A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Mungkin 3

1 Samuel 8:1-22
1. Sanggeus beuki sepuh Samuel ngangkat putra-putrana jadi hakim di Israil.
2. Putra nu pangsepuhna jenenganana Yoel, ari raina Abia, duanana jaradi hakim di Bersyeba.
3. Tapi lampahna henteu cara ramana, moro-moro duit bae, nepi ka daraek nampa pangruruba ari mutus perkara tara jujur.
4. Pamingpin Israil kabeh baradami, geus kitu ngadareuheus ka Samuel di Ramah.
5. Pok arunjukan, ”Bapa parantos sepuh, dupi putra benten deui ti rama. Ku margi kitu kedah aya raja anu pingatureun. Jadi abdi-abdi hayang gaduh raja cara nagara-nagara sanes.”
6. Samuel teu raos manahna ngadangu nu marenta raja, tuluy neneda ka PANGERAN.
7. Ari timbalan PANGERAN, ”Gugu sapamentana. Anu ditolak lain maneh, tapi Kami, raja maranehna.
8. Ingkarna ti Kami geus ti bareto. Ti barang dibudalkeun ti Mesir ge geus mimiti nyarembah ka allah-allah sejen. Peta kalakuanana ka maneh ayeuna, nya kalakuanana ka Kami sapapanjangna.
9. Mana keun bae turutkeun. Tapi omat-omatkeun kumaha kituh balukarna engke ari geus baroga raja.”
10. Tuluy nu marenta raja teh ku Samuel dicariosan sakumaha timbalan PANGERAN, saurna,
11. ”Kieu engke raja maraneh metakeun maraneh teh,” Samuel nerangkeun. ”Anak maraneh bakal disina arasup tentara, sawarehna disina mawa kareta perang, sawarehna dijieun tentara pasukan kuda, sawarehna deui dijieun purah lumpat hareupeun kareta perang,
12. sawareh disina jaradi kapala balad sarebu, sawarehna deui jadi kapala balad lima puluh. Aya oge anu disina ngawaruluku di lahan-lahan raja jeung mibuatanana, jeung aya anu disina nyarieunan pakarang jeung nyarieunan pakakas kareta perang.
13. Anu awewe disina nyarieunan seuseungitan pikeun raja, disina jaradi koki, disina jaradi tukang nyieun kueh tuangeun raja.
14. Lahan-lahan maraneh anu pangalusna, kebon-kebon anggur, kebon-kebon jetun, ku raja bakal dicokot dibikeun ka para gegedenna.
15. Gandum jeung buah anggur maraneh bakal dicokot saperpuluhna, pikeun para pangawal karaton jeung para gegeden lianna.
16. Gandek-gandek, sapi-sapi nu pangalusna kitu deui kalde-kalde maraneh, aya anu dicokot sina dipake digawe pikeun raja.
17. Ingon-ingon maraneh saperpuluhna dicokot, sarta maraneh sorangan kudu jaradi badegana.
18. Jadi lamun geus baroga raja, maraneh bakal rumahuh ka raja beunang hayang maraneh. Tapi rumahuh ge ku PANGERAN moal didangu.”
19. Kasauran Samuel teu dipirosea, pokna ge, ”Sawios da hayang gaduh raja,
20. hayang cara nagara-nagara batur gaduh raja sorangan, anu bakal ngatur sareng mingpin jurit di pangperangan.”
21. Samuel mungkur ti maranehna. Sagala omongan jalma-jalma tea diunjukkeun ka PANGERAN.
22. Ari timbalan PANGERAN, ”Ayunkeun naon kahayangna, pek bere raja.” Ti dinya eta jelema-jelema urang Israil teh ku Samuel dititah baralik.

1 Samuel 9:1-27
1. Aya hiji jelema kaom Binyamin, ngaranna Kis bin Abiel incu Seror, kaasup rundayan Bekorat ti bani Apiah, jelema sugih mukti.
2. Boga anak lalaki ngaranna Saul, kasep keur meumeujeuhna pisan, awakna jangkung, anu sejen mah ngan semet taktakna, sarta kasepna meakkeun batur.
3. Dina hiji poe kalde Kis leungit sababaraha siki. Tuluy nitah diteangan ku Saul, pokna, ”Teangan kalde teh. Menta dianteur ka gandek saurang.”
4. Bral Saul jeung gandek arindit, tuluy ngubek sapagunungan Epraim jeung sawewengkon Salisa, tapi kalde teh teu kapanggih di dinya. Ti dinya disaksrak ka Saalim, tapi di dinya ge teu aya. Sup ka wewengkon Binyamin teu aya keneh.
5. Sanggeus aya di wewengkon Sup, Saul nyarita ka gandek, ”Urang balik bae bisi ama deudeupeun, asal melang ka kalde jadi melang ka urang.”
6. Jawab gandek, ”Di dieu aya jalmi lepus pada mikaserab ku sadaya, saucap-ucapna nyata. Urang taros manawi iasaeun nuduhkeun kalde anu leungit.”
7. Ceuk Saul, ”Ngadeuheus teh naon bawaeun, bekel geus beak geus euweuh naon-naon, boro-boro keur ngahaturanan.”
8. Ceuk gandek, ”Ieu aya di abdi, artos perak alit. Haturanan ieu bae manawi kersaeun nuduhkeun di mana eta kalde-kalde teh.”
9. Ceuk Saul, ”Sukur atuh, hayu!” Bral arindit ngajugjug ka pangcalikan abdi Allah tea. Barang keur naranjak ka tempat abdi Allah anu ayana di hiji pasir, paamprok jeung parawan-parawan urang dinya anu rek ngarala cai, seug ditanya, ”Ari juru tingal aya di bumina?” (Jaman harita mah nabi teh disebutna juru tingal. Jadi lamun aya anu rek tataros ka Allah, ngomongna teh, ”Hayu urang ka juru tingal.”)
10. ***
11. ***
12. Jawabna, ”Aya, malah itu tuh di payun keur ka tonggohkeun. Upami diudag tangtos kasusul. Sajolna engke ka lebet kota tangtos enggal kapendak. Nembe sumping dinten ieu, margi di dieu bade ngayakeun kurban dina altar di puncak pasir. Memeh sumping anjeunna mah kurban teu acan kenging ditareda, kedah diberkahan heula ku anjeunna. Enggal, bilih anjeunna kabujeng ka puncak ngersakeun tuang.”
13. ***
14. Saul jeung gandek nuluykeun leumpangna ka jero kota. Barang sup katenjo Samuel keur ka dieukeun seja ngabujeng ka tempat babakti.
15. Poe kamarina Samuel ku PANGERAN geus dicariosan kieu,
16. ”Isukan kira-kira wayah kieu Kami rek ngadatangkeun hiji jelema ka maneh, urang kaom Binyamin. Ku maneh minyakan ku minyak suci, jieun raja sina ngarajaan umat Kami Israil. Eta teh anu bakal ngajait urang Israil ti urang Pelisti. Kami uninga kumaha sangsarana urang Israil, sasambatna menta tulung ku Kami geus kadangu.”
17. Barang Samuel neuteup ka Saul, PANGERAN nimbalan, ”Tah eta jelema anu ceuk Kami tea. Eta anu bakal ngarajaan umat Kami teh.”
18. Saul nyampeurkeun ka Samuel deukeut lawang kori, pok nanya, ”Dupi bumi juru tingal teh palih mana?”
19. Waler Samuel, ”Ieu Bapa juru tingal teh. Jung ti heula ka tempat babakti. Hidep poe ieu kudu dahar jeung Bapa. Hal kaperluan hidep mah isukan isuk-isuk ku Bapa dijawab. Geus kitu kakara engke ku Bapa dijurung balik.
20. Perkara kalde anu leungit geus tilu poe, teu kudu dipake salempang, geus kapanggih. Tapi, saha coba anu kacida dipikahayangna ku urang Israil? Hidep pisan, jeung sabaraya-baraya hidep.”
21. Wangsul Saul, ”Abdi teh ti kaom Binyamin, kaom anu pangalitna di Israil. Kawuwuh-wuwuh di kaom Binyamin oge wargi-wargi abdi mah sadayana sanes jalmi penting. Naon maksad kasauran Bapa bieu perkawis diri abdi?”
22. Saul jeung gandekna ku Samuel dicandak ka hiji rohangan lega, didiukkeunana nyanghareupan meja panggirangna, anu geus diriung ku kira-kira tilu puluh urang tamu.
23. Samuel ngalahir ka nu popolah, ”Daging anu ti kami, anu ceuk kami pangnyimpenkeun tea kadieukeun.”
24. Seug daging teh ku nu popolah diangkat sapingping, sok diidangkeun ka hareupeun Saul. Geus kitu Samuel ngalahir deui, ”Ieu teh bagian meunang Bapa misahkeun keur hidep. Mangga dituang. Ngahaja ku Bapa disimpen keur hidep, supaya dituang ayeuna bareng jeung tamu-tamu ondangan Bapa.” Jadi dina poe eta Saul dahar bareng jeung Samuel.
25. Sanggeus marudun ti tempat babakti ka kota, Saul dipangnetebahkeun enggon keur mondok di loteng.
26. Reup Saul sare. Wanci balebat ku Samuel dihudangkeun, saurna, ”Geura hudang, ku Bapa rek dijurung mulang.” Sanggeus hudang ku Samuel dijajapkeun.
27. Nepi ka wates kota Samuel sasauran ka Saul, ”Gandek hidep jurungkeun sina ti heula.” Sanggeus gandek tea indit, Samuel sasauran deui, ”Cicing heula sakedap, Bapa rek nepikeun timbalan Allah ka hidep.”

Mazmur 55:9-15
9. Moal talangke deui neangan tempat nyalindung, nyingkiran topan jeung hujan angin.
10. Nun PANGERAN, pasaliakeun paguneman musuh-musuh abdi. Di kota katingal aya rurusuh sareng kakerasan,
11. siang wengi ngurilingan kota. Kota pinuh ku kajahatan jeung kasusahan.
12. Di mana-mana ruksak, jalan-jalan pinuh ku tukang ngagencet jeung tukang nipu.
13. Saleuheung lamun anu ngahina teh musuh, kaula kuat nangankeun saleuheung lamun anu nyombong ka kaula teh lawan, kaula bisa nyingkir, nyumput ti manehna.
14. Ieu mah nu kitu teh anjeun pisan, batur sorangan, batur rerentetan, sobat dalit;
15. batur nyarita nu geus kacida lomana, anu tuman babarengan ngabakti di Bait PANGERAN.

Amsal 15:15-17
15. Nu mariskin hirupna teu weleh ripuh, ari anu sararenang tara kendat sukan-sukan.
16. Miskin oge ari iman ka PANGERAN mah leuwih bagja ti batan beunghar tapi loba kasusah.
17. Mending keneh dahar saukur jeung lalab jeung jalma nu dipikanyaah, ti batan dahar jeung daging tapi bari aya kangewa.

Lukas 22:1-23
1. Pesta Roti Teu Diragian anu disebutna Paska, geus deukeut.
2. Para imam kapala jeung guru-guru agama keur nareangan jalan sangkan bisa maehan Yesus, tapi hayangeun rerencepan lantaran sarieuneun ku jalma rea.
3. Ti dinya Iblis nyurup ka hiji murid anu ngaran Yudas Iskariot, nya eta salah sahiji murid ti nu dua welas tea.
4. Tuluy Yudas indit nepungan imam-imam kapala jeung kapala-kapala pangawal Bait Allah, nerangkeun akal hianatna rek nyerenkeun Yesus ka maranehna.
5. Maranehanana kacida aratoheunana, sarta jangji rek mere duit ka Yudas.
6. Yudas mupakat, tuluy neangan kasempetan rek nyerenkeun Yesus ka maranehanana bari ulah kanyahoan ku jalma rea.
7. Pesta Roti Teu Diragian tea geus mimiti; domba keur jamuan Paska kudu dipeuncit.
8. Yesus miwarangan Petrus jeung Yohanes pikeun nyayagikeun eta kaperluan, saur-Na, ”Geura arindit ka kota nyadiakeun kaperluan dahar Paska.”
9. ”Kapalay Bapa disayagikeun di mana?” pihatur maranehna.
10. Waler-Na, ”Engke, barang maraneh asup ka kota, bakal papanggih jeung jelema anu mawa wadah cai. Tuturkeun nepi ka manehna asup ka imahna.
11. Kieu maraneh kudu ngomong ka nu boga imah, ʼPa Guru miwarang mariksakeun, saur-Na: Mana kamar pikeun Kami dahar Paska jeung murid-murid teh?ʼ
12. Maraneh bakal dituduhan hiji kamar di loteng, lega jeung sagala paparabotanana geus sadia.”
13. Maranehna tuluy arindit; sakur anu disaurkeun ku Yesus teh kapanggih, tuluy maranehna nyadiakeun tuangeun keur jamuan Paska.
14. Nepi kana waktu tuang, Yesus calik tuang jeung rasul-rasul-Na.
15. Anjeunna ngalahir, ”Geus lila Kami hayang dahar Paska cara ayeuna bareng jeung maraneh teh, samemeh Kami dikaniaya.
16. Sabab sabalakana mah Kami moal ngadahar deui jamuan Paska, nepi ka mangsa harti tina ieu jamuan teh engke kabuka di Karajaan Allah.”
17. Geus kitu Anjeunna nyandak hiji lumur anggur, muji sukur ka Allah, tuluy ngalahir, ”Ieu tampanan, bagikeun.
18. Ari Kami ti semet ieu moal nginum deui ieu anggur nepi ka waktu ngadegna Karajaan Allah.”
19. Geus kitu Yesus nyandak roti, sarta sanggeusna muji sukur ka Allah, rotina disemplekan tuluy dipasihkeun ka murid-murid bari lahir-Na, ”Ieu teh badan Kami, nu dipasrahkeun pikeun maraneh. Lalampahkeun cara kieu, pikeun pangeling-eling ka Kami.”
20. Rengse tuang Anjeunna ngasongkeun lumur anggur ka maranehna cara tadi. Lahirana-Na, ”Ieu lumur teh perjangjian Allah anu anyar anu disahkeun ku getih Kami anu dikucurkeun, pikeun kasalametan maraneh.
21. Tapi, tenjo! Di dieu, sameja jeung Kami, aya jelema anu arek ngahianat ka Kami!
22. Putra Manusa teh memang geus dipastikeun ku Allah kudu pegat nyawa-Na, tapi cilaka temen engke eta jelema anu ngahianat ka Anjeunna!”
23. Murid-murid jadi silih tanya jeung batur, saha di antara maranehna anu bakal migawe kitu teh.