A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
April 24

Hakim 13:1-25
1. Urang Israil milampah dosa deui ka PANGERAN, sarta ku Mantenna diselehkeun ka urang Pelisti, dijajah nepi ka opat puluh taun.
2. Jaman eta aya hiji jelema, ngaranna Manoah, urang Sora, anggota kaom Dan. Ari bojona gabug.
3. Ti dinya malaikat PANGERAN nembongan ka bojo Manoah sarta ngandika, ”Nepi ka ayeuna maneh acan keneh boga anak. Tapi moal lila deui maneh bakal kakandungan tuluy ngajuru, budakna tangtu lalaki.
4. Maneh kudu pantrang, teu meunang nginum anggur atawa inuman keras, teu meunang dahar kadaharan anu diharamkeun.
5. Upama budak geus lahir, buukna ulah dicukuran, sabab ti barang borojolna geus diabdikeun ka Allah jadi Nasir. Manehna nu baris ngajait urang Israil ti urang Pelisti.”
6. Eta wanita bebeja ka salakina, ”Bieu kuring kasumpingan utusan Allah. Pamuluna lir malaikat PANGERAN, kacida pikagimireunana. Ku kuring teu ditanyakeun anjeunna teh nu ti mana, kitu deui anjeunna oge henteu ngenalkeun jenenganana.
7. Saurna kuring teh bakal ngandung, bakal boga anak lalaki. Saurna deui kuring kudu pantrang, teu meunang nginum anggur atawa inuman keras, teu meunang dahar kadaharan anu diharamkeun, sabab budak teh pijadieun Nasir Allah saumur-umur.”
8. Seug Manoah neneda ka PANGERAN, ”Nun PANGERAN, mugi eta utusan Allah anu nembe sumping teh sina sumping deui maparin katerangan perkawis budak, upami parantos lahir kedah kumaha ngurusna.”
9. Paneda Manoah ku Allah dikabul, malaikat-Na sumping deui ka eta wanita, waktu manehna keur diuk di kebon, sorangan henteu jeung salakina.
10. Harita keneh manehna lumpat ka salakina, sarta pokna, ”Itu utusan anu kamari ieu teh sumping deui ka kuring.”
11. Manoah geuwat nuturkeun bojona nepungan tamu, seug tumaros, ”Juragan teh anu kamari ieu cacarios sareng pun bojo?” Tamu ngawaler, ”Enya.”
12. Manoah tumaros deui, ”Saupami pilahir Juragan teh parantos buktos, eta budak kedah kumaha, kumaha pilampaheun hirupna?”
13. Waler malaikat, ”Bojo maneh kudu tigin ngalakonan hal-hal anu ku Kami geus diomongkeun ka dirina.
14. Naon bae anu asal tina tangkal anggur teu meunang didahar, anggur atawa inuman keras teu meunang, kitu deui kadaharan-kadaharan anu diharamkeun. Sakur anu ku Kami diomongkeun ka manehna kudu dilampahkeun.”
15. Manoah teu terangeun yen eta teh malaikat PANGERAN, ku sabab kitu pok unjukan kieu, ”Ulah waka mulih. Tuang heula, bade dipangnyayagikeun anak embe.” Tapi saur malaikat, ”Najan diandeg ge susuguh maneh ku Kami moal didahar. Tapi ari rek nyadiakeun mah pek bae, tuluy duruk jieun kurban ka PANGERAN.”
16. ***
17. Manoah unjukan deui, ”Neda wartos, saha salira teh, supados di mana pilahir Juragan tea buktos, abdi tiasa nyanggakeun panghormat.”
18. Malaikat teh mariksa, ”Keur naon hayang nyaho ngaran Kami? Eta ngaran teh ajaib.”
19. Geus kitu Manoah nyokot hiji anak embe jeung tuangeun saperluna, tuluy diteundeun dina luhur altar cadas, dikurbankeun ka PANGERAN, anu terus ngadamel kaajaiban.
20. Waktu seuneu kurban geus luhur tina altar, katingal ku Manoah jeung bojona, malaikat teh mumbul ka langit di jero gedagna seuneu. Manoah kakara eling, yen eta anu bieu teh malaikat PANGERAN, bruk bae manehna jeung bojona sujud kana taneuh. Ti harita malaikat teh teu nembongan deui.
21. ***
22. Ceuk Manoah ka bojona, ”Urang geus nenjo Allah, tangtu urang paeh.”
23. Tapi ceuk bojona, ”Upama enya PANGERAN bade nyabut nyawa urang, piraku tadi kersaeun nampi kurban urang; moal tepi ka mintonkeun itu mintonkeun ieu, moal ngadawuhkeun sagala perkara nu tadi ka urang.”
24. Gancangna eta wanita teh ngalahirkeun, orokna lalaki, kakasihna Simson. Murangkalih beuki ageung, ku PANGERAN diberkahan.
25. Waktu anjeunna keur aya di antara Sora jeung Estaol di pakemahan Dan, kakawasaan PANGERAN mimiti maparin kabedasan ka anjeunna.

Hakim 14:1-20
1. Dina hiji poe Simson angkat, mudun ka Timna. Di dinya anjeunna ningali hiji mojang urang Pelisti.
2. Ari mulih terus wawartos ka ibu ramana, ”Di lebak, di Timna, abdi kapincut ku hiji mojang urang Pelisti. Nyuhunkeun dipanglamarkeun, bade ditikah.”
3. Ceuk ibu ramana, ”Ku naon hayang bojoan ka urang Pelisti, bangsa nu teu disunat? Na di golongan urang, di bangsa urang, geus teu manggih pibojoeun?” Tapi waler Simson, ”Abdi mah keukeuh hayang ka manehna, mugi dipanglamarkeun. Ka dinya kasuka abdi.”
4. Sepuhna teu terangeun, yen eta kapalay Simson teh geus kitu dikersakeunana ku PANGERAN, sabab PANGERAN keur milari jalan keur merangan urang Pelisti. Harita urang Pelisti teh ngajajah ka Israil.
5. Ti dinya Simson mudun ka Timna jeung ibu ramana. Barang geus araya di hiji kebon anggur, anjeunna ngadangu sora singa ngagaur.
6. Ku kakawasaan PANGERAN, Simson ngadak-ngadak jadi bedas. Singa teh ditongtak ku pananganana bae tuluy disasaak kawas ka anak embe bae. Tapi anjeunna teu wawartos ka ibu ramana mah.
7. Ti dinya Simson angkat nepangan mojang tea sarta cacarios jeung eta. Simson resepeun ka eta mojang.
8. Heuleut sawatara poe ti harita, Simson ka ditu deui seja nikah. Di tengah jalan anjeunna nyimpang heula ningalian singa anu kamari ieu dipaehan ku anjeunna. Anjeunna melengek, dina bangke singa teh aya sayang nyiruan tur geus aya maduna.
9. Seug maduna dikeduk kana dampal panangan, tuluy dituang bari angkat. Anjeunna terus nepangan ibu ramana, masihkeun eta madu sawareh ka aranjeunna sarta ku aranjeunna eta madu teh dituang. Tapi ku Simson teu dicarioskeun yen eta madu teh kenging nyandak tina bangke singa.
10. Sanggeus ramana angkat ka imah mojang tea, Simson ngadamel pesta di dinya, lantaran geus kitu kabiasaanana barudak ngora.
11. Barang urang Pelisti nyarahoeun, seug ngajurung tilu puluh nonoman sina ngarencangan ka anjeunna.
12. Simson misaur ka maranehanana, ”Aya tarucing. Lamun kateguh, aranjeun masing-masing baris meunang lawon anu lemes salambar jeung papakean anu alus keur pisalin. Kudu kateguh memeh poe katujuh sabada ieu pesta nikah. Lamun teu kateguh, aranjeun anu kudu mere ka kuring lawon lemes jeung baju nu alus sasetel.” Ari ceuk maranehanana, ”Jadi! Kumaha tarucingna?”
13. ***
14. Saurna, ”Ti nu dahar bijil kadaharan, ti nu bedas bijil nu amis.” Geus tilu poe eta tarucing acan kateguh.
15. Dina poe kaopatna maranehna daratang ka geureuha Simson, aromongna, ”Cik salaki maneh olo sina ngabejakeun eusi tatarucingan tea. Lamun maneh henteu nurut, engke imah bapa maneh rek dihuru, maneh oge rek diduruk sakalian. Maraneh ngondang kami teh ngarah kami beunang dirampog, lain?”
16. Seug garwana nepangan ka anjeunna, unjukan bari rambay cipanon, ”Akang mah teu nyaah ka abdi, ngewa ka abdi teh! Akang mere tarucing ka rerencangan, abdi teu dipasihan terang eusina!” Ari walerna, ”Nyai, cacakan ka indung bapa sorangan ku Akang teu dibejakeun. Piraku ari ka Nyai kudu?”
17. Garwana ceurik bae salila pesta nikahna anu tujuh poe tea. Dina poe anu katujuh, ku sabab kacida dipaksana ku garwa, eusi tarucing teh diwartoskeun. Ku garwana tuluy dibejakeun ka urang Pelisti.
18. Dina poe katujuhna memeh Simson lebet ka pangkuleman, urang dinya ngaromong kieu ka anjeunna, ”Naon nu leuwih amis ti batan madu? Naon nu leuwih bedas ti batan singa?” Waler Simson, ”Lamun ngawulukuna lain ku sapi kuring anu bikang, pamohalan ku aranjeun bisa kateguh.”
19. Ku kakawasaan PANGERAN, harita anjeunna jadi ngadak-ngadak bedas. Gejlig angkat, mudun ka Askelon, tuluy maehan tilu puluh jelema di dinya, papakeanana nu aralus dirangsadan, diselehkeun ka jelema-jelema anu neguh tarucing. Geus kitu mulih bari jengkel ku nu enggeus kajadian.
20. Ari garwana ku mertuana dibikeun ka hiji jelema anu ngagendeng anjeunna waktu nikah tea.

Mazmur 50:16-23
16. Ari ka nu jahat, kieu Allah ngadawuhna, ”Naon gawena maneh ngucapkeun parentah-parentah Kami? Naon gawena nyaritakeun perjangjian Kami?
17. Da maneh teh embung dibebener ku Kami, parentah-parentah Kami ku maneh dipungpang.
18. Teu cara mun nenjo bangsat, tuluy nyobat, sarta cacampuran jeung nu sok jinah.
19. Sungut diumbar kana kagorengan, ngomong bohong tara asa-asa.
20. Ka dulur sorangan tega ngadakwa, tega nyaliksik kasalahanana.
21. Kitu kalakuan maneh teh, tapi Kami teu ngomong naon-naon, jadi ceuk pamikir maneh Kami oge kawas maneh. Tapi ayeuna maneh ku Kami ditegor, kalakuan maneh kitu ayeuna ku Kami dieceskeun.
22. Ayeuna dengekeun, he anu ngalalaworakeun ka Kami, bisi maneh ku Kami dibasmi, pamohalan aya anu bisa nulungan.
23. Kurban tanda ngahormat ka Kami teh nya eta ku ngucap sukur ka Kami, sarta sakur anu nurut ka Kami geus tangtu ku Kami disalametkeun.”

Amsal 14:29-30
29. Jelema anu tahan sabar nandakeun bijaksana, sabalikna nu gede ambek mah nandakeun kacida bodona.
30. Hate sugema matak hurip kana diri, sirik dengki mah ibarat panyakit matak paeh.

Lukas 17:20-37
20. Sawatara urang Parisi nanyakeun ka Yesus hal Karajaan Allah iraha baris ngadegna. Waler Yesus, ”Ngadegna Karajaan Allah lain hal anu bisa katenjo.
21. Moal aya anu bisa nuduhkeun, ʼDi dieu!ʼ, atawa, ʼTuh di ditu!ʼ, sabab ngadegna teh di jero diri masing-masing.”
22. Saur-Na deui ka murid-murid, ”Engke maraneh aya waktuna harayang bisa nenjo salah sahiji poe tina poe-poe Putra Manusa, tapi moal bisa.
23. Engke jelema-jelema bakal ngaromong ka maraneh, ʼTuh di ditu!ʼ atawa, ʼIeu di dieu!ʼ Kade, ulah digugu, ulah kaluar pikeun neangan.
24. Sabab kaayaan Putra Manusa teh lamun geus nitih kana poena mah lir sakumaha kilat ngaburinyay ti tungtung langit ka tungtung langit.
25. Ngan dina samemehna, Anjeunna kudu sangsara heula, tur ditampik ku jelema-jelema jaman kiwari.
26. Poe dinyatakeunana Putra Manusa teh kaayaanana kawas kaayaan jaman Enoh.
27. Jelema-jelema harita gawena ngan dahar, nginum, kawin, nepi ka poean Enoh asup kana kapal; caah datang, jelema-jelema kabeh dibasmi.
28. Jeung kawas kaayaan dina jaman Elut: Jelema-jelema gawena ngan dahar, nginum, jual beuli, pepelakan, jeung nyarieun imah.
29. Tapi sanggeus Elut kaluar ti Sadumu, tuluy turun hujan seuneu jeung walirang ti langit, ngabasmi urang Sadumu.
30. Nya kawas kitu engke jadina dina poean dinyatakeunana Putra Manusa teh.
31. Dina poe eta, jelema anu keur aya di suhunan imah, ulah turun nyokotan heula babandaan ka jero imah; nya kitu keneh anu keur aya di tegal ulah balik heula ka imah.
32. Sing inget, kumaha jadina pamajikan Elut!
33. Sing saha anu nyoba nyalametkeun hirupna, hirupna bakal leungit; tapi sing saha anu kaleungitan hirupna bakal dirahayukeun.
34. Sing percaya, dina peuting eta dua jelema anu keur sare saranjang, nu saurang bakal dicokot, nu saurang ditinggalkeun.
35. Dua awewe nu keur ngagiling gandum, saurang bakal dicokot, saurang ditinggalkeun. [
36. Dua jelema nu keur digarawe di kebon, nu saurang bakal dicandak, nu saurang deui ditinggalkeun.]”
37. Murid-murid nararos ka Anjeunna, ”Di mana bakal kajadian kitu teh, Gusti?” Waler Yesus, ”Di mana aya bangke, di dinya kumpulna manuk bangke.”