A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Mungkin 6

1 Samuel 14:1-52
1. Dina hiji poe Yonatan ngalahir ka gandek purah mawa pakarangna, ”Hayu urang meuntasan pasanggrahan urang Pelisti.” Yonatan henteu wawartos ka Saul ramana,
2. anu harita keur reureuh handapeun tangkal dalima di Migron teu jauh ti Gibea dibarengan ku genep ratus perjurit.
3. (Jeung aya imam anu make epod nya eta Ahia bin Ahitub saderek Ikabod putra Pinehas, putuna Eli imam PANGERAN di Silo tea.) Tapi Yonatan angkat teh teu aya anu nganyahoankeun.
4. Di Mikmas, jalan anu ku Yonatan rek dicoba dipeuntasan baris terus ka pasanggrahan urang Pelisti dihapit ku dua karang curi. Nu hiji disebut Boses, nu hiji deui disebutna Sene.
5. Anu hiji ayana di sisi jalan beulah kaler nyanghareup ka Mikmas, anu hiji deui sisi jalan beulah kidul nyanghareup ka Geba.
6. Saur Yonatan ka gandekna, ”Urang meuntasan pasanggrahan kapir Pelisti, malak mandar aya pitulung PANGERAN. Ari dikersakeun mah ku Mantenna teu mustahil urang bisa meunang, najan urang ngan sakieu ge.”
7. Gandekna ngajawab, ”Abdi mah kumaha Juragan bae, bade ngiringan.”
8. ”Enya,” waler Yonatan. ”Urang meuntas, sina katenjoeun ku urang Pelisti.
9. Upama maranehna ka urang nitah eureun ngadagoan lantaran maranehna arek nyalampeurkeun, urang kudu ngarandeg.
10. Upama maranehna nitah supaya urang nyampeurkeun, urang sampeurkeun, eta tandaning PANGERAN bakal maparin kaunggulan ka urang.”
11. Ti dinya tuluy narembongkeun maneh ka urang Pelisti. Ceuk urang Pelisti, ”Tuh urang Ibrani aya anu bijil tina liang panyumputanana!”
12. Seug maranehna tingcorowok ka Yonatan jeung gandekna, pokna, ”Ka dieu sia unggah! Aing boga beja!” Saur Yonatan ka gandek, ”Tuturkeun kami. PANGERAN geus ngersakeun Israil unggul!”
13. Tuluy Yonatan unggah, ngorondang dituturkeun ku gandek. Sebrut narajang, urang Pelisti rarubuh. Anu geus rarubuh dipaju ku gandek diparagatkeun.
14. Sagebragan harita Yonatan jeung gandekna nepi ka niwaskeun dua puluh urang musuh, dina medan anu legana kira-kira satengah bau.
15. Urang pasisian Pelisti kabeh miris. Prajurit-prajurit jeung pasukan tempurna anu di pasanggrahan nepi ka pating corodcod kasieunan, bumi eundeur, musuh guyur lain di kieuna.
16. Balad Saul anu jaraga di Gibea wewengkon Binyamin narenjoeun urang Pelisti kalabur pasalebrungan.
17. Saul nimbalan ka pangawal, ”Itung prajurit, pariksa saha anu euweuh.” Kanyahoan anu teu aya teh Yonatan jeung gandekna.
18. ”Epod bawa ka dieu,” timbalan Saul ka Imam Ahia. (Poe eta Ahia nyepeng epod di hareupeun urang Israil.)
19. Sabot Saul nimbalan ka imam, guyur di pasanggrahan urang Pelisti beuki kacida. Mana saurna ka Ahia, ”Moal kaburu naros heula ka PANGERAN!”
20. Gancang anjeunna sabaladna muru ka urang Pelisti anu keur ragot silih kadek pada batur ku bawaning gugup.
21. Urang Ibrani anu tadina bariluk ka urang Pelisti sarta harita marilu ka pasanggrahan, malik mihak ka Saul jeung Yonatan.
22. Anu keur nyarumput di pagunungan Epraim, barang ngadarenge urang Pelisti kalabur, seug barijil tuluy ngarudag,
23. narajang sajajalan nepi ka beh ditueun Bet Awen. Poe eta PANGERAN nyalametkeun urang Israil.
24. Urang Israil geus nahnay awahing ku lalapareun, sabab ku Saul diancam ku panyapa, ”Sing saha anu barang dahar samemeh kami beres ngelehkeun musuh, sing kasapa!” Jadi sapoe eta tacan aya anu dahar naon-naon.
25. Barang arasup ka hiji tempat anu loba tatangkalanana, bet loba sayang madu di mana-mana.
26. Tatangkalan teh pinuh ku sayang madu, tapi saurang ge teu aya anu ngadahar, lantaran sieun ku panyapa Saul.
27. Yonatan teu uningaeun yen ramana geus nyumpahan kitu ka balad, anjeunna nyolok sayang madu ku tungtung iteuk, maduna tuluy dituang. Karaos salirana seger meueusan.
28. Pok aya nu nguningaan, ”Balad parantos lalungse ku bawaning lapar, nanging diancam ku tuang rama, saurna, ’Sing saha anu barang dahar sing kasapa.’ ”
29. Saur Yonatan, ”Ama teh bet ngaripuhkeun sarerea. Geura ieu kami dahar madu saeutik ge mani ngadak-ngadak seger.
30. Mana teuing alusna lamun dahareun anu karampas ti musuh meunang didalahar ku balad, tangtu bisa ngarubuhkeun leuwih loba.”
31. Urang Israil teh poe eta tas ngelehkeun urang Pelisti, tas narajang sapanjang jalan ti Mikmas nepi ka Ayalon. Waktu eta urang Israil teh kacida carapeeunana, mani geus lalungse ku bawaning lapar,
32. nepi ka parebut nyarokotan barang meunang ngarampas ti musuh, nyarokotan sapi jeung domba, dipareuncit di dinya keneh, dagingna diharakan teu ngurus getihan keneh.
33. Aya anu nguninga ka Saul, ”Jalmi-jalmi milampah dosa ka PANGERAN, nareda daging sareng getihna.” Saul ngagorowok, ”Hianat maraneh! Gulingkeun batu gede ka dieu!”
34. Geus kitu anjeunna marentah deui, ”Bejakeun ka jalma-jalma, sapi jeung domba tungtun kabeh ka dieu. Sina dipareuncit di dieu, diharakan di dieu, ulah marigawe dosa ka PANGERAN ngahakan daging jeung getihna!” Seug sapi teh kabeh digiring ka dinya tuluy dipeuncitan.
35. Geus kitu Saul ngadegkeun hiji altar pikeun PANGERAN, altar anu pangmimitina diadegkeun ku anjeunna.
36. Geus kitu marentah ka jalma-jalmana, ”Engke peuting urang mudun narajang urang Pelisti, urang tumpurkeun nepi ka balebat, ulah aya anu dikarikeun!” ”Sakersa Raja sumeja kairing,” jawab balad. Tapi saur imam, ”Sae urang tumaros heula ka Allah.”
37. Ti dinya Saul unjukan ka Allah, ”Upami abdi narajang ka urang Pelisti, kumaha tiasa kenging?” Tapi harita Allah henteu ngawaler.
38. Seug Saul nimbalan ka para pamingpin rahayat, ”Ka darieu kabeh, jeung pariksa dosa naon anu geus dijieun poe ieu.
39. Kami sumpah demi jumenenging PANGERAN anu geus maparin kaunggulan ka Israil, sing saha anu salah, najan anak kami pisan, Yonatan, tan wande dipaehan!” Tapi teu aya anu unjukan saurang-urang acan.
40. Saul nimbalan deui, ”Maraneh caricing beulah ditu, Yonatan jeung kami beulah dieu.” ”Sumangga ngiringan,” jawab jalma-jalma.
41. Saul unjukan ka PANGERAN Allah Israil, ”Nun PANGERAN, naon margina Gusti henteu kersa ngawaler? Nun PANGERAN Allah Israil, mugi nuduhkeun ku Urim sareng Tumim. Upami dosana asal ti Yonatan atanapi ti abdi, mugi diwaler ku Urim. Upami asal ti rahayat Israil, mugi diwaler ku Tumim.” Waleranana nunjukna ka Yonatan jeung Saul, jalma rea bebas.
42. Saul nimbalan deui, ”Pilih antara kami jeung Yonatan.” Anu katujul Yonatan.
43. Saul mariksa ka Yonatan, ”Hidep nyieun salah naon?” Wangsul Yonatan, ”Neda madu saeutik. Putra pasrah, mangga geura paehan.”
44. Timbalan Saul, ”Ama sing disiksa ku Allah mun hidep ku Ama henteu dipaehan.”
45. Tapi balad arunjukan, ”Baruk Yonatan anu parantos ngalantarankeun urang Israil unggul sakieu ageungna, bade dipaehan? Paliyas teuing! Demi PANGERAN anu jumeneng, rambutna salambar oge ulah aya anu murag. Sagala damelna dinten ieu estu kalayan panuyun Allah.” Kitu Yonatan dibela ku rahayat, henteu jadi dipaehan.
46. Saul liren ngudagna ka urang Pelisti. Urang Pelisti baralik deui ka wewengkonna sorangan.
47. Sanggeus Saul jadi raja Israil, anjeunna terus merangan musuh-musuhna di mana-mana: Urang Moab, urang Amon, urang Edom, raja-raja Soba jeung urang Pelisti. Unggal perang di mana-mana unggul bae.
48. Perangna estuning gagah, urang Amalek oge eleh. Urang Israil ku anjeunna disalametkeun tina sagala panarajang.
49. Putra-putra Saul anu pameget nya eta: Yonatan, Iswi jeung Malkisua. Anu istri, nu kahiji Merab, nu kadua Mikal.
50. Ari geureuhana Ahinoam binti Ahimaas. Panglima perangna kapirayina, Abner, putra emangna anu jenengan Ner.
51. Ari Kis, ramana Saul, jeung Ner, ramana Abner, duanana putra Abiel.
52. Sapanjang jumenengna, Saul teu liren-liren merangan urang Pelisti, kacida rosana. Di mana bae ari mendakan jelema anu gagah tur sugih kawani, terus bae dijadikeun baladna.

1 Samuel 15:1-35
1. Hiji mangsa Samuel ngalahir ka Saul, ”Bapa bareto ku PANGERAN dipiwarang ngangkat hidep jadi raja nyangking umat-Na, bangsa Israil. Ayeuna dangukeun ieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa.
2. Mantenna seja merangan bangsa Amalek. Karuhun eta bangsa bareto megatan urang Israil basa nembe budal ti Mesir.
3. Ayeuna tumpes eta urang Amalek teh, harta bandana tumpurkeun ulah aya anu kari. Jelemana, lalaki, awewe, barudak, orok, sapina, dombana, ontana, kaldena, paehan sadayana.”
4. Saul mepek balad, tuluy diloris di Telem. Ti Israil aya 200.000 perjurit, ti Yuda aya 10.000 perjurit.
5. Bral Saul sabaladna angkat ngabujeng ka kota Amalek, megat ngabongohan di hiji walungan saat.
6. Ti lebah dinya anjeunna ngintun heula warta ka urang Keni, hiji bangsa anu karuhunna baheula nyieun kahadean ka urang Israil basa kakara budal ti Mesir. Saurna, ”Maraneh kudu nyalingkir ti Amalek, supaya henteu milu kabasmi.” Seug urang Keni nyalingkir.
7. Urang Amalek ku Saul beunang dielehkeun, digempur sapanjang jalan ti Hawila nepi ka Sur wetaneun Mesir.
8. Raja Agag ti Amalek ditangkep hirup-hirup. Rahayatna kabeh ditumpurkeun,
9. ari rajana mah dihirupan. Ingon-ingon anu aralus, domba, anakna, sapi, anakna, jeung barang-barang anu aralus henteu ditumpes. Anu dibeakkeun teh anu bangsa kokodenna, anu taya pihargaeunana.
10. PANGERAN nimbalan ka Samuel,
11. ”Hanjakal Saul dijieun raja. Henteu nurut, geus ngalanggar timbalan Kami.” Samuel ngentab manahna ka Saul, sarta sapeupeuting anjeunna sasambat ka PANGERAN.
12. Isukna isuk-isuk keneh bral angkat seja ka Saul. Aya anu nguningaan yen Saul geus angkat ka kota Karmel ngadegkeun tugu keur salirana, ti Karmel kebat ka Gilgal.
13. Ku Samuel dibujeng ka ditu. Saul mapagkeun, sarta saurna, ”Mugi Bapa mendak berkah ti PANGERAN. Sagala timbalan PANGERAN ku putra parantos dilampahkeun.”
14. Saur Samuel, ”Ari eta naon atuh anu beberelean sareng emoh-emohan?”
15. Waler Saul, ”Euh leres, sapi sareng domba kenging balad ngabantun ti urang Amalek. Sararae pisan, bade dikurbankeun ka PANGERAN, Allah panutan Bapa. Anu sanes-sanesna sadayana ge dipaehan.”
16. Saur Samuel, ”Ke heula! Bapa arek mopoyankeun timbalan PANGERAN anu katarima ku Bapa tadi peuting.” ”Mangga saurkeun,” waler Saul.
17. Saur Samuel, ”Hidep teh disanes-sanes oge pamingpin sadaya kaom Israil, ku PANGERAN parantos diangkat jadi raja Israil.
18. Timbalana-Na hidep kedah ngabasmi bangsa Amalek, bangsa anu doraka, kedah ditumpes sama sakali.
19. Ku naon teu ditumutkeun? Ku naon dijarah, sanes diparaehan? Eta lampah hidep teh ngajaheutan manah PANGERAN.”
20. Saur Saul, ”Timbalan PANGERAN ku putra parantos ditumutkeun. Dipiwarang mios, mios. Raja Agag dibantun ka dieu, anu sanes-sanesna sadayana dipaehan.
21. Domba sareng sapi anu sarae ku balad-balad henteu dibasmi, dibantun ka dieu bade dikurbankeun ka PANGERAN, Allah panutan Bapa.”
22. Waler Samuel, ”Na PANGERAN teh langkung gegel kana kurban sareng sasajen ti batan kana kagumatian? Tumut kana timbalana-Na langkung utami ti batan ngahaturkeun domba anu sae.
23. Baha ka Mantenna sami sareng nyieun sihir. Ngalawan ka Mantenna sami awonna sareng nyembah ka brahala. Ku sabab hidep baha kana timbalana-Na, hidep ku Mantenna digulingkeun tina jadi raja.”
24. Saur Saul, ”Putra rumaos dosa, parantos ngarempak timbalan PANGERAN sareng mungpang kana parentah Bapa. Putra teh sieun ku balad, nu mawi kalakuan maranehna ku putra dikajeunkeun.
25. Mugi kalepatan putra dihapunten, lajeng urang sareng ka Gilgal, putra di ditu sumeja ngabakti ka PANGERAN.”
26. Samuel ngawaler, ”Hamo, Bapa hamo bareng. Hidep parantos ngalanggar timbalan PANGERAN. Ku Mantenna parantos dipiceun, digulingkeun tina jadi raja Israil.”
27. Geus kitu Samuel mungkur rek terus jengkar. Ku Saul dipuntangan jubahna datang ka soeh.
28. Samuel ngalahir, ”Poe ieu karajaan Israil ku PANGERAN parantos disoehkeun ti hidep, diserenkeun ka hiji jelema anu langkung utama ti batan hidep.
29. Anu mulya Allah Israil tara sumingkir, tara barobah. Sabab Mantenna lain manusa, tara gumingsir.”
30. Waler Saul, ”Abdi rumaos dosa. Mung nyuhunkeun piwelas Bapa, ulah dugi ka abdi ilang kahormatan dina pandangan para pamingpin rahayat sareng bangsa Israil. Mugi abdi dicandak sareng ka Gilgal, sumeja ngabakti ka PANGERAN Allah panutan Bapa.”
31. Pamundutna ku Samuel dikabul. Saul dicandak bareng ka Gilgal, sarta di ditu Saul ngabakti ka PANGERAN.
32. Ti dinya Samuel marentah, saurna, ”Raja Agag bawa ka dieu!” Agag datang ka Samuel bari ngadegdeg sieun, ceuk pamikirna, ”Tada teuing nyerina aing paeh!”
33. Samuel ngalahir, ”Pedang maneh geus ngalantarankeun para indung kaleungitan anak. Ayeuna indung maneh anu bakal kaleungitan anak.” Agag ku anjeunna dipaehan deukeut altar, awakna tuluy dicacag.
34. Geus kitu Samuel mulih ka Ramah, ari Raja Saul mulih ka bumina di Gibea.
35. Ti harita nepi ka pupusna Samuel henteu tepang-tepang deui jeung raja, manahna teu petot nalangsa ku lampah Saul. PANGERAN oge ngaraos kaduhung parantos ngangkat Saul jadi raja Israil.

Mazmur 57:1-3
1. Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Ulah ngabasmi. Jabur Daud waktu keur aya di jero guha, nyingkahan Saul.
2. Sing hawatos ka abdi, nun Allah, sing hawatos, sabab abdi nyalindung ka Gusti. Abdi bade nyalindung dina kalangkang jangjang Gusti, dugi ka rerepna angin ribut.
3. Kaula sasambat ka Allah, Nu Maha Agung, ka Allah, anu nyumponan sagala kaperluan kaula.

Amsal 15:24-25
24. Jalma binangkit mah jalanna teh ka luhur ngajugjug kana hirup, lain ka handap kana pipaeheun.
25. Nu adigung baris ditumpes rumah tanggana ku PANGERAN. Sabalikna pangaboga randa mah ku Mantenna ditangtayungan.

Lukas 23:1-25
1. Anu sidang tuluy kabeh narangtung, saterusna mawa Yesus ka Pilatus,
2. sarta di dinya didakwakeun kieu, ”Ieu jalmi katangkep waktos nyasabkeun ka bangsa sim kuring, ngalarang mayar pajeg ka Prabu, sareng ngaku-ngaku Kristus, nya eta raja.”
3. Pilatus mariksa ka Yesus, ”Anjeun teh raja urang Yahudi?” Waler Yesus, ”Leres pangandika.”
4. Pilatus ngalahir ka imam-imam kapala jeung ka jalma loba, ”Kami teu manggih sabab pikeun ngahukum ieu Jelema.”
5. Tapi maranehna beuki ngadesek, pokna, ”Pangajarana-Na parantos ngarusuhkeun rahayat di sakuliah Yudea. Ngawitan di Galilea teras dongkap ka dieu.”
6. Barang Pilatus ngadangu kitu, anjeunna mariksa, ”Jadi ieu Jelema teh urang Galilea?”
7. Sanggeus kauninga yen Yesus asalna ti wilayah cepengan Herodes, tuluy dikintunkeun ka Herodes, anu harita keur aya di Yerusalem.
8. Herodes kacida atoheunana barang ningali ka Yesus teh, sabab geus ti bareto hoyongeunana ningali ka Anjeunna, lantaran geus sering ngadangu beja hal Anjeunna, jeung hoyongeun ningali Anjeunna ngadamel kaajaiban.
9. Herodes papariksa rupa-rupa ka Yesus, tapi taya nu diwaler.
10. Imam-imam kapala jeung guru-guru agama hantem bae ngadakwakeun.
11. Geus kitu mah Herodes jeung serdadu-serdaduna ngulinkeun jeung maroyokan ka Yesus nista pisan; ti dinya Yesus ku maranehanana dijubahan ku jubah alus, tuluy dikintunkeun deui ka Pilatus.
12. Ti semet harita Herodes jeung Pilatus jadi nyobat, tadina mumusuhan.
13. Pilatus nyaur imam-imam kapala, para pamingpin, jeung jalma loba, sina kumpul.
14. Tuluy ngalahir, ”Ieu Jelema ku aranjeun dibawa ka kami, didakwa nyasabkeun rahayat. Ku kami geus dipariksa di dieu, kasaksian ku aranjeun, tetela taya kasalahana-Na atawa kajahatana-Na naon-naon sakumaha dakwaan aranjeun.
15. Ku Herodes nya kitu keneh teu kapanggih yen salah, nu matak dipulangkeun deui ka kami. Taya kasalahana-Na naon-naon anu manjing hukuman pati.
16. Ku sabab kitu ku kami arek dirangket bae, tuluy dibebaskeun.” [
17. Unggal-unggal hari raya Paska Pilatus sok ngabebaskeun hiji sakitan anu dipenta ku rahayat.]
18. Jelema-jelema tingharaok, ”Eta paehan! Barabas bebaskeun!” (
19. Barabas teh dipanjarana lantaran nyieun huru-hara di kota jeung maehan.)
20. Pilatus, anu palayeun ngabebaskeun Yesus, sasauran deui ka maranehanana.
21. Tapi maranehanana tinggarero deui, ”Salib! Salib eta jelema!”
22. Pilatus ngalahir deui katilu kalina, ”Tapi naon kajahatana-Na? Kami teu manggih salah-Na anu satimpal jeung hukuman pati! Anu matak ngan rek dirangket bae tuluy dibebaskeun.”
23. Tapi jelema-jelema teh beuki tarik tinggarerona meak-meakkeun tanaga, menta supaya Yesus disalib. Tungtungna digugu.
24. Pilatus ngaragragkeun hukum pati ka Yesus, ngabulkeun kahayang maranehna.
25. Sakitan anu dosana nyieun huru-hara jeung maehan tea dibebaskeun sakumaha pamenta eta jelema-jelema. Ari Yesus ku Pilatus diserenkeun kumaha karep maranehna bae.