A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Mungkin 25

2 Samuel 21:1-22
1. Dina hiji mangsa jaman Raja Daud keneh, nagara katarajang paceklik nepi ka tilu taun. Ku Daud diunjukkeun ka PANGERAN. Ari dawuhan PANGERAN, ”Eta dilantarankeun ku kasalahan Saul saahli-ahlina bareto, numpes urang Gibon.” (
2. Urang Gibon teh kaasup bangsa Emor, cacah jiwana teu sabaraha loba, lain urang Israil. Tapi urang Israil mere jangji baris nangtayungan ka maranehna. Ari ku Saul digempur sina beak, supaya ulah nyoro deui kapentingan urang Israil jeung urang Yuda.)
3. Ti dinya Daud mariksa ka urang Gibon, saurna, ”Coba kumaha pirempug arandika, kami arek nebus kasalahan anu geus dilampahkeun ka arandika, sangkan matak jadi rahmat ka umat PANGERAN.”
4. Ari piunjukna, ”Perkawis abdi-abdi sareng Saul saahli-ahlina moal tiasa katebus ku perak atanapi emas. Nanging oge sanes maksad abdi-abdi males pati ka umumna urang Israil.” Saur Daud, ”Enya, kumaha pihadeeunana?”
5. Jawab urang Gibon, ”Saul kapungkur maksadna ngabasmi ka abdi sadaya, supados di sakuliah Israil ulah aya urang Gibon saurang-urang acan.
6. Ku margi kitu, mugi Gusti kersa nyerenkeun tujuh urang turunan Saul anu lalaki, bade digantung di payuneun PANGERAN di Gibea, kota pangcalikan Saul, raja anu dipilih ku PANGERAN tea.” ”Heug, ku kami diserenkeun,” waler raja.
7. Tapi Daud nangtayungan Mepiboset putra Yonatan putu Saul, sabab emut kana ikrar suci antara anjeunna jeung Yonatan.
8. Anu dicandak keur serenkeuneun nya eta Armoni jeung Mepiboset putra Saul ti parekan anu ngaran Rispa binti Aya, jeung lima deui putu-putu Saul, anak Merab binti Saul anu nikahna ka Adriel bin Barsilai urang Mehola.
9. Ku Daud diserenkeun ka urang Gibon. Ku urang Gibon terus digarantung di luhur gunung payuneun PANGERAN. Tujuhanana bareng paraeh. Diparaehanana mangsa geus ganti usum, waktu ngamimitian panen hanjeli.
10. Geus kitu Rispa binti Aya urut parekan Saul nyieun sasaungan tina karung dina hiji cadas, nungguan eta mayit-mayit di dinya ti mimiti usum dibuat nepi ka cur usum hujan. Mayit-mayit teh ti beurang dijaga supaya henteu diparacokan ku manuk, ti peuting dijaga supaya henteu dihakan ku sato galak.
11. Kalakuan Rispa diuningakeun ka Daud.
12. Ti dinya Daud angkat ka Gilad nepangan urang Yabes, seja nyandak tulang-taleng Saul jeung Yonatan. (Bareto, sanggeus Saul jeung Yonatan tiwas ku urang Pelisti di Gunung Gilboa tea, layonna ku urang Pelisti dipakukeun kana tembok, ku urang Yabes dipaling ti alun-alun Bet San, tuluy dikurebkeun di Gilad.)
13. Eta tulang-taleng Saul jeung Yonatan kitu deui tulang-taleng tujuh jelema anu digarantung ku urang Gibon tea ku Daud dicandak.
14. Tulang-taleng Saul jeung Yonatan ku Daud dipiwarang dipendem di makam Kis, rama Saul, di Sela, wewengkon Binyamin. Sanggeusing hal eta dilaksanakeun, tuluy paneda sangkan nagara dileupaskeun tina paceklik, ku Allah dikabul.
15. Sakali mangsa urang Israil perang deui jeung urang Pelisti. Daud oge angkat merangan urang Pelisti, datang ka anjeunna ngaraos nahnay.
16. Jol aya hiji jelema raksasa ngaranna Isbi Benob, nyoren pedang jeung mawa tumbak tambaga anu beuratna meh tilu kilo satengah, ngarah ka Daud.
17. Tapi kaburu katulungan ku Abisai putra ibu Seruya. Eta raksasa diayonan sarta beunang dipaehan. Ti dinya jalma-jalma Daud kapok mawa deui rajana ngiring perang. Piunjukna ka raja, ”Gusti teh jadi pangharepan Israil, ulah dugi ka abdi sadaya kaleungitan ku Gusti.”
18. Der perang deui ngalawan urang Pelisti di Gob. Di dinya ge aya raksasa, ngaranna Sap. Ieu oge beunang dipaehan ku Sibkai urang Husa.
19. Barang perang deui ngalawan urang Pelisti keneh di Gob, aya deui raksasa anu beunang dipaehan, ngaranna Goliat urang Gat, anu gagang tumbakna kandelna sapihanean. Dipaehanana ku Elhanan bin Yair urang Betlehem.
20. Sakali deui perang di Gat. Di dinya ge aya hiji raksasa anu kabeukina gelut. Ramona kabeh genep-genep, ramo leungeun ramo suku genep-genep.
21. Eta raksasa kacida nyapirakeunana ka urang Israil. Tuluy diayonan ku Yonatan bin Syama saderek Daud, tuluy dipaehan.
22. Eta opat raksasa kabeh turunan raksasa Gat, beak kabeh dipaehan ku Daud sabaladna.

2 Samuel 22:1-51
1. Sanggeus Daud luput ti Saul tur rahayu ti sakabeh satru, anjeunna nyanggakeun ieu kidung pupujian ka PANGERAN:
2. PANGERAN panyalindungan kaula, benteng kaula anu tohaga.
3. Allah teh juru raksa kaula, kaula aman di Mantenna. Lir kepeng, Mantenna mindingan kaula, nangkis bahla, ngamankeun kaula. Mantenna jurusalamet kaula, ngaraksa jeung nyalametkeun kaula tina bahaya.
4. Kaula ngajerit ka PANGERAN, seug Mantenna ngabebaskeun kaula ti musuh-musuh. Puji PANGERAN!
5. Ombak pati datang ngalingkung, lambak ajal datang ngagulung.
6. Bahya maot datang ngepung, kuburan datang naheunan.
7. Sajeroning kasukeran, kaula nyambat ka PANGERAN, nyambat pitulung Allah. Sora kaula kadangueun ti gedong-Na, panyambat kaula diregepkeun ku Mantenna.
8. Bumi inggeung jagat endag, dasaring langit aroyag sarehing Allah keur wera!
9. Haseup meledug tina pangambung-Na, seuneu ngagedag jeung ruhak ruhay nyebrot tina bahan-Na.
10. Mantenna meulahkeun langit, jut lungsur ngadampal mega kandel.
11. Biur hiber tunggang mukarabin, sumiriwik nitih jangjang angin.
12. Mantenna nutupan anjeun ku poek, dikuriling mega kandel pinuh ku cai.
13. Ruhak ruhay muncrat hurung, mancawura tina kilat payuneuna-Na.
14. Geleger, PANGERAN ngagentra ti angkasa, geleger soara Allah Nu Maha Kawasa.
15. Mantenna mentang-mentangkeun jamparing musuh-musuhna paburisat tingbalecir disalamberan ku kilat.
16. Dasar sagara mani nonggerak, alas jagat jadi ngabuliklak waktu PANGERAN ngahaok ka musuh-musuhna, sarta ngagaur ka maranehna lantaran wera.
17. PANGERAN ti luhur ngahontal ka handap, kaula dirawel terus dibedol ti cai anu jero.
18. Mantenna ngajait kaula ti musuh-musuh anu garagah rosa, jeung ti sakur nu mikangewa anu leuwih kuat batan kaula.
19. Eta teh daratang narajang, sajeroning kaula keur kasusahan. Tapi PANGERAN sumping nulungan.
20. Mantenna ngahanjatkeun kaula tina bahla, kaula dirahayukeun, sabab Mantenna nyaaheun.
21. Kaula ku PANGERAN diganjar, reh lampah kaula bener. Dipaparin rahmat, reh kaula henteu salah.
22. Reh kaula nurut kana papakon PANGERAN, tara baha ka Allah.
23. Reh ngesto kana hukum- hukum-Na, tara ngalawan kana timbalana-Na.
24. Mantenna anu uninga, yen lampah kaula beresih, nyegah diri tina lampah salah.
25. Ngaganjarna ku sabab lampah kaula bener, reh uninga yen kaula henteu salah.
26. Nun PANGERAN, Gusti satuhu ka nu mituhu, satemenna ka nu satemenna.
27. Wening galih ka nu hatena beresih, ngamusuh ka nu misatru.
28. Ngangkat nu hina harkat, nundukkeun anu arangkuh.
29. Nun PANGERAN, Gusti teh sumbering caang, maparin caang ka abdi.
30. Abdi sanggup nempuh musuh, ngacak-ngacak kakuatanana. Reh Gusti nu maparin kakuatan, nu maparin kagagahan.
31. Mantenna Allah, sampurna sugri damel-Na, layak dipercaya pangandika-Na! Keur sakur nu nyalindung ka Mantenna, Allah teh lir jadi kepengna.
32. Ngan PANGERAN anu jumeneng Allah. Ngan Allah panyalindungan urang.
33. Ngan Allah ieu panyalindungan kaula nu teguh, anu ngamankeun jalan kaula.
34. Anu ngawatek suku kaula jadi rikat tinanding peucang, di gunung-gunung taya kakeungkang.
35. Anu ngajiad kaula parigel perang, sanggup metakeun gondewa nu pangheurasna.
36. Nun PANGERAN, Gusti ngauban sareng nyalametkeun abdi, abdi jadi mulya ku pitulung Gusti.
37. Gusti ngajagi sangkan abdi ulah katewak, sarta abdi tacan kantos ragrag.
38. Sapanjang musuh can tumpur, hantem diudag terus digempur.
39. Digeprak teu harudang deui, ngajaloprak di hareupeun abdi.
40. Dina perang, Gusti nu maparin kakiatan, tur maparin kaunggulan.
41. Ku pitulung Gusti, musuh birat ti abdi, sakur nu ngarah seep dibasmi.
42. Musuh nareangan pitulung, tapi taya anu sanggup nulung. Seug sasambat ka PANGERAN, tapi henteu diwaleran.
43. Ku abdi diluluh dijieun lebu, dileyek dijieun leutak.
44. Abdi parantos ditulungan ti sakur nu ngaralawan. Karajaan abdi jadi lega, abdi ngarajaan bangsa-bangsa. Bangsa anu teu wawuh ge jadi bawahan abdi.
45. Bangsa batur ka abdi sarujud, saucap abdi diturut.
46. Kalalabur pangacianana, kalaluar ti jero bentengna, awakna pating daregdeg.
47. PANGERAN jumeneng! Puji panyalindungan kaula! Celukkeun agungna kakuatan Allah anu nyalametkeun kaula!
48. Mantenna nalukkeun musuh kaula, nundukkeun bangsa-bangsa, jadi bawahan kaula.
49. Mantenna ngaluputkeun ti anu misatru. Nun PANGERAN, nya Gusti nu ngelehkeun eta musuh-musuh, anu ka abdi ngaraksa, luput ti tukang ngarogahala.
50. Nu mawi abdi muji ka Gusti di lingkungan bangsa-bangsa. Abdi nganyanyikeun pupujian ka Gusti.
51. Allah maparin kaunggulan langkung-langkung ka raja lisahana-Na! Asih-Na taya petotna, ka raja lisahana-Na, ka Daud sarundayanana, salalanggengna.

Mazmur 68:1-6
1. Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud.
2. Allah maju, musuh-musuh-Na dipaburencaykeun. Anu gareuleuheun ka Mantenna areleh, kalabur.
3. Ku Mantenna diusir, leungit lir haseup dikebut ngaraley kawas lilin dideang. Nu jarahat teh lebur di payuneun Allah.
4. Sabalikna nu balener mah aratoheun di payuneun Mantenna, sarurak nembongkeun kabungah.
5. Puji Allah, puji jenengana-Na, sadiakeun jalan pikeun Mantenna nu ngambah mega. Jenengan Mantenna PANGERAN, sing aratoh di payuneuna-Na!
6. Allah anu linggih di Bait-Na anu suci, ngarawat ka nu pahatu, ngaraksa ka randa-randa.

Amsal 17:2-4
2. Badega anu binangkit bisa ngelehkeun anak dunungan nu tanpa guna. Malah bisa kabagi warisan sagala.
3. Emas jeung perak diujina ku seuneu. Ari hate jelema mah diujina ku PANGERAN.
4. Jalma jahat ngaguguna kana pikiran jahat, tukang bohong kana bohong.

Yohanes 8:28-59
28. Saur Yesus deui, ”Aranjeun kakara bakal terang yen ’Kaula teh Anu Jumeneng’, lamun Putra Manusa ku aranjeun geus dijungjung ka luhur. Lamun geus kitu, kakara aranjeun terang yen saucap-ucap Kaula estu numutkeun timbalan Rama, Kaula pribadi teu kawasa kana karep sorangan.
29. Ku sabab kitu Kaula salawasna disarengan bae ku Mantenna anu ngutus. Kaula ku Mantenna tara dikantun, sabab salawasna nyieun anu kamanah ku Mantenna.”
30. Loba anu palercaya kana sagala pilahir Yesus harita.
31. Yesus ngalahir ka anu geus palercaya, saur-Na, ”Lamun maraneh nurut kana piwuruk Kami, bener maraneh teh murid-murid Kami,
32. sarta bakal nyaraho ka Anu saestu, sarta ku Anu saestu maraneh bakal dibebaskeun.”
33. Walon jalma-jalma, ”Kaula kabeh turunan Ibrahim, tacan nepi ka ngawula ka saha-saha. Naon maksudna kecap, ’maraneh bakal dibebaskeun’?”
34. Waler Yesus, ”Kieu saenyana: Sing saha anu migawe dosa, ngawula kana dosa.
35. Jalma kumawula lain anggota kulawarga anu tetep; anggota kulawarga anu tetep mah anak anu boga imah.
36. Lamun maraneh geus dibebaskeun ku Putra, enya-enya maraneh bebas.
37. Kami nyaho maraneh anak-anak Ibrahim. Tapi maraneh rek maehan ka Kami, lantaran arembung narima piwuruk Kami.
38. Kami ngomongkeun perkara anu geus ditembongkeun ku Rama Kami, ari maraneh mah ngalakonan nu diajarkeun ku bapa maraneh.”
39. ”Rama kaula mah Ibrahim,” walon jalma-jalma. Waler Yesus, ”Lamun enya maraneh putra-putra Ibrahim, tangtu nulad kana lampah anjeunna.
40. Tapi maraneh mah anggur rek maehan ka Kami, dumeh Kami ngomongkeun hal anu saenyana, anu ku Kami kadenge ti pangersa Allah. Padahal Ibrahim mah henteu cara maraneh.
41. Anu diturut ku maraneh mah kalakuan bapa maraneh.” ”Rama kaula taya deui lian ti Allah. Kaula kabeh putra-Na ku manten,” walon jalma-jalma.
42. Pilahir Yesus, ”Lamun enya Rama maraneh teh Allah, tangtu nyaraah ka Kami, sabab Kami asal ti Allah. Tah ieu Kami, datang teh lantaran diutus ku Mantenna, lain datang karep sorangan.
43. Ku naon nu matak maraneh teu ngarti ka anu dicaturkeun ku Kami? Sababna lantaran maraneh teu tahan ngadenge piwuruk Kami.
44. Saenyana maraneh teh anak Iblis, anu ditarurut oge kahayang Iblis, bapa maraneh. Ti mimiti keneh oge Iblis geus jadi tukang maehan, tara mihak ka nu bener, lantaran teu kaancikan ku sipat bener. Ana Iblis bohong, memang geus bakatna tukang bohong, bapana sagala bohong.
45. Tapi Kami mah ngomongkeun anu saenyana, sarta nya eta sababna pangna maraneh teu percaya ka Kami.
46. Cik ti maraneh, saha anu bisa ngabuktikeun yen Kami boga dosa? Anu diomongkeun ku Kami kabeh saestuna, ku naon teu dipercaya?
47. Ari maraneh asal ti Allah mah tangtu nurut kana sagala timbalana-Na. Lain ti Allah maraneh mah! Eta sababna pangna maraneh arembung percaya oge.”
48. Walon jalma-jalma, ”Lain bener sakumaha ceuk kaula yen, Anjeun teh urang Samaria, jeung kaasupan setan?”
49. ”Kami henteu kaasupan setan,” waler Yesus. ”Kami hormat ka Rama, ku maraneh dihina.
50. Kami henteu nyiar kahormatan sorangan. Aya Hiji anu ngusahakeun kahormatan Kami jeung bakal ngabela.
51. Sing saha anu nurut kana piwuruk Kami, salalawasna moal paeh. Sing percaya!”
52. Walon jalma-jalma, ”Nyaho ayeuna mah, tetela Anjeun teh kaasupan setan! Make nyebutkeun, ’Anu nurut kana piwuruk Kami salalawasna moal paeh’, geuning Ibrahim pupus, nabi-nabi parupus.
53. Rama kaula, Ibrahim pupus, nabi-nabi pon kitu deui, parupus. Rek ngaku leuwih punjul ti batan Ibrahim Anjeun teh? Cik, saha kitu ari Anjeun pangrasa teh?”
54. Waler Yesus, ”Lamun Kami ngagungkeun diri sorangan memang taya hartina. Tapi anu ngagungkeun Kami teh Rama Kami, anu ceuk maraneh Allah maraneh.
55. Maraneh teu nyaraho ka Mantenna, ari Kami mah nyaho. Nu matak lamun Kami nyebut teu nyaho ka Mantenna, eta kakara bohong, cara maraneh. Tapi Kami teh nyaho jeung nurut kana timbalana-Na.
56. Bapa maraneh, Ibrahim, basa uningaeun yen bakal ningali poean Kami datang ka dunya, manahna geus suka. Ayeuna, sanggeus hal eta kajadian, manahna kacida sukaeunana.”
57. Ceuk urang Yahudi, ”Na Anjeun geus nenjo Ibrahim? Umur Anjeun can aya lima puluh taun!”
58. Waler Yesus, ”Saenyana, memeh Ibrahim dijurukeun, Kami geus jumeneng.”
59. Tungtungna top bae maranehna marulung batu rek maledogan ka Anjeunna, tapi Anjeunna ngereles kaluar ti Bait Allah.