A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Mungkin 2

1 Samuel 6:1-21
1. Peti Perjangjian PANGERAN ayana di urang Pelisti geus tujuh bulan.
2. Geus kitu urang dinya ngala imam-imam jeung tukang-tukang nujum. ”Kudu kumaha urang teh ka eta Peti Perjangjian PANGERAN? Mun dipulangkeun kudu bari mere naon?”
3. Jawabna, ”Enya, mun eta Peti Perjangjian Allahna urang Israil dipulangkeun, kudu make kikiriman keur nebus dosa maraneh. Ulah pulang kosong kitu bae. Malak mandar maraneh calalageur, jeung nyaraho, naon sababna nu matak disiksa.”
4. ”Kudu ngahaturanan naon atuh?” ceuk jalma-jalma. Jawabna, ”Bubungkulan tina emas jeung beubeuritan tina emas, lima-lima siki nurutkeun bilangan lima raja-raja Pelisti, sabab ieu balahi teh teurakna ka maraneh jeung ka raja-raja anu lima.
5. Mana kudu dijieun tironanana, bungkul jeung beurit anu geus ngaruksak di tanah maraneh. Jeung maraneh kudu nembongkeun hormat ka Allahna urang Israil, malak mandar kersaeun nyabut siksaana-Na ti maraneh, ti batara jeung tanah maraneh.
6. Naon gunana nurutan bedegongna raja Mesir sarahayatna teh? Piraku geus paroho maranehna ku Allah dikumahakeun, nepi ka kapaksa ngidinan urang Israil budal ti Mesir.
7. Ayeuna sadiakeun padati anyar, pasangkeun ka dinya dua sapi nu keur anakan jeung tacan kungsi dipake narik nanaon, anakna kandangkeun.
8. Peti Perjangjian PANGERAN puatkeun. Bubungkulan emas jeung beubeuritan emasna petian, teundeun gigireunana keur pangbakti ka Anjeunna, pikeun nebus dosa maraneh. Sina ditarik padatina ku sapi, ingkeun sina leumpang karepna sorangan.
9. Awaskeun ka mana majuna. Lamun ka Bet Semes tetela balahi teh enya ti Allahna urang Israil. Lamun lain ka dinya, balahi teh lain ti Anjeunna, keur kapareng bae.”
10. Prak dipetakeun, sapi dipasang kana padati, anakna dikandangkeun.
11. Peti Perjangjian diunggahkeun kana padati, kitu deui peti bubungkulan jeung beubeuritan emasna.
12. Tuluy sapi teh maju meneran jalan anu ka Bet Semes, tonggoy henteu pungkal-pengkol bari disarada emoh-emohan, dituturkeun ku lima raja tea nepi ka wates Bet Semes.
13. Urang Bet Semes keur di taregal dibaruat. Barang narenjoeun teh kacida aratoheunana.
14. Srog padati nepi ka lahan Yosua urang Bet Semes, reg eureun deukeut hiji cadas lempar. Padatina ku urang dinya tuluy dibeulahan, sapina dipareuncit dikurbankeun ka PANGERAN.
15. Peti Perjangjian jeung peti bubungkulan jeung beubeuritan emasna diangkat ku urang Lewi, diteundeun dina cadas lempar tea. Prak urang Bet Semes ngahaturkeun kurban beuleuman jeung kurban lianna deui ka PANGERAN.
16. Sapeta-petana diarawaskeun ku raja-raja Pelisti anu limaan, geus kitu eta raja-raja teh baralik ka Ekron poe eta keneh.
17. Bubungkulan emas pangbakti urang Pelisti ka PANGERAN teh pikeun panebus dosa maranehna ti lima nagara Pelisti: Ti Asdod hiji, ti Gasa hiji, ti Askelon hiji, ti Gat hiji, ti Ekron hiji.
18. Beubeuritan emasna oge ti tiap nagara anu lima keneh, nya eta ti nagara-nagara cangkingan raja nu limaan, ngurung kota-kota anu make kuta jeung desa-desa pasisianana. Batu cadas lempar di lahan Yosua urang Bet Semes urut neundeun Peti Perjangjian PANGERAN tea aya nepi ka kiwari, jadi saksi tina kajadian harita.
19. Tapi urang Bet Semes ahirna jadi prihatin, sabab aya anu tiwas ku PANGERAN nepi ka tujuh puluh jelema, lantaran narempo kana Peti Perjangjian.
20. Ceuk urang Bet Semes, ”Ari kieu mah saha nu kuat cicing di payuneun PANGERAN, Allah anu suci? Kudu ka mana dipindahkeunana supaya jauh ti urang?”
21. Tuluy nitahan jelema ka urang Kiryat Yarim, talatahna, ”Peti Perjangjian PANGERAN parantos dipulangkeun ku urang Pelisti. Geura candak.”

1 Samuel 7:1-17
1. Seug Peti Perjangjian PANGERAN teh digarotong ku urang Kiryat Yarim, tuluy diteundeun di imah Aminadab, pernahna di hiji pasir. Ti dinya tuluy nyucikeun anak Aminadab anu ngaran Elasar sina ngurus eta Peti.
2. Peti Perjangjian PANGERAN ayana di Kiryat Yarim lila pisan, kira-kira dua puluh taun. Nya sakitu lilana urang Israil tingaraduh butuh ku pitulung PANGERAN.
3. Geus kitu Samuel ngalahir ka urang Israil, ”Lamun bener maraneh rek enya-enya tarobat ka PANGERAN, aallahan bangsa sejen jeung arca-arca Dewi Astoret kudu dipiceun, singkirkeun. Pasrahkeun diri sagemblengna ka PANGERAN, sarta kudu nyembah ka Mantenna bae. Tangtu Mantenna bakal ngaluputkeun maraneh tina kakawasaan urang Pelisti.”
4. Seug urang Israil miceunan sesembahanana, arca Dewa Baal jeung arca Dewi Astoret, terus nyarembahna ngan ka PANGERAN wungkul.
5. Geus kitu Samuel marentah supaya urang Israil kumpul kabeh di Mispa. Saurna, ”Bapa arek mangnedakeun maraneh di ditu.”
6. Seug urang Israil ngumpul di Mispa. Ti dinya maranehna nimba, caina dibahekeun tanda dibaktikeun ka PANGERAN. Sapoe eta maranehna paruasa sarta ngaromong kieu, ”Kuring tarima dosa ka PANGERAN.” (Ari Samuel di Mispa teh muka pangadilan, ngahakiman perkara urang Israil.)
7. Urang Pelisti meunang beja yen urang Israil keur kumpul di Mispa, seug lima raja urang Pelisti budal mawa balad arek nempuh. Urang Israil sarieuneun,
8. pok arunjukan ka Samuel, ”Mugi ulah petot-petot neneda ka Allah urang, mugi-mugi urang ku Mantenna diluputkeun ti urang Pelisti.”
9. Samuel meuncit hiji anak domba, tuluy diduruk kabeh dikurbankeun ka PANGERAN. Geus kitu anjeunna sasambat ka PANGERAN nyuhunkeun pitulung pikeun urang Israil. Panyambatna ku PANGERAN dikabul.
10. Waktu Samuel keur ngahaturkeun eta kurban, urang Pelisti geus murubul arek nyelempek. Tapi ku PANGERAN dipapag ku sora pating gulugur di langit, tuluy gujrud nepi ka paburisat.
11. Breg ku urang Israil diambreg ti Mispa, terus dibeledig meh nepi ka Bet Kar, sapapanjang jalan disarabetan ku pedang.
12. Geus kitu Samuel nangtungkeun hiji batu antara Mispa jeung Sen, sarta saurna, ”Tepi ka poe ieu PANGERAN mitulung ka urang.” Eta batu ku anjeunna dingaranan ”Eben Haeser” hartina: Batu Pitulung.
13. Urang Pelisti geus eleh. Saterusna ku PANGERAN dicegah sangkan maranehna ulah bisa deui ngarurug ka wewengkon urang Israil sapanjang Samuel jumeneng.
14. Kota-kota antara Ekron jeung Gat anu geus karebut ku urang Pelisti, kabeh beunang deui ku urang Israil. Ku hal eta wewengkon Israil jadi weuteuh deui. Jaba ti kitu, urang Israil jadi rapih jeung urang Kanaan.
15. Samuel ngapingna ka urang Israil teh sapanjang jumenengna.
16. Saban taun anjeunna sok nguriling ka Betel, Gilgal jeung Mispa, sarta saban-saban sumping sok muka pangadilan ngahakiman perkara.
17. Sabada kitu tuluy mulih ka Ramah. Di dinya ge jadi hakim. Di Ramah anjeunna ngadegkeun hiji altar baktikeuneun ka PANGERAN.

Mazmur 55:1-8
1. Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Lagu atikan karangan Daud.
2. Nun Allah, dangukeun paneda abdi, panyambat abdi ulah dipungkuran.
3. Mugi perhatoskeun, paparin waleran, abdi teu kiat deui nandang kabingung.
4. Abdi gugup ku ancaman musuh, sieun ku panggencetna anu jarahat. Sakitu nyaresahkeunana ka abdi, arijideun, arambekeun.
5. Abdi teh sieun, gigis gimir ku ancaman ajal.
6. Abdi dugi ka ngeleper ngadegdeg, sieun taya papadana.
7. Dugi ka hayang jangjangan sapertos japati, bade hiber neangan tempat nu aman.
8. Bade hiber masing tebih, teras cicing di gurun keusik.

Amsal 15:14-14
14. Pangarti teh ku nu pinter mah diulik, ari nu gejul mah geus bodo teh enggeus bae.

Lukas 21:20-38
20. ”Lamun maraneh nenjo Yerusalem dikepung ku musuh, maraneh kudu nyaraho eta kota geus tereh rugrug.
21. Jelema-jelema nu araya di Yudea kudu kalabur ka pasir-pasir, nu araya di jero kota kudu kalaluar ti kota, nu araya di pasisian ulah arasup ka kota.
22. Sabab eta teh galagat datangna ʼPoe-poe Hukumanʼ, ngalaksanakeun sakur anu geus kaungel dina Kitab Suci.
23. Pikeun awewe-awewe anu harita keur kakandungan jeung anu keur nyarusuan orok, poe-poe eta teh kacida matak paurna! Ieu tanah bakal katarajang ku kasukeran anu kacida bangetna, jelema-jelemana bakal nandangan hukuman ti Allah.
24. Aya anu diparaehan ku pedang, aya anu diboyong sarta dipanjara di nagri-nagri sejen. Yerusalem bakal diidek-idek ku jelema-jelema anu anutna lain ka Allah, nepi ka waktu pikeun maranehna anu ditangtukeun ku Pangeran beak.”
25. ”Bakal tembong galagat-galagat aneh dina panonpoe, dina bulan, jeung dina bentang-bentang. Bangsa-bangsa di satonggong bumi pinuh ku kasieun jeung samar polah ku kaayaan laut anu ngamuk tingjalegur jeung caina naek.
26. Jelema-jelema kalabur pangacianana awahing ku sieun ku anu bakal tumiba ka ieu bumi, sabab kakuatan-kakuatan langit genjlong, jalanna nyarimpang.
27. Geus kitu breh Putra Manusa tembong, sumping dina mega, kacida kawasa-Na, kacida mulya-Na.
28. Lamun hal-hal eta geus mimiti kajadian, ajegkeun awak, tanggahkeun sirah, sabab maraneh geus tereh disalametkeun.”
29. Geus kitu Anjeunna nyarioskeun ieu misil: ”Tenget-tenget tangkal kondang atawa tatangkalan lianna.
30. Lamun geus mimiti sarirungan, eta ciciren geus deukeut usum panas.
31. Kitu keneh lamun maraneh geus narenjo kajadian-kajadian tea, eta ciciren yen Karajaan Allah geus tereh ngadeg.
32. Maraneh perlu nyaraho, ieu sakabeh perkara bakal kajadian samemeh jelema-jelema anu ayeuna harirup paraeh kabeh.
33. Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal datang ka musna.”
34. ”Jaga diri! Ulah beuki teuing pepestaan jeung nginum-nginum atawa mikiran teuing kipayah, bisi ujug-ujug kagubed ku eta Poe,
35. anu lir pangringkus. Sabab eta Poe teh bakal narajang ka sakumna manusa di sakuliah bumi.
36. Kudu sayaga jeung ulah tinggal ti neneda, malar kuat nandangan kajadian-kajadianana, malar lulus nepi ka bisa ngadeuheus ka payuneun Putra Manusa.”
37. Yesus ngawulangna di Bait Allah teh saban pabeubeurang. Ari geus burit Anjeunna kaluar sarta ngawengi di Gunung Jetun.
38. Unggal isuk jelema-jelema karumpul deui di Bait Allah rek ngadarengekeun piwulang-Na.