A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Juli 28

Nehemia 8:1-18
1. Nincak bulan katujuh, urang Israil geus marerenah di satempat-tempatna. Dina tanggal hiji bulan eta kabeh ka Yerusalem, kumpul di alun-alun deukeut Gapura Cai. Maranehna menta ka Imam Esra, anu ahli kana Hukum anu ku PANGERAN dipaparinkeun ka Musa pikeun urang Israil, supaya eta Kitab Hukum teh dicandak.
2. Ku Esra kitab teh dicandak ka tempat kumpul, ka dulur-dulur, lalaki, awewe, jeung barudak anu geus aya pangartina.
3. Seug Hukum teh diaos di dinya, di alun-alun deukeut gapura, ti isuk nepi ka burit, didarengekeun kalawan saregep.
4. Esra ngaosna ngadeg dina panggung beunang ngahaja nyieun keur eta kaperluan. Ti tengeneunana digondeng ku Matica, Sema, Anaya, Uria, Hilkia jeung Maaseya. Ti kiwaeunana ku Pedaya, Misael, Malkia, Hashum, Hasbadana, Jakaria jeung Mesulam.
5. Jelema-jelema panonna kabeh mencrong ka Esra dina panggung anu luhur. Barang eta kitab ku Esra dibuka, jalma-jalma teh jung narangtung.
6. Pok Esra sasauran, ”Mulyakeun PANGERAN, Allah Nu Maha Agung!” Ditema ku jalma rea, ”Amin! Amin!” bari naradahkeun leungeun, tuluy sarujud ka PANGERAN.
7. Geus kitu carengkat deui, narangtung di satempat-tempatna. Ti dinya anu diaos teh diterangkeun maksudna ku urang Lewi, nya eta ku Yesua, Bani, Serebya, Yamin, Akub, Sabtai, Hodia, Maaseya, Kelita, Asarya, Yosabad, Hanan jeung Pelaya.
8. Mimitina disalin heula ku lisan sabagian-sabagian, tuluy diterangkeun pihartieunana sangkan kaharti ku hadirin.
9. Barang ngadarenge hal anu diparentahkeun ku eta Hukum, jelema-jelema teh mani pating hareruk terus careurik. Seug gupernur Nehemia, Imam Esra ahli Hukum, jeung urang Lewi anu nerangkeun eta Hukum sasauran ka maranehna, saurna, ”Poe ieu teh suci pikeun PANGERAN Allah maraneh, ulah dipake sedih jeung ceurik.
10. Geura baralik, pesta masing suka. Dulur-dulur anu dahareunana jeung anggurna kurang kudu pada marere. Poe ieu suci pikeun PANGERAN, jadi ulah dipake nalangsa. Sing suka bungah ku karana PANGERAN sangkan kuat.”
11. Urang Lewi tarurun tuluy ngalilipur, pokna ulah nalangsa dina poe anu sakieu sucina.
12. Bral jelema-jelema teh baralik, tuluy balakecrakan sukan-sukan, bari babagi ka nu sejen, bungah lantaran bisa ngaharti ka anu tadi dipangmacakeun.
13. Poe isukna, kapala-kapala warga, dibarengan ku imam-imam jeung urang Lewi ngadareuheus ka Esra, rek diajar ngahartikeun Hukum PANGERAN.
14. Seug kanyahoan, yen dina eta Hukum paparin ti Allah ku perantaraan Musa teh aya katangtuan, yen salila Pesta Saung Daun, urang Israil kudu caricing di saung-saung.
15. Ku sabab eta tuluy nyieun pangumuman, diembarkeun ka sakuliah Yerusalem jeung ka desa-desa katut lembur-lemburna. Unina, ”Kudu naranjak ka pasir-pasir, ngarala pangpang-pangpang anu daunna gomplok, kayaning: camara, jetun, caringin, palem, keur nyieun saung, nedunan parentah anu kaungel dina Kitab Hukum.”
16. Seug jelema-jelema narutuhan dahan, tuluy dijarieun saung. Aya nu di luhur imah da hateup imahna teh papak, aya nu di buruanana, aya nu di buruan Bait Allah anu kakuriling ku tembokan, aya nu di alun-alun deukeut ka Gapura Cai jeung Gapura Epraim.
17. Sakur anu marulang ti pangbuangan kabeh nyaung-nyaung. Ti jaman Yosua putra Nun, kakara harita adat anu kitu dijalankeun deui. Jalma-jalma kabeh saruka ati.
18. Ti mimiti pesta nepi ka tutup, Hukum Allah dibaca saban poe sabagian-sabagian. Ari lilana pesta kitu teh tujuh poe. Dina poe kadalapanna diayakeun upacara tutup pesta, luyu jeung ungel Kitab Hukum tea.

Nehemia 9:1-38
1. Dina tanggal dua puluh opat bulan eta keneh, urang Israil kumpul, arek paruasa nyirikeun kaduhung ku dosa-dosana. Masing-masing geus nyegah maneh tina campur jeung bangsa batur. Mararake karung, nareundeun lebu dina sirah, ciri prihatin. Deg narangtung, rek ngakukeun dosana jeung dosa karuhunna.
2. ***
3. Tuluy dipangmacakeun Hukum PANGERAN Allahna kurang leuwih tilu jam lilana, dituluykeun ku ngakukeun dosa-dosa sarta ngabakti ka PANGERAN Allahna, tilu jam deui lilana.
4. Di dinya aya panggung, dieusi ku urang Lewi nya eta: Yesua, Bani, Kadmiel, Sebanya, Buni, Serebya, Bani jeung Kenani, narangtung neneda ka PANGERAN Allahna, sorana ditarikkeun.
5. Yesua, Kadmiel, Bani, Hasabneya, Serebya, Hodia, Sebanya jeung Petahya, urang Lewi, ngayakeun uaran nyambat sembahyang, kieu nyambatna, ”Geura narangtung, puji PANGERAN Allah panutan; mulyakeun salalanggengna. Puji jenengana-Na nu mulya, ku saban jalma, najan puji ti manusa kurang hargana.”
6. Breng urang Israil ngunjukkeun paneda, kieu, ”Nun PANGERAN, mung Gusti anu jumeneng PANGERAN. Gusti nu ngadamel sakuliah antariksa, nu ngadamel bentang-bentang, Gusti ngadamel daratan, lautan saeusina, ngahirupan saniskara. Sadaya kakuatan langit ka Gusti sujud sumembah.
7. Nun GUSTI Allah, Gusti milih Abram, dicandak kaluar ti tanah Ur di Babul, namina digentos jadi Ibrahim.
8. Kauninga, anjeunna ka Gusti satia, Gusti ngadamel perjangjian sareng anjeunna. Gusti ngajangji, anjeunna bade dileler tanah urang Kanaan, tanah urang Het, tanah urang Emor, tanah urang Pares, tanah urang Yebus, tanah urang Girgas, baris jadi banjar karang pangancikan turunanana. Gusti ngabuktoskeun jangji kawantu Gusti teh tigin.
9. Karuhun abdi sangsara waktos di Mesir, Gusti waspaos. Gusti ngadangu panyambatna di Laut Beureum.
10. Gusti ngeunakeun mujijat-mujijat ka raja Mesir, ka para gegedenna, ka rahayatna, reh Gusti uninga umat Gusti ku eta dikaniaya. Gusti jadi kamashur dugi ka kiwari.
11. Gusti ngadamel jalan di dasar laut, umat dituyun nyorang taneuh anu tuhur. Nu ngarudagna mah tilelep di dinya, lir batu ngalelep di laut anu keur motah.
12. Umat ku Gusti diraksa di jalanna, siang ditungtun ku mega, wengi dicaangan ku tihang seuneu.
13. Di Gunung Sinai, Gusti lungsur ti sawarga, ka umat ngandika, maparin papakon sareng pangajaran-pangajaran sae.
14. Maranehna diwulang kedah kukuh kana Sabat Gusti, sareng ku perantaraan Musa, ku Gusti dipaparin papakon-papakon.
15. Ana maranehna lapar, dipaparin roti ti sawarga. Ana maranehna hanaang, dipaparin cai ngagolontor tina cadas. Ku Gusti ditimbalan asup ka tanah anu dijangji ku Gusti.
16. Nanging karuhun anggur adigung sareng bantahan, henteu narurut kana timbalan.
17. Maranehna embung tunduk, lali ka pitulung Gusti lali kana mujijat-mujijat Gusti. Nalika keur arangkuhna, maranehna milih kapala, sina nungtun wangsul deui ka Mesir, ka urutna kumawula. Nanging Gusti, Allah lautan hampura, sipat murah pinuh ku kanyaah, tara enggal-enggal amarah. Welas asih langkung-langkung, ka maranehna teu kersa ngantun.
18. Maranehna nyieun arca, rupi sasapian, diangkenna eta teh allah anu nuyun maranehna ti Mesir. Sakitu ngahinana eta teh ka Gusti, nun PANGERAN!
19. Najan kitu basa keur aya di gurun, ku Gusti teu dikantunkeun, reh Gusti mah sipat welas. Mega sareng tihang seuneu tea, ku Gusti teu dicandak sirna, tetep nuduhan jalanna, siangna sareng wengina.
20. Gusti anu mulya manah, nuduhan kedah kumaha. Maparin manna keur tedaeunana, maparin cai keur ngarinumna.
21. Di gurun keusik opat puluh taun lamina, dicekapan sugri kaperluanana. Pakeanana tara dugi ka rajet dampal sukuna teu dugi ka marelepuh.
22. Dina perang ngayonan bangsa-bangsa, ngarebut karajaan-karajaan sareng tanah-tanah sabudeureunana, ku Gusti dipaparin kaunggulan. Maranehna ngarebut tanah Hesbon, anu digeugeuh ku Sihon. Ngarebut tanah Basan, anu ku Og dirajaan.
23. Dipaparin seueur turunan, lir bentang di langit tanpa wilangan. Diancikkeun dina tanah beunangna ngarebut, tanah nu ku Gusti dijangjikeun ka karuhunna.
24. Maranehna ngarebut tanah Kanaan, jalmi-jalmi urang dinya ku Gusti kasoran. Umat Gusti dipaparin kawasa, tiasa samemena ka urang Kanaan sareng ka raja-rajana.
25. Umat Gusti ngarebut kota-kota anu dibenteng, ngarebut tanah-tanah anu salubur, imah-imah nu pinuh ku harta banda, ngarebut bendungan-bendungan, tangkal-tangkal jetun, tangkal-tangkal bubuahan, kebon-kebon anggur. Sagala pangabeukina kasorang, awakna lalingsig, ku Gusti dipaparin rupi-rupi kasenangan.
26. Nanging eta umat Gusti teh barontak, ka Gusti ngalawan. Hukum Gusti ditukangan. Nabi-nabi nu ngemutan, nu ngajak tobat ka Gusti, diparaehan. Salamina eta teh ngahina bae ka Gusti.
27. Kitu nu mawi ku Gusti diselehkeun ka musuhna, dijajah ku musuh-musuhna. Sabot sangsara mah sasambat neda pitulung ka Gusti. Panyambatna ku Gusti didangu ti sawarga. Gusti anu maha welas, maparin para pamingpin, anu ngaleupaskeun maranehna ti musuh-musuhna.
28. Nanging ari parantos salamet mah prak deui ngadamel dosa. Ku Gusti diselehkeun deui ka musuhna. Nanging ana tararobat, tur nyuhunkeun dirahayukeun, ku Gusti ti sawarga tara teu didangu, ku Gusti dijait, bawaning ku mikawelas.
29. Ku Gusti dipepelingan, kedah tumut kana timbalan-timbalan. Nanging kalah ka adigung, papakon-papakon Gusti ditolak. Padahal tumut kana Hukum Gusti teh matak rahayu jamuga hirup. Ari maranehna mah nolak, kawantu adatna bedegong, wangkelang.
30. Ti taun ka taun Gusti teu weleh nyabaran, teu weleh ngelingan. Gusti maparin ilham ka nabi-nabi, sina maparin wawadi. Nanging nu diwawadian anggur notorekkeun maneh, nu mawi ku Gusti diselehkeun ka bangsa-bangsa lian.
31. Nanging piwelas Gusti teu aya watesna, maranehna teu dikantunkeun, teu dimusnakeun. Gusti teh Allah anu sipat murah sipat welas.
32. Nun Allah, nun Panutan, Gusti sakalangkung agung! Langkung pikagimireun, langkung kawasa! Nanging satia kana sagala jangji. Abdi-abdi ti jaman digencet ku raja-raja Asur, dugi ka ayeuna langkung-langkung nya sangsara! Raja-raja abdi, para kapala, para imam, nabi-nabi, para karuhun, dulur-dulur sadayana, ngarandapan sangsara. Mugi kaemut, abdi-abdi sakieu sangsarana!
33. Mugi ngahukum abdi-abdi kalayan adilna. Sanajan abdi-abdi parantos dosa, Gusti mah tetep satia.
34. Karuhun-karuhun abdi, raja-raja, para imam, para kapala, teu narohonan Hukum Gusti. Henteu ngagarugu kana timbalan sareng pangeling-ngeling ti Gusti.
35. Gusti ngaberkahan raja-raja nu marentah ka umat Gusti, di tanah anu nya lega nya subur. Nanging maranehna teu daraek eling tina dosana, ka Gusti henteu ngabakti.
36. Ayeuna abdi sadaya, di tanah sorangan jadi badega, nya di tanah anu sakieu suburna, paparin ti Gusti tea.
37. Hasil bumi asupna ka raja-raja, anu ku Gusti diwenangkeun ngajajah abdi sadaya, dumeh abdi-abdi gaduh dosa. Kalakuan raja-raja ka abdi-abdi sareng ka ingon-ingon kacida sakama-kamana, bati nalangsa kabina-bina!”
38. Ku lantaran eta sagala perkara, urang teh urang Israil, ayeuna nyieun ieu ikrar, tur ditulis jeung ditanda ku para pamingpin, ku urang Lewi, jeung ku para imam.

Mazmur 89:11-18
11. Rahab, naga laut, ku Gusti dipaehan, diremukkeun, musuh-musuh kucar-kacir ku kawasa Gusti.
12. Langit kagungan Gusti, bumi oge kagungan Gusti, alam dunya saeusina nya Gusti anu ngagelarkeun.
13. Kaler sareng kidul Gusti anu nyiptakeun, Gunung Tabor sareng Gunung Hermon nyanyi kangge Gusti.
14. Kawasa Gusti tanpa tanding! Gusti bedas liwat saking!
15. Karajaan Gusti napak dina kaestuan sareng kaadilan, kaasih sareng kasatiaan tembong dina samudaya karya Gusti.
16. Estu bagja jalmi anu sumujud ka Gusti bari gumbira, anu hirupna dina cahaya kasaean Gusti.
17. Sadidintenna suka bungah ku karana Gusti, muji sukur ku karana piwelas Gusti.
18. Gusti maparin kaunggulan ka abdi-abdi, ku karana asih Gusti abdi-abdi tiasa unggul.

Amsal 21:29-31
29. Jelema anu bener mah teteg moal raga-reugeu. Sabalikna jelema jahat mah mani kudu satekah polah narekahan sangkan dipercaya.
30. Kawijaksanaan, uteuk encer jeung pangarti manusa, dibandingkeun jeung PANGERAN mah teu aya pisan hartina.
31. Kuda perang, urang anu nyadiakeunana; tapi ari nu mere kaunggulan mah PANGERAN.

Kisah Para Rasul 27:27-44
27. Dina peuting kaopat belas, kapal teh kadorong ku angin ka Laut Adria. Kira-kira tengah peuting ku urang kapal karasa yen keur nyampeurkeun daratan.
28. Tuluy nyemplungkeun batu pangjugjug, katangen jerona laut opat puluh meter. Maju deui saeutik, dijugjugan deui, jerona tinggal tilu puluh meter.
29. Urang kapal salempang sieun kapal kandasna kana karang, ku sabab eta tuluy labuh jangkar ti tukangeun kapal, bari ngarep-ngarep geura isuk.
30. Tapi kalasi-kalasi rek kalabur ti kapal, nurunkeun sakoci pura-pura rek nurunkeun jangkar ti hareupeun kapal.
31. Paulus gancang nguninga ka perwira jeung serdadu-serdadu, saurna, ”Lamun kalasi-kalasi diantep naringgalkeun kapal, aranjeun geus taya harepan salamet!”
32. Tambang sakoci geuwat disabet ku serdadu, sakocina ragrag ka laut.
33. Barang geus rek bray beurang, Paulus mepelingan ka sarerea supaya dadaharan. ”Geus opat welas poe aranjeun henteu kararaban naon-naon balas ngarep-ngarep salamet.
34. Geura dadaharan supaya tetep harirup. Aranjeun kabeh bakal saralamet, moal kungsi murag buuk-buuk acan.”
35. Kitu saurna bari nyandak roti jeung muji sukur kasaksian ku sarerea, geus kitu nyontoan tuang.
36. Geus dicontoan mah sarerea teteg hatena tuluy dadaharan.
37. Pangeusi kapal kabehna aya dua ratus tujuh puluh genep urang.
38. Sanggeus kabeh cukup dadaharan, muatan gandum kabeh dipiceun ka laut supaya kapal hampang.
39. Bray beurang, breh tembong basisir jeung aya telukna, duka daratan pulo naon, urang kapal teu nyarahoeun. Lamun bisa kapal rek dibawa ka dinya.
40. Tali jangkar ditilas, jangkar-jangkarna diantep ka dasar laut. Tali kamudi diudar, layar hareup dibeberkeun sangkan kapal katebak angin ka basisir.
41. Tapi sabot kitu kapal teh ujug-ujug ngageduk teu bisa laju, beulah hareupna nyeblok kana dasar laut anu munjul, pageuh henteu obah-obah, beulah tukangna diteumbrag ku ombak anu kacida gedena nepi ka amburadul.
42. Sakitan-sakitan ku serdadu-serdadu rek diparaehan, bisi ngarojay ka darat terus kalabur.
43. Tapi opsirna ku sabab hayangeun nyalametkeun Paulus, ngahalangan kana karep serdadu-serdaduna. Malah tuluy marentah supaya anu barisa ngojay kudu ti heula ngarajleng ka laut muru ka darat,
44. anu salian ti eta kudu tarumpak papan-papan atawa bebejadan kapal. Gancangna sarerea geus saralamet nepi ka darat.