A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Juli 25

Nehemia 1:1-11
1. Ieu laporan Nehemia bin Hakalya tina hal anu dilampahkeun ku anjeunna. Mangsa kadua puluh taun Artahsasta jadi raja Persia, dina bulan Kislew, waktu sim kuring aya keneh di ibukota Susan,
2. dulur sim kuring anu ngaran Hanani ti tanah Yuda, datang jeung baturna sababaraha urang. Sim kuring nanyakeun kaayaan Yerusalem jeung dulur-dulur sasama urang Yahudi anu marulang ti pangbuangan di Babul.
3. Jawabna, dulur-dulur nu rahayu bisa marulang ka lemah cai teh keur katarajang susah gede, turug-turug dihina ku tatangga-tatanggana bangsa-bangsa sejen. Tembok kuta Yerusalem angger ancur, gapura-gapurana ti barang tas aya nu ngahuru acan diomean deui.
4. Meunang beja kitu, brek sim kuring diuk bari ceurik. Meunang sababaraha poe sim kuring teu dahar-dahar acan, prihatin teu leungit-leungit. Seug neneda ka Allah,
5. ”Nun GUSTI, Allah Sawarga! Gusti teh agung sareng matak gimir! Gusti pengkuh nyepeng perjangjian ka sugri anu nyaah sareng ngestokeun timbalan-timbalan!
6. Tingali nun PANGERAN, sareng dangukeun ieu paneda abdi siang sareng wengi tina perkawis umat Gusti, bangsa Israil. Abdi rumaos, urang Israil teh gaduh dosa ka Gusti. Kitu deui karuhun-karuhun sareng abdi pribadi oge gaduh dosa.
7. Doraka, ngabaha ka Gusti, teu tumut kana timbalan. Henteu tigin kana papakon-papakon anu ku Gusti ditetepkeun pikeun abdi sadaya ku perantaraan Musa, abdi Gusti tea.
8. Tangtos Gusti emut, Gusti parantos nimbalan kieu ka Musa, ’Maraneh Israil, upama henteu satia ka Kami, tan wande dipabalencarkeun ka bangsa-bangsa sejen.
9. Tapi upama tarobat sarta ngagugu kana timbalan Kami, najan keur pabalencar nepi ka tungtung jagat oge, tan wande dipulangkeun ka tempat anu ku Kami geus dipilih geusan ngabakti ka Kami.’
10. Nun PANGERAN, eta teh sadayana abdi-abdi Gusti, umat Gusti ku manten, kenging Gusti ngajait ku pangawasa sareng kadigjayaan anu langkung-langkung agungna.
11. Mugi kersa ngadangu kana panyambat abdi, sareng kana panyambat sugri anu sumeja ngamulyakeun ka Gusti, mugi-mugi abdi mendak kurnia ti raja, dikabulkeun panuhun.” Kitu paneda sim kuring. Harita sim kuring teh jadi juruladen leueuteun prabu.

Nehemia 2:1-20
1. Opat bulan ti harita, dina hiji poe waktu Raja Artahsasta tuang, sim kuring nyanggakeun leueuteun. Katingalieun sim kuring nguyung tara-tara ti sasari.
2. Seug anjeunna mariksa, ”Nguyung-nguyung teuing, ku naon? Da lain ari gering mah. Tangtu keur boga kasusah.” Sim kuring mani ngagebeg,
3. pok unjukan, ”Mugi Kangjeng Raja wilujeng sapapaosna. Kumaha jisim abdi bade kiat nahan kasesah, reh lembur tempat makam karuhun parantos bukrak-bakrek, gapura-gapurana seep aya nu ngahuru.”
4. Prabu mariksa deui, ”Cik, kumaha kahayang maneh?” Bari sasambat ka Allah Sawarga,
5. sim kuring unjukan ka raja, ”Madak Gusti Sang Raja kersa ngabulkeun, abdi nyuhunkeun diwidian mulang ka lembur, ka tanah Yuda, tempat pasarean karuhun, sumeja diwangun deui.”
6. Raja, anu harita digedeng ku prameswari, nyaluyuan kana panuhun sim kuring. Jeung mariksa rek sabaraha lilana indit teh, iraha rek balik deui. Ku sim kuring diunjukkeun pililaeunana.
7. Sim kuring nyuhunkeun deui kurniana, nyuhunkeun serat keur para gupernur di Eprat Kulon, sangkan aranjeunna ngidinan sim kuring ngajugjug tanah Yuda.
8. Oge nyuhunkeun serat keur ka Asap kawasa leuweung karajaan, sangkan maparin kai keur bahan panto-panto benteng Bait Allah, pikeun kuta jeung pikeun piimaheun sim kuring. Berkah ti Allah, sagala panuhun sim kuring ku raja dikabul.
9. Raja miwarang sapasukan serdadu kuda jeung sawatara perwirana, dipiwarang maturan sim kuring ka Eprat Kulon. Serat ti raja ku sim kuring disanggakeun ka gegeden-gegeden di dinya.
10. Tapi Sanbalat, ti desa Bet Horon, jeung Tobia, hiji pajabat ti propinsi Amon, ngadarenge yen aya jelema datang rek digawe pikeun kapentingan urang Israil teh kacida arambekeunana.
11. Ti dinya sim kuring terus ka Yerusalem. Geus tilu poe di dinya,
12. tapi pikarepeun sim kuring ka Yerusalem anu geus diilhamkeun ku Allah, acan diomongkeun ka sasaha. Tengah peuting eta sim kuring kaluar, dianteur ku sawatara urang. Sato keur tutumpakan ngan aya hiji-hijina, kalde nu ditumpakan ku sim kuring wungkul.
13. Kaluar ti kota teh peuting keneh, bijilna ti Gapura Lebak di beulah kulon. Terus maju ka kidul ka Gapura Jarian, ngaliwatan Pancuran Naga, bari nengetan kuta anu geus arurug jeung lawang-lawang anu geus lebur urut ngahuru.
14. Nepi ka sisi kota beulah wetan, mengkol ka kaler arek ka Gapura Pancuran jeung ka Empang Raja. Tapi ku sabab jalanna pinuh ku nu pagalituk, kalde teu manggih tincakeun.
15. Ku sabab kitu sim kuring terus mudun ka Lebak Kidron bari nengetan kuta. Geus kitu balik deui ka urut tadi, terus asup deui ka jero kota ti Gapura Lebak.
16. Tas ti mana jeung tas naon sim kuring, gegeden di dinya taya nu terangeun saurang-urang acan. Nepi ka harita, sim kuring acan nyarita naon-naon ka sasama urang Yahudi oge, boh ka imam-imam, boh ka para pamingpin jeung gegeden-gegeden, atawa ka sing saha bae anu engkena baris marilu ngabantu kana pagawean.
17. Nyarita-nyarita teh ayeuna. Kieu carek sim kuring ka maranehna, ”Pohara pikangeneseunana kaayaan urang teh. Yerusalem jadi bukrak-bakrek, gapura-gapurana lebur! Urang jieun deui kuta teh, sangkan urang lubar tina kaayaan hina.”
18. Satuluyna sim kuring nyarita yen geus meunang pangjaring jeung pitulung Allah. Timbalan raja tea dicaritakeun ka maranehna. Ku maranehna ditema kieu, ”Hayu urang geura prak mimitian!” Seug maranehna tatan-tatan.
19. Eta paniatan kadengeeun ku Sanbalat jeung Tobia, jeung ku hiji urang Arab anu ngaranna Gesyem. Seug maranehna nyeungseurikeun bari pokna, ”Rek boga pamaksudan naon maraneh teh? Rek barontak ka raja?”
20. Dijawab ku sim kuring, ”Ku pitulung Allah Sawarga, paniatan kuring pasti bukti. Kuring, abdi-abdi Mantenna, ayeuna rek mimiti barang gawe ngadegkeun. Sabalikna aranjeun teu boga hak atawa milik naon bae di Yerusalem, sarta dina adat istiadat ieu kota, aranjeun teu boga bagian.”

Mazmur 88:11-18
11. Gusti teh bade midamel mujijat ka nu parantos maraot? Tiasaeun mayit lugay teras mumuji ka Gusti?
12. Naha kaasih Gusti sok diomongkeun di jero kubur? Naha kasatiaan Gusti sok dicarioskeun di tempat kabinasaan?
13. Naha tiasa katingal mujijat-mujijat Gusti di nu poek, kitu deui kasaean Gusti di tanah nu leungit tina emutan?
14. Nun PANGERAN, abdi ngalengis nyambat pitulung, saban enjing neneda ka Gusti.
15. Naon margina abdi disieuhkeun, nun PANGERAN, naon margina Gusti ngabalieur ti abdi?
16. Ti ngongora abdi teh diriripuh dugi ka mehmehan maot, parantos cape nadahan hukuman ti Gusti.
17. Haben dilindes ku amarah Gusti anu ngentab-ngentab, binasa jadi tadah panyiksa Gusti.
18. Sadinten jeput sapertos diteumbragan ku caah, ambreg ti unggal sisi.

Amsal 21:25-26
25. Jalma kedul, nu embung digawe, sasat maehan maneh,
26. gawena teh ngan wungkul ngalamun hayang beunghar. Ari jelema nu bener mah balabah tur mere maweh.

Kisah Para Rasul 25:1-27
1. Sanggeus tilu poe ti barang sumping ka kagupernuranana, Festus angkat ti Kesarea ka Yerusalem.
2. Para imam kapala jeung jalma-jalma parenting di Yerusalem daratang ka anjeunna merkarakeun Paulus,
3. jeung marenta kurniana sangkan Paulus diiangkeun ka Yerusalem. Maksud maranehna nu saenyana mah rek maehan Paulus di jalan.
4. Waler Festus, ”Paulus ditahan di Kesarea, tur kaula rek buru-buru balik ka ditu.
5. Pamingpin aranjeun bae ka daritu bareng jeung kaula, pikeun ngelakkeun manehna lamun enya salah.”
6. Festus calikna di Yerusalem teu leuwih ti sapuluh poe, tuluy mulih ka Kesarea. Teu talangke deui isukna terus muka pangadilan, Paulus dipiwarang jogo.
7. Sanggeus aya di pangadilan, Paulus pada ngalingkung ku urang Yahudi anu geus daratang ti Yerusalem. Paulus ku maranehna dikelakkeun tina rupa-rupa kasalahan anu bareurat, tapi maranehna teu barisaeun ngabuktikeun.
8. Ku Paulus diwaler kieu, ”Sim kuring teu gaduh dosa boh kana Hukum Musa, boh kana Bait Allah, boh ka Prabu Rum.”
9. Ari Festus bawaning ku hoyong kaanggo ku urang Yahudi, mariksa ka Paulus, ”Daek lamun perkara maneh dipariksa di Yerusalem, diputus di ditu disaksian ku kami?”
10. Waler Paulus, ”Jisim abdi ayeuna nuju aya di Mahkamah Pangadilan Prabu Rum, nya di dieu kedah diputus teh. Gamparan langkung uninga, jisim abdi teu gaduh kalepatan ka urang Yahudi.
11. Saupami jisim abdi lepat, milampah anu manjing hukum pati, jisim abdi moal embung paeh. Sawangsulna upami pakelakan maranehna teu aya buktosna, moal aya nu tiasa maksa nyerenkeun jisim abdi ka maranehna. Jisim abdi nyuhunkeun apel ka Prabu.”
12. Sanggeus barempag jeung Mahkamah, Festus ngawaler ka Paulus, ”Pamenta maneh apel ka Prabu diluluskeun.”
13. Teu lila deui, Raja Agripa jeung Bernika sarumping ka Kesarea, kersana ngawilujengkeun ka Festus.
14. Sanggeus meunang sawatara poe, Festus nyarioskeun hal Paulus ka eta raja. Saurna, ”Peliks ngantunan hiji sakitan di pangberokan.
15. Nalika sim kuring ka Yerusalem, eta sakitan teh dikelakkeun ku para imam kapala sareng ku para kokolot urang Yahudi, sareng disaruhunkeun supados dihukum.
16. Sanggem sim kuring, urang Rum tara mikeun jalmi sangkan dihukum, upami anu ditudingna teu acan padu hareupan sareng anu nuding, sareng teu acan dipaparin kasempetan ngabela.
17. Sadongkapna maranehna ka dieu, teu talangke deui enjingna sim kuring muka pangadilan. Saparantos sakitan dijogokeun,
18. lajeng pada ngadakwakeun. Nanging geseh tina pangira, anu ditudingkeunana teh sanes perkawis kajahatan.
19. Perkawisna mung ngeunaan sual agama maranehna sareng perkawis Yesus anu parantos maot, dupi sanggem Paulus mah hirup.
20. Bawaning ku ewed mikiran eta perkawis, Paulus ku sim kuring ditanya daek henteuna upami dipariksa di Yerusalem, diputus di ditu.
21. Nanging sanggemna bade apel, sareng nyuhunkeun tetep ditahan di dieu memeh diputus ku Prabu.”
22. Saur Agripa, ”Sim kuring hoyong ngupingkeun eta jalmi.” Waler Festus, ”Mangga, enjing.”
23. Poe isukna Agripa jeung Bernika sarumping reujeung sagala upacara, kacida garindingna, lalebet ka gedong pangadilan diiring ku para gegeden militer jeung menak-menak kota eta. Seug Festus marentahkeun supaya Paulus dideuheuskeun.
24. Ti dinya saur Festus, ”Sang Raja Agripa sareng hadirin sakumna. Jisim kuring ngunjukkeun ieu jalmi, anu diperkawiskeun ku sakumna urang Yahudi di dieu sareng di Yerusalem. Sanggem maranehna ka jisim kuring, dugi ka tinggarero, ieu jalmi teh parantos teu pantes dihirupan.
25. Nanging pamendak sim kuring ieu jalmi teu pisan milampah anu manjing kana hukum pati. Malah ku margi jinisna hayangeun naek banding ka Prabu, ku jisim kuring bade dideuheuskeun.
26. Mung naon anu kedah diunjukkeun ka ditu dina serat, reh teu aya perkawisna anu pasti. Ku margi kitu ayeuna diunjukkeun ka sakumna hadirin, agungna ka kersa gamparan, nun Raja Agripa! Supados saparantos dipariksa perkawisna, ku jisim kuring tiasa diunjukkeun dina serat.
27. Reh ku emutan kalintang henteu saena nyanggakeun sakitan henteu kaunjukkeun perkawisna.”