A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Maret 7

Bilangan 11:1-35
1. Hiji mangsa jalma-jalma mimiti ngarasula ka PANGERAN dumeh ngarasa sangsara. Ngadangu kitu PANGERAN jadi bendu, gur bae aya seuneu ti Mantenna ngamuk ka maranehna jeung ngalebur sabagian pakemahan.
2. Jalma-jalma tingjarerit marenta tulung ka Musa. Seug Musa neneda ka PANGERAN, pes seuneu pareum.
3. Ti dinya eta tempat dingaranan Tabarah, sabab di dinya maranehna dilebur ku seuneu ti PANGERAN.
4. Aya sababaraha urang asing anu marilu lumaku jeung urang Israil, pohara harayangeunana manggih daging, nepi ka urang Israil oge milu ngarasula pokna, ”Eh hayang teuing meunang daging!
5. Di Mesir mah lauk naon ge urang ngadahar jeung teu kudu meuli. Aringet keneh kana bonteng, kana samangka, bawang beureum, bawang daun, bawang bodas?
6. Bet ayeuna mah urang nepi ka sakieu kalempohanana, euweuh gahel-gaheleun acan. Nu aya saban poe manna deui, manna deui!” (
7. Manna teh bangunna siga siki, laleutik, warnana bodas semu-semu koneng,
8. asalna ti awang-awang, turunna ti peuting bareng jeung ibun, isukna ku maranehna diparulungan tuluy dirarendos atawa ditutuan dijieun tipung, digodog tuluy dijieun sabangsa gegeplak, rasana asa kueh anu dipanggang make minyak jetun.)
9. ***
10. Kekecapan maranehna kitu kadangu ku Musa, da ngaromongna bari tingrariung hareupeun kemah-kemahna. Anjeunna jadi nalangsa, lantaran PANGERAN jadi bendu ka maranehna.
11. Pok anjeunna ngalengis ka PANGERAN, ”Naha abdi teh dugi ka dikieu-kieu teuing? Ku naon Gusti sakieu henteu misukana ka abdi? Ku naon abdi teh dikedahkeun ngurus ieu jalmi-jalmi?
12. Padahal maranehna teh jadina sanes ku abdi, dijurukeunana sanes ku abdi, kari-kari bet abdi anu dipiwarang ngurus, teu benten ti ngarorok sareng ngangais orok sapanjang jalan salami muru ka tanah anu ku Gusti kapungkur dijangjikeun ka karuhunna!
13. Ti mana abdi teh pikengingeun daging nyumponan kahayang maranehna? Damelna ngeceblek mementa daging!
14. Abdi teu sanggem ngurus jalmi sakitu seueurna sorangan bae, abot langkung ti abot!
15. Ti batan dikieu-kieu, langkung sae paehan bae abdi teh, ulah lami-lami nandangan panyiksa. Kitu soteh ari bade dipikawelas.”
16. Timbalan PANGERAN ka Musa, ”Kami pangumpulkeun jelema tujuh puluh urang anu pantes ajenaneun, anu pantes jaradi pangurus, sina ka darieu ka Kemah Kami, jaronghokkeun barengan ku maneh.
17. Engke Kami lungsur ngandika ka maneh, jeung nyandak sabagian pangawasa Kami anu di maneh, baris diancikkeun ka maranehna. Engke maranehna sina ngabantu ngasuh eta jelema-jelema, supaya ulah sagala rupa ditangkes ku maneh sorangan.
18. Pek ka ditu bejakeun ka jelema-jelema, kieu kituh, ’Ari harayang daging, maraneh isukan kudu susuci. Maraneh ngeceblek majar hayang teuing nyatu daging, majar ngeunah keneh ge di Mesir. Omongan maraneh teh kadangu ku PANGERAN, sarta Mantenna tangtu engke maparin daging, sangkan maraneh nyaratu daging.
19. Lain sapoe dua poe, lain ngan lima poe atawa sapuluh poe atawa dua puluh poe,
20. tapi sabulan campleng bakal nyaratu daging, nepi ka daging teh barijilan deui tina ceuli, nepi ka maraneh garering utah-utahan. Bongan maraneh keneh anu geus teu ngahiding ka PANGERAN anu aya di tengah maraneh. Bongan maraneh keneh anu geus ngarasula ka Mantenna, majar mending ge tong budal ti Mesir.’ ”
21. Musa miunjuk, ”Anu diurus ku abdi teh 600.000 jalmi. Saur Gusti sadayana bade dipaparin daging dugi ka sasasih campleng. Kumaha?
22. Na cekap sapina, dombana, peunciteun dugi ka maranehna sareubeuheun? Na cekap lauk di laut kanggo diteda ku maranehna?”
23. PANGERAN ngawaler, ”Ari pangawasa Kami na aya watesna? Tenjokeun ku maneh, timbalan Kami teh baris bukti atawa moal!”
24. Bral Musa angkat nepangan jelema-jelema nepikeun timbalan PANGERAN tea. Anjeunna ngumpulkeun tujuh puluh urang pamingpin, tuluy sina ngariung Kemah Suci.
25. Seug PANGERAN lungsur dina mega nimbalan ka Musa, ti dinya nyandak sabagian pangawasa anu ngancik di Musa diancikkeun ka anu tujuh puluh pamingpin tea. Barang Roh tea ngancik, maranehna ujug-ujug ngagarero kawas nabi, ngan teu lila.
26. Ti nu tujuh puluh urang tea aya duaan anu ninggalkeun maneh di pasanggrahan henteu marilu indit ka Kemah Suci, ngaranna Eldad jeung Medad. Maranehna oge kaancikan Roh, seug deuih ngagarero kawas nabi, di pasanggrahan.
27. Tuluy aya budak ngora lumpat ka Musa bebeja hal Eldad jeung Medad kitu.
28. Pok Yosua bin Nun anu gagandek ka Musa ti ngongora unjukan ka anjeunna, ”Hulag, Juragan!”
29. Waler Musa, ”Pipilueun teuing kana urusan kami! Kahayang kami mah malah sing saban jelema ku PANGERAN diancikan Roh, sina barisa ngucap kawas ucapan nabi!”
30. Geus kitu Musa jeung para pamingpin tea marulang deui ka pasanggrahan.
31. Gelebug aya angin ti PANGERAN, mawa manuk puyuh ti laut, haliberna harandap pisan, teu sameter-meter acan tina taneuh, tuluy tarurun ka pasanggrahan, nakleuk sakuriling bungking nepi ka sababaraha kilometer jauhna.
32. Sapoe eta nepi ka sapeupeuting, nepi ka isukna deui jelema-jelema narewakan puyuh. Beubeunangan saurangna paling saeutik sarebu kilogram. Dagingna diparoe sakuriling pasanggrahan.
33. Tacan beak eta daging didalahar, PANGERAN bendu, seug narajangkeun pagebug ngabasmi ka maranehna.
34. Ti dinya eta tempat dingaranan Kibrot Taawa, anu hartina ”Kuburan Kahawekan”, sabab jadi kuburan jelema-jelema anu harawek kana daging.
35. Geus kitu maranehna neruskeun lumakuna tuluy masanggrahan di Haserot.

Bilangan 12:1-16
1. Hiji mangsa Musa diupat ku Harun jeung saderekna nu istri, Miryam, dumeh geus migarwa wanita urang Kus.
2. Salaurna, ”Naha ngan anjeunna bae anu ku PANGERAN dianggo jalan ngandika teh? Ari ka urang tara ngandika, kitu?” Kasauran aranjeunna kadangu ku PANGERAN. (
3. Ari Musa tabeatna rendah manah, taya tandingna di sadunya anu rendah manah kawas anjeunna.)
4. Ti dinya PANGERAN ujug-ujug ngandika ka Musa, Harun jeung Miryam, ”Kami mundut maraneh tiluan kudu daratang ka Kemah Kami.” Bral aranjeunna arangkat.
5. PANGERAN lungsur dina pilar mega. Mantenna ngadeg di lawang Kemah-Na, tuluy ngagentra, ”Harun! Miryam!” Seug duanana maju,
6. PANGERAN tuluy ngandika, ”Darengekeun ieu dawuhan Kami! Upama tea mah di maraneh aya nabi, mun Kami seja nembongan ka nabi mah cukup dina tetenjoanana bae. Nimbalan oge arek dina impianana wungkul.
7. Ari nimbalan ka Musa mah anu jadi abdi Kami, beda deui. Manehna ku Kami geus dipercaya ngurus sakabeh urang Israil, umat Kami.
8. Ana Kami nimbalan, ka Musa mah nepi ka adu-hareupan, tur sageblasna lain anu pikiraneun! Malah manehna mah geus nenjoeun rupa Kami! Maraneh nepi ka wani campelak kitu ngagogoreng ka Musa, ka abdi Kami?”
9. Kacida benduna PANGERAN ka Harun jeung Miryam. Barang Mantenna ngantunkeun,
10. sarta mega tea geus nyingkah ti eta Kemah, Miryam ngadak-ngadak keuna ku kasakit lepra sakujur salirana, kulitna mani ngeplak bodas kawas salju. Barang katangen ku Harun yen Miryam jadi kitu,
11. terus bae ngalengis ka Musa saurna, ”Aduh Juragan, mugi ieu hukuman teh ulah kalalajengan nyiksana. Rumaos di kabodoan parantos midamel dosa.
12. Mugi ieu pun dulur ulah dugi ka sapertos anu maot ti barang dijurukeun, anu dagingna parantos satengah buruk.”
13. Musa sasambat ka PANGERAN, ”Nun Allah, mugi ieu pun dulur dicageurkeun!”
14. Waler PANGERAN, ”Lamun manehna diciduhan beungeutna ku bapana, tangtu nyandang wirang nepi ka tujuh poe. Ku sabab kitu ayeuna oge sina saperti kitu, saminggu lilana teu meunang aya di jero pasanggrahan. Mun geus saminggu kakara meunang diasupkeun deui.”
15. Ti dinya Miryam dilarang aya di jero pasanggrahan, saminggu lilana. Sabot kitu anu sejen tacan waka neruskeun laku, ngadarago heula.
16. Sanggeus kitu kakara maranehna arindit ti Haserot, tuluy masanggrahan di tanah gurun Paran.

Mazmur 31:15-18
15. Nanging abdi percaya ka Gusti, nun PANGERAN, Gusti teh Allah abdi.
16. Abdi salamina aya dina panalingaan Gusti, luputkeun abdi ti musuh-musuh, ti jalma-jalma anu ngarudag.
17. Sing hawatos ka abdi Gusti, mugi kersa mikaasih, kersa nyalametkeun abdi.
18. Mugi abdi ulah diantep diera-era. Kitu panyambat abdi, nun PANGERAN. Sawangsulna musuh anu kedah meunang era, sina rarepeh tarurun ka dunyana nu paraeh.

Amsal 11:12-14
12. Ngahina batur kalakuan anu gejul. Nu lantip mah sungutna repeh.
13. Jelema laer biwir moal bisa dibawa rasiah. Sabalikna nu satia layak dipercaya.
14. Bangsa bakal runtuh lamun taya anu mingpin, sabalikna bisa kuat lamun loba juru nasehatna.

Markus 10:12-14
12. Kitu keneh awewe anu ninggalkeun salakina tuluy kawin ka lalaki sejen, eta awewe teh ngaranyed ti salakina.”
13. Aya nu marawa barudak leutik ka Yesus, sina ditumpangan panangan ku Anjeunna, tapi ku murid-murid dicarekan.
14. Kauninga ku Yesus, seug murid-murid teh diseuseul, sarta saur-Na deui, ”Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dipegatan, sabab Karajaan Allah teh nya pikeun jelema-jelema anu hatena saperti hate ieu barudak.