A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Mungkin 5

1 Samuel 12:1-25
1. Ti dinya Samuel ngalahir ka bangsa Israil, ”Pamenta maraneh ka Bapa geus dicumponan. Menta raja geus aya.
2. Menta supaya aya anu ngatur geus aya. Balikanan Bapa mah geus kolot ngan kari huis. Sukur anak-anak Bapa barisaeun keneh marengan ka maraneh. Bapa ngapalaan maraneh teh ti ngongora nepi ka ayeuna.
3. Ayeuna, ieu Bapa hareupeun maraneh. Bisi Bapa geus nyieun kasalahan, pek geura salahkeun ayeuna, didieu, di payuneun PANGERAN jeung di payuneun raja pilihana-Na. Saha anu sapina atawa kaldena kungsi dicokot ku Bapa? Saha anu geus kungsi dinyenyeri atawa diteungteuinganan ku Bapa? Ti saha Bapa kungsi nampa panyogok? Bisi kungsi Bapa ngajalankeun salah sarupa ti nu bieu disebutan, arek ditebus ayeuna.”
4. Raong sarerea, ”Teu acan! Bapa tara nganyenyeri, tara neungteuinganan, tara barang candak ti saha-saha.”
5. Saur Samuel, ”Lamun kitu tetela Bapa henteu boga salah naon-naon ka maraneh. PANGERAN jeung raja pilihana-Na saksina.” ”Leres, PANGERAN saksina,” jawab maranehna.
6. Samuel ngalahir deui, ”PANGERAN teh anu ngutus Musa jeung Harun, jeung nginditkeun karuhun maraneh ti Mesir.
7. Ayeuna pek narangtung heula urang urusan, kasaksian ku PANGERAN. Bapa arek mulangkeun ingetan maraneh kana sagala padamelan PANGERAN anu aragung enggoning nulungan maraneh jeung karuhun.
8. Waktu Yakub sapala putra sumping ka Mesir, waktu karuhun maraneh dikaniaya ku urang Mesir, waktu nyambat pitulung PANGERAN, Mantenna ngutus Musa jeung Harun anu nginditkeun maranehanana ti Mesir nepi ka bisa maratuh di ieu tanah.
9. Tapi tuluy maropohokeun ka PANGERAN Allahna. Mana ku Mantenna diantep diperangan ku urang Pelisti, ku raja Moab, jeung ku Sisera panglima perang kota Hasor. Areleh.
10. Seug sasambat marenta tulung ka PANGERAN, ’Nun PANGERAN, abdi sadaya rumaos dosa, parantos ingkar, maruja ka arca-arca Dewa Baal sareng Dewi Astoret. Mugi ngajait abdi sadaya, sumeja sumembah ka Gusti.’
11. Mantenna ngutus Gidion, tuluy Barak, tuluy Yepta, pangahirna Bapa, masing-masing geus ngajait maraneh ti musuh-musuh, nepi ka maraneh bisa hirup tengtrem.
12. Tapi barang diancam ku Raja Nahas ti Amon, maraneh bet noker ka PANGERAN, raja maraneh anu geus aya, bari tuluy marenta ka Bapa. Ceuk maraneh, ’Hayang gaduh raja, hayang aya anu ngatur.’
13. Tah ieu raja beunang maraneh milih, beunang hayang, paparin ti PANGERAN.
14. Upama maraneh ngagungkeun ka PANGERAN Allah, sumembah, gumusti, henteu mungpang kana sagala timbalana-Na, sarta raja maraneh anut ka Mantenna, maraneh tangtu jamuga.
15. Sabalikna lamun henteu gumusti, henteu narurut kana sagala timbalana-Na, maraneh jeung raja bakal dilawan ku Mantenna.
16. Caricing heula daragoan, urang nyaksian anu baris dipidamel ku PANGERAN.
17. Ayeuna usum katiga, lain? Tapi Bapa rek nyuhunkeun hujan dibarung ku guludug ka PANGERAN. Lamun kabuktian, eta nyirikeun maraneh teh dosa gede geus menta raja ka PANGERAN.”
18. Seug Samuel neneda, breg PANGERAN nurunkeun hujan dibarengan ku guludug. Jalma-jalma jadi sarieuneun ku PANGERAN jeung ku Samuel.
19. Seug arunjukan, ”Abdi sadaya pangnedakeun ka PANGERAN Allah panutan Bapa supados ulah tariwas. Leres pisan abdi-abdi teh dosa ka PANGERAN, nya ku rupi-rupi perkawis, nya ku nyuhunkeun raja.”
20. Waler Samuel, ”Geus, najan enya sakitu dorakana oge ulah sarieun. Asal ulah murtad-murtad deui ti PANGERAN, jeung masing ngesto enya-enya ka Mantenna.
21. Ulah kairid ku aallahan da moal barisaeun nulungan nyalametkeun maraneh, euweuh naon-naonna saenyana mah.
22. Maraneh teh ku PANGERAN geus diikrarkeun moal ditilarkeun, sabab Mantenna geus mutuskeun baris ngangkat maraneh jadi umat-Na.
23. Atuh bapa oge paliyas nepi ka cul mangnedakeun, sabab matak dosa ka PANGERAN. Bapa teh hayang ngawurukan ka maraneh, nuduhkeun kalakuan anu hade jeung bener.
24. Kudu aranut ka PANGERAN, masing enya-enya ngesto ka Mantenna. Sing aringet, sakitu agungna pitulung Mantenna ka maraneh.
25. Lamun kalakuan maraneh doraka bae, maraneh jeung raja tan wande meunang panyiksa.”

1 Samuel 13:1-23
1. Waktu Saul mimiti jadi raja, yuswana henteu kacaritakeun. Ari ngarajaanana dua taun.
2. Hiji mangsa Saul milih tilu rebu perjurit, dua rebu sina nyarengan anjeunna di Mikmas jeung di kota pagunungan Betel, anu sarebu deui dikapalaan ku Yonatan putrana, dikintunkeun ka Gibea wewengkon Binyamin. Sesana sina baralik.
3. Di Geba Yonatan niwaskeun panglima urang Pelisti sarta bejana geus nepi ka urang Pelisti. Geus kitu Saul ngintunkeun utusan-utusan ngider ka sakuliah tanah, mere tangara ku tarompet supaya sakumna bangsa Ibrani kudu maju perang.
4. Sanggeus dibarejaan yen urang Pelisti ngarambek lantaran panglimana geus tiwas ku Saul, urang Israil ragem seja ngiring ka Saul di Gilgal.
5. Urang Pelisti geus taki-taki rek merangan urang Israil. Kakuatanana tilu puluh rebu kareta perang, genep rebu serdadu kuda, serdadu leumpangna lobana cara keusik sisi basisir. Seug muru ka Mikmas wetaneun Bet Awen, seug masanggrahan.
6. Der urang Israil ditarajang bebeakan nepi ka awut-awutan, pabuyar nyararumput ka guha-guha jeung gorowong-gorowong, tingsalingker kana sela-sela cadas, aya oge anu ngagebruskeun maneh kana cubluk atawa ka sumur-sumur.
7. Sawareh deui mareuntasan Walungan Yordan ka wewengkon Gad jeung Gilad. Ari Saul di Gilgal keneh dibaturan ku jelema-jelema anu tingdaregdeg kasieunan.
8. Geus tujuh poe anjeunna ngantos-ngantos Samuel, kitu dipiwarangna. Tapi Samuel can sumping keneh ka Gilgal. Jalma-jalma mimiti tinglaleos naringgalkeun.
9. Seug bae anjeunna ngalahir, ”Kadieukeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan.” Ti dinya anjeunna ngahaturkeun kurban beuleuman.
10. Ari rengse ari jebul Samuel sumping. Saul mapagkeun seja ngabageakeun.
11. Tapi Samuel ngalahir, ”Hidep tas damel naon?” Saul ngawaler, ”Abdi dikantunkeun ku balad, ngantos Bapa teu sumping dina waktosna. Mangkaning urang Pelisti parantos aya di Mikmas.
12. Emutan teh eta urang Pelisti tangtos narajang ka abdi, ka Gilgal, heug abdi teu acan nunuhun ka PANGERAN, nya teras ngawantun-wantun maneh nyanggakeun kurban.”
13. Waler Samuel, ”Hidep kalangsu, henteu ngesto ka PANGERAN Allah. Tadina upami hidep ngesto ka Mantenna bade dilanggengkeun nyangking Israil turun-tumurun.
14. Ayeuna moal cios, baris kandeg, ku PANGERAN bakal digentos ku nu cocog kana manah-Na, sina nyangking umat-Na da hidep mah parantos henteu ngesto.”
15. Geus kitu Samuel jengkar ngantunkeun Gilgal neruskeun angkatna. Ari Saul terus jengkar jeung para prajuritna, dituturkeun ku nu sejen, ngabujeng ka Gibea di wewengkon Binyamin. Ti dinya Saul ngaroris balad, kira-kira aya genep ratus urang.
16. Anjeunna, Yonatan putrana, jeung balad, masanggrahan di Geba di wewengkon Binyamin. Ari urang Pelisti masanggrahanana di Mikmas.
17. Prajurit-prajurit Pelisti bijil ti pasanggrahanana tilu rombongan, arek ngarampog. Sarombongan ka Opra di wewengkon Sual,
18. sarombongan ka Bet Horon, sarombongan deui ka tapel wates anu nyanghareup ka Lebak Seboim jeung tanah gurun.
19. Harita di Israil geus teu aya panday beusi, sabab urang Pelisti teu ngidinan urang Ibrani nyieun pedang atawa tumbak.
20. Urang Israil anu perlu ngasah lanjam, pacul, kampak jeung arit, kudu ngadon ka urang Pelisti,
21. jeung kudu mayar. Ngasah kampak atawa ngomean gagang parabot, mayarna ku perak sagebleg leutik, ngasah lanjam atawa pacul kudu dua gebleg perak.
22. Jadi balad Israil mah harita indit perang teh teu aya anu nyekel pedang jeung tumbak, lian ti Saul jeung Yonatan putrana.
23. Urang Pelisti ngiangkeun sapasukan prajurit pikeun ngabela hiji sela gunung di Mikmas.

Mazmur 56:1-13
1. Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Japati bisu di nu jauh. Jabur Daud, waktu anjeunna ditangkep ku urang Pelisti di Gat.
2. Sing hawatos ka abdi, nun Allah, ieu abdi ditarajang, teras-terasan bae digencet ku musuh.
3. Nu merangan sakitu seueurna, sadinten jeput haben bae ngabereg.
4. Waktos geumpeur kieu, nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, abdi ngaharep ka Gusti.
5. Kaula teu sieun, sabab percaya ka Allah. Kaula muji ka Mantenna ku tina jangji-Na. Rek bisa naon manusa ka kaula?
6. Sadinten jeput hayoh bae musuh teh ngarah, teu eureun-eureun ihtiar nyilakakeun abdi!
7. Maranehna ngumpul di nu buni, ngintip kalakuan abdi, harayangeun maehan.
8. Hukum eta jelema-jelema jahat teh, nun Allah. Tumpurkeun, hudangkeun amarah Gusti!
9. Gusti uninga kumaha susahna abdi teh. Gusti uninga jumblah keclak cipanon abdi. Sanes parantos dicatet dina kitab Gusti?
10. Dina dintenan abdi nyambat ka Gusti, musuh abdi pasti undur. Kaula yakin yen Allah aya di pihak kaula,
11. nya eta PANGERAN, anu jangji-Na ku kaula dipuji-puji.
12. Kaula teu sieun, sabab percaya ka Mantenna. Rek bisa kumaha manusa ka kaula?
13. Nun Allah, abdi nyumponan jangji, nya eta nyanggakeun kurban panarima ka Gusti.

Amsal 15:21-23
21. Nu gejul mah bodo oge ngeunah-ngeunah bae. Ari nu dilampahkeun ku nu pinter mah pagawean bener.
22. Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud. Mun teu kitu bororaah.
23. Pohara nyugemakeunana mere jawaban nu nya cocog ucapna nya cocog jeung kaayaan.

Lukas 22:47-71
47. Sabot Anjeunna sasauran keneh, burudul jalma loba, diluluguan ku Yudas, hiji ti antara dua belas murid. Manehna nyampeurkeun ka Yesus, rek nyium.
48. Tapi saur Yesus, ”Yudas, maneh teh rek ngahianat Putra Manusa ku cium?”
49. Ari murid-murid narenjo kajadian kitu teh tuluy naranya ka Yesus, ”Kumaha Gusti, urang lawan bae ku pedang?”
50. Aya hiji murid anu terus ngadek ka badega Imam Agung nepi ka rampung ceulina nu katuhu.
51. Tapi Yesus ngalahir, ”Geus, cukup!” Seug eta badega teh ku Anjeunna dicabak ceulina, sarta dicageurkeun.
52. Ti dinya Anjeunna ngalahir ka imam-imam kapala jeung kapala-kapala pangawal Bait Allah jeung para kokolot anu rek narangkep, saur-Na, ”Aranjeun murubul ka dieu marawa pedang jeung gegendir, na Kami teh penjahat?
53. Padahal Kami unggal-unggal poe oge sok reureujeungan jeung aranjeun di Bait Allah, geuning ku aranjeun teu ditangkep. Tapi memang nya ayeuna waktuna pikeun aranjeun ngalaksanakeun pakarepan, waktuna kakuatan poek nyekel kawasa.”
54. Yesus geus ditangkep, seug diiringkeun ka bumi Imam Agung; Petrus nuturkeun ti kaanggangan.
55. Di tengah buruan jero aya anu ngadurukan, seuneuna dirariung; Petrus oge milu ngariung di dinya.
56. Aya hiji gandek awewe, mureleng ka Petrus anu keur siduru, tuluy ngomong kieu, ”Ieu jelema tadi bareng jeung Yesus!”
57. Tapi Petrus ngangles, pokna, ”Nyi, wawuh ge henteu kuring mah ka Manehna teh!”
58. Teu lila deui, aya hiji lalaki, barang ret ka Petrus tuluy ngomong, ”Andika ge salah sahiji batur Itu!” Tapi jawab Petrus, ”Paman! Kaula mah lain!”
59. Kira-kira heuleut sajam, aya deui anu nuding ka Petrus nemen pisan, pokna, ”Geus teu sak deui ieu jelema teh sok jeung Yesus, sabab manehna oge urang Galilea keneh!”
60. Tapi jawab Petrus, ”Paman! Ngomong naon Paman teh, kuring teu ngarti!” Sabot Petrus ngomong keneh, kadenge hayam kongkorongok.
61. Gusti nyoreang, neuteup ka Petrus. Ras Petrus ingeteun yen Gusti geus nyaurkeun perkara manehna, yen, ”Peuting ieu, memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebutkeun teu wawuh ka Kami.”
62. Petrus kaluar ti dinya, tuluy ceurik nalangsa kabina-bina.
63. Yesus ku nu ngajaraga pada moyokan, pada neunggeul.
64. Soca-Na dipeungpeunan ku lamak sarta ceuk maranehna, ”Teguh, saha eta anu neunggeul ka Maneh?”
65. Rupa-rupa deui pisan ngahinakeunana ka Anjeunna.
66. Barang bray beurang, para kokolot, imam-imam kapala, jeung guru-guru agama geus karumpul. Yesus tuluy dibawa ka Mahkamah Agama.
67. Tuluy dipariksa, ”Jawab, enya Maneh teh Kristus?” Anjeunna ngawaler, ”Sanajan upama ku Kaula disebutkeun, aranjeun moal percaya;
68. kitu deui upama Kaula nanya, ku aranjeun moal diwalon.
69. Tapi ti semet ayeuna Putra Manusa teh bakal calik di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa.”
70. Ceuk maranehna, ”Jadi enya Maneh teh Putra Allah?” Waler Yesus, ”Sakumaha saur aranjeun.”
71. Ceuk maranehna, ”Urang teu perlu deui saksi! Ku urang geus kadenge kitu pangakuana-Na!”