A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Juni 18

2 Raja 25:1-30
1. Sidkia baha ka Raja Nebukadnesar. Ku sabab eta dina tanggal sapuluh bulan sapuluh taun kasalapan Sidkia ngarajaan, Raja Nebukadnesar ti Babul nyandak baladna nempuh Yerusalem. Baladna masanggrahan di luareun nagara tuluy nyarieun benteng, Yerusalem ditingker sakurilingna.
2. Ari ditingkerna nepi ka taun sawelas Sidkia jadi raja.
3. Dina tanggal salapan bulan opat taun eta, keur meujeuhna nagara geus teu boga pisan dahareun,
4. kuta nagara bedah. Ari prajurit-prajurit, sakitu ku balad Babul ditingker sakurilingna teu burung barisa molos kalabur sapeupeuting, jalanna ka kebon raja ngaliwat gapura anu brasna ka jalan anu kahapit ku dua kuta, terus kalabur ka Lebak Yordan.
5. Tapi diudag ku balad Babul. Raja Sidkia kasusul di tanah lapang di wewengkon Yeriho, ditaringgalkeun ku baladna.
6. Sidkia dicerek dibawa ka Ribla, dijogokeun ka Raja Nebukadnesar. Ku Raja Nebukadnesar dihukum.
7. Putra-putrana dipeuncitan sina disaksian ku anjeunna. Sidkia ku Nebukadnesar dicokel socana, tuluy dirante jeung dibawa ka Babul.
8. Dina tanggal tujuh bulan lima taun kasalapan belas Raja Nebukadnesar ngarajaan nagara Babul, Nebusaradan anu pangkatna juru nasehat raja jeung panglima perang, datang ka Yerusalem.
9. Bait Allah, karaton, kitu deui imah jelema-jelema anu parenting di Yerusalem ku manehna beak dihuru.
10. Ari kuta-kuta Yerusalem dibongkar ku serdadu-serdaduna.
11. Rahayat anu kari keneh di eta nagara, patukangan-patukangan sakarina, jeung jalma-jalma anu geus barelot ka urang Babul, ku Nebusaradan dikerid ka Babul.
12. Anu ditinggalkeun di Yuda ngan jelema-jelema anu pangmariskinna, anu teu baroga naon-naon, dititah digarawe di kebon-kebon anggur jeung ngolah tanah.
13. Tihang-tihang tambaga, padati-padati anu di Bait Allah, jeung tatalagaan tambaga, ku urang Babul diruksak diparotongan, tambagana diakut ka Babul.
14. Malah sodok-sodok, wadah-wadah lebu paragi ngagosokan altar, pakakas paragi ngurus lampu-lampu, wadah-wadah paragi nandean getih sato kurban, parukuyan-parukuyan katut paparabotan tina tambaga paranti upacara ibadah, kabeh diakut.
15. Barang-barang tina emas atawa perak, jeung pinggan-pinggan laleutik katut piring-piring wadah ruhak teu dikarikeun, kabeh diakut.
16. Barang-barang tina tambaga beunang Raja Suleman ngadamel pikeun Bait Allah, nya eta pilar anu dua, padati-padati, jeung tatalagaan, lamun tambagana ditimbang geus moal bisa katimbang ku loba-lobana.
17. Pilar anu dua tea ukuranana sarua, masing-masing luhurna dalapan meter, dina pucukna make mamakutaan tina tambaga keneh anu jangkungna masing-masing sameter tilu puluh senti, tur eta mamakutaan teh masing-masing dihias sakurilingna ku dadalimaan tina tambaga keneh.
18. Sanggeus kitu eta panglima Nebusaradan teh nangkep Imam Agung Seraya, Sepanya imam kadua, jeung tilu urang gegeden Bait Allah.
19. Ari ti kota anu ditangkep teh nya eta hiji kapala anu nyangking pasukan-pasukan, lima urang juru nasehat raja anu araya keneh di kota, hiji pangbantu panglima purah ngasup-ngasupkeun rahayat jadi prajurit, jeung genep puluh urang deui jalma-jalma anu parenting.
20. Kabeh ku Nebusaradan dibawa ka raja Babul anu keur calik di Ribla,
21. di wewengkon nagara Hamat. Eta jelema-jelema ku raja Babul disiksa di dinya tuluy kabeh dipaehan. Jadi urang Yuda teh dieuweuhkeun ti tanahna, dikerid ka pangboyongan.
22. Sanggeusing kitu Nebukadnesar raja Babul ngangkat Gedalya bin Ahikam incu Sapan jadi gupernur nagara Yuda, sina nguruskeun jelema-jelema anu henteu diboyong ka Babul.
23. Barang hal eta kadarengeeun ku para perwira jeung para prajurit anu henteu taraluk ka urang Babul, seug maranehna narepungan Gedalya di Mispa. Eta perwira-perwira teh nya eta Ismail bin Netanya, Yohanan bin Kareah, Seraya bin Tanhumet ti Netopa, jeung Yaasanya ti Maaka.
24. Saur Gedalya ka maranehna, ”Aranjeun teu kudu sieun ku ponggawa-ponggawa urang Babul, sing jarongjon di ieu tanah, kaula nanggung aranjeun salamet asal kersa kumawula ka raja Babul.”
25. Tapi dina bulan katujuh taun eta, Ismail bin Netanya incu Elisama anu kaasup kulawarga raja, datang ka Mispa jeung baturna sapuluh urang, maehan Gedalya, kitu deui urang Israil jeung urang Babul anu harita keur araya di Gedalya, diparaehan.
26. Geus kitu sakabeh urang Israil, anu beunghar, anu miskin, nyalingkir ti dinya jeung panglima-panglima pasukan tea, kalabur ka Mesir, sabab sarieuneun dibales ku urang Babul.
27. Sanggeus raja Babul diganti ku Ewil Merodak, Yoyakin raja Yuda ku eta raja dikaluarkeun ti panjara, sabab karunyaeun. Dikaluarkeunana dina tanggal dua puluh tujuh bulan dua belas, nincak kana tilu puluh tujuh taunna Raja Yoyakin aya di pangboyongan.
28. Ewil Merodak kacida darehdehna ka anjeunna, nepi ka maparin kalungguhan anu mulya, leuwih mulya ti batan kalungguhan anu dilelerkeun ka raja-raja boyongan lianna anu papada diboyong ka Babul.
29. Anggoanana ti panjara disalin, sarta saumur-umur tara towong tuang sameja jeung raja,
30. tur kaperluan anjeunna sapopoe salawasna dicukup.

Mazmur 75:1-10
1. Pikeun pamingpin biduan. Cara lagu: Ulah ngabasmi. Jabur Asap. Lagu.
2. Abdi-abdi muji sukur, nun Allah, muji sukur! Abdi-abdi ngabewarakeun kaagungan Gusti,
3. Allah ngandika, ”Kami geus nangtukeun waktu pangadilan, Kami rek ngahakiman kalawan adil.
4. Najan bumi gunjang-ganjing katut nu ngeusianana, Kami tetep mageuhkeun pademenna.”
5. Nu jarahat ku Kami dicarek ulah aradigung;
6. maranehna teu meunang nyombong deui.
7. Datangna putusan pangadilan lain ti wetan atawa ti kulon, lain ti kidul atawa ti kaler.
8. Anu jadi hakim teh nya Allah, ngahukum nu itu, ngabebaskeun nu ieu.
9. Panangan PANGERAN nyepeng hiji lumur; dieusi anggur keras, anggur kabendu-Na. Seug dicicikeun, sina diarinum ku nu jarahat, ku maranehna diarinum nepi ka beak.
10. Ari kaula moal eureun-eureun nyaritakeun hal Allahna Yakub, moal eureun muji ngagungkeun Mantenna.

Amsal 19:4-5
4. Nu beunghar mah babari meunang sobat-sobat anyar. Ari nu malarat mah sobat nu aya ge sok nungtutan areuweuh.
5. Ngabohong di pangadilan tinangtu dihukum, hamo bisa luput.

Kisah Para Rasul 3:1-26
1. Dina hiji poe kira-kira pukul tilu sore, waktuna sembahyang, Petrus jeung Yohanes arangkat ka Bait Allah.
2. Di hiji lawang anu ngaranna Panto Alus, aya hiji lalaki anu lumpuh ti barang lahir; unggal poe sok digotong ka eta lawang sina menta sidekah ka nu rek arasup ka Bait Allah.
3. Petrus jeung Yohanes oge basa rek lalebet dipentaan sidekah.
4. Aranjeunna neuteup, geus kitu Petrus sasauran, ”Teuteup ieu kaula duaan!”
5. Eta jelema tuluy neuteup bari ngarep-ngarep sidekah.
6. Saur Petrus, ”Duit mah kaula teu boga. Tapi kaboga kaula ayeuna rek dibikeun. Demi pajenengan Yesus Kristus urang Nasaret, andika geura nangtung, tuluy leumpang!”
7. Tuluy ku anjeunna dicekel leungeunna nu katuhu sina nangtung. Harita keneh suku jeung mumuncanganana ngadak-ngadak kuat,
8. jung nangtung semu luncat, tuluy leuleumpangan bulak-balik, ti dinya nuturkeun Petrus jeung Yohanes ka jero Bait Allah, ajrug-ajrugan jeung muji ka Allah.
9. Jelema-jelema kabeh narenjo manehna leuleumpangan bari muji ka Allah.
10. Sanggeus maranehna warawuheun yen eta jelema teh anu lumpuh nu sok musapir di Panto Alus di Bait Allah tea, maranehna kacida hareraneunana narenjo kaajaiban anu tumiba ka si lumpuh tea nepi ka bisa leumpang.
11. Petrus jeung Yohanes terus dikikintil bae ku eta jelema. Barang tiluanana nepi ka hiji tepas anu disebut Tepas Suleman, terus pada ngarubung ku jelema-jelema anu hareraneun.
12. Petrus ngalahir ka maranehna, ”Dulur-dulur, urang Israil! Ku naon hareran ku ieu hal? Ku naon malencrong bae? Dikira cageurna ieu jelema teh ku pangawasa atawa ku kaibadahan kaula?
13. Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, Allahna karuhun urang, geus maparin kamulyaan ka Abdi-Na, nya eta ka Yesus Kristus. Ari ku aranjeun Yesus teh diserenkeun ka para gegeden, seug ditampik di payuneun Pilatus, padahal ku Pilatus mah rek dibebaskeun.
14. Anjeunna teh suci, mulya manah, ku aranjeun ditolak; aranjeun anggur marenta ka Pilatus yen anu kudu dibebaskeun teh penjahat tukang maehan.
15. Yesus anu nuyun manusa supaya manusa hirup, ku aranjeun dipaehan. Tapi ku Allah geus ditanghikeun ti nu maraot, kaula sarerea saksina.
16. Ieu jelema anu asalna lumpuh, pang ayeuna jadi jagjag teh nya ku kakawasaan jenengan Yesus. Katenjo ku aranjeun ieu jelema ayeuna geus cageur. Ieu teh ku sabab percaya ka Yesus, percaya kana jenengana-Na.
17. Dulur-dulur! Kaula terang, pang aranjeun jeung para pamingpin karitu kalakuan ka Yesus teh bawaning ku kabodoan.
18. Tapi eta kabodoan aranjeun teh jadi jalan laksanana dawuhan Allah, anu baheula didawuhkeun ka nabi-nabi, yen Kristus utusan Mantenna teh bakal dikaniaya.
19. Ku sabab kitu ayeuna aranjeun teh kudu tarobat, kudu marulang deui ka Allah sangkan ku Mantenna dihampura. Upama aranjeun tarobat,
20. rohani aranjeun ku Pangeran bakal disegerkeun. Mantenna bakal ngutus Yesus ka aranjeun, sabab Yesus teh memang geus diajangkeun jadi Raja Salam pikeun nyalametkeun aranjeun.
21. Yesus kudu tetep di sawarga nepi ka sagala perkara ku Allah dianyarkeun, sakumaha anu ku Allah geus diandikakeun ka nabi-nabi suci.
22. Musa baheula ngalahir kieu, ʼPangeran Allah maraneh bakal ngutus hiji nabi asal ti maraneh keneh, sakumaha Mantenna ge geus ngutus ka kami. Sagala kasaurana-Na ku maraneh kudu diturut.
23. Sing saha anu teu nurut ka eta nabi bakal dibasmi, disingkirkeun ti kalangan umat Allah.ʼ
24. Kitu deui nabi-nabi anu ngemban pangandika Allah, mimiti ti Nabi Samuel nepi ka nabi-nabi sapandeurieun anjeunna, kabeh geus ngembarkeun ti heula sakur anu geus kajadian dina jaman ayeuna.
25. Jangji-jangji Allah anu diucapkeun ku nabi-nabi teh pikeun aranjeun. Perjangjian Allah anu diayakeun jeung karuhun-karuhun aranjeun teh pikeun aranjeun ongkoh. Kieu eusina perjangjian Allah ka Ibrahim, ʼKu jalan turunan maneh, Kami bakal ngaberkahan sakumna manusa di bumi.ʼ
26. Eta sababna, Allah ngutus Abdi-Na teh ka aranjeun heula, pikeun nobatkeun aranjeun sangkan ninggalkeun kalakuan anu jahat, supaya bisa meunangkeun berkah Mantenna.”