A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Juli 2

1 Tawarikh 28:1-21
1. Raja Daud nimbalan sangkan sakabeh pamingpin Israil kumpul di Yerusalem. Gancangna para pamingpin kaom, para pajabat anu ngurus gawe karajaan, para pamingpin golongan, para pangurus rajakaya jeung ingon-ingon kagungan raja sapala putra, cindekna para gegeden karaton, para perwira, jeung jalma-jalma anu parenting, geus kumpul di Yerusalem.
2. Daud ngadeg, ngadawuh ka aranjeunna, ”Dulur-dulur para kanca sanagara, rungukeun! Kami aya pasejaan hayang nyieun gedong anu maneuh pikeun tempat Peti Perjangjian, jojodog sampean PANGERAN Allah urang. Kami geus tarapti sasadiaan rek prak nyieun gedong keur kamulyaan Mantenna,
3. tapi ku Mantenna henteu diwidian, lantaran kami tukang perang jeung loba teuing ngocorkeun getih batur.
4. Kami saturun-tumurun ku PANGERAN Allah Israil dipilih pikeun ngatur Israil sapapanjangna. Kaom anu ku Mantenna dipilih pikeun jadi pamingpin nya eta kaom Yuda. Ti kaom Yuda, anu kapilih ku Mantenna teh kulawarga bapa kami, sarta ti lebah kulawarga eta nya kami anu ku Mantenna ditujul kudu jadi raja nyangking sakumna bangsa Israil.
5. Kami ku PANGERAN dipaparin loba anak. Ti sakabeh anak, Suleman ku Mantenna ditujul kudu jadi raja ngarajaan Israil, karajaan PANGERAN.
6. Timbalan PANGERAN ka kami, ’Nya Suleman, anak maneh, anu bakal nyieun eta gedong pikeun Kami. Suleman ku Kami geus kapilih jadi anak, Kami teh Ramana.
7. Upama manehna terus enya-enya nurutna kana sagala hukum jeung parentah-parentah Kami saperti ayeuna, karajaanana ku Kami baris ditetepkeun salalawasna.’
8. Ku sabab kitu ayeuna di payuneun Allah urang, jeung dina ieu pajemuhan sakumna bangsa Israil anu jadi umat PANGERAN, kami meredih ka maraneh, rahayat kami, sing balener nya nurut kana sagala timbalan PANGERAN Allah urang, supaya bisa tetep ngamilik ieu tanah anu sakieu hadena, wariskeuneun ka saanak incu salalanggengna.”
9. Ti dinya anjeunna sasauran ka Suleman, ”Anaking, pamenta Ama, hidep masing madep ka Allah panutan bapa hidep, masing cengeng kumureb ka Mantenna dibarengan ku hate. Mantenna maha uninga kana sagala usiking pikiran jeung angen-angen urang. Asal hidep daek sumolondo tan wande ku Mantenna diangken. Sabalikna lamun hidep nukangan, tan wande ku Mantenna ditilar salalawasna.
10. Sing nganyahokeun, hidep ku Mantenna geus ditangtukeun kudu nyieun gedong suci, Bait Allah keur Mantenna. Geura prak pigawe sing junun.”
11. Seug Daud ka Suleman maparin rancangan adegan-adegan anu tumali jeung Bait Allah, gudang-gudangna, rohangan-rohanganana, Kamar Pangsucina paranti ngahampura dosa,
12. kitu deui rancangan-rancangan anu aya keneh dina manahna hal palataran-palataran Bait Allah katut kamar-kamar sakurilingna, gudang-gudang panyimpenan paparabotan Bait Allah jeung kamar rajabrana pangbakti ka PANGERAN.
13. Lian ti eta Daud nerangkeun aturan papancen para imam jeung urang Lewi hal kawajibanana di Bait Allah jeung ngurus parabot paragi ngabakti;
14. nerangkeun sakumaha kudu make perak jeung emas pikeun nyieun paparabotan paranti ngabakti,
15. pikeun nyieun lampu-lampu jeung ajug-ajugna,
16. pikeun nyieun meja-meja perak, pikeun nyieun tiap meja emas paragi ngambengkeun roti sasajen ka Allah.
17. Kitu deui anjeunna mere pituduh, sakumaha kudu make emas murni pikeun nyieun garpuh-garpuh, bokor-bokor jeung kendi-kendi, kudu sakumaha make perak jeung emas pikeun nyieun piring-piring,
18. sakumaha kudu make emas murni pikeun nyieun altar paragi meuleum dupa jeung pikeun titihan paranti arca-arca mukarabin anu jangjangna meber ngauban Peti Perjangjian PANGERAN.
19. Saur Raja Daud, ”Ieu rarancang anu kudu dilaksanakeun teh datangna ka kami ti PANGERAN ku manten.”
20. Ngalahir deui Raja Daud ka Suleman putrana, ”Sing pangger, sing junun. Geura prung pigawe, ulah digontot-gontot. GUSTI Allah anu ku Ama dikaulaan tan wande nyarengan ka hidep. Mantenna hamo nilarkeun, tangtu moal petot nyarengan nepi ka rengse sagala pagawean nyieun tempat pikeun ngabakti di eta Bait Allah kagungana-Na.
21. Papancen-papancen pikeun para imam jeung pikeun urang Lewi anu tumali jeung sagala pagawean di Bait Allah ku Ama enggeus diatur. Jalma-jalma patukangan anu kaahlianana rupa-rupa, anu geus saradia singkil ngabantu, kitu deui sakabeh jelema jeung para pamingpinna geura cangking, geura atur ku hidep.”

1 Tawarikh 29:1-30
1. Tutas eta, Raja Daud ngadawuh ka pajemuhan, ”Suleman putra kami anu geus dipilih ku PANGERAN, umurna ngora keneh, tacan rea pangalaman. Ari pigaweeun sakitu rohakana, kawantu anu rek dijieun teh gedong keur GUSTI Allah, lain karaton keur manusa.
2. Pikeun kaperluan nyieunna kami geus sakedah polah kukumpul bahan-bahanna: emas, perak, tambaga, beusi, kayu, batu-batu permata, mutiara, batu lempengan jeung pirang-pirang batu marmer.
3. Samalah ku bawaning nyaah ka Bait Allah PANGERAN, kami pribadi nyumbangkeun perak jeung emas tina peperenian sorangan,
4. emas kolot tilu rebu talenta leuwih, perak murni meh tujuh rebu talenta, keur papaes tembok Bait Allah,
5. jeung keur bahan barang-barang perak jieuneun tukang-tukang. Ayeuna, coba saha anu rido mere derma nyumbangkeun pangbaktina ka PANGERAN?”
6. Para kapala golongan, para pamingpin kaom, para panglima jeung para pajabat anu nyangking harta milik karajaan, kalawan sukana masing-masing marere sumbangan
7. bahan-bahan pikeun kaperluan nyieun Bait Allah. Barang-barang sumbanganana: Emas lima rebu talenta leuwih, perak salaksa talenta leuwih, tambaga meh salaksa dalapan rebu talenta, beusi saketi talenta leuwih.
8. Sumbangan-sumbangan mangrupa batu-batu permata diasupkeunana ka perbendaharaan Bait Allah diurus ku Yehiel, urang Lewi ti warga Gerson tea.
9. Jalma-jalma nyarumbangna ka PANGERAN reujeung sukana sarta kacida barungaheunana, dumeh barang-barang anu disumbangkeun teh nepi ka sakitu lobana. Komo Raja Daud mah liwat saking ngaraos bagjana teh.
10. Di dinya keneh dina eta pajemuhan, Daud muji sukur ka PANGERAN, piunjukna, ”Nun GUSTI, Allah Yakub karuhun abdi, mugi Gusti dimulyakeun salalanggengna!
11. Kaagungan, kadigjayaan, kamulyaan, kaagrengan, sareng kaluhungan, aya di salira Gusti. Saniskara nu di langit sareng di bumi, sadaya kagungan Gusti. Gusti teh Raja pinunjul, jungjunan saalam dunya.
12. Kabeungharan, kamuktian, sadaya asal ti Gusti, anu ngasta saniskara kalayan digjaya sareng kawasa, anu iasa midamel sangkan jalma jadi mulya sareng digjaya.
13. Nun Allah panutan, abdi-abdi muji sukur sareng ngamulyakeun pajenengan Gusti nu agung.
14. Parandene kitu, abdi sareng rahayat rumaos teu tiasa ngahaturkeun naon-naon ka Gusti, mung tiasa masrahkeun deui anu ku Gusti parantos dipasihkeun, kawantos sagala rupi oge asalna ti Gusti.
15. Gusti langkung uninga, hirup abdi sadaya di payuneun Gusti teh ibarat numpang ngumbara, sapertos karuhun abdi sadaya. Umur abdi-abdi saibarat kalangkang sakolebatan, teu tiasa sumingkir ti ajal pati.
16. Nun Gusti PANGERAN, abdi sadaya parantos sami-sami nyanggakeun ieu bahan-bahan kanggo ngadamel gedong, kangge ngagungkeun pajenengan Gusti anu suci. Nanging eta sadaya asalna teh paparin ti Gusti, sadayana asal kagungan Gusti.
17. Abdi terang yen Gusti ngaji hate tiap jalmi, sareng mikasuka ka jalmi anu sipatna lempeng jujur. Abdi iklas nyanggakeun ieu barang-barang ka Gusti. Ku abdi katingal kumaha baringaheunana umat Gusti anu karempel di dieu reh parantos tariasaeun nyanggakeun pangbakti ka Gusti.
18. Nun GUSTI, Allah karuhun abdi, Ibrahim, Ishak, sareng Yakub, mugi-mugi sipat babakti maranehna anu sapertos kitu teh dilanggengkeun, sina tetep ngakar dina hate umat Gusti, mugi sing tetep maranehna satia saumur-umur.
19. Mugi pun anak, Suleman, dipaparin hate suhud sareng kadaek kana ngalakonan sagala timbalan Gusti, sareng kanggo ngadegkeun Bait kangge ngabakti ka Gusti, anu bahan-bahanna ku abdi parantos disadiakeun.”
20. Sanggeus kitu Daud nimbalan ka pajemuhan, ”Sanggakeun puji ka PANGERAN Allah maraneh!” Breng kabeh maruji ka PANGERAN, Allah karuhunna, tuluy sarujud nyanggakeun hormat ka PANGERAN jeung ka raja.
21. Poe isukna maranehna mareuncit sato dikurbankeun, dibaktikeun ka PANGERAN, saterusna dibagikeun ka jalma rea sina didalahar. Salian ti eta maranehna mareuncit deui sarebu sapi jalu ngora, sarebu domba jalu, jeung sarebu anak domba, diduruk kabeh dina altar, ditambah ku ngurbankeun anggur.
22. Poe eta sajeroning dahar nginum di payuneun PANGERAN, jalma-jalma pohara ngarasa bagjana. Dina poe eta Suleman diembarkeun deui yen jadi raja, tuluy dilisahan kalawan pajenengan PANGERAN, jadi raja maranehna, sarta Sadok dijenengkeun imam.
23. Sabada eta Suleman terus calik dina tahta anu geus dikukuhkeun ku PANGERAN, ngagentos ramana, Daud. Jadina raja lulus mulus, hasil sagala panejana, katurut ku sakumna bangsa Israil.
24. Para gegeden, sakumna balad, malah putra-putra Daud sejenna kabeh ikrar seja satia, tarima dibawah kawasa Raja Suleman.
25. Sakumna bangsa Israil ku PANGERAN dikersakeun kataji ku Suleman, sarta Suleman teh ku Mantenna dipaparin kamulyaan anu punjul ti raja Israil nu mana bae.
26. Daud putra Isai ngarajaanana nyangking sanagara Israil teh
27. opat puluh taun, nya eta di Hebron tujuh taun, di Yerusalem tilu puluh tilu taun.
28. Pupusna sanggeus yuswana kacida sepuhna, mulya, kawasa, dipikaajrih. Anjeunna diganti ku Suleman, putrana.
29. Carita Raja Daud ti awal nepi ka wekasan kaungel dina carita tilu jurutingal: Samuel, Natan jeung Gad,
30. anu ngadadarkeun hal ngarajaanana, hal kakawasaanana, jeung hal-hal anu kasorang ku anjeunna jeung ku urang Israil, kitu deui ku karajaan-karajaan sakurilingeunana.

Mazmur 78:67-72
67. Tapi Mantenna nolak turunan Yusup jeung teu kersaeun milih kaom Epraim.
68. Mantenna anggur milih kaom Yuda jeung Gunung Sion, kameumeut-Na.
69. Di dinya Mantenna ngadegkeun Bait-Na kawas panglinggihana-Na nu di sawarga, tohagana satohaga bumi, reugreug pageuh sapapanjangna.
70. Mantenna milih abdi-Na, Daud, dicandak ti pangangonan.
71. Tina purah ngurus domba, Daud ku Mantenna dijieun raja Israil, anu ngangon umat Allah.
72. Umat Allah teh ku Daud diurus kalawan hade, diaping dijaring kalayan binangkit.

Amsal 20:6-7
6. Saban jalma sok ngakukeun satia, tapi ari anu enya satia mah langka.
7. Bagja anu jadi anak, lamun bapana jujur sarta kalakuanana bener.

Kisah Para Rasul 10:24-28
24. Poe isukna deui anjeunna geus sumping ka Kesarea, keur didago-dago ku Kornelius anu geus ngondangan sanak baraya jeung sobat-sobatna.
25. Barang Petrus sumping, Kornelius muru, munjungan mani tapak deku.
26. Ku Petrus dicepeng sina nangtung, saurna, ”Ngadeg! Bapa oge sami manusa.”
27. Bari lebet Petrus sasauran terus ka Kornelius. Di jero geus loba jelema.
28. Saur Petrus ka maranehna, ”Aranjeun tangtos aruninga, urang Yahudi ku agamana dilarang natamu atanapi cacampuran sareng bangsa sanes. Tapi Bapa kenging pituduh ti Allah yen teu kenging nganggap najis atanapi haram ka sasama jalmi.