A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
April 9

Yosua 7:1-26
1. Barang naon bae ti Yeriho anu kudu dimusnakeun, ku urang Israil teu meunang aya nu dicokot, kitu timbalan PANGERAN. Tapi eta timbalan teh teu diturut. Jelemana anu henteu nurut teh ngaranna Akan. PANGERAN pohara benduna ka Israil. (Demi Akan teh anakna Karmi, incu Sabdi, warga Serah, ti kaom Yuda.)
2. Yosua teh ngajurung jelema ti Yeriho ka Ai, wetaneun kota Betel deukeut Bet Awen, dipiwarang nalungtik. Sabada nalungtik,
3. terus wawarti ka Yosua, pokna, ”Ngarurug Ai mah teu kedah ku sadayana, ku dua tilu rebu urang oge cekap. Balad teu perlu diinditkeun sadayana. Alit Ai mah.”
4. Nya anu diinditkeun teh ngan kira-kira tilu rebu urang. Ari heug teh teter nepi ka kalalabur,
5. dibeberik ku urang Ai ti lawang kota. Malah aya nu kasarambut, tariwas di hiji pupudunan, kira-kira tilu puluh genep urang. Geus kitu mah urang Israil jadi leungit wawanen tur katarajang sieun.
6. Bawaning ku prihatin, Yosua jeung para pamingpin nyosoeh anggoan, sarta ngabeubeutkeun anjeun kana taneuh hareupeun Peti Perjangjian PANGERAN. Nepi ka peuting ngagolerna di dinya, sarta mastakana diteundeunan lebu tanda nalangsa.
7. Pok Yosua miunjuk, ”Nun PANGERAN Nu Maha Agung! Kanggo naon abdi sadaya dicandak meuntasan Walungan Yordan teh? Kanggo selehkeuneun ka urang Emor? Supados dibasmi? Ku naon henteu dipiwarang cicing di ditu bae palih ditueun Walungan Yordan?
8. Duh Gusti, kumaha abdi nya kedah nyanggem saparantos urang Israil kieu, kalalabur ti musuh?
9. Ieu tangtos kakuping ku urang Kanaan, ku saban jalmi urang ditu. Tangtos maranehna ka darieu ngepung, seug abdi sadaya dipaehan! Upami kitu kajadianana, bade kumaha Gusti nya ngajagi kaagungan salira?”
10. Ngandika PANGERAN ka Yosua, ”Geura cengkat! Nanaonan eta teh ngagoler dina taneuh?
11. Urang Israil boga dosa! Parentah Kami anu majar ku maranehna rek diturut, dilanggar. Maranehna nyarokot sababaraha rupa barang haram anu kuduna dimusnakeun. Maranehna maralingan eta barang-barang, disarumputkeun, dicampurkeun jeung barangna sorangan ngarah teu kaciri.
12. Eta anu jadi sabab maranehna teu kuat nyanghareupan musuh. Kalalabur ti musuh, lantaran dirina keuna ku laknat jeung kudu tariwas! Upama eta barang-barang anu ceuk Kami teu meunang dicokot acan dimusnakeun, Kami embung deui ngaping maraneh.
13. Geura cengkat! Jelema-jelema sina susuci tuluy sina daratang ka Kami. Bejakeun isukan kudu saradia, sabab Kami, GUSTI Allah, Allahna Israil, rek ngandika kieu, ’Eh Israil, barang-barang anu ceuk parentah Kami kudu dimusnakeun, sawareh aya keneh di maraneh! Lamun eta barang-barang teu dimusnakeun, maraneh hamo tahan ngalawan musuh.’
14. Ku sabab eta, Yosua, bejakeun, isukan isuk-isuk maranehna arek dipariksa sagolongan-sagolongan. Upama Kami nujul hiji golongan, sakabeh kaom golongan eta kudu maju sakaom-sakaom. Jeung upama Kami nujul hiji kaom, sakabeh kulawarga eta kudu maju sakulawarga-sakulawarga. Tuluy upama Kami nujul hiji kulawarga, sabab jelema kulawarga eta kudu maju saurang-saurang.
15. Jelema anu katujul tur kabuktian nyokot barang-barang anu dilarang tea kudu dihuru bareng jeung sakulawargana jeung sagala pangabogana; lantaran manehna geus ngalanggar perjangjian Kami tur nyieun kajahatan di tengah-tengah umat Israil.”
16. Isukna isuk-isuk, urang Israil teh ku Yosua geus dipaju-pajukeun sagolongan-sagolongan. Seug katujul golongan Yuda.
17. Golongan Yuda diasrogkeun sakaom-sakaom, nu katujul kaom Serah. Kaom Serah diasrogkeun sakulawarga-sakulawarga, nu katujul kulawarga Sabdi.
18. Kulawarga Sabdi ku Yosua dipajukeun saurang-saurang, nu katujulna Akan, anakna Karmi, incu Sabdi.
19. Saur Yosua ka dinya, ”Anaking! Pek terangkeun sabalakana di dieu di payuneun PANGERAN, Allahna urang Israil. Bejakeun ka Bapa, hidep geus migawe naon? Poma ulah dibuni-buni.”
20. Akan ngajawab, ”Leres abdi teh gaduh dosa ka PANGERAN, Allahna urang Israil. Kieu abdi teh,
21. di antawis barang-barang jarahan ningal jubah buatan Babul kalintang saena, perak kinten-kinten dua kiloeun, sareng emas sagelempeng anu abotna langkung ti satengah kilo. Kalintang pikabitaeunana, teras dibantun, salajengna dikubur di lebet kemah, dupi perakna disimpen panghandapna.”
22. Yosua miwarang jelema anu terus lalumpat ka eta kemah. Barang-barang haram teh kapanggih, enya dikubur sarta perakna aya di panghandapna.
23. Tuluy dibawa kaluar ti jero kemah, diserenkeun ka Yosua katut ka bangsa Israil, ditumpuk payuneun PANGERAN.
24. Akan ku Yosua jeung ku urang Israil dicerek. Ari perakna, jubahna jeung gelempengan emasna dijabel. Geus kitu bareng jeung anak-anakna, nu lalaki nu awewe, ingon-ingonna, kalde jeung dombana, kemahna katut sagala rupa pangabogana, dibawa ka Lebak Sangsara.
25. Saur Yosua, ”Ku naon hidep teh nyiksa bangsa sorangan? Ku sabab kitu ayeuna hidep baris nampa siksaan PANGERAN!” Geus kitu Akan ku jelema-jelema dibaledogan ku batu nepi ka paeh. Kulawargana oge, kitu deui sagala pangabogana dibaledogan ku batu tuluy diduruk.
26. Ti dinya luhureun tempat eta dibugbrugan ku batu luhur pisan. Tumpukan batuna nepi ka kiwari aya keneh. Nya ku sabab kitu eta tempat teh dingaranan Lebak Sangsara. Ti dinya PANGERAN leler benduna.

Yosua 8:1-35
1. Ngandika PANGERAN ka Yosua, ”Bawa ku maneh sakabeh prajurit ka Ai. Tong sieun-sieun, tong inggis-inggis. Raja Ai, rahayatna, kotana jeung tanahna ku Kami rek diselehkeun ka maneh.
2. Ai jeung rajana, ku maneh jieun cara kota Yeriho jeung rajana tea. Tapi ayeuna mah babandaan jeung ingon-ingonna meunang dijarah pikeun maraneh. Pek atur, bongohan eta kota teh ti tukangeunana.”
3. Seug Yosua mepek sakabeh prajurit rek ngarurug Ai. Anjeunna meting tilu puluh rebu prajurit anu panghadena, diinditkeun ti peuting.
4. Parentahna, ”Maraneh kudu nyarumput beulah ditueun kota, tapi ulah jauh teuing. Kudu tarapti baris ngarurug.
5. Ari barisan Bapa arek ngadeukeutan ka kotana. Di mana urang Ai budal mapag perang, rek ditinggalkeun lumpat cara ti heula.
6. Keun maranehanana sina ngarudag sina jarauh ti kotana. Maranehanana nyangka tangtu urang kabur cara ti heula.
7. Geus kitu maraneh bijil ti panyumputan, ngajabel eta kota. PANGERAN Allah maraneh baris nyelehkeun eta kota ka maraneh.
8. Mun geus kajabel kudu dihuru, kitu anu dipundut ku PANGERAN. Kitu tugas maraneh.”
9. Geus kitu tuluy diinditkeun. Bral arindit muru tempat panyumputan, ngadarago di dinya kuloneun Ai, antara Ai jeung Betel. Ari Yosua mah ngawengi di pangkalan urang Israil.
10. Isukna subuh keneh Yosua geus tarapti ngatur balad. Ti dinya angkat dibarengan ku para pangurus, ngapalaan balad ka Ai.
11. Baladna maju lempeng ka lebah lawang utama eta kota, tuluy masang kemah di beulah kaler. Ti lebah dinya ka Ai kahalangan ku hiji lebak.
12. Anjeunna misahkeun kira-kira lima rebu prajurit, sina nyarumput di kuloneun kota, antara Ai jeung Betel.
13. Balad geus tarapti pikeun perang, balad utama di kalereun kota, sesana di beulah kulon. Peuting eta Yosua ngawengi di eta lebak.
14. Barang raja Ai nangenan yen aya balad Yosua, gesat-gesut pak-pik-pek. Geus kitu budal jeung baladna muru ka Lebak Yordan sejana merangan Israil di dinya cara ti heula. Teu nyahoeun yen ti beulah tukang keur didodoho.
15. Seug Yosua sabalad-balad pura-pura mundur, lalumpatan ka tanah gundul.
16. Balad Ai kabeh dikeprik ti jero kota sina ngarudag ka Yosua. Ku sabab kitu maranehna jadi beuki jauh ti kotana.
17. Anu ngarudag ka urang Israil teh kabehanana, kotana jadi molongpong jeung teu aya nu ngajaga.
18. Ngandika PANGERAN ka Yosua, ”Tojokeun tumbak maneh ka lempengan Ai. Kami rek nyelehkeun eta kota ka maneh.” Ku Yosua dijalankeun.
19. Barang cung anjeunna ngangkat panangan, balad anu keur nyarumput tea carengkat, terus ngambreg ka jero kota, tuluy eta kota teh dijabel, gur dihuru.
20. Barang urang Ai ngalalieuk, kotana geus meleketektek ku haseup. Tapi geus teu aya jalan lumpat, sabab balad Israil anu tadi lalumpatan ka tanah gundul teh malik nempuh.
21. Sanggeus Yosua nangenan yen eta kota geus kajabel malah geus dihuru, baladna malik ngagempur balad Ai.
22. Balad Israil anu geus arasup ka jero kota laluncatan terus muru ka medan perang mantuan baturna. Balad Ai nyaho-nyaho geus ditingker rekep ku balad Israil, seug beak kabeh paraeh digempur. Taya hiji anu luput, taya hiji anu teu nepi ka paeh,
23. ngan kari rajana. Eta mah dicerek dijieun tawanan ku Yosua.
24. Saban musuh anu tadi ngarudag ka tanah gundul, ku urang Israil geus dipaehan kabeh. Beres ti dinya, balad Israil maralik deui ka Ai, maehan sakur nu kari di dinya.
25. Ari Yosua masih keneh nojokeun tumbak, tumbakna teu turun-turun nepi ka musuh beak kabeh diparaehan. Urang Ai anu kabehna aya dua belas rebu jelema lalaki awewe poe eta beak sama sakali dibasmi.
26. ***
27. Ingon-ingon jeung babandaanana dijarah ku urang Israil, nurutkeun timbalan PANGERAN ka Yosua tea.
28. Kota Ai ku Yosua dihuru, tuluy diantep jadi ruruntuk. Nepi ka kiwari kaayaanana tetep kitu.
29. Ari raja Ai ku anjeunna digantung dina patok, mayitna diantep nepi ka burit. Sanggeus sareupna kakara ku anjeunna diparentahkeun sina diturunkeun, tuluy dibalangkeun ka hareupeun lawang kota, breg dibugbrugan batu luhur pisan. Tumpukan batu tea aya nepi ka kiwari.
30. Geus kitu Yosua ngadegkeun altar di Gunung Ebal kanggo PANGERAN, Allahna Israil.
31. Ngadamelna altar nurutkeun pituduh Musa, abdi Allah, ka urang Israil, sakumaha anu kaungel dina Hukum Musa, ”Hiji altar tina batu, teu meunang aya tapak-tapak pakakas beusi.” Dina luhur eta altar maranehna ngaduruk kurban ka PANGERAN, sarta nyanggakeun kurban beuleuman.
32. Kasaksian ku urang Israil, dina eta batu Yosua ngadamel salinan Hukum anu diserat ku Musa tea.
33. Urang Israil jeung para pangurusna, kapala-kapala baladna, hakim-hakimna, kitu deui jalma piluaran nu araya di maranehna, nararangtung kenca katuhueun Peti Perjangjian PANGERAN, nyalanghareup ka imam-imam kaom Lewi anu ngagotong eta peti. Nu saparo narangtungna nyanghareup ka Gunung Gerisim, nu saparo deui nyanghareup ka Gunung Ebal. Cara kitu teh memang geus ditetepkeun ti tadina ku Musa, abdi Allah, ka maranehna, samangsa maranehna arek narima berkah.
34. Ti dinya saeusining Hukum teh ku Yosua diaos bedas, kitu deui hal piberkaheunana jeung panyapana, sakumaha anu kaungel dina kitab Hukum.
35. Tiap-tiap Hukum Musa teh ku Yosua diaoskeun ka sakabeh nu karumpul, kaasup awewe jeung barudak, kitu deui urang piluaran anu araya di maranehna.

Mazmur 43:1-5
1. Nun Allah, saurkeun yen abdi teu gaduh kalepatan, belaan perkawis abdi ti eta nu daroraka, luputkeun abdi ti jalmi-jalmi palsu tur jarahat!
2. Gusti teh panyalindungan abdi, ku naon margina tega? Ku naon abdi kedah sangsara, kedah dikaniaya ku musuh?
3. Sumiratkeun cahaya sareng kayaktian Gusti, sina nungtun ka abdi, sina mulangkeun abdi ka Sion, gunung Gusti nu suci, ka Bait Allah panglinggihan Gusti.
4. Tangtos abdi dongkap ka altar Gusti, nun Allah; Gusti teh sumber kabagjaan abdi. Abdi seja ngacapi sareng nyanyi muji ka Gusti, nun Allah, Allah abdi!
5. Ku naon kaula sakieu nalangsana? Ku naon nepi ka sakieu sedihna? Kaula neundeun harepan ka Allah, jeung sakali deui rek muji ka Mantenna, jurusalamet jeung Allah kaula.

Amsal 13:22-23
22. Jalma hade bisa ngawariskeun kakayaanana ka incu-incu. Sabalikna harta banda jelema jahat mah baris ragrag ka jalma anu balener.
23. Tanah nganggur bisa ngahasilkeun dahareun pirang-pirang keur nulung anu mariskin. Tapi ku jelema jahat mah dicarek, teu meunang dikebonan.

Lukas 9:37-62
37. Poe isukna waktu Yesus lungsur ti gunung jeung tilu murid-Na, dipapag ku jalma loba.
38. Nu saurang ngagero ka Anjeunna tarik pisan, ”Pa Guru, mugi pangningalikeun pun anak anu mung hiji-hijina!
39. Sok diserang ku roh jahat anu nyurup, dugi ka sok ujug-ujug jejeritan lajeng sawan, awakna heuras, sungutna ngabudah. Teras-terasan bae eta roh jahat nyiksana ka pun anak teh, meh-mehan pun anak tiwas!
40. Parantos nyuhunkeun tulung ka murid-murid Pa Guru supados roh jahatna dikaluarkeun, nanging henteu tariasaeun.”
41. Yesus ngalahir, ”Ari maraneh ku areuweuh kapercayaan jeung saralah! Kudu nepi ka iraha direujeungan jeung disabaran ku Kami teh?” Geus kitu lahirana-Na ka eta jelema, ”Bawa budak teh ka dieu!”
42. Waktu eta budak keur leumpang nyampeurkeun, ku roh jahat dibantingkeun nepi ka sawan. Roh jahatna ku Yesus diseuseul. Budakna cageur, tuluy ku Anjeunna diserenkeun ka bapana.
43. Narenjo hebatna kakawasaan Allah, jalma-jalma kabeh barengong. Waktu jelema-jelema hareraneun keneh ku nu dipidamel ku Yesus, Anjeunna nyarios kieu ka murid-murid,
44. ”Ulah paroho kana ieu omongan Kami! Putra Manusa teh geus tereh diselehkeun kana kakawasaan jelema.”
45. Pilahir-Na ku murid-murid henteu kahalartieun. Hal ieu dirasiahkeun ka maranehna nepi ka maranehna teu bisa ngajudi kana maksud anu saenyana. Ari rek naranyakeun teu waranieun.
46. Geus kitu murid-murid teh recok sual saha ti antara maranehna anu pangpunjulna.
47. Yesus, anu uningaeun kana palikiranana nyandak hiji budak leutik, ditangtungkeun di gedengeuna-Na,
48. tuluy ngalahir ka maranehna, ”Saha-saha anu narima ka ieu budak ku karana Kami, eta teh narima ka Kami; saha-saha anu ngaku ka Kami, eta teh narima ka anu ngutus Kami. Sabab anu panghandapna di maraneh, nya eta nu pangpunjulna.”
49. Yohanes mihatur, ”Juragan, abdi-abdi kantos ningal jalmi anu ngusir setan nyambat tuang jenengan. Ku margi manehna sanes ti pihak urang, ku abdi-abdi diwagel.”
50. ”Ulah dilarang,” waler Yesus ka Yohanes jeung ka nu sejen-sejen, ”sabab sing saha anu teu ganggu ka maraneh eta teh batur, mihak ka maraneh.”
51. Sanggeus meh cunduk kana waktuna Yesus bakal dicandak ka sawarga, Anjeunna mutuskeun seja angkat ka Yerusalem.
52. Tuluy miwarang utusan ti heula ka hiji desa di Samaria, sina nyadiakeun pisumpingeuna-Na.
53. Tapi urang desa eta arembungeun narima, dumeh nyarahoeun yen Yesus teh geuning kersana rek ka Yerusalem.
54. Dua murid, nya eta Yakobus jeung Yohanes, sanggeus tarerangeun kitu teh mihatur ka Yesus, ”Gusti, kumaha pangersa teh, naha kenging abdi-abdi nyambat seuneu turun ti langit sina ngalebur eta jalmi-jalmi?”
55. Yesus nyoreang ka maranehna, sarta eta dua murid teh diseukseukan.
56. Geus kitu Anjeunna angkat jeung murid-murid ka desa sejen.
57. Di satengahing jalan aya jelema mihatur ka Yesus, ”Abdi sumeja ngiring Bapa ka mana bae.”
58. Saur Yesus, ”Careuh baroga liang, manuk baroga sayang, ari Putra Manusa mah teu boga tempat keur ngedeng-ngedeng acan.”
59. Ari ka nu saurang deui kieu lahir-Na, ”Tuturkeun kami.” Tapi ngajawabna teh, ”Nyuhunkeun permios heula bade ngaruang pun bapa.”
60. Saur Yesus, ”Keun nu maot mah sina nguburkeun nu maotna sorangan, ari maneh kudu ngawartakeun Karajaan Allah anu bakal ngadeg di ieu dunya.”
61. Aya deui saurang, mihatur kieu, ”Abdi sumeja ngiring, Juragan! Mung bade pamitan heula ka kulawargi.”
62. Saur Yesus ka manehna, ”Lamun geus prak ngawuluku masih sumoreang mah teu pantes jadi warga Karajaan Allah.”