A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Juni 28

1 Tawarikh 19:1-19
1. Dina hiji mangsa raja Amon anu jenenganana Nahas pupus, diganti ku putrana, Hanun.
2. Saur Daud, ”Kami rek nembongkeun ka Hanun yen seja midulur, sabab Nahas ramana hade ka kami.” Daud ngintun utusan ka ditu, pikeun nawiskeun bela sungkawa. Sanggeus utusan-utusan teh daratang ka Hanun,
3. para gegeden Amon arunjukan ka rajana, ”Naha leres Daud ngintun ieu utusan-utusan teh tawis mikatineungna ka tuang rama suwargi? Sayaktosna eta teh bade nalengteng nagara urang, ngarah gampil nempuh.”
4. Eta utusan-utusan ku Hanun ditangkep, janggotna dikurudan, pakeanana diguntingan lebah biritna, tuluy sina baralik.
5. Atuh kacida areraeunana, nepi ka teu kadarugaeun terus balik. Sanggeus kadangu ku Raja Daud, maranehna dipiwarang narunggu heula di Yeriho, ngadarago janggotna jaradi deui.
6. Raja Hanun jeung urang Amon geus rumasa yen ngahaja ngamusuh ka Daud. Tuluy nyewa kareta perang jeung nu tarumpakna ti Mesopotami Girang, jeung ti Maaka jeung Soba dua kota di nagara Siria, dibayarna ku perak tilu puluh opat rebu kilo.
7. Kareta anu disewa lobana tilu puluh dua rebu, geus datang jeung balad raja nagara Maaka, masanggrahan deukeut Medeba. Urang Amon ge geus budal ti unggal kota, geus sadia perang.
8. Sanggeus Daud uningaeun tuluy nimbalan ka Yoab sina ngetrukkeun balad.
9. Urang Amon geus taki-taki di lawang kota Raba, ibukota Amon, ari raja-raja anu rek mantuanana geus saradia di luar kota.
10. Kajudi ku Yoab yen anjeunna rek digencet ti hareup jeung ti tukang. Gancang meting serdadu-serdadu Israil, rek dipake ngayonan urang Siria.
11. Balad sesana dipercayakeun ka Abisai rayina, sina ngayonan urang Amon.
12. Saur Yoab ka rayina, ”Lamun Akang kadeseh ku urang Siria, Rayi kudu buru-buru mantuan. Upama Rayi kadeseh ku urang Amon, ku Akang dibantu.
13. Sing teteg, hayu urang sakuat-kuat ngabela bangsa jeung nagara Allah urang. Mugia laksana pangersa PANGERAN.”
14. Prung pasukan Yoab narajang, urang Siria kalabur.
15. Nyaho urang Siria kalabur, urang Amon oge kalabur ti Abisai, marubus deui ka nagarana. Sanggeus kitu Yoab mulang ka Yerusalem.
16. Sanggeus tetela yen kateter ku urang Israil, urang Siria ngumpulkeun deui kakuatan ti dayeuh-dayeuh nagarana anu di wetaneun Walungan Eprat, dipingpin ku Sobak, panglima perang Raja Hadad Eser ti Soba.
17. Daud geus uninga, seug mepek balad Israil, tuluy meuntasan Walungan Yordan muru ka balad urang Siria. Sanggeus campuh,
18. urang Siria kadeseh ku urang Israil. Tujuh rebu urang Siria ti pasukan kareta jeung opat puluh rebu serdadu leumpangna tiwas ku Raja Daud sabaladna. Sobak panglima perang urang Siria oge tiwas.
19. Sanggeus tetela kasoran ku urang Israil, raja-raja anu kaereh ku Raja Hadad Eser marenta taluk ka Daud, tuluy jadi erehan anjeunna. Ti dinya mah urang Siria kapok ngabantu ka urang Amon.

1 Tawarikh 20:1-8
1. Dina hiji mangsa waktu ganti taun, usum raja-raja budal perang, Yoab nyandak balad ngarurug ka tanah Amon. Raja Daud henteu ngiring, aya di Yerusalem. Kota Raba geus dikepung tuluy ditarajang diruksakkeun.
2. Arca batara Molek aallahan urang Amon anu make makuta emas beuratna aya kana tilu puluh opat kilona jeung make permata, permatana ku Daud dicandak, tuluy dipasangkeun kana makutana ku anjeun. Daud nyandak jarahan kacida lobana ti eta kota.
3. Jalma-jalmana ku anjeunna dipaksa digarawekeun, parabotna ragaji, pacul jeung kampak. Urang Amon di kota-kota sejenna oge dipaksa digarawekeun saperti kitu. Sanggeus kitu Daud sabaladna mulih ka Yerusalem.
4. Geus kitu aya perang deui jeung urang Pelisti di Geser. Harita Sibkai urang Husa maehan hiji raksasa ngaran Sipai, sarta urang Pelisti perangna eleh.
5. Waktu aya perang deui jeung urang Pelisti, Elhanan bin Yair maehan Lahmi, raksasa dulurna Goliat urang Gat tea, anu kandel bahu tumbakna sarua jeung pihanean.
6. Aya deui perang di Gat. Di dinya aya hiji raksasa turunan raksasa baheula, ramo leungeun jeung ramo sukuna genep-genep.
7. Eta raksasa kacida nyapirakeunana ka urang Israil. Seug dipaehan ku Yonatan bin Syama rakana Daud.
8. Eta tilu raksasa anu dipaehan ku Daud jeung abdi-abdina, kabeh turunan raksasa-raksasa Gat.

Mazmur 78:26-33
26. Sarta Mantenna miwarang angin wetan ngahiuk, sarta ku pangawasa-Na angin kidul ngagelebug,
27. ngintun manuk ka umat-Na, lobana tanding keusik di basisir,
28. murubut ka tengah pasanggrahanana di sakuliah tempat maranehna.
29. Umat-Na disina sareubeuh dahar, sakahayangna ditumutkeun.
30. Tapi tacan ge puas napsu maranehna, sabot keur dalahar keneh,
31. geus matak bendu PANGERAN. Heug jelema-jelema anu pangbaredasna, pamuda-pamuda Israil, ku Mantenna dibinasa.
32. Tapi maranehna taya kakapok, doraka teu euih-euih, teu ngarandel bae kana kaajaiban Mantenna.
33. Anu matak umurna ku Mantenna dianggeuskeun, lir napas sarenghap, tumpes dadak sakala.

Amsal 19:27-29
27. Anaking, mun maneh geus embung deui diajar, ka anu geus beunang ti heula ge bakal gancang poho.
28. Lamun saksi geus niat rek ngagebruskeun, hamo aya kaadilan. Jelema jahat mah kana kagorengan teh pohara beukina.
29. Tukang popoyok mah tangtu meunang hukuman, nu garejul pasti meunang pangrangket.

Kisah Para Rasul 8:26-40
26. Aya hiji malaikat anu ngalahir ka Pilipus, ”Buru-buru geura leumpang ka beulah kidul, teang jalan anu ti Yerusalem ka Gasa.” (Eta jalan geus tara dipake.)
27. Pilipus geuwat angkat. Di eta jalan aya hiji pajabat luhur urang Etiopia, anu ngurus harta kakayaan Sri Kandasi ratu nagri Etiopia, tas ti Yerusalem ngalakonan ibadah. Eta pajabat tunggang kareta seja mulih ka nagarana, sajajalan ngaos Kitab Nabi Yesaya.
28. ***
29. Saur Roh Suci ka Pilipus, ”Sampeurkeun itu kareta, deukeutan terus!”
30. Pilipus lumpat ngudag kareta; sanggeus deukeut kadangueun eta pajabat keur ngaos kitab Nabi Yesaya, tuluy ditaros, ”Kahartos aosanana, Juragan?”
31. ”Bade kahartos kumaha, teu aya anu nerangkeunana,” walerna bari ngahaturanan Pilipus naek kana karetana.
32. Anu keur diaosna teh bagian ieu, ”Ibarat domba ditungtun arek dipeuncit, ibarat anak domba keur diguntingan buluna, teu disada-sada, Anjeunna sakecap teu kedal saur.
33. Dihina-hina, teu kenging kaadilan. Nyawa-Na dicabut ti alam dunya, nepi ka teu aya anu bisa nyaritakeun turunana-Na.”
34. Saur eta pajabat, ”Hoyong terang, saha anu dicarioskeun ku nabi teh, salirana ku anjeun atanapi jalmi sanes?”
35. Pilipus nerangkeun hal Yesus Kristus mimiti tina ayat eta.
36. Kareta majuna geus nepi ka hiji tempat nu aya cai di hiji pupudunan. ”Kaleresan aya cai,” saur eta pajabat, ”kumaha Juragan teu kaabotan upami sim kuring dibaptis?” [
37. Waler Pilipus, ”Atuh mangga upami leres-leres percanten mah.” ”Kantenan percanten pisan, Yesus Kristus teh Putra Allah,” saur eta pajabat.]
38. Kareta dipiwarang eureun, eta pajabat jeung Pilipus lalungsur, terus alancrub ka cai, eta pajabat dibaptis.
39. Barang hanjat ti cai, Pilipus gaib tina paningali eta pajabat, dicandak ku Roh Allah. Eta pajabat ngalajengkeun perjalanan dipirig ku manah anu suka.
40. Ari Pilipus terang-terang geus aya di Asdod, ti dinya terus ka Kesarea bari nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah di saban kota anu kalangkungan.