A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Agustus 12

Ayub 15:1-35
1. ”Omong kosong Ayub, omong kosong!
2. ***
3. Jelema pinter mah pamohalan nyarita kitu, euweuh pisan eusina, teu bisa dipake ngabela diri.
4. Omongan saperti kitu matak kapok jelema sieun ku Allah, matak ngahalang-halang jalma sasambat ka Mantenna.
5. Saban ucapan nyirikeun kereteg hate nu goreng, mindingan kasalahan ku nganggit-nganggit ucapan.
6. Teu dicela ku kuring ge anjeun teh geus kacela ku omongan sorangan.
7. Dikira anjeun teh manusa nu pangheulana? Na nyaksian waktu Allah ngadamel gunung-gunung,
8. atawa geus kabeneran ngadenge rancangan-rancangan Allah? Ngan anjeun bae kitu nu boga kapinteran teh?
9. Anu anjeun nyaho, taya sarupa anu kuring teu nyaho,
10. da kuring ge pinter, beunang guguru ti nu geus caretuk dawuk, anu gumelarna ka dunya beh ditueun bapa anjeun.
11. Allah ka anjeun geus maparin panglipur, ku naon embung narima? Kuring nyarita teh kalawan asma Mantenna tur sakecap-kecapna sakieu leuleuyna.
12. Bet anjeun kalah ka napsu, ka kuring nepikeun ka tibubuncelik.
13. Ka Allah nepikeun ka wani jengkel, wani nyalahkeun.
14. Na aya manusa anu enya henteu boga kasalahan, anu bener di payuneun Allah?
15. Dalah ka para malaikat-Na ge Allah teh teu percanten, da eta ge keur Mantenna mah taya nu beresih pikiranana.
16. Komo jalma sipat ruksak taya harga, kawantu tuman notor kagorengan, mani dileguk kawas cai.
17. Yeuh bandungan ieu kanyaho kuring anu bener,
18. beunang guguru ti nu palinter. Tur aranjeunna ge beunang guguru deui ti sepuh-sepuhna, sarupa ge teu aya anu henteu diajarkeun.
19. Di nagri aranjeunna taya pisan urang asing, taya saurang nu baris nyasabkeun aranjeunna ti Allah.
20. Mungguh jalma jahat tukang ngakaya batur, saumur-umur hirupna ngan gegebegan,
21. soara pikasieuneun kadenge ku manehna, eukeur jongjon ngeunah-ngeunah, ana gerebeg teh digarong.
22. Turug-turug taya taksiran bisa nyingkiran poek, sabab di mana-mana geus nyampak gobang rek maehan.
23. Manuk nu bareuki daging geus ngadaragoan, rek ngaharakanan bangkena. Karasaeun yen dirina geus teu boga harepan,
24. balaina geus ngajega, megat rek ngarogahala, cara lakuning raja perkasa.
25. Tah kitu nasib jelema anu ngamang-ngamang peureup ka Allah teh, nantang ka Anu Maha Kawasa.
26. Jalma kitu gede hulu, ku bedegong-bedegongna ka Allah ge wani ngudag, nangtang tarung bari ngacung-ngacung tameng.
27. ***
28. Eta teh sok ngajabelan kota-kota ngarampasan imah-imah batur anu ditinggalkeun kabur. Tapi eta kota-kota jeung imah-imah teh baris tumpur ku perang.
29. Beungharna moal bisa lila sagala pangabogana moal aya nu awet umurna, malah kalangkang dirina ge bakal musna.
30. Pamohalan ucul tina pepeteng, kaayaanana lir tangkal anu dahan-dahanna geus garareheng ku seuneu, sarta kembangna beak murudul ku angin.
31. Lamun ngandelkeun kagorengan, lantaran gejul, ganjaranana ge kagorengan deui.
32. Hirupna ngararas samemeh mangsa, lir dahan geus ngarangrangan moal bisa seger deui.
33. Lir tangkal anggur anu buahna geus beak samemeh asak, lir tangkal jetun nu marurag kembangna.
34. Jalma jahat mah moal boga turunan, imah meunang nyieun tina panyogok mah bakal beak kaduruk.
35. Kitu temahna tukang julig tukang nyieun kagorengan mah, anu angen-angenna pinuh ku hasud.”

Ayub 16:1-22
1. ”Pamanggih kitu mah kuring ge mindeng ngadenge. Bororaah jadi pangbeberah, kalah ka ngagerihan hate.
2. ***
3. Rek hayoh bae nyorocos nepi ka kiamat? Moal beak-beak piomongeun?
4. Mun seug anjeun jadi kuring sarta kuring jadi anjeun, kuring oge bisa ngomong kitu, malah bari rek manggut-manggut nandakeun luhur panemu, piraku anjeun teu palid ku omongan kuring,
5. nu dieusi bongbolongan jeung pangbeberah, ngalelemu ku kecap-kecap anu garenah.
6. Ieu kanyeri henteu bisa kabangbrangkeun mun dibawa repeh. Dalah dikumaha.
7. Ya Allah, awak abdi ku Gusti disasaak, anak tumpes ku Gusti sina paraeh.
8. Sihoreng Gusti teh musuh, tega nganiaya ka abdi dugi ka ngajangjawing kieu kantun kulit sareng tulang. Ku batur mah dipajarkeun cingcirining gede dosa.
9. Ku Allah disasaak, anggahota awak pasiksak. Socana ka kuring mani hurung awahing ku cua.
10. Ku jalma dijarebian, dirogrog ditampilingan,
11. ku Allah diserenkeun ka jalma-jalma doraka.
12. Eukeur jongjon hirup ngahenang-hening, ku Allah ujug-ujug dicekek, digaley, dibantingkeun, seug dijieun bubulanan purah nadahan panarajang-Na,
13. nadahan panah-Na ti unggal juru, mani rancleb kana awak, teu watir-watireun,
14. ceplok deui, ceplok deui, awak geus pinuh ku raheut. Narajang-Na jeg serdadu geus edan awahing ku ijid-ijidna.
15. Barang pake ge karung, kawantu eukeur prihatin, andiprek dina kebul nyirikeun asor.
16. Beungeut asak balas ceurik balilihan, panon carindul tingguliweng semu geuneuk.
17. Padahal mah kuring teh iraha kejem ka batur. Jadi kuring sasambat teh kalawan satemenna.
18. Cik bumi, tong ngilungan lampah nu jahat ka kuring! Ulah nyicingkeun panyeluk kuring menta kaadilan!
19. Sina kadangu ku nu di sawarga, nu baris tandang melaan kuring.
20. Babaturan maroyokan kuring bati bisa cipanonan, bari lumengis ka Allah.
21. Hayang teh aya nu melaan kuring di payuneun Allah kawas nu melaan sobatna.
22. Taun-taun umur kuring geus laliwat, kuring nyorang jalan taya pigeusaneun malikan deui.

Mazmur 94:20-23
20. Gusti tara biluk ka hakim-hakim nu serong, anu ngesahkeun kateuadilan,
21. anu sapongkol nyalahkeun nu bener, anu nerapkeun hukum pati ka nu teu salah.
22. Untung kaula, dibela ku PANGERAN diraksa ku Allah kaula.
23. Kajahatan maranehna baris dihukum ku Mantenna, ditumpes ku karana dosa-dosana, geus tangtu baris ditumpes, ku PANGERAN, Allah urang.

Amsal 22:28-29
28. Ulah ngarobah-robah wawatesan beunang netepkeun karuhun.
29. Kungsi maneh manggih jelema anu hade gawena? Jalma kitu henteu pantes aya dina lingkungan jelema biasa, sabab layak aya dina lingkungan raja-raja.

Roma 11:19-36
19. Tapi meureun ceuk aranjeun, ”Pang eta dahan ditilas oge supaya kuring laluasa cicing di dinya.”
20. Eta bener. Maranehna nu matak ditilas teh lantaran henteu percaya. Ari aranjeun pang caricing di dinya lantaran percaya. Tapi ulah dir, anggur sing sarieun.
21. Allah henteu lebareun nilas urang Yahudi anu diupamakeun dahan-dahan asal, naha baris lebareun nilas aranjeun?
22. Dina hal ieu nyata, Allah teh manah-Na kacida leuleuyna, tapi oge kacida kerasna. Ka anu dosa Mantenna keras, tapi ka aranjeun mah tangtu ngaleuleuyan, lamun aranjeun tetep tigin kana welas asih-Na. Lamun teu kitu aranjeun oge tangtu ditilas.
23. Ari urang Yahudi, lamun babalik pikir tina henteu percayana, tangtu ditempatkeun deui dina urutna ditilas, da Allah mah kawasa midamel kitu.
24. Aranjeun anu lain Yahudi, anu diupamakeun dahan jetun leuweung, geuning najan beda sipat oge bisa dicangkokkeun kana dahan jetun anu tulen. Atuh komo urang Yahudi, anu diupamakeun dahan jetun anu ditilas ti anu tulen, tangtu leuwih gampang Allah ngahijikeunana deui kana tangkal asalna.
25. Dulur-dulur, sim kuring rek muka hiji rasiah, supaya aranjeun ulah nepi ka boga rasa pangpinterna. Nya eta: Urang Israil teh murugulna moal salilana. Lamun jelema-jelema anu lain urang Yahudi anu aranut ka Allah geus jejeg jumlahna, urang Israil geus moal murugul deui.
26. Ku sabab kitu sakabeh urang Israil bakal salamet. Sakumaha ungel Kitab Suci, ”Ti Sion bakal sumping Jurusalamet, anu bakal ngaleungitkeun kadorakaan turunan Yakub.
27. Kitu jangji Kami ka maranehna, mangsa Kami ngaleungitkeun dosa-dosana.”
28. Ku sabab urang Yahudi nolak Injil Kasalametan, ku Allah dimusuhan. Nu untung aranjeun nu lain urang Yahudi. Tapi ku lantaran ku Allah geus dipilih, urang Yahudi tetep dipikaasih ku Mantenna, tina ngemutkeun karuhun maranehanana.
29. Sabab lamun Allah geus milih jeung ngurniaan, manah-Na moal barobah deui.
30. Aranjeun anu lain urang Yahudi, anu tadina lain jelema anu narurut ka Allah, ayeuna geus dipikawelas ku Mantenna.
31. Urang Yahudi oge kitu keneh halna. Ayeuna maranehna henteu narurut ka Allah, eta jadi lantaran aranjeun dipikawelas ku Allah. Urang Yahudi oge engke bakal dipikawelas.
32. Sabab sakabeh manusa ku Allah geus disina henteu narurut, supaya Mantenna iasa nembongkeun welas asih-Na ka maranehna.
33. Maha jembar Allah! Kawijaksanaan jeung kauninga-Na sakitu jerona. Saha anu bisa ngajugjugan putusan-putusan Mantenna? Saha anu bisa ngarti kana cara barang damel-Na?
34. Dina Kitab Suci kaungel, ”Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran? Saha anu werat nganasehatan ka Mantenna?
35. Saha anu geus kungsi kikiriman ka Mantenna, nepi ka Mantenna kudu males ngintunan?”
36. Sabab saniskara oge Mantenna anu nyiptakeun. Sakabehna asal ti Mantenna, keur Mantenna. Sanggakeun puji ka Allah, salalanggengna! Amin.