Instagram
English
A A A A A
2 Tawarikh 13:1-22
1. Abia mimiti jadi raja nagara Yuda dina taun kadalapan welas Raja Yarobam ngarajaan Israil.
2. Ngarajaanana tilu taun, calikna di Yerusalem. Jenengan ibuna Mikaya binti Uriel asal ti kota Gibea. Antara Abia jeung Yarobam pecah perang.
3. Balad Abia 400.000 prajurit ku Yarobam diayonan ku 800.000 prajurit.
4. Eta dua pasukan balad amprok di pagunungan Epraim. Raja Abia unggah ka Gunung Semaraim, cumeluk ka Yarobam jeung ka urang Israil. Cumelukna, ”Dengekeun ieu kami!
5. Na teu nyaraho PANGERAN Allah Israil ngadamel perjangjian ka Daud, anu ungelna karajaan Israil salawasna bakal dirajaan ku anjeunna turun-tumurun?
6. Yarobam bin Nebat barontak ka Suleman, rajana,
7. heug ngumpulkeun jalma-jalma bangkawarah, ngadedetkeun pakarepanana ka Rehabam putra Suleman. Harita Rehabam teu bisa naon-naon, kawantu ngora keneh pisan jeung can aya pangalaman.
8. Ayeuna maraneh aya karep ngalawan kawibawaan karajaan anu ku PANGERAN geus dipaparinkeun ka Daud turun-tumurun. Balad maraneh kacida lobana, baroga sasapian emas, allah maraneh beunang nyieun Yarobam.
9. Imam-imam PANGERAN turunan Harun ku maraneh diusir kabeh, kitu deui urang Lewi, diganti ku imam-imam anu samodel jeung imam-imam bangsa sejen. Sambarang jalma, asal mawa sapi hiji atawa domba tujuh siki bisa diangkat jadi imam, anu dikawulakeun ka anu ku maraneh disebut jeung diaku allah.
10. Mungguh kami mah sarerea tetep sumeja kumawula ka PANGERAN, Allah kami, moal nepi ka ninggalkeun. Para imam turunan Harun tetep-tetep nedunan papancen, dibantu ku urang Lewi.
11. Unggal-unggal poe, isuk-isuk jeung pasosore teu kendat ka Mantenna ngahaturanan seuseungitan jeung sato peuncitan anu dibeuleum weuteuh. Maranehna tetep ngambengkeun roti dina meja suci, unggal magrib nyeungeutan lampu dina ajug emas. Naon bae timbalan PANGERAN ku kami dilampahkeun, sabalikna maraneh mah nyingkir ti Mantenna.
12. Pamingpin kami Allah ku manten, sarta imam-imam Mantenna araya di dieu, kari nariup tarompet ngahucuhkeun kami maju jurit ngagempur maraneh. Eh urang Israil, pacuan ngalawan ka PANGERAN Allah karuhun maraneh! Pamohalan bisa meunang!”
13. Sabot kitu Yarobam nginditkeun sawatara pasukan sina ngabongohan balad Yuda ti tukang, pasukan-pasukan sejenna sina ngambreg ti hareup.
14. Barang balad Yuda ngimpleng ka sakuriling, geuning geus katingker. Seug sasambat neda tulung ka PANGERAN. Para imam nariup tarompet.
15. Ger balad Yuda ngagero tuluy narajang musuh dijejeran ku Abia. Yarobam jeung sabalad Israil dielehkeun ku Allah.
16. Balad Israil kabur ti balad Yuda, ku Allah diserenkeun ka balad Yuda.
17. Balad Israil lebur diamuk ku Abia sabaladna. Aya 500.000 urang serdadu Israil anu panggagahna beak kasambut.
18. Urang Yuda bisa ngelehkeun urang Israil, eta lantaran maranehna ngandel ka PANGERAN, Allah karuhunna.
19. Balad Yarobam ku Abia hantem diberik. Kota-kotana aya anu bisa diandih ku Abia, nya eta Betel, Yesana jeung Epron, katut desa-desa anu dareukeutna.
20. Sapanjang Abia jadi raja, Yarobam teu bisa mulihkeun deui kakawasaanana, sarta ahirna anjeunna tiwas digebug ku PANGERAN.
21. Sabalikna Abia kakawasaanana beuki mekar. Garwa Abia opat welas, putrana dua puluh dua pameget, genep welas istri.
22. Carita Abia salian ti eta, kasauranana jeung lampahna kaungel dina Kitab Carita Nabi Ido.

2 Tawarikh 14:1-15
1. Raja Abia geus pupus, dikurebkeun di makam karajaan di Kota Daud. Asa, putrana ngagentos jadi raja. Dina cangkingan Asa nagara teh kerta sapuluh taun lilana.
2. Lampah Asa sapagodos jeung pangersa PANGERAN Allahna, bener jeung hade.
3. Altar-altar bangsa sejen jeung tempat-tempat ngabakti ka brahala ku anjeunna disingkir-singkirkeun, pilar-pilar karamatna dirugrug-rugrugkeun, arca-arca Asera diteukteukan.
4. Urang Yuda ditimbalan kudu ngalampahkeun pangersa PANGERAN, Allah karuhun maranehna, kudu nurut kana papakon-papakon jeung timbalan-timbalan Mantenna.
5. Tempat-tempat paranti ngabakti ka brahala jeung altar-altar pangukusanana dileungit-leungitkeun ti unggal kota nagara Yuda. Ku sabab kitu karajaan teh dina cangkingan anjeunna jadi kerta.
6. Dina pamarentahanana, kota-kota nagara Yuda dibenteng, mangtaun-taun tara nyorang perang, sabab anjeunna ku PANGERAN dipaparin reureuh.
7. Dawuhan Asa ka urang Yuda, ”Urang ngabenteng kota-kota, make kuta jeung munara-munarana, make lawang anu bisa ditutup ditulakan. Urang bisa nyangking ieu tanah lantaran geus ngalampahkeun pangersa PANGERAN, Allah urang. Ku Mantenna dijaga, reugreug ti unggal pihak.” Prak dipigawe reujeung lulus mulus.
8. Balad Asa 300.000 urang Yuda, pakarangna kepeng jeung tumbak, 280.000 urang Binyamin, pakarangna kepeng jeung panah, kabeh garagah sarta asak latih.
9. Aya hiji jelema urang Sudan ngaranna Serah, ngarurug ka nagara Yuda. Baladna sajuta prajurit, tilu ratus kareta, geus daratang ka Maresa.
10. Asa kaluar seja ngayonan. Itu ieu geus pahareup-hareup di Lebak Sepata deukeut Maresa.
11. Asa sasambat ka PANGERAN Allahna, piunjukna, ”Nun PANGERAN, Gusti mah tangtos gampil bae mitulung ka balad alit balad ageung oge. Tulungan abdi sadaya nun Gusti PANGERAN, reh abdi sadaya percanten ka Gusti, reh bade ngayonan balad anu sakitu ageungna teh ngemban pajenengan Gusti, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya! Moal aya anu unggul ngalawan ka Gusti.”
12. Ti dinya balad urang Sudan ditarajang ku Asa sabaladna, eleh tuluy kalabur,
13. diobrot ku Asa jeung pasukanana nepi ka Gerar. Kacida lobana serdadu Sudan anu tiwas, barisanana teu bisa tagen. Maranehna dielehkeun ku PANGERAN jeung balad-Na. Balad-balad meunang rampasan perang kacida lobana.
14. Malah terus narajang jeung ngelehkeun kota-kota sakuriling Gerar, wantu-wantu pribumina geus kacida ngarasa gimirna ku PANGERAN. Kota-kotana diranjah, dunyabranana dijarah kacida lobana.
15. Sanggeus ngagempur eta terus ngagempur pakampungan-pakampungan tukang ngangon, ngarampasan domba jeung onta loba pisan. Geus kitu kakara balad teh mulang ka Yerusalem.

Mazmur 81:1-5
1. Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu Gitit. Ti Asap.
2. Geura sarurak ngahormat Allah nu ngabela urang. Geura nyaranyi ka kersa Allahna Yakub!
3. Sanggakeun lalaguan, tabeuh terebang, tabeuh kacapi jeung gambus sing genah.
4. Dina bulan anyar jeung bulan purnama, tiup tarompet urang pesta.
5. Hal eta geus jadi hukum di Israil, aturan ti Allahna Yakub.

Amsal 20:22-23
22. Ulah hayang ngabales ka nu nyilakakeun. Anggur sanggakeun ka PANGERAN, Mantenna anu baris ngalereskeun.
23. PANGERAN mikagiruk ka jalma nu make timbangan palsu jeung malsu timbangan.

Kisah Para Rasul 15:22-41
22. Geus kitu rasul-rasul jeung para kokolot, kitu deui sakumna jamaah, rempug seja milih dua jelema pikeun diutus ka Antioki, bareng jeung Paulus jeung Barnabas. Geus kapilih duaan, duanana jelema anu kacida dipandangna ku sakur anu palercaya, nya eta Yudas anu katelah Barsabas, jeung Silas,
23. dibahanan surat anu kieu eusina: ”Kahatur para saderek luareun bangsa Yahudi di Antioki, Siria, sareng di Kikilia. Sim kuring, rasul-rasul sareng para kokolot jamaah di Yerusalem, saderek-saderek aranjeun, ngahaturkeun salam kawilujengan.
24. Aya wartos saderek-saderek diririweuh ku jalmi-jalmi sim kuring anu darongkap ka dieu, nyebarkeun paham anu ngabingungkeun. Sayaktosna maranehna sanes utusan ti sim kuring.
25. Ku margi kitu sim kuring sadaya teras barempug, ahirna mupakat bade ngintun utusan ka dieu, anu pidongkapeunana bakal sasarengan sareng saderek Barnabas sareng Paulus saderek urang,
26. anu parantos naruhkeun jiwana demi Gusti urang Yesus Kristus.
27. Utusan teh duaan, nya eta Yudas sareng Silas, anu bakal nerangkeun perkawis ieu serat ku lisan.
28. Roh Suci parantos nyatujuan, kitu deui sim kuring sadaya, moal nambihan kabeubeurat aranjeun ku kawajiban-kawajiban sanesna, salian ti:
29. kedah pantrang kana kadaharan anu parantos disuguhkeun ka brahala, pantrang neda getih, pantrang neda sato anu paeh bangkar, sareng teu kenging jinah. Kalintang utamina upami hal ieu ku saderek-saderek digumatikeun. Sakitu nu kapihatur, wilujeng.”
30. Utusan geus ariang ka Antioki, tuluy ngumpulkeun jamaah, suratna dipasrahkeun.
31. Eusina kacida nyenangkeunana kana hate nu narima, jamaah ngarasa bungah.
32. Yudas jeung Silas anu saenyana mah nabi, lila cacarios jeung maranehanana, maparin pituah jeung nasehat anu matak negerkeun hate.
33. Sanggeus nganjrek rada lila, kakara aranjeunna meunang marulih deui ka nu ngutusna bari dijurung ku pangdoa sarerea. [
34. Tapi Silas mah ngantunkeun anjeun seja terus di Antioki bae.]
35. Paulus jeung Barnabas rada lila nganjrekna di Antioki, ngajarkeun jeung nguarkeun pangandika Gusti jeung urang dinyana.
36. Sanggeus rada lila, Paulus sasauran ka Barnabas, ”Urang ngalongok dulur-dulur ka tempat-tempat urang bareto nguarkeun pangandika Gusti, hayang terang kumaha kaayaanana.”
37. Barnabas hoyongeun nyandak Yohanes Markus,
38. tapi Paulus ngaraos teu hade lamun Yohanes Markus dibawa, lantaran bareto ge henteu terus babarengan nepi ka anggeus, anggur mulang ninggalkeun di Pampilia.
39. Paulus jeung Barnabas nepi ka pabentar nemen pisan, tungtungna aranjeunna papisah. Barnabas tetep nyandak Markus terus balayar ka Siprus.
40. Ari Paulus nyandak Silas; sabada ku jamaah dipasrahkeun kana rahmat Gusti terus angkat,
41. ngideran Siria jeung Kikilia, nguatkeun jamaah-jamaah.