A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Juli 11

2 Tawarikh 17:1-19
1. Yosapat jadi raja ngagentos Asa, ramana, sarta nohagaan kakuatan keur ngayonan Israil.
2. Nempatkeun pasukan-pasukan di saban kota benteng di Yuda jeung di pasisian wewengkon Yuda, kitu deui di kota-kota pagunungan di wewengkon Epraim anu geus dijabel ku Asa bareto.
3. Yosapat diberkahan ku PANGERAN, sabab nuturkeun tapak kalakuan ramana anu beh ditu beh ditu, henteu ibadah ka Baal.
4. Sumujud ka Allah panutan ramana, tunduk kana timbalan-timbalana-Na, henteu cara kalakuan raja-raja Israil.
5. Yosapat nyangkingna karajaan Yuda ditohagakeun ku PANGERAN, pada ngahaturanan pangbakti ku rahayatna, jadi kacida beungharna tur kacida diajenanana.
6. Anjeunna ngaraos bagja ngabdi ka PANGERAN. Tempat-tempat ngabakti ka brahala jeung arca-arca Asera nu aya di Yuda ku anjeunna digempur.
7. Dina taun katilu jumenengna raja, anjeunna ngutus Benhail, Obaja, Jakaria, Netanel, jeung Mikaya, sina ngawuruk ka urang Yuda.
8. Maranehna dibaturan ku salapan urang Lewi, nya eta Semaya, Netanya, Sebaja, Asahel, Semiramot, Yonatan, Adonia, Tobia, jeung Tob Adonia. Aya imamna duaan, nya eta Elisama jeung Yehoram.
9. Maranehna ngideran sakuliah karajaan Yuda, mawa buku Hukum PANGERAN, ngawuruk rahayat.
10. Karajaan-karajaan di sakurilingna ku PANGERAN disina sarieuneun ka Raja Yosapat, taya anu wanieun merangan.
11. Urang Pelisti mah sawareh aya anu mawakeun perak kacida lobana jeung rupa-rupa deui pangbakti ka Yosapat. Jeung aya sababaraha urang Arab anu mere domba 7.700 siki jeung embe 7.700 siki.
12. Yosapat beuki lila beuki punjul bae. Di sakuliah karajaan Yuda anjeunna ngadamel benteng-benteng jeung tempat-tempat
13. panyimpenan bekel kacida lobana. Di Yerusalem anjeunna nempatkeun perwira-perwira penting,
14. diatur nurutkeun ahli karuhunna masing-masing. Panglima anu nyangking pasukan ti ahli karuhun Yuda nya eta Adna, ngabawah 300.000 prajurit.
15. Sahandapeunana, nu kadua, nya eta Yohanan, ngabawah 280.000 prajurit;
16. nu katilu nya eta Amasia bin Sikri, ngabawah 200.000 prajurit. (Amasia kalawan sukana pribadi kumawula ka PANGERAN.)
17. Panglima ti pasukan ahli karuhun Binyamin nya eta Elyada, satria gagah, ngabawah 200.000 prajurit anu pakarangna kepeng jeung jamparing.
18. Sahandapeun eta, nu kadua nya eta Yosabad, ngabawah 180.000 prajurit, pakarangna kacida lengkepna.
19. Maranehna ngawula ka raja di Yerusalem. Di kota-kota benteng lianna di sanagara Yuda oge Yosapat nempatkeun pasukan-pasukan.

2 Tawarikh 18:1-34
1. Sanggeus Raja Yosapat, raja nagara Yuda, jadi mukti jeung kaajen, anjeunna bebesanan jeung Raja Ahab, raja Israil.
2. Sawatara taun ti harita anjeunna angkat ka kota Samaria, natamu ka Ahab. Yosapat sapangiringna ku Ahab dihormat-hormat, dipangmeuncitkeun domba jeung sapi loba pisan, tuluy curak-curak. Ti dinya Ahab ka Yosapat nyoba-nyoba mundut dibantuan ngarurug Ramot di Gilad.
3. Saurna, ”Kumaha anjeun kersa mantuan kaula merangan Ramot?” Waler Yosapat, ”Mangga, kaula sareng balad seja ngabantu, sawaktos-waktos tangtos sayagi.”
4. Saurna deui, ”Nanging saena mah urang tumaros heula ka PANGERAN.”
5. Raja Ahab nyaur nabi-nabina sina kumpul, aya opat ratus urang. Anjeunna mariksa, ”Meunang kami indit merangan Ramot?” ”Mangga rurug bae,” jawabna, ”ku Allah tangtos diunggulkeun.”
6. Tapi saur Yosapat, ”Kumaha aya keneh nabi sanesna anu baris mangnaroskeun ka PANGERAN?”
7. Waler Ahab, ”Aya saurang deui, Mika bin Imla. Mung kaula teh ngewa, da eta mah ka kaula tara ngawejangkeun anu baris pisaeeun, mung anu arawon bae.” ”Ah teu sae sasauran kitu,” waler Yosapat.
8. Raja Ahab miwarang hiji ponggawa sina ngangkir Mika sarta kudu kabawa harita.
9. Eta dua raja ngaranggo dangdanan karajaan, tuluy caralik dina korsi karajaan deukeut hiji pangirikan luareun lawang Samaria. Ari nabi-nabi tea ngawarejang di payuneunana.
10. Nu saurang, nu ngaran Sidkia bin Kenaana nyieun tatandukan tina beusi, tuluy unjukan ka Ahab, ”Kieu timbalan PANGERAN, ’Gempur ku maneh urang Siria ku ieu, tangtu tumpur!’ ”
11. Nabi-nabi sejen oge ucapanana kawas kitu. Ceuk maranehna, ”Rurug Ramot, tangtos Kangjeng Raja kenging, diunggulkeun ku PANGERAN.”
12. Ponggawa nu ngangkir Mika tea miunjuk kieu ka Mika, ”Nabi-nabi sadayana parantos sami ngaramalkeunana, raja bakal unggul. Bapa oge saena mah kitu.”
13. Saur Mika, ”Demi PANGERAN anu jumeneng, anu bakal diucapkeun ku kami ngan anu diandikakeun ku Allah kami!”
14. Sanggeus aya di payuneun raja, Mika ku raja dipariksa, ”Mika, meunang kami jeung Raja Yosapat ngarurug ka Ramot?” Piunjuk Mika, ”Mangga rurug! Tangtos Gusti anu kenging, diunggulkeun ku PANGERAN.”
15. Tapi saur Ahab, ”Lamun enya nyarita ka kami mawa pajenengan PANGERAN, bejakeun satarabasna bae. Lain geus sering kami nitah kitu ka maneh?”
16. Piunjuk Mika, ”Ku abdi katingal balad Israil paburisat di pasir-pasir sapertos domba teu aya nu ngurus. Dupi timbalan PANGERAN, ’Eta jelema-jelema teh geus teu barogaeun pamingpin, sina baralik bae sangkan saralamet.’ ”
17. Saur Ahab ka Yosapat, ”Tuh, ceuk kaula ge ieu mah tara ngucapkeun pibagjaeun kaula, ngan ngucapkeun picilakaeun bae!”
18. Mika miunjuk deui, ”Dangukeun ieu timbalan PANGERAN! Katingal ku abdi PANGERAN keur linggih dina singgasana di sawarga, dibanding ku para malaikat-Na.
19. PANGERAN mariksa, ’Saha anu bisa ngawujuk ka Ahab, sina indit ngadon tiwas di Ramot?’ Malaikat aya anu ngawarangsul, nanging sanggem sawareh kieu, sanggem sawarehna deui kitu.
20. Aya hiji roh marek ka payuneun PANGERAN, unjukan kieu, ’Abdi tiasa ngawujukna.’ Dawuhan PANGERAN, ’Cik, kumaha?’
21. Sanggem eta roh, ’Nabi-nabi Ahab bade disina ngabarohong.’ Dawuhan PANGERAN, ’Jung wujuk ka ditu. Ku maneh tangtu beunang.’ ”
22. Piunjuk Mika deui, ”Kitu pibakaleunana. Nabi-nabi Gusti ku PANGERAN parantos disina ngabarohong ka Gusti, sarta Mantenna ku manten parantos nangtoskeun yen Gusti bakal bobor karahayuan!”
23. Nabi Sidkia nyampeurkeun ka Mika, tuluy nyabok bari ngomong kieu, ”Ti iraha Roh PANGERAN undur ti kami sarta ngandika ka maneh?”
24. Waler Mika, ”Engke oge maneh nyaho lamun geus asup kamar bijil kamar neangan panyumputan.”
25. Raja Ahab nimbalan hiji tamtama, saurna, ”Tangkep Mika, bawa ka kota, serenkeun ka gupernur Amon jeung ka Yoas putra raja,
26. sina dijebloskeun ka jero panjara, jeung sungkeret dahar nginumna nepi ka kami mulang deui salamet!”
27. Piunjuk Mika, ”Upama Gusti iasa mulih salamet, eta tandaning PANGERAN henteu ngandika ku jalan abdi!” Saurna deui, ”Kitu omongan kaula. Bandungan ku sarerea!”
28. Ahab raja Israil jeung Yosapat raja Yuda arangkat rek ngarurug ka Ramot di Gilad.
29. Saur Ahab ka Yosapat, ”Kaula mah perang teh rek nyamar. Anjeun mah resmi bae nganggo anggoan karajaan.” Nya tuluy raja Israil teh tarungna nyamar.
30. Raja Siria geus marentahkeun ka kapala-kapala pasukan kareta, yen anu kudu ditarajang teh ngan raja Israil, nu sejenna ulah.
31. Barang maranehna narenjoeun ka Raja Yosapat samarukna anjeunna teh raja Israil, tuluy bae ditarajang. Tapi Yosapat sasambat ngagero ka GUSTI Allah, seug ku Mantenna dirahayukeun, anu muru disina malundur deui.
32. Sanggeus kanyahoan yen anjeunna lain raja Israil, kapala-kapala pasukan kareta ngarudagna henteu dituluykeun.
33. Aya hiji serdadu Siria anu ngalepas jamparing sambarangan bae, tapi bet keuna ka Ahab pisan, nanceb kana sela-sela baju kerena. Raja Ahab ngagorowok ka kusir karetana, ”Kami tatu! Balikkeun kareta urang bijil ti nu campuh!”
34. Sabot perang ragot keneh Raja Ahab tetep nagen dina karetana bari nyarande ngayonan urang Siria. Wanci surup panonpoe anjeunna lastari, pupus.

Mazmur 81:11-16
11. Nya Kami, PANGERAN, Allah maraneh, anu ngabudalkeun maraneh ti Mesir. Geura caralangap, ku Kami rek dihuapan.
12. Tapi umat Kami teu daek ngadenge, Israil teu nurut ka Kami.
13. Anu matak ku Kami dihajakeun sina neugtreug, dijujur kuma karepna.
14. Kacida Kami ngaharepna maranehna daraek ngagugu ka Kami, kacida Kami hayangna maranehna narurut!
15. Tangtu musuhna ku Kami gancang-gancang ditalukkeun, sarta lawan-lawanna dielehkeun.
16. Anu arijideun ka Kami tangtu mendek hareupeun Kami, galimireun. Baris dihukum saendeng-endeng.

Amsal 20:26-28
26. Ku raja anu binekas mah nu boga salah teh kauninga sarta dihukum teu dipikarunya.
27. PANGERAN ka urang maparin budi rasa reujeung ati sanubari. Urang moal bisa sumput salindung.
28. Raja baris tetep kawasana, satungtung marentahna jujur, bener, adil.

Kisah Para Rasul 16:22-40
22. Jalma rea oge pipilueun narajang ka Paulus jeung Silas. Raksukan Paulus jeung Silas ku para pajabat dirangsadan, terus miwarang jelema ngarangket aranjeunna.
23. Tas dirangketan kacida nemenna, tuluy aranjeunna dijebloskeun ka pangbuian, bari diomat-omatkeun ka kapala panjara supaya aranjeunna dijaga sing tohaga.
24. Ku sabab kitu aranjeunna diasupkeun ka kamar tahanan pangjerona, sampeanana dipasung, didempet ku balok.
25. Sanggeus kira-kira tengah peuting, Paulus jeung Silas ngadaroa jeung pupujian ka Allah, kadarengeeun ku sakitan lianna.
26. Sabot kitu, aya lini gede teu kira-kira, panjara inggeung-inggeungan nepi ka panto-pantona mararuka, malah rante-rante barogod para sakitan oge ngadadak lalesotan.
27. Kapala panjara nyaring tibuburanjat. Barang nenjo panto-panto panjara geus marolongo, tuluy nyabut pedang rek maehan maneh, samarukna sakitan-sakitan geus kalabur.
28. Paulus ngagero tarik pisan, ”Ulah waka maehan maneh! Kabeh sakitan araya keneh!”
29. Kapala panjara menta lampu, tuluy lumpat ka jero, bruk nyuuh kana sampean Paulus jeung Silas, awakna ngadaregdeg.
30. Aranjeunna tuluy dibawa ka luar. Ceuk kapala panjara sanggeus di luar, ”Juragan-juragan, kedah kumaha abdi teh supaya salamet?”
31. Waler aranjeunna, ”Kudu percaya ka Gusti Yesus, tangtu anjeun salamet, anjeun sakulawarga.”
32. Kapala panjara jeung saeusi imahna ku aranjeunna diwulang hal pangandika Allah.
33. Wanci eta keneh peuting-peuting Paulus jeung Silas dikaluarkeun ti jero bui, raheut-raheutna diberesihan. Kapala panjara jeung sakulawargana dibaptis peuting eta keneh,
34. kacida barungaheunana lantaran geus palercaya ka Allah. Saulus jeung Silas dibawa ka imahna, disuguhan tuang.
35. Sanggeus bray beurang, aya upas-upas utusan ti nu kawasa mawa parentah, ”Leupaskeun tahanan anu kamari!”
36. Ku kapala panjara diwartoskeun ka Paulus, ”Juragan-juragan parantos dipiwarang dibebaskeun ku pamarentah. Mangga geura marulih, wilujeng angkat.”
37. Tapi saur Paulus ka upas-upas, ”Kaula duaan teu nyieun kajahatan, tapi nepi ka dirangketan di hareupeun umum. Ieu kaula teh duanana oge warga nagara Rum! Kaula geus meunang kalakuan anu teu adil, nepi ka diasupkeun ka pangbuian, ari ayeuna rek dilepas ririkipan. Kaula teu tarima kitu bae! Gegeden Rum kudu sarumping ka dieu, kaula hayang dibebaskeun masing resmi.”
38. Pilahirna ku upas-upas diunjukkeun ka gegeden-gegeden Rum. Barang dibejaan yen Paulus jeung Silas warga nagara Rum, para gegeden teh jadi kacida sarieuneunana,
39. buru-buru menta dihampura ka Paulus jeung Silas, tuluy ngajarajapkeun aranjeunna kaluar ti panjara bari nunuhun supaya aranjeunna ngantunkeun eta kota.
40. Paulus jeung Silas terus ngabujeng ka imah Lidia, nepangan nu palercaya. Sabada maparin saur nu matak teger, tuluy arangkat ti dinya.