A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Mungkin 14

1 Samuel 29:1-11
1. Urang Pelisti mawa baladna ka Apek. Urang Israil kumpulna di deukeut hiji cinyusu di Lebak Yisrel.
2. Raja-raja Pelisti anu lima, baris jeung pasukanana masing-masing, unggal pasukan prajuritna aya anu saratus, aya anu sarebu. Ari Daud sabaladna barisna pangtukangna jeung Raja Akis.
3. Ku para panglima urang Pelisti katarenjoeun, tuluy maranehna naranyakeun ka Akis, ”Eta urang Ibrani rek naraon araya di urang?” Saur Akis, ”Ieu teh Daud, urut gegeden Raja Saul ti Israil. Geus lila aya di kaula. Ti barang datang nepi ka ayeuna, ku kaula tacan kapanggih aya codekana.”
4. Tapi para panglima teh arambekeun ka Akis, pokna, ”Sina baralik deui bae ka ditu, ka tempat paparin ti sampean, tong dibawa perang. Bisi sabot urang tarung seug malikan. Jalan naon deui geura anu pangalusna sangkan kaaku deui ku rajana, salian ti ngabasmi balad urang?
5. Jeung deui kapan eta teh Daud anu diparuji ku awewe-awewe, dipapag ku igel jeung kawih anu pokpokanana, ’Saul maehan mangrebu-rebu, Daud maehan manglaksa-laksa.’ ”
6. Ngalahir Akis ka Daud, ”Demi PANGERAN anu jumeneng, kaula sumpah yen kaula yakin saderek henteu bengkok sembah. Ti barang sumping ka kaula, saderek tacan kapendak codeka. Kaula bungah saderek kersa mantuan perang. Nanging raja-raja sanes henteu panujueun.
7. Mana langkung sae mulih deui bae masing raos-raos, sangkan henteu ngabarubahkeun ka aranjeunna.”
8. Waler Daud, ”Naon kalepatan sim kuring? Upami leres sakumaha pilahir Sang Raja yen sim kuring ti saprak kumureb teu acan kapendak codeka, ku naon teu kenging ngiring merangan ka musuh Sang Raja, Gusti sim kuring?”
9. Saur Akis, ”Kaula panuju. Saderek teh estu satia lir malaikat Allah bae. Mung raja-raja anu sanesna henteu panujueun saderek ngiring perang.
10. Saderek katut sakumna anu naringgalkeun Saul sarta darongkap ka kaula, enjing barang bray isuk kedah parantos arangkat ti dieu, marulih.”
11. Poe isukna Daud sabaladna mulih ka Pelisti, ari urang Pelisti kebat muru ka Yisrel.

1 Samuel 30:1-31
1. Sanggeus dua poe, Daud sabaladna narepi ka Siklag. Manahoreng Siklag geus aya anu ngarampog, dirampog ku urang Amalek anu ngaranjah pakidulan tanah Yuda. Eta kota geus dihuru,
2. awewe-awewe kabeh diboyong, teu aya anu dipaehan. Babandaanana beak dikerid.
3. Daud sabaladna ngan nyaksian kotana geus urut ngahuru, sarta anak rabina geus saruwung dibawa ku batur.
4. Daud sabaladna tinggarauk careurik antep-antepan nepi ka beak tanaga.
5. Geureuha Daud oge, Ahinoam jeung Abigail, henteu kasampak, sarua dibawa ku batur.
6. Daud kacida susaheunana ningali balad sakitu sarediheunana kaleungitan anak rabi, nepi ka anjeunna arek pada ngabenturan ku batu. Tapi manahna ditegerkeun ku PANGERAN Allahna.
7. Tuluy ngalahir ka Imam Abyatar bin Ahimelek, ”Epod candak ka dieu.” Epod ku Abyatar disanggakeun.
8. Geus kitu Daud tumaros ka PANGERAN, ”Kumaha abdi teh, kedah nyusul eta rampog? Kumaha kinten-kintenna tiasa kaudag?” PANGERAN ngawaler, ”Enya, pek udag, tangtu kasusul, sarta tawanan bisa karebut deui.”
9. Daud sabaladna genep ratus urang geus bral. Barang nepi ka hiji Walungan Besor, baladna aya anu tinggal di dinya.
10. Daud kebatna ngan jeung opat ratus prajurit, anu dua ratus deui mah naringgalkeun maneh, geus teu karuateun, teu untupan mareuntasan eta walungan.
11. Di tengah jalan geus di luar kota, balad Daud manggihan hiji budak bangsa Mesir, seug dibawa ka Daud. Tuluy dibere dahar jeung nginum,
12. sale buah kondang sababaraha guruntul jeung buah anggur kering dua ranggeuy. Sanggeus dadaharan budak teh jagjag deui, kawantu geus tilu poe tilu peuting henteu dahar henteu nginum.
13. Ku Daud dipariksa, ”Ujang urang mana, saha dunungan?” Tembalna, ”Abdi bangsa Mesir, badega urang Amalek. Tilu dinten anu kalangkung abdi ditaringgalkeun margi katarajang udur.
14. Aranjeunna tas ngarampog ka wewengkon Kreti pakidulan tanah Yuda sareng ka wewengkon kaom Kaleb, malah ngahuru kota Siklag.”
15. ”Daek mawa kami ka eta rampog?” Daud mariksa. Budak ngajawab, ”Mangga. Nanging Juragan kedah jangji demi Allah moal maehan ka abdi, sareng moal mulangkeun abdi ka dunungan.”
16. Ti dinya eta budak teh nganteur ka Daud. Ari rampog-rampog tea keur pabuyar ka mana-mana, nyaratu, ngarinum, sukan-sukan dumeh beubeunanganana ngarampog ti Pelisti jeung Yuda sakitu lobana.
17. Poe isukna wanci balebat ku Daud ditarajang, terus campuh nepi ka burit. Anu bisa molos tina eta panarajang ngan opat ratus urang, barudak ngora. Kalaburna tarumpak onta. Nu sejenna mah kabeh beak taya anu hirup deui.
18. Para tawanan kitu deui barang-barang anu dirampog ku eta balad rampog ti Amalek ku Daud karebut deui, kaasup garwana anu dua,
19. naon ge teu aya nu kurang. Barudak lalaki, barudak awewe, jeung barang-barang anu dijarah ku urang Amalek, kabeh beunang deui ku Daud.
20. Kajaba ti eta anjeunna meunangkeun deui sakabeh domba jeung ingon-ingon. Eta sasatoan digiringkeun panghareupna ku jelema-jelema Daud, anu nyarebutkeun, ”Ieu bagian Daud.”
21. Geus kitu Daud mulih deui nepangan baladna anu dua ratus urang, anu naringgalkeun maneh di sisi Walungan Besor, lantaran geus teu karuateun tea. Maranehna marapagkeun ka Daud sabaladna, ku Daud ditarima ku budi manis.
22. Hanjakal ti anu ngariring ka Daud aya anu garoreng hate, seug ngaromong kieu, ”Nu karitu mah tong dibarere naon-naon da teu milu hese cape. Anak pamajikanana bae bikeunan deui ka dinya, tuluy sina arindit.”
23. Tapi saur Daud, ”Ulah kitu dulur-dulur, da ieu teh kurnia ti PANGERAN! Urang ku Mantenna geus ditangtayungan, sarta dikersakeun bisa ngelehkeun eta rampog.
24. Eta pikiran dulur-dulur teh moal aya anu nyatujuan! Kabeh kudu dibere masing rata walatra. Anu narungguan barang-barang jeung anu arindit jurit bagianana kudu sarua.”
25. Saterusna hal eta ku Daud didamel undang-undang. Sarta ti semet harita eta aturan teh dijalankeun di Israil.
26. Sasumpingna ka Siklag, barang-barang jarahan teh sabagian ku Daud dikintun-kintunkeun ka para sahabatna, para pamingpin urang Yuda, amanatna, ”Ieu hatur lumayan kangge saderek, kenging ngajarah ti musuh-musuh PANGERAN.”
27. Dikintun-kintunkeunana ka urang Betel, ka urang Ramah di pakidulan tanah Yuda, jeung ka nu marangkuk di kota Yatir,
28. Arur, Sipmot, Estemoa,
29. ka Rakal, ka bani Yerahmel, ka urang Keni,
30. ka urang Horma, Bor Asan, Atak,
31. jeung ka Hebron. Ka kabeh bae sakur anu wewengkonna kungsi dianggo nyiruruk ku anjeunna sabalad-balad.

1 Samuel 31:1-13
1. Urang Pelisti geus narajang merangan urang Israil di Gunung Gilboa. Urang Israil kadeseh, loba pisan anu kasambut. Anu harirup keneh, kaasup Saul jeung putrana tiluan kalabur.
2. Tapi terus bae dibeledig ku urang Pelisti, kaudag terus dibabad. Putra-putra Saul, Yonatan, Aminadab, jeung Malkisua, tiluanana parupus kasambut.
3. Perang beuki campuh beuki ragot sakuriling Saul. Saul tatu parna pisan, keuna ku jamparing-jamparing musuh.
4. Seug anjeunna nimbalan ka budak ngora tukang mawa pakarangna, ”Cabut pedang maneh, tubleskeun ka kami, bisi urang Pelisti umat brahala teh aratoheun manten narenjo kaayaan kami tuluy ngarogahala.” Tapi eta budak ngora teu wanieun, malah kacida sieuneunana. Ku sabab kitu Saul nyabut pedangna, bles nubleskeun anjeun kana eta pedang.
5. Nenjo Saul pupus, bles deui budak ngora teh nubleskeun maneh kana pedang, maot paragat nuturkeun Saul.
6. Jadi dina poe eta Saul, tilu putrana, jeung eta budak ngora jaradi mayit. Balad-balad Saul kabeh rarubuh.
7. Urang Israil anu di beh ditueun Lebak Yisrel jeung di wetaneun Walungan Yordan, barang ngadarenge yen wadya balad Israil geus kalabur, tur Saul sapala putra enggeus parupus kasambut, tuluy kalabur naringgalkeun padumukanana. Geus kitu brul urang Pelisti daratang ka dinya, ngandih eta tempat.
8. Poe isukna perang geus eureun. Urang Pelisti arindit ngarangsadan mayit-mayit. Beh maranggihan layon Saul sapala putra tingjaropak di Gunung Gilboa.
9. Mastaka Saul diteukteuk, pakarangna dirangsadan, tuluy sina diider-ider ka sakuliah Pelisti, sina kanyahoan ku arca-arca sesembahanana, sina kagurnita ka rahayatna.
10. Pakarang Saul disimpen di kuil Dewi Astoret, ari salirana dipatokkeun kana kuta kota Bet San.
11. Kadarengeeun ku urang Yabes anu araya di Gilad yen layon Saul dikitukeun.
12. Bral jalma-jalma anu garagah arindit ka Bet San. Layon Saul jeung layon putra-putrana diturunkeun tina tembok, dibarawa mulang ka Yabes, tuluy diduruk di dinya.
13. Tulang-talengna dikumpulkeun seug dipendem di handapeun hiji tangkal di jero kota. Geus kitu urang dinya paruasa meunang tujuh poe.

Mazmur 61:5-8
5. Widian abdi cicing di kasucian Gusti saumur hirup, supados aman dina aub jangjang Gusti.
6. Gusti parantos ngadangu jangji abdi, nun Allah, sareng parantos maparin naon-naon anu digaduhan ku jalmi-jalmi anu hormat ka Gusti.
7. Mugi raja dipanjangkeun yuswa, widian hirup salalamina!
8. Mugia anjeunna marentah sapapaosna di payuneun Gusti, nun Allah, mugi diaping ku kasatiaan sareng kaasih Gusti.

Amsal 16:7-9
7. Mun urang nyukakeun manah PANGERAN, musuh oge bisa malik nyobat.
8. Pangasilan saeutik ge ari beunang jujur mah leuwih mangpaʼat, ti batan loba tapi meunang teu bener.
9. Manusa anu boga angen-angen, Allah anu memener lengkahna.

Yohanes 3:19-36
19. Dasar nerapkeun hukumanana kieu: nu jadi caang tea turun ka dunya, tapi jalma-jalma leuwih resep kana poek ti batan kana caang, lantaran kalakuanana jarahat.
20. Jalma anu jahat kalakuanana, kana caang teh ngewaeun, embungeun datang kana caang, sieuneun kajahatanana katembong.
21. Sabalikna jalma anu kalakuanana bener mah datang kana caang, supaya nyata yen kalakuanana sapagodos jeung pangersa Allah.”
22. Geus kitu Yesus angkat jeung murid-murid ka Yudea, linggih heula di dinya sawatara lilana jeung ngabaptis.
23. Ari Yohanes mah ngabaptisna di Ainon teu jauh ti Salim, sabab di dinya loba cai. Jalma-jalma nu dibaptis ku anjeunna loba pisan.
24. Harita Yohanes tacan dipanjara.
25. Aya murid-murid Yohanes anu padu jeung urang Yahudi tina sual upacara wawasuh.
26. Maranehna tuluy arunjukan ka Yohanes, ”Pa Guru, manawi emut keneh ka jalmi anu kapungkur sareng Bapa di sisi Walungan Yordan palih wetan tea, anu ku Bapa dituduhkeun ka abdi-abdi? Ayeuna Anjeunna oge ngabaptis; jalmi sadayana ka Anjeunna!”
27. Waler Yohanes, ”Jelema moal boga naon-naon lamun taya paparin ti Allah.
28. Maraneh ngadenge sorangan basa kami nyebutkeun, ’Kami lain Kristus. Kami mah jalma anu diutus heulaeun Anjeunna.’
29. Anjeunna jeung kami teh lir panganten lalaki jeung rencangna. Panganten awewe teh hakna panganten lalaki, ari rencangna mah ngan maturan heula di gigireunana bari ngadengekeun. Hatena bungah ngadenge sora panganten lalaki teh. Kami oge kitu, bungah taya papadana ku hal Anjeunna.
30. Memang geus kuduna Anjeunna jadi anu leuwih penting, ari kami kudu beuki asor.”
31. Yesus, anu sumping ti luhur, tangtu pangluhurna ti sakabeh. Ari nu asalna ti dunya keneh mah pikeun dunya bae, anu dicaturkeunana oge hal-hal nu aya di dunya. Ari anu sumping ti sawarga mah punjul dina sagala perkara.
32. Anu didawuhkeun ku Anjeunna teh perkara anu ku Anjeunna geus kadangu jeung katingali di sawarga, parandene kitu jalma-jalma teu palercaya.
33. Tapi sing saha anu percaya kana pilahir-Na bakal ngaku yen Allah teh maha saestu.
34. Anu diutus ku Allah tangtu nyaurkeun dawuhan-dawuhan Allah, sabab geus dilinggihan ku sagemblengna Roh Allah.
35. Anjeunna, anu jadi Putra Allah, ku Allah Rama-Na anu mikaasih, geus dicangkingan sagala kakawasaan Mantenna.
36. Saha bae anu percaya ka Putra-Na bakal meunang hirup langgeng; tapi anu teu anut ka Putra-Na, moal boga hirup, sabalikna bakal tetep aya dina hukuman Allah.