A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Mungkin 28

1 Raja 3:1-28
1. Suleman migarwa putri putra raja Mesir, jadi wawargian jeung raja eta nagara. Garwana dicandak ka Kota Daud, bari ngantos anggeusna karaton, Bait Allah, jeung kuta Yerusalem sakuriling.
2. Nepi ka mangsa harita, Bait Allah tacan aya; jalma-jalma ana ngurban sok make altar di mana bae.
3. Suleman kacida sumujudna ka PANGERAN, tur tuhu kana wasiat Daud ramana. Anjeunna oge ari meuncit kurban jeung ngurbankeunana sok nganggo altar di mana bae.
4. Dina hiji mangsa anjeunna angkat ka Gibon seja ngurban, sabab Gibon teh enggon ngurban pangkamashurna. Di dinya anjeunna geus ngurbankeun mangratus-ratus sapi, didamel kurban beuleuman.
5. Peutingna PANGERAN nembongan ka anjeunna dina impenan, sarta nimbalan kieu, ”Maneh hayang dibere naon ku Kami?”
6. Waler Suleman, ”Gusti parantos sakitu mikaasihna ka Daud pun bapa, abdi Gusti tea. Sawangsulna pun bapa sumujud satia ka Gusti. Kaasih Gusti ka pun bapa mayeng teu aya kendatna, dugi ka maparin anak anu ayeuna neraskeun tahtana.
7. Nun GUSTI Allah, Gusti parantos ngersakeun jisim abdi jadi raja neraskeun pun bapa. Mung abdi teh teu terang aturan marentah, kawantos sakieu nya ngora keneh.
8. Dupi anu kedah diatur teh umat pilihan Gusti, tur sakitu seueurna dugi ka henteu kaetang.
9. Ku margi kitu abdi sumeja nyuhunkeun kapinteran sacekapna, supados tiasa ngatur umat Gusti kalayan adil palamarta, terang nu sae nu awon. Upami teu kitu, kedah kumaha diaturna eta umat Gusti anu sakitu seueurna?”
10. PANGERAN kalintang sukana ngadangu pamundut Suleman kitu,
11. lajeng nimbalan, ”Maneh menta kapinteran geusan marentah kalawan bener, lain menta umur panjang, lain menta kabeungharan, lain menta pati musuh.
12. Pamenta maneh ku Kami dimakbul. Maneh bakal boga kapinteran jeung kawijaksanaan, leuwih ti nu saheulaeun kitu deui ti nu sapandeurieun.
13. Malah anu teu dipenta ge ku Kami rek dipaparin, boh kabeungharan, boh kamulyaan, saumur-umur, moal katepi ku raja-raja lian.
14. Jeung upama maneh nurut tur pengkuh nyekel papakon-papakon Kami cara Daud bapa maneh, tangtu dipanjangkeun umur ongkoh.”
15. Nyah Suleman gugah, horeng tas ngimpen kenging timbalan Allah. Geus kitu anjeunna mulih ka Yerusalem, tuluy ngadeg hareupeun Peti Perjangjian PANGERAN, ngahaturkeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan ka PANGERAN, ti dinya mestakeun para gegeden.
16. Dina hiji poe Raja Suleman dideuheusan ku dua awewe bangor.
17. Pok anu saurang unjukan, ”Gusti Sang Raja, abdi sareng ieu batur cicing sarorompok. Abdi ngajuru di manehna, di eta rorompok.
18. Heuleut dua dinten saparantos abdi, ieu batur oge ngajuru. Dupi di rorompok teh mung abdi bae duaan teu aya deui anu sanes.
19. Cilaka, hiji wengi anak ieu batur maot kaheumpikan ku manehna.
20. Tengah wengi manehna lilir, abdi jongjon mondok, pun anak ku eta dihilikeun sareng anakna.
21. Enjingna barang abdi hudang bade nyusuan, geuning budak teh maot. Teras ditelek-telek, horeng eta mah sanes anak abdi!”
22. Nu saurang deui nambalang, ”Ngaco! Anu paeh teh anak maneh, anak kami mah hirup!” Ceuk nu kahiji, ”Maneh anu ngaco! Nu hirup teh anak kami, anu paeh anak maneh!” Tuluyna patorong-torong payuneun raja.
23. Raja Suleman ngalahir, ”Masing-masing ngaku anu paeh anak si eta, anu hirup anak kami.”
24. Seug anjeunna mundut pedang. Song dihaturkeun.
25. Anjeunna nimbalan, ”Ieu orok beulah dua, bagikeun sabeulah sewang!”
26. Indung benerna, da puguh ka anak, geuwat unjukan ka raja, ”Duh gusti, tinimbang dipaehan mah sawios pasihkeun bae ka ieu batur, ulah dipaehan!” Ari ceuk nu saurang deui, ”Mangga bae beulah dua, tong dipasihkeun ka itu ka ieu.”
27. Nimbalan Raja Suleman, ”Tong dipaehan! Bikeun eta orok ka nu ulaheun orokna dipaehan. Ema indung benerna.”
28. Putusan anjeunna kitu kagurnita ka urang Israil. Atuh maranehna jadi kacida alajrihna ka rajana, geus nyarahoeun yen rajana ku Allah dipaparin kapinteran enggoning mutus perkara kalawan adilna.

1 Raja 4:1-34
1. Suleman geus jumeneng raja sakuliah nagri Israil.
2. Pajabat-pajabat luhurna nya eta: Imam: Asarya putra Sadok.
3. Sekretaris nagara: Elihorep jeung Ahia, putra Sisa. Bendahara nagara: Yosapat bin Ahilud.
4. Panglima perang: Benaya bin Yoyada. Imam-imam: Sadok jeung Abyatar.
5. Kapala para bupati: Asarya putra Natan. Jurunasehat raja: Imam Sabud putra Natan.
6. Kapala rumah tangga karaton: Ahisar. Kapala rodi: Adoniram bin Abda.
7. Pikeun di sakuliah Israil, Suleman ngangkat dua belas gupernur, nu diwajibkeun ngayakeun bahan pangan pikeun raja saeusi bumi ti cangkinganana masing-masing, kagiliranana sabulan sakali saban taun.
8. Ieu ngaran-ngaran eta dua belas pajabat jeung daerah cangkinganana: Ben Hur, nyangking kota-kota pagunungan Epraim.
9. Ben Deker, nyangking kota-kota Makas, Saalbim, Bet Semes, Elon, jeung Bet Hanan.
10. Ben Hesed, nyangking kota Arubot, Soko, jeung sawewengkon Heper.
11. Ben Aminadab, anu nikah ka Tapat binti Suleman, nyangking satanah Dor.
12. Baana bin Ahilud, nyangking kota-kota Taanak, Megido, sakuliah wewengkon deukeut Bet San, deukeut kota Sartan, kiduleun Yisrel nepi ka Abel Mehola jeung kota Yokmeam.
13. Ben Geber, nyangking kota Ramot di Gilad jeung desa-desa di Gilad padesaan bani Yair turunan Menase, wewengkon Argob di Basan anu kabehna aya genep puluh dayeuh gede tur reugreug marake kuta jeung panto tambaga.
14. Ahinadab bin Ido, nyangking distrik Mahanaim.
15. Ahimaas anu nikah ka Basmat binti Suleman, nyangking wewengkon Naptali.
16. Baana bin Husai, nyangking wewengkon Aser jeung Bealot.
17. Yosapat bin Paruah, nyangking wewengkon Isaskar.
18. Simei bin Ela, nyangking wewengkon Binyamin.
19. Geber bin Uri, nyangking wewengkon Gilad anu kungsi diereh ku Raja Sihon urang Emor jeung ku Raja Og urang Basan. Aya deui hiji gupernur, anu ngagupernuran sakuliah tanah.
20. Urang Yuda jeung urang Israil lobana geus kawas keusik basisir, tur teu kurang dahareun teu kurang inumeun, baragja hirupna.
21. Ari legana karajaan Suleman ngawengku sakabeh bangsa ti semet Walungan Eprat nepi ka tanah Pelisti jeung wates nagara Mesir. Sapanjang anjeunna jumeneng, eta bangsa-bangsa anu kaereh ku anjeunna kabeh malayar upeti.
22. Ari bahan dahareun anu dipikabutuh ku Suleman sapoe-sapoena tilu puluh pikul tipung lemes, genep puluh pikul tipung badag,
23. sapuluh sapi kabiri, dua puluh sapi angon, saratus domba, jaba mencek, uncal, peucang jeung hayam kabiri.
24. Anu kaereh ku Suleman teh sakuliah tanah kuloneun Walungan Eprat, mimiti ti Tipsa di wewengkon Eprat terus ka kulon nepi ka Gasa. Raja-raja nu aya di kuloneun Eprat kabeh kaereh ku anjeunna, tur aman kerta ti sakabeh nagara sakurilingna.
25. Sapanjang anjeunna jumeneng, di sakuliah Yuda jeung Israil, rahayat hirupna aman santosa, saban rumah tangga baroga kebon anggur jeung kebon kondang sorangan.
26. Suleman kagungan kuda opat puluh rebu gedogan, paranti narik kareta, jeung dua belas rebu serdadu kuda.
27. Gupernurna anu dua belas, unggal bulan masing-masing kagiliran nganteuran bahan dahareun ka Raja Suleman, keur anjeunna jeung sakur anu aya di karaton. Kitu bae salawasna, ngalanteuran sagala bahan kaperluan.
28. Jaba ti eta tiap gupernur nganteuran jawawut jeung jarami pikeun kuda anu narik kareta jeung pikeun sato-sato momot.
29. Suleman ku Allah dipaparin kapinteran, panemu jeung pangaweruh anu luar biasa, teu bisa kaukur.
30. Kapinteran Suleman leuwih-leuwih ti batan bujangga-bujangga Tatar Wetan atawa bujangga-bujangga Mesir.
31. Dina sual kapinteran, anjeunna leuwih-leuwih ti sakabeh jelema, ngungkulan Etan urang Esrah, ngungkulan Kalkol jeung Darda putra-putra Makol, kagurnita ka saban nagara tatangga.
32. Anjeunna ngarang tilu rebu siloka, kitu deui kidung-kidung leuwih ti sarebu rupa.
33. Iasa medar hal tatangkalan jeung tutuwuhan, mimiti tina hal kai kiputri Libanon nepi ka hisop anu jadi dina tembok; iasa medar hal sasatoan, bangsa manuk-manuk, bangsa reptil, jeung bangsa lauk.
34. Kapinteranana kagurnita ka sakabeh raja saalam dunya, seug raja-raja teh ngaririm utusan seja marulung hikmahna.

Mazmur 68:15-20
15. Waktu Allah Nu Maha Kawasa ngaburiakkeun raja-raja di Gunung Salmon, eta gunung ku Mantenna dihujanan ku salju.
16. Gunung Basan estu hebat, gunung nu rea puncakna!
17. Ku naon maneh ti puncak-puncak maneh anu laluhur, nenjokeun bari ngahina ka gunung anu ku Allah rek dijieun panglinggihana-Na? PANGERAN pasti ngaraton di dinya salalanggengna!
18. Diiring ku rebuan kareta perang anu rarongkah, PANGERAN sumping ti Sinai, lebet ka tempat nu suci.
19. Mantenna ngunggahan tempat anu laluhur, ti dinyana nyandak tawanan rea pisan, sarta nampi upeti ti anu tadina ngaralawan. GUSTI Allah baris linggih di dinya.
20. Puji PANGERAN, anu saban poe mangnanggungkeun momotan urang. Mantenna teh Allah anu nyalametkeun urang.

Amsal 17:10-12
10. Panegor sakali ge ku jalma berbudi mah leuwih karasaeun mangpaʼatna, ti batan jalma bodo digebugan ratusan kali.
11. Ka jalma jahat anu salawasna nyieun onar, pati teh datangna lir utusan nu kejem.
12. Aya saleuheung amprok jeung biruang anu karampas anakna, ti batan tepung jeung anu burung nu pipikiranana gejul.

Yohanes 10:1-23
1. ”Kami rek nyarita saenyana,” saur Yesus. ”Anu asup ka jero kandang lain tina panto tapi mancal ti tempat sejen, tangtu bangsat jeung rampog.
2. Jalma nu asupna liwat panto kandang, eta pangangonna.
3. Pantona beunang mangmukakeun anu jaga lawang. Domba-dombana ngadarengeeun kana sora pangangonna lamun dicalukan ngaran-ngaranna, tuluy dibawa ka luar.
4. Sanggeus domba-domba di luar, pangangon leumpangna ti heula, domba-dombana naluturkeun lantaran arapaleun kana sorana.
5. Ka nu sejen mah moal daraekeun naluturkeun, anggur kalabur lantaran teu warawuheun kana sorana.”
6. Kitu pilahir Yesus ka maranehna, ku misil. Tapi maranehna henteu ngalartieun kana maksad Anjeunna.
7. Yesus nyarios deui, ”Supaya kaharti Urang terangkeun: Anu diupamakeun lawang teh Kami.
8. Anu sejen, anu asupna memeh Kami, bangsat atawa rampog, ku domba-domba moal diturut.
9. Nya Kami lawangna. Anu asupna ti Kami tangtu salamet, jeung bisa asup atawa kaluar ka sampalan.
10. Bangsat datangna ngan arek maling, ngarogahala, jeung ngabinasa. Ari Kami mah malar supaya umat harirup sarta carukup.
11. Kami teh ibarat pangangon anu bumela, anu daek bela pati ka domba-dombana.
12. Anu buburuh, anu lain pangangonna jeung lain anu bogana, nenjo aya ajag teh anggur lumpat kabur, domba-domba diantep dirontok jeung diubrak-abrik ku ajag, kawantu lain bogana sorangan.
13. Munasabah kabur oge, ngaranna ge nu buburuh, moal paduli ka domba-domba.
14. Kami teh lir pangangon anu bumela. Sakumaha Rama kenal ka Kami, Kami kenal ka Rama, Kami wawuh ka domba-domba Kami, nya kitu deui domba-domba Kami oge wawuheun ka Kami, Kami moal sungkan ngabelaan nepi ka ajal.
15. ***
16. Aya keneh domba-domba Kami lian ti anu ieu, anu henteu sakandang jeung ieu, ku Kami arek dibawa ka dieu, tangtu narurut kana sora Kami, arek disakandangkeun jeung nu ieu, diurus ku hiji pangangon.
17. Ama nyaaheun ka Kami, lantaran Kami iklas ngorbankeun nyawa anu tangtu bakal katarima deui.
18. Saenyana moal aya anu bisa ngarebut nyawa Kami. Dikorbankeun oge ku karana kaiklasan Kami; Kami kawasa nyerenkeun, kawasa nyokotna deui. Kitu pangersana Ama Kami.”
19. Pilahir Anjeunna kitu ngalantarankeun urang Yahudi jadi pabentar deui.
20. Loba anu ngaromong kieu, ”Jelema kasurupan setan, geus gelo! Keur naon didarengekeun bae?”
21. Ceuk nu sawareh deui, ”Jelema kasurupan setan mah moal kitu ucap-ucapanana! Na bisaeun setan ngabeuntakeun anu lolong sina bisaeun nenjo?”
22. Di Yerusalem keur diayakeun Pesta Pangresmian Bait Allah. Harita keur usum tiris.
23. Waktu Yesus keur angkat di Tepas Suleman di Bait Allah,