A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Agustus 11

Ayub 13:1-28
1. Eta omongan, saucap-ucapna pikeun kuring mah teu aneh deui. Lain ngan anjeun bae, kuring ge nyaho taya kacekna.
2. ***
3. Kuring kukulutus teh lain ka aranjeun, tapi ka Allah, rek ngabela perkara kuring.
4. Aranjeun teh bodo, tapi pura-pura pinter, nyeta-nyeta dukun lepus padahal taya kamampuh.
5. Mending repeh, sugan bae disangka pinter!
6. Anggursi dengekeun, heug ngaraskeun ka kuring.
7. Rek naon bohong pipinteranan? Kutan rek ngabantu Allah ku bohong?
8. Arek sasanggupanan mantuan ka Mantenna, arek ngabela perkara Mantenna di pangadilan?
9. Lamun diri aranjeun ku Mantenna ditoong ditempo, aya kira-kirana nu hade di dinya? Dikira Allah iasa dibobodo kawas aranjeun ngabobodo manusa?
10. Kereteg prasangka anu buni ge, mo burung ku Mantenna diseukseukan,
11. kakawasaan Mantenna bakal nagiwurkeun anjeun.
12. Papatah-papatah aranjeun lir kebul, taya gunana. Pangbantah-pangbantah aranjeun lembek kawas taneuh porang.
13. Jadi, mending repeh, kuring rek nyarita. Balukarna mah kumaha engke.
14. Geus nekad, paeh hirup kumaha behna.
15. Rek dipaehkeun oge ku Allah mangga teh teuing, da puguh geus taya pisan harepan. Jadi matak naon mun balaka ngabela sagala laku lampah ka Mantenna.
16. Malah ceuk rarasaan, wani kieu teh asa matak salamet, da ari nu jahat mah piraku wani kieu ka Allah.
17. Jadi, bandungan ieu omongan kuring.
18. Kuring geus tarapti, omongan enggeus diatur, sabab yakin diri kuring bener.
19. Ya Allah, leres Gusti teh bade nuding ka abdi? Upami leres, teu sawios abdi seja repeh dugi ka paeh.
20. Nanging gaduh dua rupi panuhun. Upami dikabul, abdi moal dugi ka nyumput ti kersa Gusti.
21. Kahiji, abdi ulah hantem bae disiksa, kadua, ulah dibegbregan bae ku kasieun.
22. Bilih bade Gusti heula nu nyual, mangga, abdi nu ngawangsul. Bilih kedah abdi heula, mangga, Gusti anu ngawaler.
23. Mangga sebatkeun bae, sakumaha seueurna kalepatan sareng dosa abdi, sebatkeun bae, naon kajahatanana.
24. Ku naon Gusti teh mungkur ti abdi, ku naon abdi teh dianggap musuh?
25. Bade ngagebrag? Abdi mah ukur kalakay, gampil diramesna, sakadar jarami garing, gampil diririkesna.
26. Anu pait anu peuheur, breg ku Gusti dibegbregkeun ka diri abdi, malah kasalahan nu enggeus-enggeus ge begbregkeun sakalian.
27. Suku dibangkol, dirante, unggal lengkah diawaskeun, malah ka tapak-tapakna dugi ka dilelekan.
28. Atuh tangtos bae abdi teh ngarempeyek jeg kai bobo, jeg baju dihakanan geget dugi ka karancang.

Ayub 14:1-22
1. Ti barang lahir manusa teh lemah teu aya daya, pondok umurna seueur kasusahna,
2. enggal alum enggal murag cara kembang, les musna cara kalangkang.
3. Kersa Gusti mandang saeutik mah ka abdi, ya Allah? Atanapi abdi teh bade dijogokeun ka pangadilan?
4. Manusa mah mo tiasa ngabijilkeun sipat suci kawantos sipat kaayaanana najis.
5. Jumlah umurna, jumlah bulanna ku Gusti parantos dipatok ti samemehna ti sateuacanna parantos dipasti hamo bisa robah deui.
6. Tong ditingalikeun bae, mending antep sina nyorangan, sina ngararasakeun genah tina hirupna anu pinuh ku kacape.
7. Leuheung tangkal, dituar ge henteu lapur-lapur teuing, da osok sirungan deui,
8. najan akarna ngolotan, tunggulna paeh kaurugan taneuh,
9. ana kasaba ku cai mah pelentung kaluar sirung, semu hurip kawas pepetetan anyar.
10. Ari jalmi ana maot tuluy buntu, hirupna duka ka mana tuluyna.
11. Jeg walungan saat ngoletrak, eureun ngocorna, kawas talaga surud caina, tuluy garing,
12. kitu keneh jalma ana geus paeh moal hirup deui, nepi ka leungitna langit ge moal hudang-hudang, moal lilir-lilir pikeun saterusna.
13. Anggursi abdi sumputkeun, di ditu di alam nu paraeh, masing buni, ngantos bendu Gusti sirna, nepi ka cunduk waktuna abdi dipiemut deui.
14. Na tiasa jalmi nu parantos maot hirup deui? Abdi mung hayang enggal leupas tina ieu kalaraan, hayang rada senang ulah kawas ayeuna.
15. Supados samangsa-mangsa digentraan bisa enggal ngawangsul, tangtos ieu mahluk kagungan teh ku Gusti baris kamanah.
16. Najan saincak-incak angger diawaskeun bae, nanging tangtos moal ditaliti deui salahna,
17. da parantos dihampura, dilubarkeun tina dosa, sugri kaluluputan parantos dipupus.
18. Sakumaha gunung-gunung lalongsor urug, cadas-cadas ngalaleser,
19. batu-batu lalegok kacurugan ku cai taneuh palid ku hujan gede. Nya kitu pisan Gusti oge ngabasmi pangharepan hirup manusa.
20. Manusa geus eleh ku Gusti, lajeng diusir salalamina beungeutna diparieuskeun kana pati
21. najan anakna marulya, manehna teu terang-terang, atanapi lamun anakna dihihina, manehna teu mendak beja,
22. wungkul ngarasakeun kanyeri anu keur nyiksa ragana, bari hatena banget nalangsa.”

Mazmur 94:12-19
12. Bagja jalmi anu dididik ku Gusti, nun PANGERAN, sina terangeun kana hukum Gusti!
13. Dina mangsa aya pakewuh, ku Gusti disina ayem, dugi ka nu jahat teh beunang ku burang.
14. PANGERAN moal ngabodokeun umat-Na, pamohalan nilarkeun sakur nu jadi kagungana-Na.
15. Kaadilan baris aya deui di pangadilan, sarta baris disokong ku nu jalujur.
16. Saha nu bela ka abdi, ngalawan anu jarahat? Saha nu aya gigireun abdi, ngalawan para durjana?
17. Upami teu aya pitulung PANGERAN, tangtos abdi parantos pindah ka enggon anu maraot.
18. Sanggem pikiran, ”Aduh tiguling,” nanging teras disangkeh ku satia asih Gusti.
19. Nalika abdi nuju honcewang seueur kasalempang, ku Gusti dililipur malar janglar.

Amsal 22:26-27
26. Ulah sasanggupanan mangmayarkeun hutang batur.
27. Bisi ari teu kabayar, barang-barang maneh tepi ka ranjang-ranjang dirampas.

Roma 11:1-18
1. Pananya sim kuring, ”Naha Allah teh geus miceun umat-Na ku manten?” Geus tangtu henteu! Sim kuring oge kapan urang Israil, turunan Ibrahim ti kaom Binyamin.
2. Allah henteu nolak ka umat-Na anu ku Mantenna geus dipilih ti mimiti keneh. Aranjeun terang kumaha ungelna Kitab Suci anu ngeunaan Elias, waktu anjeunna ngadukeun urang Israil ka Allah,
3. ”Gusti, maranehanana parantos maehan nabi-nabi Gusti, sareng ngaruntuh-runtuhkeun altar paranti ngurban ka Gusti. Anu hirup keneh kantun abdi, keur diarah bade dipaehan.”
4. Kumaha waleran Allah? ”Kami boga keneh tujuh rebu jelema anu henteu nyarembah ka Baal, dewa palsu.”
5. Ayeuna oge kitu, aya keneh saeutik jelema-jelema anu dipilih ku Allah ku karana rahmat-Na.
6. Dipilih soteh ngan ku karana rahmat-Na bae, lain pedah ningali kalakuanana. Ari pamilih Allah lantaran ningali kalakuan jelema mah atuh kurnia-Na teh lain ge kurnia.
7. Jadi, kumaha? Urang Israil teu bisa manggihkeun anu ditareanganana. Anu manggihkeunana ngan sagolongan leutik, jelema-jelema anu memang geus dipilih ku Allah. Nu sejenna mah geus jadi tarorek kana panyaur Allah teh.
8. Sakumaha ungel Kitab Suci, ”Hate jeung pikiran maranehanana ku Allah disina nambag, nepi ka ayeuna maranehna teu barisa nenjo teu barisa ngadenge.”
9. Saur Daud mah, ”Sing kagubed maranehna ku pesta-pestana, sing tinggedebug, sing dihukum!
10. Sing lalolong matana, tong barisa nenjo, sing barengkung awakna balas nanggung kasusah sapapanjangna.”
11. Pananya sim kuring, ”Waktu urang Yahudi tinggedebug titarajong, naha maranehna tumpur?” Henteu! Malah sina paranaseun dumeh anu disalametkeun teh malah bangsa sejen, da maranehna sorangan mah nyarieun kasalahan.
12. Dosa urang Yahudi ngalantarankeun dunya meunang rahmat sakitu poharana; miskinna rohani urang Yahudi ngalantarankeun bangsa-bangsa sejen meunang kurnia sakitu jembarna. Komo lamun sakabeh urang Yahudi diarangken ku Allah, nugraha anu bakal katarima bakal leuwih ti kitu.
13. Ayeuna sim kuring hayang nyarita ka aranjeun nu lain urang Yahudi. Salila sim kuring ngalakonan gawe jadi rasul pikeun bangsa-bangsa sejen, sim kuring kacida bungahna.
14. Susuganan sim kuring bisa mapanas bangsa sorangan, malakmandar ku jalan kitu bisa nyalametkeun maranehna saeutik mah.
15. Kapan ku lantaran maranehna ditolak ku Allah, dunya anu tadina dimusuh ku Allah jadi diangken deui ku Mantenna. Komo lamun maranehna ditampi deui ku Allah, eta mah lir nu geus maot hirup deui!
16. Lamun keureutan roti anu pangheulana dihaturkeun ka Allah, roti weuteuhna oge kapan anu Mantenna.
17. Sawatara dahan tangkal jetun — nya eta urang Yahudi ditilas. Dina urut nilasna dicangkokkeun dahan tina tangkal jetun leuweung, nya eta aranjeun, nu lain urang Yahudi. Ku sabab dicangkokkeun dina dahan anu ditilas tea, aranjeun jadi hirup-hurip ku kahirupan rohani ti urang Yahudi.
18. Ku lantaran kitu poma, aranjeun ulah ngarendahkeun maranehna, anu geus ditilas saperti dahan tea. Jeung deui rek aragul ku naon? Aranjeun mah sakadar dahan. Dahan moal bisaeun ngahirupan akar, akar anu ngahirupan dahan.