A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Agustus 26

Pengkhotbah 1:1-18
1. Ieu teh sabda Ki Pandita, putra Daud, raja di Yerusalem.
2. Mubadir, mubadir, saur Ki Pandita. Hirup teh sihoreng mubadir, saniskarana mubadir.
3. Da naon atuh paedahna digawe tisusut tidungdung saumur hirup teh?
4. Turunan nu ieu datang, turunan nu itu undur, sabalikna jagat mah tetep-tumetep.
5. Bray panonpoe medal, reup panonpoe surup, keureuyeuh malik ka urutna bijil, karayap maju deui.
6. Angin nyewuk ka kidul, nyewuk ka kaler, putar-puter bulak-balik.
7. Walungan kabeh bahena ka laut, bet laut teu pinuh-pinuh. Caina malik mulang ka sirah walungan, geus kitu ka hilir deui.
8. Saniskara hal ngan matak ka cape-cape, nyaritakeunana oge cape. Panon teu seubeuh-seubeuh mireungeuh, ceuli teu weleh-weleh ngadenge.
9. Nu bareto enggeus aya engkena teh aya deui. Nu bareto geus kasorang engkena kasorang deui. Ana kitu di kolong langit mah taya perkara nu anyar.
10. Jadi lamun aya anu nyebutkeun, ”Tah ieu mah anyar,” na enya eta teh? Da geuning anu majar anyar teh ti baheula keneh ge, ti memeh urang gumelar geus aya.
11. Kana kajadian baheula-baheula hamo aya anu inget, pon kitu jaman anu masih bakal datang moal kaingetkeun ku anu harirupna sabada jaman eta.
12. Kami, Ahli Pikir, raja nu nyangking Israil di Yerusalem.
13. Kami geus gilig seja nguji jeung nalungtik sagala anu enggeus kajadian di kolong langit. Manusa mah ku Allah geus dikersakeun kudu nyorang hese cape.
14. Kami geus nyukcruk saniskara anu geus dipigawe di alam dunya. Bet geuning kabeh ge mubadir, kawas ngajaring angin.
15. Anu bingkeng taya anu bisa ngalelempeng, anu teu aya euweuh anu bisa milang.
16. Ceuk hate, ”Aing teh nya agung nya pinter, leuwih ti nu sejen-sejen anu geus ti hareula jenengna raja di Israil, beunghar ku hikmah pinuh ku pangaweruh.”
17. Tuluy gilig seja nalungtik naon bedana kapinteran jeung kabodoan, bedana hikmah jeung kagejulan. Anu kapanggih ku kami: Ieu oge taya bedana ti ngajaring angin.
18. Horeng jelema mah beuki pinter teh beuki loba kasalempang, beuki loba kanyaho beuki loba kahariwang.

Pengkhotbah 2:1-26
1. Ceuk hate, ”Cing rek ngajaran senang-senang, hayang nyaho kumaha genahna ari kasenangan teh.” Horeng eta ge mubadir.
2. Hal seuri geus kanyahoan gejulna, pon kitu kabungahan ge keur urang taya hadena.
3. Kami nguji diri, ngajaran nyenangkeun awak ku nginum anggur, tapi tetep bari diaping ku akal budi. Seug bae nyaho caraning anu panghadena lampahkeuneun manusa di alam dunya, enggoning hirupna anu ngan sakolebatan.
4. Kami geus nyieun pagawean anu rohaka, ngadegkeun gedong-gedong, nyieunan kebon anggur mani lalega,
5. melakan pakebonan jeung patamanan ku sawarnaning tangkal bubuahan,
6. jeung nyieun solokan-solokan pikeun nyaianana.
7. Tuluy meulian badega awewe lalaki mangpirang-pirang, malah katambahan deui ku anak-anakna anu dijarurukeunana di imah kami. Ingon-ingon ge sapi jeung domba kacida lobana. Dibandingkeun jeung saha bae oge anu kungsi hirup di Yerusalem, pangaboga kami teh ngungkulan batur.
8. Perak jeung emas di kami mani geus ngunung-ngunung, beunang ngumpulkeun tina kakayaan karajaan anu digeugeuh ku kami. Juru-juru kawih awewe lalaki purah ngabeberah hate teu kurang-kurang, geus puguh ari selir mah mangpirang-pirang.
9. Tetela kami teh mulya, tur leuwih punjul ti saha bae anu kungsi hirup di Yerusalem, da pinter tea.
10. Sagala kahayang kasorang, sagala karesep kaanteur. Hate sugema ku sagala beubeunangan teh, asa jadi ganjaran.
11. Seug sagala hasil pagawean teh dilenyepan, sagala hese capena dirarasakeun deui. Bet kapikir sihoreng taya hartina, euweuh pisan paedahna, kawas ngajaring angin.
12. Turug-turug kapikir yen beubeunangan hiji raja moal leuwih ti beubeunangan raja anu saheulaeunana. Seug bae mikiran kumaha jelema nu pinter, kumaha nu bodo atawa gejul.
13. Ih geuning: ”Kapinteran mah leuwih punjul ti batan kagejulan, sakumaha caang leuwih punjul ti batan poek.
14. Nu pinter mah awas kana pilampaheun, sabalikna nu gejul mah poekeun.” Tapi kami maphum yen mungguh papasten mah unggal jelema ge sarua.
15. Nu matak ceuk hate, ”Anu karandapan ku nu gejul, ku aing ge kaalaman. Ana kitu, naon untungna atuh aing sakieu pinterna teh?” Dijawab ku sorangan keneh, ”Mubadir, taya paedahna!”
16. Ka nu pinter moal aya anu terus nginget-nginget, ka nu gejul pon kitu keneh, kabeh ge bakal pada kapopohokeun. Boh nu pinter boh nu bodo, kabeh oge bakal paraeh.
17. Mana kami mah geuleuh kana hirup teh, da atuh anu karandapan teh ngan susah jeung susah bae. Mubadir kabeh, kawas ngajaring angin.
18. Geuleuh kami mah kana sagala hasil pagawean beunang kami tisusut tidungdung teh, da bakal kacangking ku batur anu jadi gaganti kami engke.
19. Turug-turug saha anu nyaho, naha pijelemaeunana teh nu bijaksana atawa nu gejul. Nu geus puguh mah beubeunangan tina hasil kabijaksanaan kami di alam dunya teh bakal beunang ku manehna. Mubadir deui bae.
20. Ngingetkeun ka dinyana mah buntu wae harepan kana sagala hasil usaha beunang soson-soson di alam dunya teh.
21. Da geuning beunang perih itikurih bari ngetrukkeun kapinteran katut pangaweruh jeung pangabisa teh tungtungna mah kop ku batur, anu sama sakali teu milu dina hese capena. Nya mubadir nya salah!
22. Naon mangpaʼatna atuh digawe ngadukduk saumur hirup bari pinuh ku kasalempang teh?
23. Beunang digawe saumur hirup teh hasilna mah ngan kajuwet jeung kahanjeluan, nepi ka ti peuting ge pikiran teh teu weleh ngabarungsinang. Estu mubadir!
24. Anu matak jelema mah panghadena teh geus bae nyatu nginum, beubeunangan usaha teh pake senang-senang. Tapi papadaning kitu ge kami eling, yen sanajan rejeki ge asalna mah ti Allah keneh.
25. Cik, saha jelemana anu bisa lubak-libuk ku dahareun atawa bisa senang-senang, lamun henteu direjekian ku Mantenna?
26. Kapan boh hikmah jeung pangaweruh, boh kasenangan, dipaparinkeunana ku Allah teh ka jelema anu dipikaseneng ku Mantenna. Tapi ari nu baroga dosa mah ku Mantenna disina digarawe nareangan rejeki jeung ngumpulkeun hasilna baris diserenkeun ka jalma anu ku Mantenna dipikaseneng. Jadi eta kabeh ge mubadir, kawas ngudag angin.

Mazmur 102:1-11
1. Doa ti nu keur lara, keur teu daya teu upaya, anu ngucutkeun eusi hatena ka PANGERAN.
2. Nun PANGERAN, mugi dangukeun panyambat abdi, jerit abdi neneda pitulung mugia dongkap ka Gusti;
3. mugi Gusti ulah ngalieus, nalika abdi keur sangsara, dangukeun nun Gusti, abdi jumerit, mugi Gusti kersa enggal ngawaler.
4. Margi umur abdi teh musna lir haseup, sungsum balung asa panas lir diduruk,
5. awak laleuleus lir jukut garing teu hayang neda-neda acan.
6. Abdi mung tiasa udah-aduh, awak ngajangjawing, kantun kulit sareng tulang.
7. Abdi lir manuk di gurun keusik, lir bueuk di ruruntuhan sepi.
8. Ngagoler teu daek sare, kawas manuk nyorangan di suhunan imah.
9. Sadidinten hantem bae dicacampah ku musuh, ngaran abdi dijarieun panyumpahan ku sugri nu mikaijid.
10. Tedaeun abdi sanes sangu nanging lebu, inumeun pacampur sareng cipanon,
11. da ku Gusti sakitu dibenduanana sareng disiksana, dugi ka dijeuwang lajeng digejretkeun pisan.

Amsal 24:1-2
1. Ulah sirik ka nu jahat, jeung ulah hayang nyobat,
2. da itikadna teh ngan arek nyusahkeun bae, saucap-ucapna matak cilaka batur.

1 Korintus 7:20-40
20. Sing tetep-tetep hirup sakumaha waktu mimiti meunang panyaur Allah.
21. Lamun keur waktu disaur keur jadi abdi, teu kudu jadi pikiran. Ngan lamun aya kasempetan bebas, eta kasempetan gunakeun.
22. Sabab hiji abdi anu geus disaur ku Gusti, tanda yen jelema bebas kagungan Gusti. Kitu keneh jelema bebas anu geus disaur ku Kristus, dirina teh abdi Anjeunna.
23. Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh mahal, anu matak ulah jadi abdina sasama manusa.
24. Kitu dulur-dulur, sing tetep-tetep aya di Allah sakumaha kaayaan waktu disaur ku Mantenna.
25. Ayeuna sual nu tacan karawin. Tina sual ieu sim kuring teu meunang pituduh naon-naon ti Gusti. Tapi ku karana rahmat Gusti, sim kuring bisa bae dipercaya, rek mere nasehat.
26. Ngingetkeun ayeuna teh jaman susah, ceuk pangrasa sim kuring mah nu tacan karawin teh mending tetep lalagasan.
27. Geus kawin? Ulah pepegatan. Can kawin? Tong hayang boga pamajikan.
28. Tapi kawin oge teu naon-naon, henteu dosa. Awewe ge nya kitu keneh, anu tadina lengoh tuluy kawin teu naon-naon, henteu dosa. Ngan kawin teh loba karepot, unggal poe loba uruseun. Karunya sim kuring mah, hayang aranjeun ulah boga karidu.
29. Kieu sababna: Ieu jaman teh geus cueut. Jadi ti ayeuna keneh anu geus baroga pamajikan kudu cara nu teu boga;
30. anu ceurik ulah kaciri nalangsa, anu seuri ulah kaciri meunang kabungah, anu barangbeuli ulah asa geus boga naon-naon,
31. anu icikibung dina pausahaan ulah siga aya patalina jeung eta. Sabab dunya ieu dina kaayaanana kiwari, umurna moal lila deui.
32. Kahayang sim kuring aranjeun ulah aya karidu naon-naon. Lalaki anu teu kawin tangtu bisa museurkeun pikiran kana hal-hal anu tumali jeung Gusti, pikeun nyenangkeun manah-Na.
33. Ari geus rumah tangga mah tangtu teu kaur kitu balas ngurus rumah tangga, malar pamajikanana senangeun hatena;
34. pikiranana jadi ngarancabang. Awewe anu teu kawin atawa parawan, bisa laluasa ngawulakeun diri ka Gusti, ngabaktikeun jiwa ragana. Ari boga salaki mah tangtu moal kaur kitu, repot ku urusan rumah tanggana, malar kapake ku salakina.
35. Nganasehatan soteh hayang ngentengkeun. Lain ngalarang kitu ngalarang kieu, hayang memener hirup aranjeun, supaya aranjeun bisa museurkeun pikiran ka Gusti.
36. Lamun aya lalaki anu mutuskeun moal tulus kawin padahal eukeur tunangan, kieu: Lamun eta lalaki ngarasa putusanana kitu teh ngaraheutan hate kakasihna, tur manehna ge geus teu kuat hayang kawin, ngarasa wajib ngawin kakasihna, kawin bae. Eta lain dosa.
37. Tapi lamun putusan hatena moal kawin teh lain putusan kapaksa sarta bener henteu kawin, memang kitu hadena, asal kuat.
38. Cindekna, lalaki anu kawin teh alus, tapi anu henteu kawin leuwih alus.
39. Awewe anu kawin katalian ku salakina sapanjang salakina hirup keneh. Meunang engke kawin deui ka lalaki kasukana, lamun salakina geus maot, tapi kudu ka urang Kristen keneh.
40. Tapi bakal leuwih bagja lamun manehna tetep lelengohan. Kitu pangrasa sim kuring, anu ceuk rarasaan mah meunang ngalelempeng Roh Allah.