A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Juli 15

2 Tawarikh 25:1-28
1. Amasia mimiti jadi raja dina yuswa dua puluh lima taun, ngarajaanana dua puluh salapan taun, calikna di Yerusalem. Jenengan ibuna Yoadan urang Yerusalem.
2. Anjeunna midamel anu sapagodos jeung manah PANGERAN, tapi bari ngaraos hoream.
3. Sanggeus ngaraos tohaga anjeunna maehan dua ponggawa anu nelasan ramana.
4. Tapi anak-anakna mah henteu milu ditumpes, sabab anjeunna tunduk kana timbalan PANGERAN dina Hukum Musa, anu ungelna: ”Kolot teu meunang dipaehan ku karana kajahatan anak, anak teu meunang dipaehan ku karana kajahatan kolot. Anu kudu dipaehan teh jalmana, anu jahatna.”
5. Raja Amasia ngawangun pasukan balad ti kaom Yuda jeung kaom Binyamin, diatur nurutkeun golongan masing-masing, lengkep jeung perwira-perwirana, aya anu ngabawah sarebu prajurit, aya anu saratus. Kabehna aya 300.000 jelema anu umurna ti semet dua puluh taun ka luhur, dijieun pasukan-pasukan anu siap tempur tur parigel metakeun tumbak jeung kepeng.
6. Jaba ti eta anjeunna nyewa 100.000 prajurit ti nagara Israil, dibayar ku perak kurang leuwih 3.400 kilogram.
7. Aya nabi ngadeuheus ka raja, miunjuk kieu, ”Gusti ulah nganggo prajurit-prajurit ti Israil, margi jalmi-jalmi urang Karajaan Kaler mah henteu disarengan ku PANGERAN.
8. Gusti ngagalih perang bakal langkung kiat upami dibantu ku maranehna, padahal mung Allah anu kawasa ngatur unggul asorna. Upami keukeuh bade nganggo maranehna, tangtos Sang Raja ku Allah bakal disina kawon.”
9. Raja mariksa ka nabi, ”Nanging kumaha perak anu parantos dibayarkeun?” Saur nabi, ”PANGERAN kawasa mulangkeun langkung ti kitu!”
10. Ku sabab kitu eta pasukan sewaan teh ku Amasia ditimbalan marulang deui. Seug baralik, tapi kacida arambekeunana ka urang Yuda.
11. Amasia ngagedurkeun sumanget, tuluy mingpin baladna ka Lebak Uyah. Der perang, hasil bisa maehan sapuluh rebu serdadu Edom,
12. jeung ngaboyong sapuluh rebu urang deui. Boyonganana digiring ka puncak hiji cadas di Sela, tuluy ditinggang-tinggangkeun ka handap datang ka parejet.
13. Sabot kitu serdadu-serdadu Israil anu ku Amasia teu tulus diajak mantuan perang tea, ngarurug kota-kota Yuda antara Samaria jeung Bet Horon, maehan tilu rebu urang dinya bari rarampas loba pisan.
14. Ari Amasia, mulihna tas ngelehkeun urang Edom teh nyandak arca-arca brahala musuh, seug ditangtung-tangtungkeun tuluy disembah, dikukusan.
15. PANGERAN bendu, tuluy ngutus hiji nabi ka Amasia. Eta nabi miunjuk, ”Ku naon Gusti ngabakti ka aallahan batur, anu buktosna teu tiasaeun nulungan para panganutna digempur ku Gusti?”
16. Amasia gancang nempas, saurna, ”Ti iraha maneh ku kami diangkat jadi jurunasehat raja? Repeh, bisi dipaehan ku kami!” Memeh jep nabi teh ngawalon, ”Parantos tetela ayeuna, Gusti pinasti dihukum ku Allah, reh parantos midamel kitu, sareng teu kersa digeuing.”
17. Amasia raja nagara Yuda geus rempug jeung juru-juru nasehatna rek merangan Israil. Tuluy ngajurung hiji utusan, nangtang ka Yoas bin Yoahas bin Yehu, raja Israil.
18. Ku Yoas diwaler kieu ka Amasia, ”Sakali mangsa di Gunung Libanon, tangkal cucuk ngirim pamenta ka tangkal kiputri, pokna, ’Anak awewe andika ku kaula rek dipenta keur pibojoeun anak kaula.’ Pareng aya sato leuweung ngaliwat, tangkal cucuk rebah kadupak.
19. Beu Amasia, ulah rasa maneh tas ngelehkeun urang Edom. Ceuk kami mah mending oge ngeunah-ngeunah cicing di imah. Keur naon ngusik-ngusik pibalaieun, anu bakal nyilakakeun andika jeung rahayat?”
20. Amasia teu kersa ngadangu. Dasar Amasia kudu eleh dikersakeunana ku Allah, lantaran geus ngabakti ka brahala-brahala urang Edom.
21. Raja Yoas geus angkat rek merangan Amasia raja Yuda, mokprok di Bet Semes wewengkon Yuda.
22. Balad Yuda eleh, serdaduna kalabur ka saimah-imahna.
23. Amasia ku Yoas ditangkep, dibawa ka Yerusalem. Eta kota ku Yoas digempur, kutana sapanjang meh dua ratus meter ti semet Gapura Epraim nepi ka Gapura Juru rebah.
24. Emas jeung perak di jero Bait Allah, paparabotan Bait Allah anu dijaga ku turunan Obed Edom, kitu deui rajabrana karaton, ku Yoas diakut kabeh ka Samaria, malah Yoas nyandak sandera-sandera.
25. Sanggeus Yoas raja Israil pupus, Amasia raja Yuda masih keneh aya yuswa lima welas taun deui.
26. Lampah Amasia salian ti eta ti mimiti marentah nepi ka tamat, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda jeung Israil.
27. Ti barang anjeunna belot ti PANGERAN tea, di Yerusalem aya anu ngamusuh ka anjeunna, nu matak anjeunna kabur ka Lakis. Tapi ku musuhna disusul jeung ditelasan di ditu.
28. Layonna dibawa ka Yerusalem kana kuda, dikurebkeun di makam karajaan di Kota Daud.

2 Tawarikh 26:1-23
1. Geus kitu urang Yuda milih Usia, putra Amasia anu yuswa genep welas taun, dijenengkeun raja ngagentos ramana. (
2. Sanggeus Amasia ramana pupus, Usia ngarebut deui kota Elat sarta diomean.)
3. Usia mimiti jumeneng raja dina yuswa genep welas taun, ngarajaanana lima puluh dua taun, calikna di Yerusalem. Jenengan ibuna Yekolya urang Yerusalem.
4. Lampahna kawas lampah ramana, sapagodos jeung manah PANGERAN.
5. Sapanjang aya keneh Jakaria, jurunasehatna anu ibadah, anjeunna ngabdi ka PANGERAN kalawan suhud, sarta ku Allah diberkahan.
6. Hiji mangsa Usia angkat merangan urang Pelisti. Kota Gat, Yamnia jeung Asdod, kuta-kutana dirugrugkeun, tuluy ngadegkeun kota-kota anu dibenteng deukeut Asdod jeung di wewengkon lianna di Pelisti.
7. Anjeunna ku Allah dibantu ngelehkeun urang Pelisti, urang Arab anu caricing di Gur Baal, jeung urang Mehunim.
8. Urang Amon malayar upeti ka Usia. Kakawasaanana beuki nambahan, kamashuranana kauar-uar nepi ka Mesir.
9. Benteng-benteng Yerusalem ku anjeunna ditohagaan, di luhur Gapura Juru jeung Gapura Lebak kitu deui dina pepengkolanana diberean munara.
10. Di pategalan-pategalan oge ngadamelan munara jeung ngali sumur-sumur, kawantu loba pisan ingon-ingonna, boh di padataran luhur, boh di padataran handap di beulah kulon. Jeung ku sabab resepeun kana tatanen, anjeunna ngahatean rahayatna sina ngarebon anggur di pagunungan-pagunungan jeung marelakan tanah-tanah anu lendo.
11. Anjeunna kagungan balad gede anu siap maju jurit. Catetanana dicekel ku dua sekretaris anjeunna, Yiel jeung Maaseya, anu dikapalaan ku Hananya pangbantu raja.
12. Eta balad dicangking ku 2.600 perwira.
13. Prajuritna aya 307.000 urang anu palinter perang ngabela raja ti musuh-musuhna.
14. Ku Usia dipakarangan ku kepeng, tumbak, balakutak, baju kere, gondewa jeung jamparingna, jeung bandring.
15. Tukang-tukang cipta di Yerusalem dipiwarang nyieunan pakarang paranti mesat-mesatkeun jamparing, jeung paranti ngaguling-gulingkeun batu anu galede ti luhur munara jeung ti pepengkolan-pepengkolan kuta. Jenengan anjeunna kautarakeun ka mana mendi, kawasana liwat saking, sabab anjeunna kenging bantuan ti Allah.
16. Tapi sanggeusna jadi tohaga, Raja Usia jadi takabur, ngalantarankeun anjeunna cilaka. Anjeunna midamel peta anu ngalawan ka PANGERAN Allahna, nya eta lebet ka Bait Allah seja ngukus ku anjeun dina altar.
17. Ku Imam Asarya disusul jeung dalapan puluh imam anu garagah,
18. rek dicegah. Saur aranjeunna, ”Usia! Anjeun teu aya hak ngukus ka PANGERAN. Anu wenang ngan anu geus dibakukeun kana ngukus, nya eta imam-imam turunan Harun anu geus disucikeun. Gancang tinggalkeun ieu tempat anu suci. Anjeun geus nangtang ka GUSTI Allah. Anjeun moal meunang deui berkah-Na.”
19. Usia geus ngadeg deukeut altar pangukusan di eta Bait Allah, geus nyepeng parukuyan. Anjeunna jadi bendu ka imam-imam. Dadak sakala harita keneh anjeunna katerap ku lepra dina taarna.
20. Asarya jeung imam-imam sejenna mencrong kana taar raja mani harookeun, tuluy maksa ngaluarkeun raja ti dinya. Raja gentak ka luar lantaran geus digebug ku PANGERAN.
21. Ti semet harita Raja Usia tetep najis ku tina kasawatna. Teu meunang lebet deui ka Bait Allah, nyingkur bae di bumina, misah, leupas tina sagala damel. Urusan nagara dipasrahkeun ka Yotam, putrana.
22. Sagala rupa ihtiar anjeunna sapanjang jumeneng raja diserat ku Nabi Yesaya putra Amos.
23. Sanggeus pupus, dikurebkeun di lahan makam karajaan, tapi lain di makam paranti raja-raja, da lepra tea. Yotam, putrana, jumeneng raja ngagentos anjeunna.

2 Tawarikh 27:1-9
1. Yotam mimiti jumeneng raja dina yuswa dua puluh lima taun, ngarajaanana genep welas taun, calikna di Yerusalem. Jenengan ibuna Yerusa putra Sadok.
2. Anjeunna midamel anu sapagodos jeung manah PANGERAN, cara ramana. Ngan henteu nurutan dosa anu dipidamel ku ramana, anu ngukus ku anjeun di Bait Allah. Tapi ari rahayat mah angger ngaralampahkeun dosa.
3. Nya Yotam anu ngadamel gapura anu disebut Gapura Kaler, di Bait Allah. Kuta kota Opel di wewengkon Yerusalem ku anjeunna dipanjangan.
4. Di pagunungan-pagunungan Yuda anjeunna ngadamel kota-kota. Di leuweung-leuweung ngadamel benteng-benteng jeung munara-munara.
5. Merangan jeung ngelehkeun raja Amon sabaladna. Urang Amon salila tilu taun dipaksa kudu mayar upeti unggal taun ku perak 3.400 kilogram, jeung ku dua rupa gandum masing-masing 1.000 ton.
6. Kakawasaan anjeunna terus nambahan lantaran sumujud tur suhud ka PANGERAN Allahna.
7. Kajadian-kajadian waktu anjeunna ngarajaan, peperangan-peperangan jeung siasat-siasatna, kabeh kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil jeung Yuda.
8. Waktu mimiti jumeneng raja, yuswana dua puluh lima taun, ngarajaanana genep welas taun, calikna di Yerusalem.
9. Sanggeus pupus dikurebkeun di Kota Daud. Ahas, putrana, jadi raja ngagentos anjeunna.

Mazmur 84:1-7
1. Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Gitit. Jabur golongan Korah.
2. Abdi kalintang nyaahna ka Bait Gusti, nun PANGERAN, Allah Nu Maha Kawasa!
3. Kalintang hayangna cicing di dinya! Kalintang hayangna aya di Bait PANGERAN. Jiwa raga nyanyi gumbira ka kersa Allah anu jumeneng.
4. Cacakan manuk gareja nyarieun sayang, kapinis baroga enggon cicing, maliara anakna teh caket altar-altar Gusti, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Raja sareng Allah abdi.
5. Bagja temen jalma nu matuh di Bait Gusti, tiasa mumuji ka Gusti sapapaosna.
6. Bagja temen jalma anu kenging kakiatan ti Gusti, anu hatena kumejot hayang jarah ka Gunung Sion.
7. Waktos maranehna nyorang Lebak Baka anu garing, eta tempat teh ngajadi tempat cinyusu, seueur cai nu ngumplang, berkah turunna hujan munggaran.

Amsal 21:4-5
4. Jalma jahat dikawasaan ku kaadigungan jeung kasombonganana, eta teh dosa.
5. Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil. Bari gurunggusuh mah beubeunanganana moal sabaraha.

Kisah Para Rasul 19:1-20
1. Waktu Apolos di Korinta, Paulus mah ngideran pilemburan di wewengkon eta, ti dinya tuluy sumping ka Epesus. Di Epesus mendak sawatara jelema anu geus palercaya ka Yesus.
2. Ku anjeunna dipariksa, ”Ti saparantos palercaya, kumaha aranjeun parantos narampi Roh Suci?” Jawabna, ”Nguping oge nembe yen aya Roh Suci.”
3. Paulus mariksa deui, ”Aranjeun dibaptis ku baptisan naon?” ”Sumuhun baptisan Yohanes,” jawabna.
4. Saur Paulus, ”Baptisan Yohanes mah baptisan pertobat. Ari anjeunna nyaurkeun yen urang Israil kedah percaya ka anu bakal sumping pandeurieunana; nya eta ka Yesus.”
5. Sanggeus meunang katerangan kitu, seug maranehna kabeh dibaptis ku pajenengan Gusti Yesus.
6. Sanggeusna ku Paulus ditarumpangan panangan, seug nararima Roh Suci, tuluy mimiti ngaromong ku rupa-rupa basa jeung nyaturkeun pangandika Allah.
7. Jumlah maranehna kira-kira dua belas urang.
8. Paulus lebet ka imah ibadah, mituturan urang dinya kacida wanina nepi ka tilu bulan, sateka-teka ngayakinkeun ka maranehna hal Karajaan Allah.
9. Tapi aya anu baredegong jeung arembungeun percaya, ngagogoreng kana ajaran rancangan Allah enggoning nyalametkeun manusa ku jalan Gusti Yesus ka jalma rea. Anu matak Paulus terus nyingkah ti maranehna, nyandak anu geus palercaya, ngawulangna ngalih ka rohangan perpustakaan Tiranus. Saban poe
10. kitu bae nepi ka dua taun, datang ka urang Yahudi jeung bangsa sejen di sawewengkon Asia kabeh ngadarenge perkara pangandika Allah.
11. Pangeran nembongkeun mujijat-mujijat luar biasa ku jalan Paulus.
12. Nepi ka salempay atawa beulitan urut Paulus lamun dibawa ka nu gering, panyakitna terus undur, roh jahat ge terus nyingkah.
13. Aya sawatara dukun urang Yahudi anu sok ngider ka ditu ka dieu, wawanianan nyebut jenengan Gusti Yesus ka anu kasurupan roh jahat, pokna, ”Demi jenengan Yesus anu diuarkeun ku Paulus, maneh setan geura nyingkah!”
14. Anu karitu teh tujuh jalma padudulur, anakna Skewa, Imam Agung.
15. Tapi roh jahatna nembalan kieu, ”Aing ka Yesus wawuh, ka Paulus nyaho, ka maraneh mah aing teu nyaho!”
16. Seug jelema anu kasurupanana teh nubruk ka maranehna terus ngekeyek, nepi ka maranehna raripuh, lulumpatan bari tararanjang, papakeanana rarangsak, awakna raruksak, raraheut.
17. Terus kautarakeun ka urang Yahudi jeung ka bangsa sejen anu araya di Epesus, nepi ka sarieuneun, sarta pajenengan Yesus beuki seungit.
18. Loba anu geus palercaya tuluy ngawakcakeun kalakuanana anu enggeus-enggeus ka umum.
19. Loba deui anu tadina jaradi tukang sihir ngumpulkeun kitab-kitab paririmbonna, tuluy didaruruk kasaksian ku sarerea. Lamun diitung-itung harga eta kitab-kitab teh kabeh pangaji lima puluh rebu uang perak.
20. Pangandika Gusti gancang pisan nerekabna jeung nepi ka nyilepkeun nu sejen-sejen.