A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Juli 8

2 Tawarikh 11:1-23
1. Sasumpingna ka Yerusalem, Rehabam ngumpulkeun prajurit anu panghadena ti kaom Binyamin jeung kaom Yuda, saratus dalapan puluh rebu urang, rek merangan kaom-kaom Israil kaler, pikeun ngarebut deui kakawasaanana.
2. Tapi aya timbalan PANGERAN ka Nabi Semaya,
3. anu kudu ditepikeun ka Raja Rehabam jeung rahayat kaom Yuda jeung Binyamin. Dawuhana-Na,
4. ”Ulah merangan ka Israil dulur sorangan. Maraneh geura baralik bae. Kajadian kieu geus pangersa Kami.” Maranehna narurut kana timbalan PANGERAN, teu tulus merangan Yarobam.
5. Rehabam tetep calikna di Yerusalem. Kota-kota di wewengkon Yuda jeung Binyamin ku anjeunna dibentengan:
6. Betlehem, Etam, Tekoa,
7. Betsur, Soko, Adulam,
8. Gat, Maresa, Sip,
9. Adoraim, Lakis, Aseka,
10. Sora, Ayalon jeung Hebron.
11. Unggal benteng dicekel ku hiji panglima, lengkep jeung bebekelanana, bahan dahareun, minyak jetun, anggur,
12. kitu deui kepeng jeung tumbak. Ku jalan kitu anjeunna tetep ngawasaan wewengkon Yuda jeung Binyamin.
13. Ti sakabeh wewengkon Israil, para imam jeung urang Lewi parindah ka Yuda, wewengkon kidul.
14. Urang Lewi nepi ka cul sampalan cul tanah, parindah ka Yuda jeung ka Yerusalem, lantaran ku Yarobam anu geus jadi raja di Israil jeung ku pigantieunana teu meunang terus jaradi imam PANGERAN.
15. Malah-malah Yarobam geus ngangkat imam-imam gantina, sina manghuluan di tempat-tempat ngabakti ka brahala, kudu ngabarakti ka jin-jin jeung ka arca-arca anu dirupakeun sapi beunang anjeunna ngadamel.
16. Rahayat di unggal kaom Israil, anu enya-enya sejana ngabakti ka PANGERAN Allah Israil, marilu pindah jeung urang Lewi ka Yerusalem, harayangeun tetep bisa ngurban ka PANGERAN, Allah karuhunna.
17. Atuh karajaan Yuda jadi tambah reugreug dibantu ku maranehna meunang tilu taun. Hirup maranehna tetep sakumaha keur waktu dirajaan ku Raja Daud jeung Raja Suleman.
18. Rehabam garwaan ka Mahalat binti Yerimot bin Daud. Ibuna Mahalat nya eta Abihail binti Eliab, putu Isai.
19. Kagungan putra pameget tilu: Yehus, Semarya jeung Saham.
20. Garwaan deui ka Maaka binti Absalom, puputra opat pameget: Abia, Atai, Sisa jeung Selomit.
21. Geureuha Rehabam kabehna dalapan welas, parekanana genep puluh. Ari putra-putrana dua puluh dalapan pameget, genep puluh istri. Ti saantero garwa jeung parekan, Maaka anu pangdipikacintana,
22. sarta asihna ka putra anu jenengan Abia leuwih ti ka putra-putra lianna, nepi ka dicadangkeun baris jadi raja gegentos anjeunna.
23. Kalawan wijaksana Rehabam maparin rasa tanggung jawab ka putra-putra anu pameget. Pala putrana dipencar di kota-kota anu dibenteng di sakuliah wewengkon Yuda jeung Binyamin, sagala kaperluanana disayagikeun sacukupna, malah dipanglamarkeun pigarwaeun loba pisan.

2 Tawarikh 12:1-16
1. Tacan lila Rehabam jadi raja nyepeng kakawasaan, anjeunna jeung rahayatna tuluy mengpar tina Hukum PANGERAN.
2. Dina taun kalima pamarentahan Raja Rehabam, kateusatiaan maranehna ka PANGERAN teh meunang hukuman. Raja Sisak ti nagara Mesir ngarurug ka Yerusalem,
3. pasukanana dua welas rebu kareta, genep puluh rebu prajurit kuda, jeung prajurit lianna lobana tanpa wilangan, campur jeung pasukan-pasukan urang Libia, urang Sukit, urang Sudan.
4. Sanggeus ngarebut kota-kota Yuda anu dibenteng tea, Raja Sisak terus maju nepi ka Yerusalem.
5. Nabi Semaya ngadeuheus ka Raja Rehabam jeung ka para pamingpin urang Yuda anu keur tumplek ka Yerusalem nyingkahan Sisak. Anjeunna ngalahir, ”Kieu timbalan PANGERAN, ’Maraneh enggeus ninggalkeun Kami. Ku sabab eta Kami ge rek ninggalkeun ka maraneh, ku Kami rek diserenkeun ka Sisak.’ ”
6. Raja jeung para pamingpin rarumasaeun kana dosana, sarta salaurna, ”Parantos layak pisan PANGERAN midamel kitu teh.”
7. Ningali kaayaan kitu PANGERAN ngandika ka Semaya, dawuhana-Na, ”Ku sabab maranehna rarumasaeun kana dosana, ku Kami moal nepi ka dimusnakeun. Lamun engke geus ditarajang ku Sisak, rek dibere karahayuan saeutik. Yerusalem moal sakumaha nandangan bebendu Kami.
8. Tapi teu meunang henteu, kudu eleh ku Sisak, sina ngararasaeun bedana antara ngawula ka Kami jeung ngawula ka raja-raja alam dunya.”
9. Sanggeus Sisak nepi ka Yerusalem, tuluy ngajabelan rajabrana nu aya di Bait Allah jeung di karaton. Sagala rupana dikeduk, kitu deui kepeng-kepeng emas dadamelan Raja Suleman tea.
10. Ti dinya Rehabam ngadamel gantina ku kepeng-kepeng tina tambaga, tuluy dititipkeun ka para kapala kawal gapura karaton.
11. Saban raja angkat ka Bait Allah eta kepeng-kepeng ku para pangawal dibawa ka Bait Allah, geus kitu diasupkeun deui ka kamar jaga.
12. Ku sabab anjeunna ngangken dosa ka PANGERAN, bebendu PANGERAN rada leler, anjeunna henteu sakumaha dicilakakeunana, kaayaan nagara Yuda oge hade.
13. Rehabam marentah di Yerusalem jadi raja mekarkeun kakawasaanana. Mimiti jumeneng dina yuswa opat puluh hiji taun, marentahna tujuh welas taun, calikna di Yerusalem anu ku PANGERAN dianggo ti saantero tanah Israil paranti ngabakti ka Mantenna. Jenengan ibuna Naama asal ti tanah Amon.
14. Rehabam teu kersa nuturkeun pangersa PANGERAN, lampahna goreng.
15. Laku lampah Rehabam ti awal nepi ka ahir, kitu deui hal pala putrana, kaungel dina kitab-kitab Carita Nabi Semaya jeung Carita Nabi Ido. Rehabam salawasna ngan perang bae jeung Yarobam.
16. Sanggeus pupus dikurebkeun di makam karajaan di Kota Daud. Ti dinya Abia putrana ngaganti jadi raja.

Mazmur 80:14-19
14. diidek-idek ku bagong leuweung, sareng diranjah ku sato-sato alas.
15. Tingali ieu abdi-abdi, nun Allah Nu Maha Kawasa! Tingali ti sawarga! Jait ieu umat Gusti teh!
16. Salametkeun ieu tangkal anggur pelak Gusti teh, kenging Gusti mulasara dugi ka gedena.
17. Ayeuna ku musuh diduruk, dituar; tumpurkeun musuh teh ku bendu Gusti.
18. Umat kenging Gusti milih, bangsa kenging Gusti nohagakeun, mugi diraksa.
19. Moal deui-deui abdi-abdi nyingkir ti Gusti, mugi ku Gusti dipaparin hirup, sumeja muji ka Gusti.

Amsal 20:19-21
19. Nu beuki ngobrol mah teu bisa dibawa nyekel rasiah. Anu loba omong leuwih hade dijauhan.
20. Anu nyumpahan ka kolot, hirupna bakal enggeusan, lir palita anu pes pareum di nu poek.
21. Harta banda mah beuki gampang disiarna, beuki kurang mangpaʼatna.

Kisah Para Rasul 15:1-21
1. Aya urang Yudea anu daratang ka Antioki, ngajar kieu ka nu geus palercaya, ”Lamun aranjeun teu disarunatan nurutkeun parentah dina Hukum Musa, aranjeun moal bisa disalametkeun.”
2. Paham kitu kacida dilawanna ku Paulus jeung Barnabas. Tungtungna Paulus jeung Barnabas ti Antioki diutus ka Yerusalem, dibarengan ku sababaraha urang deui, pikeun mereskeun sual eta jeung rasul-rasul.
3. Utusan dijajap ku jamaah nepi ka wates kota, ti dinya terus kebat jalanna ka Penesia jeung Samaria. Urang dinya dibejaan, yen bangsa sejen nu lain Yahudi oge geus nyalanghareup ka Allah; kacida aratoheunana.
4. Di Yerusalem, sanggeusna dibageakeun ku jamaah, ku rasul-rasul, jeung ku para kokolot jamaah, utusan medar sagala hal anu dipidamel ku Allah ku jalan aranjeunna.
5. Tapi aya anggota jamaah ti golongan urang Parisi, ngaromong kieu, ”Jalmi-jalmi bangsa sanes anu parantos palercaya teh kedah disarunatan, sareng perlu diwartosan kedah tarunduk ka Hukum Musa.”
6. Ieu masalah tuluy dimusawarahkeun ku para kokolot jeung rasul-rasul.
7. Sanggeus lila sual jawab, Petrus ngadeg tuluy ngalahir, ”Dulur-dulur tangtu aremut, geus lila sim kuring ku Allah dipilih ti aranjeun, kedah nguarkeun Injil Kasalametan ka bangsa sejen, supaya maranehna oge palercaya kana hal eta.
8. Allah, anu uninga kana eusi hate unggal jalma, parantos kersa nampi bangsa sejen, nyatana ka bangsa sejen oge, Allah parantos maparin Roh Suci cara ka urang.
9. Urang sareng bangsa sejen ku Mantenna henteu dibeda-beda. Bangsa sejen oge ku Mantenna dihampura dosana, lantaran maranehna oge palercaya.
10. Ku margi kitu ku naon bade ngaralawan ka Allah, ngudukeun dulur-dulur anu parantos palercaya ngajalankeun sarat anu sakitu beuratna? Karuhun urang ge, nya kitu deui urang sorangan teu kuat ngalakonanana.
11. Urang percaya yen boh urang, boh bangsa sejen, pang salamet teh ngan ku karana sih kurnia Gusti Yesus bae.”
12. Ti dinya, barang Paulus jeung Barnabas nyarioskeun sagala mujijat jeung kaahengan anu dipidamel ku Allah di kalangan bangsa sejen ku jalan aranjeunna, anu ngabarandungan mani jempling.
13. Geus kitu Yakobus ngalahir, ”Dulur-dulur, karupingkeun sim kuring!
14. Bieu saderek Simon nerangkeun hal ngawitanana Allah mintonkeun perhatosana-Na ka jalmi-jalmi bangsa sanes, kalayan maksad ti eta bangsa aya anu bade dipilih baris dijadikeun umat-Na.
15. Hal ieu cocog pisan sareng anu kapungkur diramalkeun ku nabi-nabi, anu ungelna,
16. ʼEngke Kami baris datang deui,ʼ timbalan Pangeran, ʼseja mulihkeun karajaan Daud. Nu geus runtuh sina ngadeg deui, sina weweg deui.
17. Ku sabab kitu jalma-jalma salian ti eta, bakal daratang ka Kami. Nya eta ti bangsa lian anu geus disalaur ku Kami, sangkan jadi kagungan Kami.
18. Kitu timbalan Pangeran, nguningakeun perkara eta ti baheula keneh.ʼ
19. Kitu nu mawi pangrasa sim kuring, dulur-dulur anu teu sabangsa anu parantos tarobat ka Allah teh ulah diririweuh.
20. Mending ge urang suratan, anu eusina mepelingan yen teu kenging ngadahar kadaharan anu najis anu parantos disuguhkeun ka brahala, atanapi sato anu paeh bangkar, atanapi getihna, sareng teu kenging jinah.
21. Margi Hukum Musa teh ti baheula keneh unggal-unggal Sabat dibaca di imah-imah ibadah bangsa urang, aturan-aturanana diwurukkeun di saban kota.”