A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Agustus 2

Ester 5:1-14
1. Sanggeus saum tilu poe, Ester dangdos ku anggoan karatuan, tuluy ngadeg di latar padaleman, mayun ka kamar singgasana. Kaleresan raja keur linggih dina korsi karajaan, mayun ka lawang.
2. Barang ningali aya Ratu Ester ngadeg di buruan, anjeunna teu werat nampik, lajeng nyodorkeun teteken emas. Enggal Ester nyaketan, ceg nyepeng kana congo teteken.
3. Raja mariksa, ”Aya pikersaeun naon enung, Ratu Ester? Saurkeun bae aya pamundut mah. Tangtos dikabul najan mundut sabeulah karajaan oge.”
4. Ester ngawaler, ”Manawi sapuk ing panggalih, abdi gusti nyembahkeun panuhun, mugi Kangjeng Raja miwah Juragan Haman engke wengi kersa linggih tuang leueut, kenging abdi gusti nyayagikeun.”
5. Sang raja geuwat nimbalan nyaur Haman sina gancang-gancang sumping, bade dicandak linggih ka Ester. Bral raja jeung Haman arangkat nedunan pangangkir Ester.
6. Bari ngaleueut anggur, raja mariksa ka Ester, timbalanana, ”Mangga saurkeun, naon nya pamundut tangtos dikabul. Naon nya kahoyong tangtos buktos. Palay sabeulah karajaan oge teu aya wagelanana.”
7. Ester ngawaler,
8. ”Manawi Kangjeng Raja kersa ngabulkeun panuhun, mugi enjing kersa linggih deui sareng Juragan Haman tuang leueut nu bade disayagikeun ku abdi gusti. Menggahing panuhun abdi enjing bade diunjukkeunana.”
9. Samulihna Haman tina tuang, pohara ngaraos bagjana, hegar manah. Tapi ana ret ningali Mordekai anu keur aya di lawang karaton, turug-turug taya pisan riuk-riukna hormat waktu anjeunna ngalangkung, nyel bae bendu.
10. Tapi nyabar-nyabar anjeun bae, terus mulih ka bumi. Sasumpingna tuluy nyaur rerencanganana ka bumi. Seres oge, garwana disaur dicandak ngariung.
11. Gorolang sasauran muji anjeun, nyaurkeun sakumaha beungharna, sakumaha gereyekna putra-putra, sakumaha dijungjungna ku raja nepi ka dibere pangkat nu mulya, sakumaha pentingna anjeunna, leuwih punjul ti batan pajabat-pajabat raja sejenna.
12. Jeung kieu deui saurna, ”Malah bieu mah tas diondang tuang ku Ratu Ester. Ngan kaula bae jeung raja nu diondang teh. Isukan ge diangkir deui.
13. Tapi ana geus nenjo si Mordekai, si Yahudi, diuk di lawang karaton, les bae eta kabagjaan teh leungit, asa taya hartina.”
14. Ari walon garwa jeung rerencanganana, ”Atuh miwarang bae ngadamel panggantungan anu luhurna dua puluh dua meter. Enjing unjukkeun ka raja. Gantung eta si Mordekai teh. Parantos kitu mah angkat kana pangangkir tangtos kalayan senang.” Ku pangraos Haman, eta usul kacida hadena, tuluy bae ngadamel panggantungan.

Ester 6:1-14
1. Dina peutingna raja teu iasa kulem. Seug miwarang dipangaoskeun kitab babad karajaan.
2. Pareng mendak laporan hal Mordekai ngalaporkeun anu rek nelasan raja, anu diniatan ku Bigtan jeung Teres, dua mantri purah jaga lawang kamar raja tea.
3. Raja mariksa, ”Naon ganjaran ka Mordekai kana jasana?” Wangsul abdi-abdi, ”Sumuhun, teu diganjar naon-naon.”
4. Raja mariksa, ”Saha pagawe kami anu ayeuna aya di karaton?” Kabeneran harita Haman sumping rek unjukan perkara rek ngagantung Mordekai tea, tur panggantunganana geus sadia.
5. Atuh wangsul abdi-abdi teh, ”Sumuhun Juragan Haman, nuju ngantos timbalan.” Timbalan raja, ”Sina asup.”
6. Haman lebet, raja mariksa, ”Aya jelema anu ku kami wajib dibere nugraha, rek dijungjung sina dihormat-hormat luar biasa. Cik, kudu kumaha alusna?” Haman ngagerentes manahna, ”Naha saha deui anu pantes dibere nugraha sakitu agungna? Tangtu aing.”
7. Anu matak ngawalerna teh, ”Kedah dianteuran anggoan karajaan anu sok dianggo ku Raja, sareng kuda kagungan Raja anu dipapaesan ku lambang-lambang karajaan.
8. ***
9. Sina dangdos ku anggoan karajaan, didangdosanana ku hiji menak nu pangagungna, tumpakkeun kana kuda lajeng arak ngurilingan alun-alun nagara. Ti heulaeunana kedah aya menak anu ceceluk, ’Kieu diagung-agungna, jalma anu ku raja dipaparin nugraha!’ ”
10. Timbalan raja ka Haman, ”Geuwat atuh eta anggoan kitu deui kudana cokot, anteurkeun ku maneh. Ieu nugraha bikeun ka Mordekai, urang Yahudi tea. Sakur anu bieu ku maneh ditataan, lampahkeun kabeh ku maneh, ulah aya nu kaliwat. Tepungan jelemana di gapura karaton.”
11. Tuluy Haman nyandak anggoan karajaan jeung kuda. Mordekai ku anjeunna didangdosan anggoan karajaan, terus tumpak kuda, diarak ngurilingan alun-alun nagara. Haman ceceluk heulaeun arak-arakan, ”Kieu diagung-agungna, jalma anu ku raja dipaparin nugraha!”
12. Sabadana, Mordekai mah balik deui ka gapura karaton, ari Haman gura-giru mulih ka bumi, bari meungpeunan pameunteu awahing ku ngaraos wirang.
13. Pok wawartos ka garwa jeung rerencanganana. Ari ceuk garwa jeung rerencanganana anu palinter tea, ”Atuh anjeun ngawitan eleh ku Mordekai. Urang Yahudi manehna teh, sarta anjeun moal bisa ngelehkeun. Pasti manehna malah anu ngelehkeun anjeun.”
14. Sabot keur salasauran kitu, daratang gandek-gandek karaton bangun gura-giru, mapag Haman kana pangangkir Ester.

Mazmur 90:1-6
1. Paneda Musa, abdi Allah. Nun PANGERAN, Gusti teh salamina jadi panyalindungan abdi sadaya.
2. Memeh Gusti ngajadikeun gunung-gunung, memeh bumi sareng alam dunya ku Gusti dicipta, Gusti parantos jumeneng Allah nu langgeng sareng baris teras jumeneng salalanggengna.
3. Gusti ngedahkeun manusa mulang ka asal, ku Gusti dijadikeun deui lebu.
4. Kangge Gusti mah sarebu taun sami sareng sadinten, saumur dinten kamari anu parantos liwat, lir hiji saʼat anu pondok wanci wengi.
5. Umur jalmi ku Gusti disina nyeot lir palid ku caah, teu langkung panjang ti saimpian. Sapertos jujukutan, enjing-enjing marentik,
6. jaradi sareng karembangan, sorena gararing teras paraeh.

Amsal 22:9-9
9. Kudu berehan, kudu daek mere dahar ka nu kokoro, tangtu baris meunang berkah.

Roma 4:1-25
1. Kumaha ayeuna anggapan urang ngeunaan Ibrahim? Naon anu kaalaman ku anjeunna?
2. Upama anjeunna kamanah ku Allah ku sabab lampahna nu hade, pantes mun anjeunna agul. Tapi anjeunna di payuneun Allah henteu agul.
3. Kitab Suci nyebutkeun, ”Ibrahim percaya ka Allah, sarta ku karana kapercayaanana anjeunna ku Allah diangken jelema bener.”
4. Jelema anu digawe meunang upah, eta upahna teh lain hadiah, tapi hakna.
5. Tapi supaya jelema bisa diangken ku Allah mah lain gumantung kumaha gawe lampahna; gumantungna teh kana rasa percayana ka Allah, anu geus nganyatakeun yen jelema bisa diangken bener sarta dibebaskeun tina kasalahanana, lamun percaya ka Mantenna.
6. Kitu pamendak Daud oge basa anjeunna nyaurkeun bagjana jelema anu geus diangken bener ku Allah sarta kasalahanana henteu diemut-emut deui. Kieu saurna,
7. ”Bagja jelema anu geus dihampura kasalahanana, anu geus dileungitkeun dosa-dosana.
8. Bagja jelema anu dosa-dosana ku Allah henteu dibalitungkeun!”
9. Naha eta kabagjaan anu disaurkeun ku Daud teh ngan pikeun jelema-jelema anu disunat bae? Henteu. Pikeun anu teu disunat oge kitu. Sim kuring nyutat ungel Kitab Suci anu kieu, ”Ibrahim percaya ka Allah, sarta ku karana kapercayaanana ku Allah diangken jelema bener.”
10. Iraha hal eta kajadianana? Naha sanggeusna Ibrahim disunat atawa samemehna? Kapan samemehna, lain sanggeusna.
11. Disunatna ti harita lila deui, sarta sunatna ngan pikeun jadi tanda yen anjeunna ti samemeh disunat oge ku Allah geus diangken bener lantaran percaya. Ku sabab kitu sacara rohani mah Ibrahim jadi bapa jelema-jelema anu teu disunat tapi diangken bener ku Allah lantaran percaya.
12. Anjeunna jadi bapa jelema-jelema anu disunat ongkoh, nya eta jelema-jelema anu kajaba ti disunat teh bari jeung percaya ka Allah, sakumaha lampah hirupna Ibrahim bapa urang samemeh disunat.
13. Allah jangji ka Ibrahim, yen ieu dunya bakal dimilikkeun ka anjeunna jeung ka turunanana. Mantenna maparin jangji kitu teh lain ku sabab Ibrahim ngalakonan Hukum Agama Yahudi, tapi ku sabab diangken bener lantaran percaya ka Mantenna.
14. Sabab lamun jangji Allah ngan pikeun anu ngajaralankeun Hukum Agama Yahudi bae mah atuh taya paedahna percaya ka Allah teh, sarta jangji Allah tea oge kosong!
15. Hukum Agama Yahudi teh jadi lantaran Allah bendu. Tapi moal aya palanggaran lamun papagonna teu aya.
16. Jadi Allah maparin jangji teh ku sabab Ibrahim percaya ka Mantenna. Eta jangji teh nanggung yen anu dijangjikeunana pasti dilaksanakeun, nya eta kurnia pikeun sakabeh turunan Ibrahim. Lain pikeun anu tuhu kana Hukum Agama Yahudi bae, tapi oge pikeun anu percaya ka Allah sakumaha Ibrahim oge percaya ka Allah. Sabab Ibrahim teh bapa rohani urang sarerea.
17. Sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, ”Maneh ku Kami geus dijadikeun bapa pirang-pirang bangsa.” Kitu jangji Allah ka Ibrahim, anu percaya yen Allah iasa ngahirupkeun nu geus maot, anu pangandika-Na iasa ngajadikeun nu can aya jadi aya.
18. Ibrahim percaya sarta teu weleh ngarep-ngarep, sanajan kawas geus taya pangharepan deui. Nya ku sabab kitu anjeunna teh jadi ”bapa pirang-pirang bangsa”. Sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, ”Turunan maneh bakal loba saperti bentang di langit.”
19. Harita, sanajan anjeunna geus kacida sepuhna, yuswana geus meh saratus taun, tanagana oge geus suda, turug-turug Sarah geureuhana gabug, kapercayaanana kana eta jangji henteu ngurangan.
20. Percayana kana eta jangji Allah henteu galideur, henteu ngaraos hamham, anggur tambah pengkuh, nepi ka muji sukur ka Allah.
21. Ibrahim kacida yakinna yen Allah kawasa ngalaksanakeun jangji-Na.
22. Nya ku eta kapercayaanana pang anjeunna ”diangken jelema bener ku Allah” teh.
23. Eta kecap-kecap ”diangken jelema bener” dituliskeunana lain ngan pikeun Ibrahim bae,
24. tapi pikeun urang oge. Sabab urang oge, anu percaya ka Mantenna anu ngagugahkeun Kristus Gusti urang tina maot, bakal diangken jelema bener.
25. Ku karana dosa urang, Yesus diserenkeun sina ditelasan, ti dinya dihirupkeun deui ku Allah, supaya ku jalan kitu urang bisa diangken jelema bener ku Allah.