A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Juni 7

2 Raja 1:1-18
1. Sanggeus Ahab raja Israil pupus, urang Moab barontak ka Israil.
2. Hiji mangsa Ahasia raja Israil ragrag tina loteng karaton di Samaria, seug jadi teu damang. Tuluy miwarang ponggawana ka Ekron, sina menta pituduh ka Beel Sebul dewa urang Pelisti, naha kasawatna bakal damang deui atawa moal.
3. Malaikat PANGERAN nimbalan ka Nabi Elias urang Tisbe, miwarang megat utusan Ahasia jeung kudu sasauran kieu, ”Ari di Israil naha geus euweuh Allah, nepi ka rek menta pituduh ka Beel Sebul dewa urang Ekron?
4. Bejakeun ka raja, timbalan PANGERAN, ʼManeh moal cageur deui, bakal tuluy paeh.ʼ ” Elias tumut kana timbalan.
5. Gancangna utusan-utusan raja baralik deui. Ku raja dipariksa, ”Ku naon geus baralik deui?”
6. Pihatur para utusan, ”Dipiwarang wangsul deui ku hiji jalma, saurna kieu timbalan PANGERAN perkawis salira Kangjeng Raja, ʼNaha di Israil geus euweuh Allah, nepi ka maneh nitah menta pituduh Beel Sebul dewa urang Ekron? Maneh moal cageur deui, bakal tuluy paeh.ʼ ”
7. Raja mariksa, ”Siga kumaha jelemana?”
8. Piunjukna, ”Jalmana nganggo raksukan kulit, nganggo sabuk kulit.” ”Tangtu Elias,” saur raja.
9. Raja miwarang hiji perwira mawa lima puluh prajurit nangkep Elias. Elias kasampak keur calik di hiji pasir. Eta perwira ngomongna kieu, ”Eh utusan Allah! Timbalan raja, maneh kudu turun!”
10. Waler Elias, ”Lamun enya kami utusan Allah, sing turun seuneu ti langit, ngalebur ka maneh jeung balad maneh!” Gur bae turun seuneu ti langit, ngalebur ka eta perwira jeung prajurit-prajuritna.
11. Raja miwarang perwira sejen jeung prajuritna lima puluh. Eta perwira ngomongna kieu ka Elias, ”Eh utusan Allah! Timbalan raja, ayeuna maneh kudu turun!”
12. Waler Elias, ”Lamun enya kami utusan Allah, sing turun seuneu ti langit, ngalebur ka maneh jeung balad maneh!” Gur deui turun seuneu ti Allah, ngalebur ka eta perwira jeung prajurit-prajuritna.
13. Raja miwarang deui hiji perwira jeung prajuritna lima puluh. Eta perwira nanjak, geus kitu brek sideku di payuneun Elias sarta pihaturna, ”Nun piwarangan Allah, mugi Ajengan hawatos ka abdi sadaya. Abdi sadaya sumeja nyanggakeun pati hurip!
14. Dua perwira anu tadi sareng sadaya prajuritna parantos tiwas ku seuneu ti langit. Jisim abdi neda sih piwelas Ajengan.”
15. Malaikat PANGERAN nimbalan ka Elias, ”Jig milu ka ditu. Ulah salempang.” Bral Elias angkat jeung eta perwira. Gancangna geus aya di payuneun raja,
16. ngalahir kieu, ”Kieu timbalan PANGERAN, ʼManeh geus nitah menta pituduh ka Beel Sebul dewa urang Ekron, kawas di Israil geus euweuh Allah anu bisa disambat pituduh-Na. Ku sabab kitu maneh moal cageur deui, bakal tuluy paeh!ʼ ”
17. Gancangna Ahasia geus pupus, saluyu jeung timbalan PANGERAN anu disaurkeun ku Elias. Ku sabab Ahasia teu kagungan putra lalaki, anu jadi raja ngaganti anjeunna teh saderekna, nya eta Yoram, dina taun kadua Raja Yehoram putra Raja Yosapat nyangking karajaan Yuda.
18. Carita Raja Ahasia kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.

2 Raja 2:1-25
1. Cunduk kana waktu, PANGERAN kersa ngangkat Elias ka sawarga, jalan angin puyuh. Ti dinya Elias angkat ti Gilgal disarengan ku Elisa.
2. Di tengah jalan Elias sasauran ka Elisa, ”Maneh mah di dieu bae, Ama ku PANGERAN ditimbalan ka Betel.” Pihatur Elisa, ”Abdi sumpah demi kasatiaan abdi ka PANGERAN anu jumeneng sareng ka Ama, abdi moal ngantunkeun Ama.” Bral arangkat ka Betel.
3. Murid-murid di Betel nyalampeurkeun ka Elisa, nararos, ”Kumaha sampean parantos terang? Juragan sampean dinten ieu bakal dicandak ku PANGERAN.” ”Kaula ge terang,” walon Elisa. ”Tapi ulah gareruh.”
4. Elias ngalahir ka Elisa, ”Maneh cicing di dieu, Ama ku PANGERAN ditimbalan ka Yeriho.” Pihatur Elisa, ”Abdi sumpah demi kasatiaan abdi ka PANGERAN anu jumeneng sareng ka Ama, abdi moal ngantunkeun Ama.” Bral arangkat ka Yeriho.
5. Murid-murid di Yeriho nyalampeurkeun ka Elisa, naranya, ”Kumaha sampean geus terang? Juragan sampean dinten ieu bakal dicandak ku PANGERAN.” ”Kaula ge terang,” walon Elisa. ”Tapi ulah gareruh.”
6. Elias ngalahir ka Elisa, ”Maneh cicing di dieu, Ama ku PANGERAN ditimbalan ka Walungan Yordan.” Pihatur Elisa, ”Abdi sumpah demi kasatiaan abdi ka PANGERAN anu jumeneng sareng ka Ama, abdi moal ngantunkeun Ama.” Bral arangkat
7. ka Walungan Yordan, ditaluturkeun ku murid-murid nabi lima puluh urang. Elias jeung Elisa liren di sisi walungan, murid- murid anu lima puluh urang oge areureun, rada jauh.
8. Elias muka jubah, digulungkeun tuluy dipeupeuhkeun kana cai. Bray cai nyingray nepi ka dasar, Elias jeung Elisa mareuntas.
9. Di peuntas ditu Elias ngalahir ka Elisa, ”Geura pok, hidep rek menta naon ka Ama, memeh Ama dicandak.” Elisa mihatur, ”Nyuhunkeun dipaparin pangawasa Ama, supados tiasa jadi gegentos Ama.”
10. Waler Elias, ”Hidep menta anu hese. Lamun Ama keur dicandak katenjo, pamenta hidep bisa tinekanan. Lamun teu katenjo, pamenta hidep moal dikabul.”
11. Sabot aranjeunna sasauran bari angkat, dumadakan dipapag ku kareta seuneu anu ditarik ku kuda seuneu, seug Elias dicandak, diangkat ku angin puyuh.
12. Ku Elisa katingalieun, seug Elisa sasambat, ”Ama! Ama! Nabi Israil anu digjaya! Ama parantos lajeng!” Les Elias teu katembong deui. Bawaning ku gegetun Elisa nyoehkeun anggoanana mani beulah dua.
13. Top Elisa mulung jubah Elias anu ragrag ti awang-awang, tuluy malik angkat ka sisi walungan, ngadeg heula sakeudeung.
14. Jubah Elias dipeupeuhkeun kana cai bari saurna, ”Di mana PANGERAN, Allah Elias?” Cai dipeupeuh deui, bray nyingray ka ditu ka dieu, seug anjeunna meuntas.
15. Katarenjoeun ku murid-murid nabi urang Yeriho anu lima puluh urang. Ceuk maranehna, ”Pangawasa Elias turun ka anjeunna!” Tuluy maranehna marapag ka Elisa, brek marando.
16. Ti dinya mihatur, ”Ieu abdi-abdi lima puluh urang, sami baredas. Dunungan sampean bade dipilarian, bisi ku Roh PANGERAN diragragkeun di gunung atanapi di lebak.” Waler Elisa, ”Keun bae tong ditareangan.”
17. Tapi ku sabab maraksa ku Elisa diidinan. Bral maranehna laleumpang, tingtaranggah tingtarempo nareangan Elias, tapi nepi ka tilu poe teu kapanggih.
18. Tuluy baralik deui ka Elisa anu keur ngantos di Yeriho. Anjeunna ngalahir, ”Ceuk kaula ge entong ditareangan.”
19. Aya sababaraha urang Yeriho ngadareuheus ka Elisa, pihaturna, ”Hatur uninga, ieu kota teh saleresna mah sae, mung caina awon sareng watekna matak kaluron.”
20. Elisa ngalahir, ”Kami pangnyokotkeun uyah kana pinggan anyar.” Song disanggakeun.
21. Anjeunna angkat ka sirah cai, seug uyah teh diawurkeun kana sirah cai bari saurna, ”Timbalan PANGERAN, ʼIeu cai ku Kami dirobah jadi alus, moal matak paeh atawa kaluron.ʼ ”
22. Pilahir Elisa tinekanan, ti harita eta cai jadi alus.
23. Ti Yeriho Elisa angkat ka Betel. Di jalan, waktu anjeunna keur nanjak, aya barudak kalaluar ti nagara eta, seug maroyokan ka anjeunna, pokna, ”Euy gundul, geuwat nyingkir!”
24. Elisa ngareret, socana merong ka eta barudak anu lobana opat puluh dua urang, seug disapa bari nyambat pajenengan PANGERAN. Torojol ti leuweung aya nu bijil, dua biruang bikang, seug nyasaak eta barudak.
25. Elisa lajeng angkatna ka Gunung Karmel, ti dinya terus mulih ka Samaria.

Mazmur 71:9-16
9. Abdi ulah dipiceun dumeh parantos kolot, ulah ditilar dumeh parantos taya tanaga.
10. Abdi teh diomong-omongkeun ku musuh, dibadamikeun ku anu nariat maehan.
11. Carekna, ”Eta jalma geus ditundung ku Allah, urang udag, urang tewak, da moal aya nu nulungan.”
12. Nun Allah, ulah tebih ti abdi, enggal abdi tulungan, nun Gusti!
13. Sing eleh, sing tumpur eta anu ngarah ka abdi teh. Sing areraeun, sina nandang hina, nu nyiar picilakaeun abdi, eta anu bade nyarilakakeun ka abdi teh.
14. Dupi abdi moal weleh ngarep-ngarep ka Gusti bade wuwuh-wuwuh muji ka Gusti.
15. Bade nyanggemkeun kasaean Gusti sadinten jeput bade nyarioskeun kasalametan ti Gusti, sanaos hal eta teu kahontal ku akal abdi.
16. Kadigjayaan PANGERAN Nu Maha Agung sumeja dimashurkeun, nya kasaean Gusti anu bade dipuji-puji teh.

Amsal 18:6-8
6. Lamun nu gejul geus mimiti ngasongkeun alesan, eta sarua jeung menta paneunggeul.
7. Nu gejul mah ana geus nyarita sok terus ngocoblak, nepi ka karingkus ku ucap-ucapna keneh.
8. Aya ku genah ari ngadengekeun upatan! Mun kongang mah mani hayang nyamualkeun.

Yohanes 16:1-33
1. Kami ngabejakeun hal ieu teh supaya maraneh ulah nepi ka murtad.
2. Sabab maraneh bakal disingkirkeun ti imah-imah ibadah urang Yahudi, malah engke aya mangsa, jelema anu maehan ka maraneh pangrasana mah ngabakti ka Allah.
3. Bakal dikitu-kitu maraneh ku jalma-jalma, lantaran maranehna teu nyarahoeun ka Rama, teu nyarahoeun ka Kami.
4. Lamun jalma-jalma ka maraneh geus kitu, maraneh sing aringet yen ku Kami geus dibejaan ti ayeuna keneh tina sual eta.” ”Hal ieu teu dibejakeun ti bareto soteh lantaran Kami aya di maraneh keneh.
5. Ayeuna Kami rek indit ka Anu ngutus, ku maraneh teu ditanyakeun arek ka mana.
6. Ayeuna ku Kami geus dibejaan, hate maraneh naralangsa.
7. Saenyana Kami indit teh bakal leuwih mangpa’at pikeun maraneh, sabab lamun Kami teu indit, Panulung teh moal sumping. Sabalikna lamun Kami indit engke bakal ngajurungkeun Anjeunna ka maraneh.
8. Lamun geus sumping, Anjeunna bakal ngabuktikeun ka nu di dunya tina hal naon dosa maranehna, tina hal naon nu bener, jeung tina hal hukuman ti Allah.
9. Tina hal dosana, lantaran maranehna henteu palercayaeun ka Kami;
10. tina hal nu bener, lantaran bener Kami indit teh ka Rama sarta ku maraneh moal katenjo deui;
11. tina hal hukuman ti Allah, lantaran nu nyangking kawasa di dunya teh geus nyandang hukuman.
12. Picaritaeun Kami loba keneh tapi maraneh moal sanggup narimana ayeuna mah.
13. Tapi engke, lamun Roh tea geus sumping, maraneh bakal ditungtun sangkan nyaraho kana sagala hal anu saestu, sabab Anjeunna bakal nganyatakeun hal Allah anu saestu-estuna. Anu bakal disaurkeun ku Anjeunna lain pilahir-Na ku anjeun; anu bakal disaurkeuna-Na teh hal-hal anu geus kadangu ku Anjeunna bae, sarta maraneh ku Anjeunna bakal dibere nyaho naon-naon anu baris kajadian engke.
14. Anjeunna bakal ngagungkeun ka Kami, sabab nya Anjeunna anu bakal nepikeun pilahir-pilahir Kami ka maraneh.
15. Sagala kagungan Rama, jadi milik Kami ongkoh. Nu matak ceuk Kami bieu, sagala hal anu ditepikeun ku Roh ka maraneh asalna ti Kami.”
16. ”Kari sakeudeung deui maraneh narenjo Kami teh, tapi moal lila deui oge bakal narenjo deui.”
17. Murid-murid aya anu silih tanya, ”Naon maksudna? Saur-Na: ’Ngan kari sakeudeung deui urang narenjo Anjeunna teh,’ tapi saur-Na keneh: ’Sakeudeung deui oge bakal narenjo deui.’ Jeung saur-Na: ’Sabab Kami rek mulang ka Rama.’
18. Naon hartina ’sakeudeung deui teh’? Teu ngarti urang mah Anjeunna nyaurkeun naon.”
19. Yesus uningaeun yen maranehna harayang nanya, tuluy Anjeunna nyarios, saur-Na, ”Ceuk Kami bieu, ’Ngan kari sakeudeung deui maraneh narenjo Kami teh, tapi moal lila deui oge bakal narenjo deui.’ Eta anu disualkeun ku maraneh teh?
20. Satemenna ceuk Kami: Maraneh bakal ceurik jeung prihatin, tapi dunya mah bakal suka. Maraneh bakal nalangsa, tapi kanalangsaan maraneh bakal robah jadi kagumbiraan.
21. Awewe nu rek ngajuru tangtu susah hatena lantaran tereh nandangan kanyeri, tapi barang geus ngajuru sagala kanyerina moal dirasa, kasilep ku rasa bagja dumeh orokna geus lahir ka dunya.
22. Nya kitu maraneh oge: Ayeuna sarusah hate. Tapi Kami tangtu datang deui ka maraneh, sarta maraneh bakal ngarasa bagja, rasa bagja moal beunang disisilihan.
23. Dina mangsa eta maraneh geus moal aya tanyakeuneun deui ka Kami. Sing percaya, naon bae pamenta maraneh ka Rama anu dipenta bari mawa ngaran Kami, ku Rama tangtu dikabul.
24. Nepi ka ayeuna maraneh can barangpenta naon-naon mawa ngaran Kami. Pek marenta, tangtu bakal narima, sangkan kasenangan hate maraneh sampurna.”
25. ”Bareto Kami ngawuruk ka maraneh teh sok ku ibarat bae. Engke mah kaayaan Rama teh rek ditetelakeun sajentrena, moal ku ibarat deui.
26. Engke mah maraneh kudu barangpenta ka Rama teh nyebut ngaran Kami, jadi teu kudu dipangmentakeun deui ku Kami,
27. sabab Rama ku manten mikanyaah ka maraneh, lantaran maraneh nyaraah jeung palercaya yen Kami asal ti Allah.
28. Saestuna, Kami teh ti Rama, datang ka dunya, sarta ayeuna rek ninggalkeun ieu dunya, mulang deui ka Rama.”
29. Pihatur murid-murid, ”Ayeuna Gusti ngalahir teh parantos sageblasna, henteu ku ibarat deui.
30. Abdi-abdi nembe terang yen Gusti uninga kana sagala rupi. Gusti teu perlu ku jalmi anu nyual, sareng ku margi kitu abdi-abdi percanten, Gusti teh asal ti Allah.”
31. Waler Yesus, ”Percaya maraneh ayeuna?
32. Mangka nyaraho, tereh datang mangsana, malah eta mangsa teh geus datang, maraneh bakal dipaburencaykeun, marulang ka tempat masing-masing, Kami pada naringgalkeun. Tapi sanajan kitu ge Kami moal nyorangan, sabab aya Rama anu nyarengan.
33. Ieu kabeh ku Kami dibejakeun, supaya maraneh sarenang hate ngahiji ka Kami. Maraneh ku dunya bakal dikaniaya, tapi sing taleger, sabab dunya geus eleh ku Kami.”