Instagram
English
A A A A A
Ayub 39:1-30
1. Nyaho maneh kana waktuna embe cadas anakan? Enggeus maneh nyaksian uncal jarah ngajuru?
2. Bisa maneh ngitung bulanna nepi ka jejeg waktuna anakan?
3. Nyaho maneh keur ngaheujeunna, nepi ka borosot anakna bijil ka alam dunya?
4. Anakna ngagaledean di pileuweungan, geus galede marisahkeun maneh ninggalkeun indungna.
5. Ku saha diaburna kalde jarah? Ku saha diumbarna sina ngencar bebas lepas?
6. Minangka kandangna ku Kami disadiaan gurun keusik, sina ngumbar maneh di daerah nu pangset taneuhna.
7. Hirupna jauh ti kota-kota, ti nu garandeng, moal aya nu bisa ngadalian bari seug digawekeun.
8. Nyatuanana di sampalan pagunungan, sakarep-karep milihan dangdaunan nu harejo.
9. Daekeun banteng mun ku maneh digawekeun, atawa ari ti peuting dikandangan?
10. Bisa ku maneh dikaluhan sina narik wuluku, atawa sina ngagusur garu di sawah?
11. Bisa maneh make tanaga rongkahna sina nalangan ngagawekeun anu bareurat?
12. Dina usum panen, na bisa ku maneh sina ngakutan pare, atawa sina ngumpulkeun gabah ti pangirikan?
13. Manuk onta kikiplikna mah gancang naker, tapi euweuh manuk onta anu cara bango bisa hiber.
14. Ana ngendog, endogna diantep ngagaloler dina taneuh, sina kahaneutan ku ngelekebna hawa tina taneuh.
15. Teu boga pisan kamelang bisi endogna katincak, atawa kaidek ku sasatoan,
16. kawas lain ka endogna bae, mangsa bodo masing usahana percumah oge.
17. Dihaja ku Kami sina sakitu bodona, teu dibere temah wadi.
18. Tapi ana enggeus lumpat, kuda balap katut jokina ge ku eta diseungseurikeun.
19. Naha beunang maneh, Ayub, nu matak kuda sakitu gagahna? Naha maneh anu ngararangkenan beuheungna ku susuri mani ngerab?
20. Na ku maneh pangna eta bisa ngajleng kawas simeut, jeung ana sesegor matak sawan?
21. Cokorna mani kekeduk nyakaran taneuh, bisa nyemprung muru medan perang, daweung teuneung ulat gagah.
22. Sepi karisi euweuh kasieun, cadu mundur, teu rempan ku congo pedang.
23. Pakarang pahlawan nu tarumpakna tinggalenjreng disarada, tinggurilap katojo sang surya.
24. Mun ngadenge teretetna sora tarompet, bangun geus teu betah cicing, awakna ngagidir bangun nguntup hayang geura prung.
25. Saban teretet tarompet, seug bebenger, samemeh der perang campuh, hawana geus kaambeueun. Ceulina rancung, resepeun ngadenge sosoakna para panglima paparentah.
26. Ari manuk heulang, na ku maneh diwarahna hiber, sina meberkeun jangjangna ana eukeur nyuruwuk ka kidul?
27. Kitu deui rajawali, na kudu ngadenge parentah maneh heula, sangkan nyayangna di gunung anu laluhur?
28. Kapan nyayangna teh dina sela-sela cadas pangluhurna, lebah penglutna anu lancip tur netek.
29. Ti lebah dinya matana gular-giler, ngawas-ngawas neangan mamangsan geusan hakaneun.
30. Ana manggih bangke rob dironom, anak-anakna nyarerotan getih.

Ayub 40:1-24
1. Ayub, maneh nangtang ka Allah Nu Maha Kawasa. Bisa maneh ngajawab pananya-pananya Kami, atawa rek taluk?”
2. ***
3. ”Rumaos, nun Gusti, omongan abdi sapertos omongan jelema burung. Kumaha abdi nya kedah ngawangsul? Abdi moal nyanggem nanaon deui,
4. ***
5. parantos seueur teuing abdi nyanggem teh.”
6. PANGERAN ngadawuh deui, ti jero angin ribut.
7. ”Geura cengkat masing cangker, sakumaha layakna lalaki. Jawab pertanyaan Kami.
8. Maneh teh rek ngabuktikeun yen Kami teu adil? Rek nyalahkeun Kami, terus ngabenerkeun diri sorangan?
9. Maneh teh naha sarua rongkah kawas Kami? Bisa sora maneh ngageleger kawas sora Kami?
10. Lamun bisa hempek atuh, Kami hayang neuleu daweungna, hayang nenjo dangongna, siga kumaha gandangna, siga kumaha agungna.
11. Pek ka ditu tatandang hareupeun nu galede hulu, coba hinakeun ku maneh, budalkeun amarah ka darinya.
12. Coba perong sina ngeluk tingpurungkut, terus leyek tah nu jarahat teh,
13. nepi ka marubuy kana taneuh, nyalalusruk ka enggon anu paraeh.
14. Lamun sanggup, pasti ku Kami dipuji, meureun Kami ngaku yen maneh teh pinunjul.
15. Coba awas-awas kuda Nil, boh eta boh maneh, nya Kami anu nyieunna. Ari nyatuna mah jukut, teu beda ti sapi.
16. Tapi awakna bedasna kabina-bina, urat-uratna laliat.
17. Ana buntutna centang, mani nanjeur jeg kai kiputri, urat pingpingna pating berehil.
18. Balung-balungna tarareuas jeg tambaga, babajegna jeg ruji-ruji beusi.
19. Di antara mahluk-mahluk Kami, ngan eta anu pohara matak helokna. Elehna ngan ku Anu nyiptakeunana.
20. Jukut piparabeunana, sasat disodoran ti gunung-gunung, tempat pangulinan sato galak.
21. Gupakna handapeun tatangkalan anu carucukan, sok nyelegon dina dapuran kaso di sisi rawa,
22. diiuh-iuh ku tatangkalan nu carucukan jeung tangkal bidara, anu rajeg sisi walungan.
23. Najan walungan ngocorna tarik teu inggiseun. Cai neumbagan bangusna ge, anteng-anteng bae.
24. Saha nu bisa nyolok matana nepi ka lolong sangkan eta bisa kagusur? Saha nu bisa ngabarengkos bangusna?

Mazmur 101:1-4
1. Jabur Daud. Ieu lagu abdi, ngeunaan kasatiaan sareng kaadilan, bade dinyanyikeun ka Gusti, nun PANGERAN.
2. Abdi seja milampah kalakuan nu taya cawadeunana. Iraha Gusti bade rawuh ka abdi? Abdi di rorompok sumeja ngalakonan hirup beresih,
3. bade nebihan lampah nirca, ngabaidkeun laku lampah nu malurtad ti Allah, narah biluk ka nu karitu.
4. Moal serong hate, moal miluan kana lampah doraka.

Amsal 23:29-30
29. Tembongkeun ka Bapa jalma anu loba teuing nginum inuman keras da hayang ngumbar panglamunan. Ku Bapa rek ditembongkeun kaayaanana anu cilaka jeung nyiksa maneh, salilana ngan nyusahkeun bari humandeuar. Matana beureum getih, awakna aleumeur, tur padahal kituna teh bisa disingkiran ku dirina.
30. ***

1 Korintus 6:1-20
1. Lamun aya urang Kristen cekcok jeung urang Kristen deui, naha make kudu diadukeun ka hakim anu lain umat Allah, lain sina diuruskeun ku sasama umat Allah?
2. Naha tacan tarerang umat Allah bakal nimbang perkara ieu dunya? Ku sabab bakal nimbang perkara ieu dunya, naha make teu sanggup nguruskeun perkara-perkara anu teu pira?
3. Naha tacan tarerang urang engke bakal nimbang perkara malaikat-malaikat? Komo deui tangtu bisa nguruskeun perkara-perkara dina kahirupan sapopoe.
4. Upama aya perkara-perkara saperti kitu, naha make sina diuruskeun ku jelema anu sama sakali teu aya patalina jeung jamaah?
5. Ngerakeun! Sahenteuna di aranjeun tangtu aya saurang-urangeun anu bijaksana, anu bisa ngabeberes pacekcokan antara sasama Kristen!
6. Ulah sabalikna, urang Kristen ngadakwa urang Kristen deui ka pihak nu lain Kristen!
7. Cekcok jeung papada aranjeun keneh ge geus nyirikeun yen aranjeun gagal. Lain leuwih hade aranjeun sorangan anu disalahkeun atawa anu dirugikeun ku batur?
8. Sabalikna, aranjeun malah silih salahkeun sarta silih rugikeun jeung pada batur, malah jeung dulur-dulur sorangan!
9. Sageuy aranjeun tacan tarerang, jelema jahat moal bisa jadi umat Karajaan Allah. Ulah ngabobodo maneh. Jelema anu ingkar tina susila, atawa anu nyembah ka brahala, atawa anu jinah, atawa lalaki sapatemon jeung lalaki deui,
10. atawa anu maling, atawa anu hawek, atawa bangsat — moal jadi umat Karajaan Allah.
11. Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa, geus jaradi kagungan Allah, geus diangken bener ku Allah, lantaran percaya ka Gusti Yesus Kristus, jeung ku karana kakawasaan Roh Allah urang.
12. Aya anu ngomong, ”Kuring rek kitu rek kieu ge meunang.” Memang, tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun aya mangpaʼatna. Sim kuring oge bisa ngomong kitu, rek kitu rek kieu meunang, tapi sim kuring mah embung dibudakkeun ku naon oge.
13. Aya anu ngomong, ”Dahareun keur eusi beuteung, beuteung eusianeun dahareun.” Bener, tapi duanana ku Allah bakal dieuweuhkeun. Raga lain pikeun sapatemon anu ingkar tina susila, tapi pikeun ngalalayanan Gusti, Gusti anu miara raga urang.
14. Allah geus ngahirupkeun deui Gusti tina maot, kakawasaana-Na bakal ngahirupkeun urang oge.
15. Aranjeun tarerang, raga urang teh jadi bagian anggahota tina salira Kristus. Wenang sim kuring make salah sahiji anggahota salira-Na, dipake sapatemon jeung awewe palacuran? Paliyas!
16. Atawa bisi aranjeun tacan tarerang, lalaki anu sapatemon jeung awewe palacuran teh badanna jadi hiji jeung awewena. Hal ieu eces diterangkeunana dina Kitab Suci, ”Duanana jadi sadaging.”
17. Tapi saha-saha anu nyatunggalkeun diri ka Gusti, rohna jeung Roh Anjeunna jadi ngahiji.
18. Pahing lacur! Dosa-dosa sejen anu dipigawe ku jelema, dosana ka nu aya di luareun ragana sorangan. Tapi dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan.
19. Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah.
20. Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh, dibayarna lunas, anu matak raga aranjeun kudu dipake ngamulyakeun Allah.