A A A A A
Error:
BookNum: 10 Chapter: 23 VerseStart: 25 VerseShouldHave: 24
Alkitab dalam satu tahun
Mungkin 26

2 Samuel 23:1-38
1. Daud putra Isai teh ku PANGERAN dipaparin darajat luhur, ku Allahna Yakub diangkat raja. Nya anjeunna anu ngarang Jabur pikeun urang Israil, kacida arendahna. Ari pilahir anjeunna anu pamungkas kieu:
2. Roh PANGERAN ngandika ku jalan kaula, amanatna aya dina biwir kaula.
3. Kieu sabda Allah Israil ka kaula, nya pilahir Gusti panuyun Israil tea: ”Raja anu adil palamarta, anu ngerehna madoman kana sabda Allah,
4. ibarat surya medal teu kaalingan, lir srangenge ngagebray saentas hujan, jujukutan ngagarenclang kahibaran.”
5. Nya ku lantaran kitu turunan kaula baris ginanjar nugraha Allah. Sabab Mantenna enggeus jangji, jangji nu langgeng abadi. Kitu panyileukan ati, nu bakal ngalantarankeun kaula unggul, tur yakin ku Allah tangtu dikabul.
6. Sabalikna jalma-jalma jahat mah ibarat cucuk nu kudu dipiceun, moal aya anu bisa nyabak ku leungeun taranjang.
7. Disingkirkeunana kudu ku pakakas tina beusi, atawa ku tumbak, tuluy diduruk nepi ka beak.
8. Prajurit-prajurit Daud anu kamashur, nu kahiji Yoseb Basebet urang Tahkemon, lulugu ti ”Tri Wirawan”. Kungsi ngayonan musuh dalapan ratus, sakali nempuh musuhna beak paraeh ditumbakan.
9. Nu kadua ti Tri Wirawan nya eta Elasar bin Dodo urang Ahohi. Kungsi manehna dina hiji poe ngabarengan Daud nyanghareupan urang Pelisti anu rek narajang. Urang Israil geus kadeseh mundur.
10. Tapi manehna mah tetep bae tagen ngayonan eta urang Pelisti, nepi ka leungeunna teu bisa dicekahkeun tina hulu pedang. Ku kagagahanana, poe eta PANGERAN ngadamel kaunggulan gede. Sanggeusing eta urang Israil anu geus mundur teh baralik deui ka Elasar, ngarangsadan pakarang musuh anu kasambut.
11. Wirawan anu katilu ngaranna Syama bin Age urang Harar. Sakali mangsa urang Pelisti geus aya di Lehi deukeut hiji kebon kacang polong. Urang Israil kalabur.
12. Syama tetep tagen ngayonan urang Pelisti di eta kebon suuk, nepi ka musuh beak paraeh. Poe eta PANGERAN ngadamel kaunggulan gede.
13. Dina hiji mangsa usum dibuat, sabubuhan urang Pelisti keur masanggrahan di Lebak Repaim. Sabot kitu aya tilu prajurit ti prajurit-prajurit anu kamashurkeun ”Si Tilu Puluh”, marudun ka guha Adulam rek manggihan Daud,
14. anu keur aya di benteng di hiji pasir. Harita Betlehem keur diandih ku urang Pelisti.
15. Daud anu geus sono ka lembur ngalahir, ”Hayang teuing kami dipangalakeun cai keur nginum ti sumur deukeut gapura kota Betlehem!”
16. Bral bae eta tilu prajurit teh arindit, tuluy nobros pasanggrahan urang Pelisti, pek nimba ti sumur di Betlehem, caina disanggakeun ka Daud. Tapi ku Daud henteu dileueut, anggur dibahekeun kana taneuh, dibaktikeun ka PANGERAN,
17. bari piunjukna, ”Nun PANGERAN, paliyas abdi nginum ieu cai, margi sami sareng nginum getih eta tilu prajurit anu parantos narohkeun jiwana.” Nu matak cai teh ku anjeunna henteu dileueut. Kitu kagagahanana eta tilu prajurit teh.
18. Anu jadi kapala ”Si Tilu Puluh” nya eta Abisai, putra ibu Seruya, rayina Yoab. Abisai kungsi ngayonan tilu ratus urang Pelisti, sarta eta urang Pelisti teh kabeh tiwas ditumbakan. Abisai kamashur di antara ”Si Tilu Puluh”.
19. Malah ti ”Si Tilu Puluh” teh pangmashurna, turug-turug jadi pamingpinna. Tapi sangkilang kitu ge mashur keneh ”Tri Wirawan” tea.
20. Aya deui prajurit anu kasohor, nya eta Benaya bin Yoyada urang Kabsel. Loba kagagahanana, kaasup tarungna ngalawan dua satria Moab anu baradag. Sarta sakali mangsa keur usum salju, manehna nurunan hiji gorombang terus tarung jeung hiji singa di dinya, singana dipaehan.
21. Kungsi deuih niwaskeun hiji urang Mesir anu awakna tangihgul. Musuhna make tumbak, ari manehna ngan make pepentung. Tumbak urang Mesir teh ku manehna dibetot, jos digejoskeun ka nu bogana nepi ka paeh.
22. Kitu kagagahan-kagagahan Benaya di antara ”Si Tilu Puluh”,
23. tur manehna anu pangnonjolna. Tapi parandene kitu mashur keneh ”Tri Wirawan” tea. Manehna ku Daud dijieun kapetengan pribadi.
24. Prajurit-prajurit sejenna anu kaasup ka ”Si Tilu Puluh” nya eta: Asahel, rayina Yoab Elhanan bin Dodo, ti Betlehem Syama jeung Elika, urang Harod Heles, urang Pelet Ira bin Ikes, urang Tekoa Abieser, urang Anatot Mebunai, urang Husa Salmon, urang Ahohi Maharai, urang Netopa Heleb bin Baana ti Netopa Itai bin Ribai ti Gibea wilayah kaom Binyamin Benaya, urang Piraton Hidai, ti Lebak Gaas Abi Albon, urang Arba Asmawet, urang Bahurim Eliahba, urang Saalbon Anak-anak Yasen Yonatan Syama, urang Harar Ahiam bin Sarar, urang Harar Elipelet bin Ahasbai, urang Maaka Eliam bin Ahitopel, urang Gilo Hesrai, urang Karmel Paarai, urang Arab Igal bin Natan, urang Soba Bani, urang Gad Selek, urang Amon Naharai, urang Berot, tukang mawa pakarang Yoab Ira jeung Gareb, urang Yatir Uria, urang Het Ieu tilu puluh tujuh urang kabeh prajurit-prajurit anu kamashur.
25. Dina hiji mangsa PANGERAN bendu deui ka urang Israil. Mantenna ngangsonan ka Daud sina nyusahkeun ka Israil. Timbalana-Na ka Daud, ”Cacahkeun urang Israil jeung urang Yuda!”
26. Daud tuluy marentah ka panglima Yoab, ”Maneh jeung para perwira bawahan kudu ngadatangan kaom-kaom Israil di sakuliah nagara, ti tungtung nepi ka tungtung. Itung jiwana, hayang nyaho aya sabaraha.”
27. Piunjuk Yoab, ”Mugia jumlah urang Israil ku PANGERAN Allah Jeng Raja sing didamel saratus kalieun ti ayeuna sareng sing katingali ku Gusti. Naon margina Gusti bet miwarang kitu?”
28. Tapi raja tetep mageuhan parentahna. Ku sabab kitu Yoab jeung para perwira bawahanana arindit arek nyacahkeun urang Israil.
29. Sanggeus meuntasan Walungan Yordan, ngarereb heula di wewengkon Arur kidul, kota anu ayana di tengah hiji lebak di wewengkon Gad. Ti dinya tuluy ngaler ka Yaser. Ti Yaser terus
30. ka Gilad jeung Kades wewengkon urang Het. Ti dinya terus ka Dan. Ti Dan terus ngulon ka Sidon.
31. Ti Sidon terus ngidul ka Tirus, kota benteng. Ti dinya terus deui ka unggal kota urang Hewi jeung Kanaan. Panganggeusanana ka Bersyeba, wewengkon Yuda kidul.
32. Sanggeus salapan bulan jeung dua puluh poe, kakara bisa marulang deui ka Yerusalem, sanggeus ngambah sakuliah nagara.
33. Laporanana diuningakeun ka raja. Hasilna, jalma anu geus manjing wajib militer, ti Israil aya 800.000 urang, ti Yuda aya 500.000 urang.
34. Tapi sanggeusna ngayakeun cacah jiwa manah Daud jadi ratug. Tuluy unjukan ka PANGERAN, ”Abdi parantos langkung-langkung nya dosa, parantos midamel kitu. Nun PANGERAN, hapunten kalakuan jisim abdi anu sakitu bodona.”
35. Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Nabi Gad, juru tingal Raja Daud. Timbalana-Na, ”Bejakeun ka Daud, sina milih tina tilu rupa piliheun. Rek milih nu mana bae ku Kami rek diturutkeun.” Isukna sanggeus Daud gugah kulem,
36. ***
37. Gad nepangan rek ngunjukkeun timbalan PANGERAN. Dina tungtungna kieu saurna, ”Bade milih anu mana? Paceklik tilu taun di sakuliah nagara, atanapi Gusti diudag-udag musuh lamina tilu sasih, atanapi sasalad ka nagara tilu dinten? Mangga emut-emut heula teras wartoskeun ka jisim abdi, urang unjukkeun ka PANGERAN.”
38. Waler Daud, ”Kaula susah kacida milihna. Tapi tinimbang cilaka ku pada jalma, mending pasrah ka PANGERAN, naon bae hukuman ti Mantenna rek ditarima. Mantenna teh sipat welas.”

2 Samuel 24:1-25
1. Ti dinya eta nagara ku PANGERAN dikeunaan sasalad mimiti ti isuk eta nepi ka beak tempo ti Mantenna tea. Ti sakuliah nagara, ti tungtung nepi ka tungtung, aya 70.000 urang Israil anu tiwas ku eta sasalad.
2. Barang malaikat PANGERAN rek prak ngaruksak ka Yerusalem, ku PANGERAN diwagel ulah diteruskeun. Kieu timbalana-Na ka eta malaikat anu nyabutan nyawa maranehna, ”Meujeuh! Geus cukup!” Harita eta malaikat geus aya di pangirikan bogana Arauna urang Yebus.
3. Sanggeus Daud ningalieun ka eta malaikat anu niwaskeun jalma-jalma, anjeunna unjukan ka PANGERAN, ”Jisim abdi anu lepatna, anu gaduh dosana. Dupi maranehna mah naon kalepatanana? Mangga hukumanana larapkeun ka jisim abdi sakulawargi.”
4. Geus kitu dina poe eta keneh Gad angkat nepangan Daud sarta miunjuk kieu, ”Gusti kedah angkat ka pangirikan pun Arauna, kedah ngadegkeun altar di ditu haturan PANGERAN.”
5. Daud angkat, tumut kana timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka Gad.
6. Barang nenjo aya raja sapangiringna keur naranjak ka manehnakeun, gancang Arauna mapagkeun, tuluy sujud kana taneuh payuneun Daud,
7. pok miunjuk, ”Gusti, bade aya pikersaeun naon rurumpaheun sumping ka jisim abdi?” Waler Daud, ”Kami hayang meuli ieu pangirikan maneh, rek diadegan altar haturan PANGERAN, sangkan sasalad eureun.”
8. ”Sumangga Gusti, candak bae!” tembal Arauna. ”Mangga haturkeun kurban ka PANGERAN sakumaha kapalay Gusti. Sapi kurbankeuneun kana altar mangga nyandak sacekapna. Sarawuh ieu pasangan-pasangan sareng ieu seredan pangirikan mangga kasanggakeun kangge suluhna.”
9. Sok barang-barangna disanggakeun ka raja, pok deui Arauna unjukan, ”Mugi-mugi kurban Gusti ditampi ku PANGERAN, Allah Sang Raja.”
10. Waler raja, ”Entong kitu. Ku kami rek dibayar sakumaha pantesna. Kami seja ngurban ka PANGERAN Allah kami teh hayang beunang meuli, ulah beunang pamere.” Tuluy eta pangirikan jeung anak sapi kurbankeuneun teh ku anjeunna digaleuh lima puluh gebleg perak.
11. Geus kitu prak anjeunna ngadegkeun altar haturan PANGERAN, ti dinya ngahaturkeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan. Sanggeusing kitu PANGERAN ngamakbul kana paneda anjeunna, rep sasalad eureun.
12. Mantenna ngimahan ka nu nunggelis, nungtun para sakitan sina barebas, ari bangsa basangkal disina hirup di tempat mencil.
13. Nun Allah, nalika Gusti ngapalaan umat, waktos ngambah gurun keusik,
14. bumi genjlong, langit nurunkeun hujan, ku sumpingna Allah Sinai Allah Israil sumping.
15. Gusti seueur nurunkeun hujan, tanah kagungan nu parantos garing seger deui.
16. Ngulinkeun nu miskin sarua jeung ngulinkeun PANGERAN nu ngadamelna. Ulah atoh nenjo batur nu goreng milik, bisi kahukum.
17. Nu geus karolot sok agul ku incu-incu, cara barudak sok agul ku bapana.
18. Sabot keur angkat, Yesus ningali jalma lolong ti barang lahir.
19. Murid-murid naranya ka Anjeunna, ”Pa Guru, dosa saha dugi ka eta jalmi teh lolong bawa ngajadi? Dosana sorangan atanapi dosa kolotna?”
20. Waler Yesus, ”Lolongna lain ku karana dosana sorangan atawa dosa kolotna, tapi supaya jalma-jalma narenjo kakawasaan Allah barangdamel dina diri manehna.
21. Meungpeung beurang keneh urang kudu ngalampahkeun gawe ti Mantenna, anu ngutus Kami. Ti peuting mah moal aya nu bisa baranggawe.
22. Ari Kami, sapanjang di dunya keneh, Kami teh caangna alam dunya.”
23. Sanggeus ngalahir kitu Anjeunna ngaludah kana taneuh, ludah-Na digaley jeung taneuh nepi ka jadi leutak, terus dipopokkeun kana panon eta nu lolong,
24. sarta kieu saur-Na, ”Ka ditu maneh sibeungeut ka Kulah Siloam!” (Siloam hartina ”Diutus”.) Nu lolong teh indit tuluy sibeungeut, ari datang deui geus nenjo.
25. Tatangga-tatanggana jeung anu sok narenjo manehna musapir tingtaranya, ”Lain anu sok diuk baramaen tea eta jelema teh?”

Mazmur 68:7-10
7. ”Enya,” ceuk sawareh. Tapi ceuk nu sawareh deui, ”Lain, eta mah anu sakarupa.” Ari ceuk jelemana sorangan, ”Enya, ieu kuring!”
8. ”Geuning eta bisa nenjo, kumaha?” ceuk anu naranyakeun.
9. Walonna, ”Panon kuring dipopokan leutak ku jalmi anu jenenganana Yesus, tuluy dipiwarang sibeungeut ka Kulah Siloam. Kuring nurut, ari sibeungeut ari bray bisa ningal.”
10. ”Mana ayeuna jelemana?” maranehna naranya. ”Duka, teu terang,” walonna.

Amsal 17:5-6
5. Eta jelema anu asalna lolong tuluy dibarawa ka urang Parisi.
6. Yesus ngadamel popok leutak pikeun nyageurkeun eta jelema teh dina poe Sabat.

Yohanes 9:1-23
1. Eta jelema ku urang Parisi dipariksa ku naon pangna jadi bisa nenjo. Walonna, ”Ku Anjeunna panon abdi dipopokan ku leutak, abdi teras sibeungeut, ayeuna tiasa ningal.”
2. Ceuk sawareh urang Parisi, ”Mustahil jelema kitu utusan Allah, geuning henteu tunduk kana aturan Sabat!” Ceuk urang Parisi sawareh deui, ”Tapi piraku jelema dosa mah bisaeun nyieun kaajaiban sarupa kitu!” Tungtungna maranehna jadi pabentar.
3. Ku sabab kitu urang Parisi teh nanya deui ka eta jelema, ”Maneh geus ngaku dicageurkeun ku eta jelema, cik, kumaha anggapan maneh ka eta jelema?” ”Anjeunna nabi,” walonna.
4. Tapi gegeden-gegeden urang Yahudi arembungeun percaya yen eta jelema teh asalna lolong, nepi ka tuluy nyalukan indung bapana,
5. tuluy dipariksa, ”Bener eta anak maneh? Pajar lolong ti barang dijurukeun, geuning bisaeun nenjo, kumaha?”
6. Jawab kolotna, ”Sumuhun, eta teh pun anak, sareng leres parantos lolong ti barang lahir.
7. Nanging halna tiasa ningal mah duka teu terang, saha anu nyageurkeunana, sami keneh teu terang. Sae pariksa jinisna bae da parantos baleg, tangtos tiasaeun nerangkeun.”
8. Ngajawab kitu soteh awahing ku sieun, lantaran para gegeden teh geus samupakat, lamun aya jelema anu percaya yen Yesus teh Kristus, baris dihukum, teu meunang asup ka imah ibadah.
9. Anu matak ngajawabna teh, ”Sae pariksa jinisna bae da parantos baleg!”