A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Mungkin 4

1 Samuel 10:1-27
1. Ti dinya Samuel ngaluarkeun buli-buli minyak jetun, minyakna dikucurkeun kana sirah Saul. Geus kitu anjeunna nyium ka Saul sarta ngalahir, ”Hidep ku PANGERAN dilisahan, dijenengkeun pikeun ngatur umat-Na urang Israil. Atur ku hidep, jaga ti musuh-musuhna. Tandana yen hidep dianggo ku PANGERAN jadi raja umat-Na teh kieu:
2. Sanggeus hidep poe ieu pisah ti Bapa, engke di Selsah wewengkon Binyamin, deukeut makam Rahel, hidep bakal amprok jeung dua jelema anu rek pupulih ka hidep yen kalde nu keur diteangan teh geus kapanggih. Bapa hidep geus teteg manahna, kari melangna ka hidep mani pok deui, pok deui nataroskeun, ’Ka mana kudu diteangna atuh si ujang teh?’
3. Ti dinya hidep kudu terus leumpang nepi ka tangkal karamat di Tabor. Di dinya bakal papanggih jeung tilu jelema anu rek ka Betel rek babakti ka Allah. Nu saurang nungtun tilu anak embe, nu saurang mawa roti tilu siki, nu saurang deui mawa cai anggur sawadah pinuh.
4. Bakal nyalaman ka hidep jeung nawaran roti dua siki. Tarima!
5. Ti dinya kudu terus ka Pasir Allah di Gibea, anu keur dipake masanggrahan ku urang Pelisti. Di lawang kota bakal pasanggrog jeung rombongan nabi anu keur marudun tas ngurban di luhur pasir, narabeuh kacapi, terebang, suling, jeung gambus, bari ngarigel jeung tinghaleuang.
6. Sabot kitu hidep bakal katungtun ku Roh PANGERAN, jadi beda ti biasa, tuluy milu ngigel jeung ngahaleuang.
7. Upama eta ciri-ciri enggeus bukti, turutkeun sagala tungtunan Allah.
8. Hidep kudu miheulaan Bapa ka Gilgal, engke ku Bapa ditepungan di ditu, urang nyanggakeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan. Dago bae di dinya tujuh poe nepi ka Bapa datang nuduhan pilakueun hidep.”
9. Barang Saul malik ti Samuel neruskeun laku, ku kersaning Allah jadi asa salin jinis. Jeung ciri-ciri anu dilahirkeun ku Samuel tea poe eta kajadian.
10. Jol ka Gibea, Saul jeung gandekna pasanggrog jeung rombongan nabi. Ku kersaning Roh Allah Saul ujug-ujug milu ngigel jeung ngahaleuang marengan eta nabi-nabi.
11. Urang dinya anu geus warawuheun ka Saul, narenjo Saul ngigel teh jadi tingtaranya, pokna, ”Keur naon eta anak Bapa Kis teh? Geus jadi nabi, kitu?”
12. Ceuk nu saurang, ”Ari eta nabi-nabi anu loba, coba saha bapana?” Ti semet harita di dinya jadi aya kacapangan kieu, ”Kutan Saul oge jadi nabi?”
13. Eureun ngigel jeung hahaleuangan Saul terus ka tempat babakti di luhur pasir.
14. Pamanna nenjoeun ka Saul jeung gandekna, tuluy nanya, ”Tas ti marana?” Ceuk Saul, ”Tas milarian kalde leungit. Mung ku margi henteu kapendak, lajeng ka Bapa Samuel.”
15. ”Kumaha saurna?” ceuk pamanna.
16. Jawab Saul, ”Saurna kalde parantos kapendak.” Ari pilahir Samuel perkara anjeunna bakal jadi raja mah disidem bae.
17. Jalma-jalma ku Samuel dipiwarang kumpul di Mispa pikeun kumpulan ngabakti.
18. Pilahirna, ”Kieu timbalan PANGERAN Allah Israil, ’Maraneh ku Kami dicandak ti Mesir, disalametkeun ti urang Mesir jeung ti bangsa-bangsa lianna anu ngagencet ka maraneh.
19. Kami teh Allah maraneh, anu nyalametkeun maraneh tina sagala kacilakaan jeung kasukeran. Tapi ayeuna maraneh ka Kami marenta raja, jadi Kami teh ditoker. Tapi kajeun. Geura karumpul payuneun PANGERAN, nurutkeun kaom jeung golongan masing-masing.’ ”
20. Geus kitu unggal kaom ku Samuel dipiwarang ngasrog ka hareup. Seug ku PANGERAN katujul kaom Binyamin.
21. Tuluy kulawarga-kulawarga ti kaom Binyamin sina maju ka hareup, tuluy katujul kulawarga Matri. Sanggeus kulawarga Matri ka hareup, anu katujul teh Saul bin Kis. Tapi barang ditareangan teh Saul teu aya di dinya.
22. Tuluy ditaroskeun ka PANGERAN, ”Dupi jalmina aya di dieu?” Waler PANGERAN, ”Saul keur nyumput di tukangeun barang-barang.”
23. Tuluy sawareh lalumpat neang, Saul tuluy dibawa ka hareupeun jalma rea. Ari beh kaciri jangkungna nyongcolang ti batur, nu sejen mah ngan semet taktakna.
24. Samuel ngalahir, ”Ieu anu ditujul ku PANGERAN teh! Di urang mah teu aya deui anu kawas anjeunna.” Ger jalma-jalma surak, pokna, ”Wilujeng raja!”
25. Ti dinya Samuel ngalahir ka jalma rea, ngadadar perkara hak jeung kawajiban raja, malah tuluy diseratkeun jadi kitab, anu saterusna disimpen di tempat suci. Geus kitu jelema-jelema dipiwarang marulang.
26. Saul oge mulih ka Gibea, disarengan ku sawatara urang jelema anu garagah, anu hatena digerakkeun ku Allah.
27. Tapi aya jelema-jelema anu bangkawarah ngaromong kieu, ”Mana bisa jelema kitu aya pigunaeunana keur urang?” Maranehna nganggap enteng ka Saul jeung teu mere hadiah naon-naon.

1 Samuel 11:1-15
1. Heuleut sabulan ti harita, kota Yabes di wewengkon Gilad diperangan, geus dikepung ku Raja Nahas sabaladna ti nagara Amon. Urang Yabes seja taluk tuluy haturan ka Nahas, pokna, ”Kaula sumeja taluk, mung nyuhunkeun jangji.”
2. Tembal Nahas, ”Heug kami jangji, tapi aya saratna: Mata katuhu maraneh kudu dicokel sangkan kaciri hinana urang Israil.”
3. Tembal pamingpin urang Yabes, ”Menta tempo tujuh poe rek ngutusan heula ka sakuliah tanah Israil. Lamun geus teu aya anu sanggup ngabantuan, kaula sumeja pasrah.”
4. Beja ti utusan urang Yabes geus nepi ka Gibea pangcalikan Saul. Urang dinya jadi ear tingjarerit.
5. Harita Saul kakara sumping ti tegal ngagiringkeun sapi. Pok mariksakeun, ”Aya naon jelema-jelema tingjarerit?” Tuluy diunjukkeun beja anu katarima ti urang Yabes.
6. Barang ngadangu warta kitu, ku kersaning Allah manahna ngentab asa kasebit.
7. Kek kana sapi dua, sapi teh dipeuncit tuluy dipotong-potong. Potongan-potonganana dipiwarang diider-ider ka sakuliah tanah Israil, sarta timbalanana, ”Sing saha anu henteu indit perang ngiring ka Saul jeung Samuel, sapina rek dikieukeun!” Bring urang Israil arindit, geus samiuk lir jalma saurang, sabab sieuneun dibenduan ku PANGERAN.
8. Ku Saul dikumpulkeun di Besek. Aya 300.000 jelema ti Israil jeung 30.000 ti Yuda.
9. Utusan ti Yabes ditalatahan kieu, ”Bejakeun ka dulur-dulur di ditu, isukan ge samemeh burit geus bebas.” Meunang beja kitu urang Yabes teu kira-kira barungaheunana.
10. Tuluy haturan ka Nahas, ”Isukan kaula rek pasrah, mangga kumaha sakersa.”
11. Poe isukna balad teh ku Saul dibagi tilu. Wanci balebat tuluy muru pasanggrahan musuh. Der balad Amon ditarajang, sarta memeh tengah poe geus gempar patulayah, anu harirup keneh paburisat, masing-masing nyalametkeun dirina sorangan-sorangan.
12. Bangsa Israil arunjukan ka Samuel, ”Mana jalmi-jalmi anu kamari ieu nyebatkeun Saul teu pantes jadi raja teh? Mugi diselehkeun bade diperenan!”
13. Tapi saur Saul, ”Poe ieu ulah aya jelema anu dipaehan. Sabab poe ieu urang Israil geus disalametkeun ku PANGERAN.”
14. Ari pilahir Samuel, ”Hayu urang ka Gilgal deui. Urang embarkeun sakali deui yen Saul raja.”
15. Brul kabeh ka Gilgal. Di dinya di tempat suci Saul diumumkeun jadi raja. Tuluy jalma-jalma nyaranggakeun kurban karapihan. Eta kajadian ku Saul jeung ku sarerea dipestakeun.

Mazmur 55:16-23
16. Muga-muga musuh-musuh teh paraeh ngadadak, sing dikubur hirup-hirup, sabab di imahna jeung dina hatena ngukut kajahatan.
17. Ari kaula mah nyambat ka Allah, tangtu ku PANGERAN dijait.
18. Isuk-isuk, sore, peuting, panyambat jeung rumahuh kaula hanjat ka Mantenna soara kaula tangtu didangukeun.
19. Kaula tangtu disalametkeun ti musuh anu narajang, anu ngambreg sakitu lobana.
20. Allah anu nyepeng parentah ti jaman langgeng, baris nulungan kaula ngelehkeun musuh, sabab maranehna arembungeun tobat jeung teu sarieuneun ku Mantenna.
21. Eta nu tadina batur kaula teh malik nyerang babaturanana, ingkar tina jangji-jangjina.
22. Ucap-ucapanana memang sareh, tapi hatena pinuh ku kangewa; omonganana laleucir ibarat minyak, tapi seukeut matak raheut kawas pedang.
23. Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa; Mantenna moal ngantep jelema bener eleh.

Amsal 15:18-20
18. Barangasan nungtun kana picekcokeun, sabar mah nungtun kana karuntutan.
19. Di mana-mana ge ari kedul mah hese hirup. Hayang ulah manggih susah mah kudu jujur.
20. Anak anu bijaksana nyenangkeun hate bapana. Ngan jalma gejul anu ngarendahkeun ka indung mah.

Lukas 22:24-46
24. Murid-murid parebut omong, murid anu mana anu bisa dianggap pangpunjulna.
25. Yesus ngalahir, ”Raja-raja bangsa anu anutna lain ka Allah mah ka rahayatna teh nindes, ari para pangereh marenta disebut ʼSobat Rahayatʼ.
26. Maraneh mah ulah kitu; benerna, anu pangpunjulna di maraneh kudu saperti anu panghandapna, nu jadi pamingpin kudu saperti anu ngawula.
27. Cik luhur mana harkatna, anu diuk dahar dilaladenan atawa anu ngalaladenanana? Tangtu anu dilaladenan. Tapi Kami mah ka maraneh teh cara anu laladen bae.
28. Maraneh teu kendat ngabaturan Kami dina sagala cocoba anu kasorang ku Kami.
29. Ku sabab eta, sakumaha Kami ku Rama Kami geus dipaparin hak marentah, maraneh oge ku Kami bakal dibere hak saperti kitu.
30. Maraneh bakal dahar nginum sameja jeung Kami di Karajaan Kami, jeung bakal dariuk dina singgasana, marentah dua welas kaom Israil.”
31. ”Simon, Simon! Dengekeun! Setan geus meunang idin ngagoda ka maraneh kabeh, pikeun misahkeun nu hade ti nu goreng, cara gandum dipisahkeun tina kulitna.
32. Tapi maneh ku Kami geus dipangnedakeun, Simon, supaya iman maneh ulah nepi ka luntur. Upama maneh geus ngaku deui ka Kami, kudu nguatkeun batur-batur.”
33. Jawab Petrus, ”Gusti, abdi mah sanaos kedah dipanjara atanapi maot sareng Gusti oge wantun!”
34. Saur Yesus, ”Petrus, Kami ngabejaan, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebutkeun teu wawuh ka Kami.”
35. ”Basa maraneh ku Kami diutus jeung teu meunang mawa loket, kantong, atawa tarumpah tea, kumaha ngarasa kakurangan?” Yesus mariksa ka murid-murid. ”Henteu,” jawab maranehna.
36. Saur Yesus, ”Tapi ayeuna mah lamun aya anu boga loket atawa kantong kudu dibawa; jeung anu teu boga pedang jual bae baju beulikeun pedang.
37. Sabab anu disebutkeun dina Kitab Suci ngeunaan diri Kami, anu ungelna, ʼAnjeunna disaruakeun jeung bangsat,ʼ tangtu kajadian; eta anu ditulis ngeunaan diri Kami teh ayeuna bakal kajadianana.”
38. ”Gusti,” piunjuk murid-murid, ”pedang parantos aya, dua!” ”Cukup eta ge!” waler-Na.
39. Yesus kaluar ti kota, sakumaha biasa angkatna ka Gunung Jetun, diiring ku murid-murid.
40. Sasumpingna ka dinya Anjeunna ngalahir, ”Maraneh kudu neneda supaya ulah beunang ku panggoda.”
41. Sanggeus ngalahir kitu tuluy mencilkeun anjeun ti maranehna, anggangna kira-kira sapamaledog, brek tapak deku jeung neneda. Paneda-Na,
42. ”Nun Ama, upami kenging, mugi ditebihkeun ieu lumur kasangsaraan ti Abdi. Nanging ulah numutkeun kahoyong Abdi, mung pangersa Ama bae anu kedah laksana.”
43. Tuluy aya hiji malaikat ti sawarga nembongan, maparin kakuatan ka Anjeunna.
44. Manah Yesus pinuh ku kaketir, nenedana beuki mantep; karinget-Na mani kawas getih nyakclakan kana taneuh.
45. Tas neneda Anjeunna ngilik murid-murid, kasampak keur sarare, geus carapeeun ku kasedih.
46. Anjeunna ngalahir ka maranehna, ”Ku naon sarare? Harudang, jeung kudu neneda, supaya ulah beunang ku panggoda.”