kurang ajeg.
13. Nu matak sim kuring mah lamun nyaho aya kadaharan atawa daging anu matak ngaraheutan hate batur, atawa matak ngalantarankeun batur dosa, saumur hirup ge moal ngadahar.