A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Juni 2

1 Raja 13:1-34
1. Aya hiji nabi ti Yuda, kenging timbalan PANGERAN kudu angkat ka Betel. Gancangna geus sumping, waktu Raja Yarobam keur ngadeg deukeut altar seja ngurban.
2. Pok nabi teh ngalahir ka eta altar, ngedalkeun timbalan PANGERAN, ”Altar! Altar! Dengekeun ieu timbalan PANGERAN: Engke bakal aya budak medal ti bangsa Daud, ngaranna Yosia. Maneh ku eta bakal dijieun tempat meuncitan imam-imam anu ngalalayanan altar-altar brahala, tukang-tukang natakeun kurban luhureun maneh. Maneh ku eta bakal dipake tempat ngaduruk tulang-tulang jelema!”
3. Sasauranana terus, ”Kanyahokeun! Ieu altar bakal bencar, lebuna awur-awuran. Lamun geus kitu bakal tetela ka maraneh yen ieu omongan kami sategesna timbalan PANGERAN!”
4. Raja Yarobam ngahaok bari nunjuk ka eta nabi, timbalanana, ”Tangkep ieu manusa!” Tapi dak dumadak panangan raja jadi jeger teu bisa balik deui.
5. Sarta harita keneh altar teh ujug-ujug bencar, lebuna awur-awuran. Kasauran eta nabi kalawan timbalan PANGERAN tinekanan.
6. Raja Yarobam ngalahir ka eta nabi, ”Kaula pangnedakeun ka PANGERAN Allah andika, mugi ieu leungeun kaula ku anjeunna dicageurkeun deui!” Seug nabi teh neneda ka PANGERAN. Geus kitu panangan raja pulih deui sabiasa.
7. Raja sasauran ka nabi, ”Linggih heula ka kaula urang tuang. Kaula rek mulang tarima.”
8. Nabi ngawaler, ”Najan dipaparin saparo kabeungharan Sang Raja, paliyas kaula dahar atanapi nginum sareng Sang Raja.
9. Margi timbalan PANGERAN, kaula teu meunang barang teda, ulah nginum-nginum acan. Wangsul oge teu kenging ka jalan urut tadi.”
10. Ti dinya nabi tuluy mulih nganggo jalan sejen, henteu nyorang urut tadi.
11. Harita di Betel aya hiji nabi sepuh. Ku putra-putrana diwartosan yen poe eta aya nabi ti Yuda, geus kitu-kitu sarta kitu-kitu pilahirna ka Raja Yarobam.
12. ”Ka jalan mana mulihna?” saur nabi sepuh.
13. Sanggeus dituduhkeun, nabi sepuh mundut dipangnyelaankeun kalde, bral angkat,
14. terus mudun nyusul nabi anu ti Yuda tea. Gancangna kasusul, keur ngaso handapeun tangkal kiara. Nabi sepuh mariksa, ”Punten, leres kitu Ajengan teh nabi ti Yuda?” ”Leres” waler anu dipariksa.
15. ”Sindang heula ka rorompok, urang tuang,” saur nabi sepuh.
16. Waler nabi ti Yuda, ”Hatur nuhun kana pangangken dugi ka ngangkir dahar leueut. Mung hapunten teu tiasa ngiringan.
17. Margi timbalan PANGERAN sim kuring teu kenging barang teda, teu kenging nginum-nginum acan. Wangsul oge teu kenging ka jalan urut tadi.”
18. ”Bapa oge nabi sapertos Ajengan,” saur nabi sepuh bari terus ngabohong, saurna, ”Aya malaikat piwarangan PANGERAN ngalahir ka Bapa, miwarang nyindangkeun sareng ngangken ka Ajengan.”
19. Tungtungna nabi ti Yuda teh ngiring ka nabi sepuh, tuluy dituangkeun.
20. Sabot ngariung keneh meja, aya timbalan PANGERAN ka nabi sepuh.
21. Ngong nabi sepuh teh ngalahir tarik, ”Timbalan PANGERAN, ’Maneh henteu ngesto ka Kami, ngalanggar timbalan Kami.
22. Maneh balik deui jeung dahar di tempat anu ku Kami dilarang. Ku sabab kitu maneh kudu paeh. Sarta mayit maneh moal dikuburkeun di makam kulawarga sorangan.’ ”
23. Beres taruang nabi ti Yuda ku nabi sepuh dipangrarangkenankeun kalde,
24. ti dinya bral angkat neruskeun perjalanan. Tapi tiwas, di tengah jalan pupus dirontok singa. Layonna ngajoprak di tengah jalan, ari kaldena kitu deui singana caricing bae di dinya ngabanding gigireunana.
25. Katenjo ku anu ngaraliwat eta layon keur dibanding ku kalde jeung singa, tuluy dibejakeun ka urang Betel.
26. Barang nabi sepuh ngadangu warta seug sasauran, ”Moal salah tangtu eta teh nabi anu ngalanggar timbalan PANGERAN tea! Ku PANGERAN disina tiwas ku singa. Timbalan PANGERAN tinekanan.”
27. Geus kitu anjeunna ngalahir ka putra-putrana, ”Ama pangrarangkenankeun kalde!” Sanggeus tarapti,
28. bral angkat. Gancangna layon teh kapendak keur ngajolopong di tengah jalan dibanding ku kalde jeung singa. Eta singa henteu ngaganggu kana eta layon kitu deui kana kaldena.
29. Layon ku anjeunna diangkat kana tonggong kalde, dicandak ka Betel pikeun ditangisan jeung dimakamkeun.
30. Ku nabi sepuh tuluy dikurebkeun di makam kulawargina bari ditangisan, ”Duh Ki Sanak, Ki Sanak!”
31. Beres ngurebkeun, nabi sepuh wewekas ka pala putra, saurna, ”Lamun Ama geus maot, kuburkeun di ieu makam, rendengkeun jeung anjeunna.
32. Sagala kasauran anjeunna anu kedal ku timbalan PANGERAN perkara altar di Betel, kitu deui perkara tempat-tempat pangibadahan di kota-kota wewengkon Samaria tinangtu bakal tinekanan.”
33. Ari lampah Yarobam raja Israil jongjon teu aya saena. Malah anjeunna ngangkat imam-imam ti kaom-kaom anu ilahar, sina manghuluan di altar-altar kengingna ngadegkeun. Saha bae anu hayang jadi imam ku anjeunna terus diangkat.
34. Dosa anjeunna kitu baris malindes ka salirana, matak tumpur bebeakan ka turunanana.

1 Raja 14:1-31
1. Hiji mangsa putra pameget Yarobam anu jenengan Abia teu damang.
2. Yarobam ngalahir ka geureuhana, ”Nyai geura dangdan tuluy ka Silo, ka Nabi Ahia, anu bareto nyebutkeun yen Akang bakal jadi raja tea. Tapi kudu nyamar ngarah teu katangen.
3. Mawa roti sapuluh siki, kueh-kueh jeung madu sagoci keur kikintun. Taroskeun ka anjeunna kumaha kituh ieu si ujang teh geringna, tangtu ku anjeunna diwartoskeun.”
4. Gasik geureuha Yarobam angkat ka Silo ka bumi Nabi Ahia. Eta nabi geus sepuh. Ku tina kasepuhanana socana geus teu ningali.
5. Tapi geus diuningaan ku PANGERAN yen bakal kasumpingan garwa Yarobam anu rek mundut pituduh perkara panyawat putrana. Pikeun ngawalerna oge geus diuningaan. Gancangna garwa Yarobam geus sumping, niron-niron awewe biasa.
6. Tapi barang keresek lebet ka lawang, ku nabi geus dihiap saurna, ”Lebet Nyi Yarobam! Keur naon make nyamar? Ieu aya beja banget keur Nyai.
7. Popoyankeun ieu timbalan PANGERAN pikeun Yarobam, kieu, ’Maneh teh ku Kami geus diangkat ti nu loba, dijieun raja nyangking umat Kami Israil,
8. dibere karajaan beunang Kami nyandak ti turunan Daud. Kari-kari maneh bet henteu kawas abdi Kami Daud anu sakitu sumujudna, sakitu tuhuna kana timbalan-timbalan Kami, taya karepna nu sejen salian ti ngalampahkeun pangersa Kami.
9. Sabalikna kalakuan maneh kacida dorakana, leuwih doraka ti batan raja-raja nu ti hareula. Maneh nonggongan ka Kami, nyundut amarah Kami ku nyieunan brahala jeung arca-arca keur sembaheun.
10. Mana kanyahokeun, kulawarga maneh ku Kami rek ditumpes. Turunan maneh lalaki, nu kolot, nu ngora keneh, kabeh rek dibasmi sing tumpur. Ahli-ahli maneh ku Kami bakal disapu kawas nyapukeun kokotor.
11. Satiap ahli Yarobam, paeh di kota bakal dihakan anjing, paeh di tegal bakal beak ku manuk gagak. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.’ ”
12. Ahia terus keneh sasauranana ka garwa Yarobam, ”Jig geura balik. Engke, barang ce Nyai nincak nagara, anak Nyai geus kereles manten.
13. Eta budak maotna bakal diceungceurikan ku sakumna bangsa Israil sarta bakal dikubur. Ngan eta saurang ahli Yarobam anu maotna bakal dikubur tur mayitna dipulasara, sabab ngan eta saurang anu ku PANGERAN Allah Israil kapendak hade.
14. Satuluyna PANGERAN bakal ngajenengkeun hiji raja sejen nyangking Israil, anu baris namatkeun raja turunan Yarobam.
15. Nagara Israil ku PANGERAN bakal dihukum, dioyag-oyag lir galagah ditarajang ku nyeotna walungan. Urang Israil ku Mantenna bakal dirabut ti ieu tanah anu sakieu hadena paparin Mantenna ka karuhun maranehna. Bakal diawurkeun mancawura ka peuntaseun Walungan Eprat, lantaran geus nyarieun arca-arca batari Asera, nyundut bebendu PANGERAN.
16. Urang Israil bakal dikantun ku PANGERAN, lantaran Yarobam migawe dosa sarta ngadosakeun Israil.”
17. Bral garwa Yarobam mulih ka bumina di Tirsa. Kakara ge anjeunna ngadampal bangbarung, putrana geus kereles manten ngantunkeun.
18. Ku urang Israil dicaleungceurikan, tuluy dikurebkeun. Timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka Nabi Ahia abdi-Na tinekanan.
19. Carita hal Raja Yarobam, hal perangna, hal ngarajaanana, kaungel dina Kitab Babad raja-raja Israil.
20. Yarobam ngarajaanana dua puluh dua taun, tuluy pupus jeung dikurebkeun, digentos ku Nadab putrana jadi raja.
21. Ari Rehabam putra Suleman, mimiti jadi rajana teh dina yuswa opat puluh hiji taun. Ngarajaanana tujuh belas taun, di Yerusalem, kota anu ku PANGERAN dijungjung ti sakabeh wewengkon tanah Israil, jadi tempat paranti ngabakti ka Mantenna. Ari jenengan ibuna Naama, urang Amon.
22. Urang Yuda marigawe dosa, malah leuwih ti batan karuhunna, matak leuwih ngentab kana manah PANGERAN.
23. Nyarieun tempat-tempat parantina ngabarakti ka allah-allah palsu, ngadegkeun tugu-tugu batu jeung arca-arca Asera paranti maranehna maruja di puncak-puncak pasir jeung di handapeun tangkal-tangkal anu ngarunggunuk.
24. Nyucudna pisan di tempat ngabaraktina ka brahala teh lalaki awewe jararinah. Jadi kalakuan urang Yuda teh kacida ngerakeunana, cara kalakuan bangsa-bangsa anu ku PANGERAN geus dialusir ti eta tanah basa urang Israil rek mimiti asup ka dinya.
25. Dina taun kalima pamarentahan Rehabam. Yerusalem dirurug ku Raja Sisak ti Mesir.
26. Eta raja ngajabel dunyabrana anu aya di Bait Allah jeung di karaton. Kepeng-kepeng emas kenging Suleman ngadamel tea ge dijabel.
27. Ku Raja Rehabam digentos ku kepeng-kepeng tambaga, tuluy dititipkeun ka kapala-kapala tamtama anu ngajaraga gedong raja.
28. Unggal raja angkat ka Bait Allah, eta kepeng-kepeng tambaga teh dibawa ku para pangawal, sanggeusna tuluy dipulangkeun deui ka tempatna di kamar jaga.
29. Carita hal Raja Rehabam, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.
30. Antara Raja Rehabam jeung Raja Yarobam sapanjang jarumenengna teu eureun-eureun silih perangan.
31. Sanggeus Raja Rehabam pupus jeung dikurebkeun di Kota Daud, karajaanana diteruskeun ku Abiam, putrana.

Mazmur 69:16-21
16. Ulah dugi ka abdi kagulung ku caah, atanapi kaceot ka jero leuwi, atanapi tilelep ka jero kubur.
17. Waler, nun PANGERAN, margi Gusti teh lautan asih, reh Gusti teh sipat welas.
18. Ulah nyumput ti abdi Gusti. Abdi sakieu cilakana, mugi Gusti enggal ngawaler!
19. Enggal geura sumping nyalametkeun, luputkeun abdi ti musuh-musuh.
20. Gusti uninga kumaha abdi dihinana, pada moyok, pada nganistakeun; musuh-musuh abdi ku Gusti kauninga.
21. Pamoyokna ngagerihan kana hate, matak pegat harepan; ngarep-ngarep aya nu ngaraskeun, luput, ngarep-ngarep panglipur, lebeng.

Amsal 17:23-24
23. Hakim anu piduit, ririkipan daek disogok, kaadilan mah teu dijalankeun.
24. Jelema anu asak luangna, nu diulik teh lampah nu bijaksana. Ari anu atah luangna mah sok kumaha bae karepna.

Yohanes 12:27-50
27. ”Ayeuna hate Kami asa lalewang, jeung kudu ngomong naon? Naha kudu unjukan, ’Ama, mugi eta wanci teh ulah dugi ka narajang ka Abdi’? Padahal pang Kami datang teh sangkan ngalaman eta wanci kasangsaraan.
28. Ama, agungkeun jenengan Ama!” Ti dinya aya soara ti langit, ungelna, ”Enggeus ku Ama diagungkeun, jeung rek diagungkeun deui!”
29. Eta soara kadarengeeun ku sarerea anu keur di darinya; ceuk sawareh sora guludug, ceuk sawareh deui, ”Malaikat sasauran ka Anjeunna!”
30. Tapi saur Yesus, ”Eta soara lain pikeun kapentingan Kami, tapi pikeun kapentingan maraneh.
31. Geus nepi kana mangsana, ayeuna ieu dunya teh diragragan hukuman, anu nyarangking kawasa di ieu dunya baris tijarungkel.
32. Ari Kami, sanggeus engke diangkat ti ieu bumi, bakal narik sakabeh manusa sina ka Kami.” (
33. Ieu ucapan Anjeunna ngagambarkeun caraning ajal anu kudu disorang ku Anjeunna.)
34. Piunjuk jalma rea, ”Sanggem Hukum Musa mah Kristus teh jumenengna bakal langgeng, ku naon disaurkeun Putra Manusa kedah diangkat? Saha anu disebat Putra Manusa teh?”
35. Waler Yesus, ”Caang teh ayana di maraneh ngan kari sakeudeung deui. Teruskeun lumaku teh, meungpeung aya keneh caang, ulah kaburu poek di jalan; sabab leumpang di nu poek mah moal nyaho keur nuju ka mana.
36. Sing percaya kana caang, meungpeung caangna aya keneh, supaya maraneh jaradi umat caang.” Sanggeus ngalahir kitu Yesus angkat ti dinya, nyumputan jalma-jalma.
37. Sabab eta jelema-jelema teh sakitu geus narenjo sorangan kaajaiban-kaajaiban ti Anjeunna, tetep bae teu palercayaeun ka Anjeunna teh.
38. Harita memang kudu laksana pilahir Nabi Yesaya anu kieu: ”Nun Pangeran, saha nu bade percaya kana uaran abdi sadaya? Ka saha Gusti bade nembongkeun kawasa?”
39. Jadi maranehna teu barisaeun percaya, sabab kieu deui pilahir Nabi Yesaya,
40. ”Panonna ku Allah geus dilolongan, hatena sina basangkal, sangkan panonna ulah narenjo, pikiranana ulah ngalarti, sina ulah tarobat ka Kami, dawuhan Pangeran, ulah harayangeun dicalageurkeun ku Kami.”
41. Yesaya nyaurkeun kitu perkara Yesus, sabab anjeunna mah geus ningali kamulyaan Yesus, sarta nyaurkeun hal Anjeunna.
42. Najan kitu, loba oge gegeden Yahudi anu palercayaeun ka Yesus, ngan teu waranieun nembrak, sarieuneun dipencilkeun ti imah ibadah ku urang Parisi sejenna,
43. kawantu leuwih malar kana pamuji ti pada jalma tinimbang kana pangajen ti Allah.
44. Yesus ngalahir, soanten-Na bedas, ”Anu percaya ka Kami, percayana teh lain ka Kami bae, tapi ka Mantenna ongkoh, anu ngutus Kami.
45. Anu nenjo ka Kami, nenjo oge ka anu ngutus Kami.
46. Kami teh caang anu turun ka alam dunya, supaya anu percaya ka Kami ulah poek hirupna.
47. Anu ngadenge pilahir Kami tapi henteu ngalampahkeun, dihukumna moal ku Kami, sabab Kami mah pang datang teh lain pikeun ngahukum pangeusi dunya, tapi pikeun nyalametkeun.
48. Anu bakal ngahukumna ka sing saha anu nampik ka Kami jeung embungeun narima pilahir Kami mah, geus aya pihakimeunana; nya eta pilahir-pilahir Kami anu enggeus dilahirkeun ku Kami tea. Eta nu baris ngahakiman dina Poe Kiamat teh!
49. Satemenna kitu, sabab anu geus dilahirkeun ku Kami teh lain pilahir Kami sorangan, tapi timbalan Allah Rama anu ngutus Kami, anu miwarang Kami kudu ngalahir kitu.
50. Sarta ku sabab Kami nyaho timbalan Mantenna teh matak hirup langgeng, kitu nu matak naon-naon anu ditimbalkeun ku Rama ka Kami teh ku Kami dilahirkeun ka maraneh.”