A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
April 10

Yosua 9:1-27
1. Beja kaunggulan Israil geus kadarengeeun ku sakabeh raja-raja di peuntaseun Walungan Yordan beulah kulon, nu di pagunungan, nu di suku pagunungan jeung nu di sisi basisir Laut Tengah. Malah kadenge ka nu leuwih jauh ti dinya, ka tebeh kaler, ka Libanon. Eta raja-raja teh nya eta raja-raja urang Het, urang Emor, urang Kanaan, urang Pares, urang Hiwi jeung urang Yebus.
2. Eta raja-raja seug rempugan ngahijikeun kakuatan, arek merangan ka Yosua, ka urang Israil.
3. Tapi urang Gibon, nya eta bangsa Hiwi, geus meunang beja tina hal anu dipidamel ku Yosua ka kota Yeriho jeung Ai.
4. Tuluy mutuskeun rek nyiasatan Yosua. Maranehna ngamomotan kalde-kalde ku karung-karung heubeul jeung kantong-kantong kulit wadah anggur anu geus barutut, tuluy arindit,
5. marake pakean anu geus rarawing sarta ditarumpah butut. Bekelna roti anu geus garing, teuas tur geus bulukan.
6. Sanggeus daratang ka pakemahan di Gilgal, pok maranehna akon-akon ka Yosua jeung ka urang Israil, ”Sim kuring teh ti nagri tebih, maksad sumeja ngajak ngayakeun perjangjian sareng Juragan.”
7. Ari ceuk urang Israil, ”Naha bet kedah aya perjangjian sagala antara kuring sareng aranjeun? Boa teuing aranjeun teh urang dieu bae, ti nu caket.”
8. Ari ceuk maranehna ka Yosua, ”Sim kuring sumeja tumut kumaha Juragan.” Yosua mariksa, ”Saleresna aranjeun teh saha, nu ti mana?”
9. Jawab maranehna kieu, ”Juragan, nagri sim kuring kalintang tebihna ti dieu. Pangna ngadeuheus, reh nguping wartos perkawis PANGERAN, Allah Juragan. Sim kuring parantos kenging wartos hal anu dipidamel ku Anjeunna di Mesir,
10. kitu deui nu dipidamel-Na ka dua raja bangsa Emor di peuntas wetan Walungan Yordan, nya eta Raja Sihon di nagri Hesbon, sareng Og raja Basan anu calikna di Astarot tea.
11. Sim kuring ku para pamingpin sareng rahayat nagri sim kuring dipiwarang bebekel saperluna, dijurung leumpang ngadeuheus ka Juragan di dieu, ngunjukkeun sumeja taluk ka Juragan sadaya. Ku margi kitu, panuhun mugi Juragan pulur manah kanggo ngayakeun perjangjian sareng sim kuring.
12. Mangga tingalian roti bekel sim kuring. Nalika bral mios sumeja ngadeuheus ka Juragan, eta teh haneut keneh. Ayeuna mangga ieu tingalian! Parantos garing sareng bulukan.
13. Ieu wadah cianggur, waktos ngawitan dieusian mah alanyar keneh. Nanging, tingali! Parantos bararedah. Pakean, tarumpah, dugi ka barutut kieu, bawaning ku tebihna lalakon.”
14. Top eta bebekelan teh ku urang Israil ditampanan, teu naros heula perkara eta ka PANGERAN.
15. Seug Yosua ngadamel perjangjian mimitran jeung urang Gibon, jelema-jelemana meunang hirup. Eta perjangjian ditetepkeun ku sumpah para pamingpin urang Israil.
16. Tilu poe ti barang eta perjangjian dijieun, kanyahoan ku urang Israil yen eta jelema-jelema teh ti nu deukeut bae.
17. Kanyahoanana sanggeus urang Israil maju deui meunang tilu poe sarta nepi ka kota Gibon, Kapira, Berot, jeung Kiryat Yarim, tempat tinggal eta jelema-jelema tea.
18. Tapi urang Israil teu bisa maehan maranehna, sabab para pamingpinna geus sumpah demi PANGERAN, Allahna Israil. Kabeh urang Israil gegelendeng ka pamingpin-pamingpinna,
19. tapi saur aranjeunna, ”Urang geus sumpah demi GUSTI Allah, Allahna Israil. Jadi urang teu bisa kua-kieu ka maranehna.
20. Urang kudu ngantep maranehna harirup lantaran geus katalian ku jangji. Mun urang cidra, tangtu urang dihukum ku Allah.
21. Keun bae sina harirup, tapi urang jadikeun tukang ngarala suluh jeung tukang ngarala cai.” Kitu usul para pamingpin teh.
22. Geus kitu Yosua marentah supaya urang Gibon dipanggil. Saurna ka maranehna, ”Ku naon maraneh ngabobodo majar ti nu jauh, padahal urang dieu?
23. Ku hal eta maraneh disapa ku Allah. Rahayat maraneh kudu terus jadi badega salalawasna, purah ngala suluh, ngala cai, keur kaperluan gedong suci Allah kami.”
24. Jawabna, ”Mangga teh teuing Juragan. Reh sim kuring terang aya timbalan PANGERAN Allah Juragan ka Musa abdi-Na, yen ieu tanah sakuliahna baris diselehkeun ka Juragan, sareng jalmi-jalmina ku Juragan kedah diparaehan. Sim kuring midamel kitu teh bawaning sieun ku Juragan, melang kana nyawa.
25. Ayeuna sim kuring sadayana aya dina genggeman Juragan. Mangga pidamel kumaha pangersa.”
26. Ku Yosua maranehna ditangtayungan, teu meunang diparaehan ku urang Israil.
27. Tapi kudu tuluy dijieun badega purah ngarala suluh, ngarala cai, keur urang Israil jeung keur kaperluan altar PANGERAN. Kituna teh nepi ka kiwari, di tempat paranti babakti anu geus ditetepkeun ku PANGERAN.

Yosua 10:1-43
1. Adonisedek, raja Yerusalem, geus meunang beja, yen Ai geus beunang jeung geus ditumpurkeun ku Yosua, sarta rajana dipaehan sakumaha anu tumiba ka nagri Yeriho jeung rajana. Jeung geus meunang beja yen urang Gibon geus rarapihan sarta hirup rukun jeung urang Israil.
2. Ku hal eta, urang Yerusalem kacida ngarasa seberna, sabab Gibon teh sarua gedena jeung nagri anu mana bae oge di dinya anu dikapalaan ku raja, malah leuwih gede ti batan Ai, katurug-turug jelema-jelemana arahli perang.
3. Ku kituna, Adonisedek ngajurungan utusan ka Raja Hoham di Hebron, Raja Piram di Yarmut, Raja Yapia di Lakis, jeung Raja Debir di Eglon, pokna kieu,
4. ”Diantos sumpingna, bantuan ngarurug Gibon, sabab urang dinya parantos rarapihan sareng Yosua, nya sareng urang Israil.”
5. Eta lima raja urang Emor, nya eta raja-raja: Yerusalem, Hebron, Yarmut, Lakis jeung Eglon, meungkeut kakuatan, tuluy ngepung sarta ngarurug Gibon.
6. Urang Gibon ngirim lisan ka Yosua di pakemahan di Gilgal, kieu, ”Juragan, mugi ulah ngantep. Enggal sumping, tulungan sim kuring. Mugi dijait. Raja-raja Emor ti pagunungan parantos ngahiji ngalawan sim kuring.”
7. Seug Yosua nyandak balad katut jeung balad petinganana, budal ti Gilgal.
8. Ngandika PANGERAN ka Yosua, ”Tong sieun ku musuh. Ku Kami maneh geus ditangtukeun baris tangtu unggul. Maranehna moal aya nu kuat ngalawan ka maneh.”
9. Yosua sabaladna terus maju sapeupeuting ti Gilgal, muru ka Gibon, arek ngayakeun gempuran ngadadak ka urang Emor.
10. Urang Emor ku PANGERAN disina kacida geumpeurna narenjo balad urang Israil teh. Maranehna ku urang Israil dibasmi di Gibon, anu harirup keneh diudag tarurun ti lamping gunung di Bet Horon, haben dibeberik jauh pisan nepi ka Aseka jeung Makeda di beulah kidul.
11. Sabot urang Emor lalumpatan turun di lamping nyingkahan balad Israil, PANGERAN nurunkeun hujan es anu baradag ninggangan maranehna sapanjang jalan ka Aseka. Anu paraeh katinggang ku eta hujan es leuwih loba batan anu diparaehan ku urang Israil.
12. Ari Yosua, dina poean PANGERAN ngersakeun Israil unggul ngelehkeun urang Emor teh unjukan ka PANGERAN. Kieu saurna, kasaksian ku urang Israil, ”Eh panonpoe, geura ngarandeg lebah Gibon. Eh bulan, geura ngarandeg lebah Lebak Ayalon.”
13. Reg panonpoe ngarandeg. Reg bulan ngarandeg. Kituna teh nepi ka urang Israil anggeus numpes musuh. Hal ieu geus kaungel dina Kitab Yasar. Panonpoe nepi ka ngarandeg di satengahing langit, sapoe jeput teu surup-surup.
14. Ti baheula, tepi ka jaga oge, acan jeung moal kungsi aya poe saperti harita, PANGERAN kersa ngamakbul panuhun manusa sarupa kitu. PANGERAN ngiring perang nyarengan Israil!
15. Sanggeus kitu Yosua sabaladna mulih ka pakemahan di Gilgal.
16. Demi raja-raja urang Emor tea limaanana kalabur, tuluy nyarumput di hiji guha di Makeda.
17. Panyumputanana aya nu manggihan, tuluy dibejakeun ka Yosua.
18. Saur Yosua, ”Lawang guhana begbregan ku batu galede jeung kudu dijaga.
19. Tapi maraneh ulah kajongjonan di dinya, kudu terus ngudag ngagempur ti tukangeunana, ulah aya nu bisa molos ka kotana. PANGERAN Allah maraneh geus ngersakeun sangkan maraneh unggul.”
20. Seug eta musuh teh ku Yosua jeung balad Israil dibabad nepi ka tumpur. Ari anu kari, ngarejat ka kota neangan panyalindungan. Eta mah salamet teu milu tiwas.
21. Geus kitu sabalad Yosua marulang ka pakemahan di Makeda, salamet kabeh. Di sakuliah tanah eta geus teu aya anu wani ngomong-ngomong acan perkara urang Israil.
22. Geus kitu saur Yosua, ”Lawang guha teh bongkar, gusur eta lima raja ka dieu.”
23. Lawang guha dibongkar. Raja Yerusalem, raja Hebron, raja Yarmut, raja Lakis jeung raja Eglon dibijilkeun kaluar,
24. terus dibawa ka Yosua. Ti dinya Yosua manggil urang Israil kabeh, sarta marentah ka perwira-perwira anu nyarengan perang ka anjeunna supaya ka hareup, dipiwarang narincakkeun sukuna kana beuheung eta raja-raja.
25. Saur Yosua ka eta perwira-perwira anjeunna, ”Tong inggis-inggis atawa hemar-hemir. Tegerkeun hate sing teteg, sabab saksian ayeuna, kumaha PANGERAN ngahukumna ka sakabeh musuh aranjeun.”
26. Geus kitu eta raja-raja teh ku Yosua dipaehan, mayitna digantung-gantungkeun dina lima patok, cul diantep nepi ka burit.
27. Wanci panonpoe surup Yosua marentah supaya eta mayit-mayit teh diturunkeun, tuluy dibalangkeun ka jero guha urutna nyarumput. Tuluy lawang guhana dibugbrugan ku batu galede, nutupan eta lawang guha nepi ka kiwari.
28. Poe eta keneh Yosua ngarurug ka nagri Makeda nepi ka beunangna, rajana ditangkep. Pangeusina beak dipaehan, teu aya nu dikarikeun. Ari rajana dipaehanana disaruakeun cara raja Yeriho.
29. Sabada eta, Yosua sabaladna ti Makeda muru ngarurug ka Libna.
30. Di dieu oge urang Israil unggul, ku karana PANGERAN. Eta nagara jeung rajana beunang. Pangeusina beak dipaehan, teu aya nu dikarikeun. Ari rajana dipaehanana disaruakeun cara raja Yeriho.
31. Sabada eta, Yosua sabaladna ti Libna muru ka Lakis. Eta nagri dikepung, terus ditarajang.
32. Dina poe kaduana, Israil perangna unggul, ku karana PANGERAN. Cara di Libna bae, di dieu oge pangeusina teu aya nu dikarikeun, beak dipaehan.
33. Raja Horam ti nagara Geser datang arek ngabantu Lakis, tapi ku Yosua dielehkeun, manehna sabaladna dipaehan teu aya nu dikarikeun.
34. Ti Lakis, Yosua sabaladna muru ka Eglon. Eta nagara dikepung, tuluy ditarajang.
35. Poe eta keneh geus beunang, pangeusina beak dipaehan teu aya nu dikarikeun, cara di Lakis bae.
36. Sabada eta, Yosua sabaladna ti Eglon naranjak ka pasir muru ka Hebron.
37. Eta nagri kajabel. Rajana kitu deui jalma-jalmana kabeh dipaehan cara anu di nagri-nagri tatanggana. Nagrina ku Yosua dibasmi nepi ka tumpur, disaruakeun cara ka Eglon. Teu aya anu dikarikeun hirup.
38. Ti dinya Yosua sabaladna malik deui muru ngarurug ka Debir.
39. Eta nagri beunang jeung raja-rajana katut kota-kotana. Pangeusina kabeh ditumpes. Debir katut rajana ku Yosua dijieun cara ka nagri Hebron jeung Libna jeung ka raja-rajana.
40. Sakuliah tanah eta geus eleh ku Yosua. Raja-raja anu di daerah pagunungan kasoran, boh anu di lamping-lamping beulah wetan, boh anu di tutugan-tutugan gunung beulah kulon, kitu deui di daerah-daerah tanah keri di beulah kidul. Taya anu dihirupan, kabeh ditumpes. Kitu ditimbalanana ku GUSTI Allah, Allahna Israil.
41. Panarajang Yosua ti Kades Barnea diteruskeun ka kidul, ka Gasa di deukeut basisir, kitu deui sakuliah tanah Gosen nepi ka tanah Gibon di kaler.
42. Raja-rajana katut wilayah-wilayahna sakali ngagempur beunang kabeh ku Yosua, sabab urang Israil dipangmerangankeun ku PANGERAN Allahna.
43. Sabada eta, Yosua sabaladna marulang deui ka pakemahan di Gilgal.

Mazmur 44:1-3
1. Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah. Lagu atikan.
2. Nun Allah, abdi-abdi nguping pribadi perkawis eta, anu dicariosan ku karuhun; hal karya-karya Gusti anu rongkah jaman aranjeunna, jaman baheula.
3. Kumaha peta Gusti ngusiran bangsa-bangsa tuna Allah, sareng merenahkeun umat Gusti di nagri-nagri maranehna; kumaha peta Gusti ngahukum bangsa-bangsa sanes sareng ngajembarkeun umat Gusti.

Amsal 13:24-25
24. Nu tara ngawarah anak tandaning teu nyaah. Mun enya nyaah ka anak tangtu daek ngelingan.
25. Jalma bener moal kurang dahareun, sabalikna jalma jahat mah salawasna lapareun bae.

Lukas 10:1-24
1. Sanggeus sasauran kitu Gusti Yesus milih tujuh puluh dua deui jelema sejen, diutus duaan-duaan ka kota-kota jeung tempat-tempat anu bakal disumpingan ku Anjeunna.
2. Pilahir-Na ka maranehna, ”Pibuateun sakitu legana, nu rek dibaruatna ngan saeutik. Kudu nyuhunkeun ka Anu kagunganana eta pibuateun, sangkan ngintun nu baris mibuatanana.
3. Geura ariang! Maraneh ku Kami diutus lir anak domba ka tengah-tengah ajag.
4. Ulah mawa dompet atawa kantong sidekah kitu deui tarumpah; di jalan ulah rundag-randeg uluk salam.
5. Mun asup ka imah batur ucapkeun heula salam, ʼMugia rukun kerta nu kagungan bumi!ʼ
6. Lamun di eta imah aya anu resep rukun, pangdoa maraneh mangka tumerap ka dirina, sabalikna lamun teu aya, pangdoa maraneh tarik deui.
7. Lamun geus aya anu ngaku, nganjrek teh kudu tetep di imah eta bae ulah pipindahan, dahar nginum di dinya, tarima sagala susuguhna, karana anu digarawe teh pantes mareunang bayaran.
8. Samangsa-mangsa asup ka hiji kota tuluy aya anu ngaku, naon bae susuguhna dahar;
9. lamun di dinya aya anu gering, cageurkeun. Jeung bejakeun ka urang dinya kieu, ʼMoal lila deui Karajaan Allah bakal ngadeg di dieu.ʼ
10. Tapi lamun di hiji kota pribumina arembungeun narima, papay sakabeh jalanna jeung celukkeun kieu,
11. ʼNajan sakeprul kekebul ieu kota anu nempel kana suku kaula, ku kaula dikirabkeun deui ka aranjeun! Ngan sing nyaraho, Karajaan Allah geus tereh ngadeg di aranjeun!ʼ
12. Sing percaya: Dina Poe Kiamat, Allah bakal leuwih welaseun ka nagara Sadumu jeung Gomora ti batan ka eta kota!”
13. ”Cilaka engke maneh, Korasin! Cilaka maneh, Betsaida! Lamun tea mah kaajaiban-kaajaiban anu ditembongkeun ka maraneh teh ditembongkeunana di Tirus jeung Sidon, ti bareto keneh oge urang dinya tangtu geus ngawuran maneh ku kekebul jeung marake baju karung nyirikeun tobat tina dosa-dosana.
14. Dina Poe Kiamat Allah malah bakal leuwih welaseun ka Tirus jeung Sidon ti batan ka maneh!
15. Jeung maneh deui, Kapernaum! Baruk rek ngunggahkeun maneh ka sawarga? Maneh malah bakal dijongklokkeun ka naraka!”
16. Geus kitu Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, ”Anu nurut ka maraneh, eta nurut ka Kami; anu teu ngaku ka maraneh, eta teu ngaku ka Kami; anu teu ngaku ka Kami, teu ngaku ka nu ngutus Kami.”
17. Tujuh puluh dua jelema anu diarutus tea geus marulang semu anu kacida barungaheunana. ”Gusti,” pihaturna, ”roh-roh jahat oge diparentah ku abdi-abdi kalayan nyebat jenengan Gusti teh tarunduk!”
18. Saur Yesus, ”Katenjo ku Kami Iblis teh ragrag ti sawarga kawas kilat.
19. Maraneh ku Kami geus dibere kawasa, pikeun nincakan oray jeung kalajengking, jeung pikeun ngelehkeun kakawasaan musuh, tur moal aya anu bisa nyilakakeun ka maraneh.
20. Tapi ulah bungah ku dumeh roh-roh jahat nepi ka tarunduk ka maraneh; kudu barungah teh lantaran ngaran maraneh geus ditulis di sawarga.”
21. Waktu eta manah Yesus pinuh ku kabungah ti Roh Suci, pok ngalahir, ”Nun Ama Gustina langit sareng bumi! Abdi muji sukur, reh perkawis ieu ku Ama dirasiahkeun ka anu palinter sareng garaduh elmu, dupi ka anu teu garaduh katerang mah parantos ditembrakkeun. Leres, ieu anu nyukakeun manah Ama teh.”
22. Pilahir-Na deui, ”Sakabeh hal ku Rama Kami geus diserenkeun ka Kami. Taya nu nyaho ka Putra, ngan Rama anu uninga. Taya nu nyaho ka Rama salian ti Putra jeung jelema-jelema anu ku Putra kapilih diwawuhkeun ka Rama.”
23. Ti dinya sasaurana-Na teh ngan pikeun murid-murid-Na wungkul, kieu saur-Na, ”Maraneh kacida untungna geus narenjo perkara-perkara anu ayeuna geus nembrak ka maraneh!
24. Kami ngabejaan, loba nabi jeung raja-raja anu harayangeun nenjo perkara anu geus katarenjo jeung kadarenge ku maraneh teh, tapi teu kalaksanakeun.”