A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Maret 4

Bilangan 5:1-31
1. PANGERAN ngandika deui ka Musa,
2. ”Parentahkeun ka urang Israil supaya jelema anu boga kasakit lepra atawa kasakit bengang, atawa anu antel kana bangke, kudu dikaluarkeun ti pasanggrahan.
3. Sakur anu kaayaanana najis saperti kitu sina kaluar, supaya ieu pasanggrahan tempat Kami di maraneh ulah kanajisan.”
4. Urang Israil narurut, sakur anu kaayaanana najis dikaluarkeun ti pasanggrahan.
5. PANGERAN maparinkeun ieu aturan ka Musa,
6. pikeun urang Israil: Lamun aya anu henteu satia ka PANGERAN lantaran ngarugikeun batur,
7. kudu ngaku kana kasalahanana sarta karugian baturna tea kudu dibayarkeun deui sajenisna ditambah saperlimana.
8. Upama baturna tea geus maot tur teu aya baraya deukeutna, duit pamayar karugian teh kudu diserenkeun ka PANGERAN pikeun imam. Kajaba ti eta kudu ditambah ku domba jalu pikeun upacara mupus kasalahanana.
9. Naon bae pangbakti urang Israil ka PANGERAN anu diserenkeun ka imam, eta keur imam.
10. Jadi sagala pangbakti anu diserenkeun ka imam, keur imam.
11. PANGERAN ngandika deui ka Musa,
12. maparinkeun ieu aturan keur urang Israil: Bisa jadi aya salaki anu curiga ka pamajikanana. Nyangka pamajikanana serong jeung geus nganajiskeun diri jinah jeung lalaki sejen. Tapi teu bisa mastikeun, lantaran kalakuan pamajikanana tea rikip tur teu aya saksi, sarta henteu kaperego. Atawa hiji salaki teu pupuguh timburuan ka pamajikanana, padahal pamajikanana teh teu serong teu naon.
13. ***
14. ***
15. Dina hal saperti kitu, eta salaki kudu mawa pamajikanana ka imam bari mawa tipung tarigu sakilo pikeun kurban, tipungna ulah dikucuran minyak jetun jeung ulah diteundeunan dupa, sabab eta mah kurban ti hiji salaki anu timburuan, pikeun ngabuktikeun hal anu sabenerna.
16. Awewena ku imam kudu dibawa ka hareupeun altar sina nangtung di dinya.
17. Imam kudu nyicikeun cai suci kana hiji paso, cemplungan taneuh sacolek tina dasar Kemah supaya jadi pait.
18. Udar buuk eta awewe ku imam sina ngarumbay, tipung kurban tea sina dicekel ku leungeunna. Paso eusi cai anu geus jadi pait jeung geus ngandung panyapa, cekel ku imam.
19. Geus kitu awewena sina ngaregepkeun ucapan anu diikrarkeun ku imam, anu kieu pokpokanana, ”Lamun maneh henteu jinah, panyapa anu dikandung ku ieu cai suci moal teurak ka maneh.
20. Sabalikna lamun maneh jinah,
21. demi kersaning PANGERAN, maneh masing jadi sasapaan di antara umat Mantenna. Ieu cai sing matak bareuh beuteung, sing matak murungkut puhu pingping.
22. Ieu cai masing muhit dina peujit, sing ngabareuhkeun beuteung, sing murungkutkeun puhu pingping maneh.” Awewe tea kudu ngahaminan, ”Amin, demi PANGERAN, sing kabuktian.”
23. Geus kitu eta panyapa teh ku imam kudu dituliskeun, tuluy kucekkeun kana cai pait tea.
24. Samemeh eta cai suci diinumkeun ka eta awewe, anu bisa jadi bakal nimbulkeun kanyeri luar biasa,
25. tipung pikurbaneun anu dicekel ku eta awewe tea cokot ku imam, tuluy unjukkeun ka PANGERAN, teundeun dina altar.
26. Cokot sakeupeul terus beuleum di dinya, tanda yen enggeus dikurbankeun. Geus kitu awewe teh sina nginum eta cai panyapa.
27. Upama enya manehna jinah, bakal ngarasa nyeri luar biasa, beuteungna jadi bareuh, puhu pingpingna jadi murungkut. Ngaranna bakal jadi sasapaan di kalangan bangsana.
28. Tapi saupama manehna taya dosana, moal kua-kieu sarta bakal bisa boga anak.
29. Kitu pikukuhna upama aya salaki nu curiga jeung timburuan, nyangka pamajikanana geus jinah. Awewena sina nangtung hareupeun altar, imam ngajalankeun upacarana.
30. ***
31. Ari salakina mah henteu kabawa salah. Sabalikna pamajikanana, lamun enya salah, kitu pitemaheunana.

Bilangan 6:1-27
1. PANGERAN ngandika deui ka Musa,
2. ngandikakeun ieu pikukuh pikeun urang Israil: Lalaki atawa awewe anu ikrar panadaran seja ngawulakeun dirina ka PANGERAN jadi Nasir,
3. henteu meunang nginum anggur atawa inuman keras. Henteu meunang nginum inuman naon bae anu asalna tina buah anggur atawa ngadahar buahna atawa kismisna.
4. Sapanjang jadi keneh Nasir teu meunang ngadahar naon bae anu tina buah anggur, kulitna atawa sikina ge teu meunang.
5. Sapanjang jadi Nasir teu meunang dicukur. Dirina geus kabeungkeut ku ikrar seja ngawulakeun diri ka PANGERAN tepi ka beak waktuna. Sapanjang kitu buukna jeung janggotna kudu diantep manjangan.
6. Buukna teh jadi ciri kumawulana ka Allah. Jeung sapanjang kitu ulah nganajiskeun maneh deukeut-deukeut kana mayit, kajeun mayit bapana atawa indungna, dulurna lalaki atawa awewe.
7. ***
8. Sabab sapanjang jadi Nasir, dirina geus dibaktikeun jadi kawula PANGERAN.
9. Upama nepi ka kajadian kungsi padeukeut jeung nu maot lantaran maotna ngadadak, nepi ka matak najis kana buuk Nasirna, heuleut tujuh poe ti saentasna, sirahna jeung janggotna kudu dikerik masing beresih, supaya dirina beresih deui.
10. Isukna, dina kadalapan poena kudu nepungan imam di lawang Kemah Suci, mawa dua manuk japati atawa tikukur.
11. Manuk anu hiji ku imam kudu dijieun kurban dosa, anu hiji deui kurban beuleuman, jadi sarat nyucikeun diri tina kanajisan paantel jeung mayit. Jadi dina poe eta buukna teh disucikeun deui,
12. sarta waktu Nasirna dibaktikeun deui ka PANGERAN. Waktu kumawulana anu enggeus kalakonan mah dibatalkeun bae, sabab geus kanajisan. Kasalahanana kudu ditebus ku anak domba anu umur sataun, dijieun kurban kasalahan.
13. Lamun waktuna jadi Nasir geus tamat kalakonan sakumaha panadaranana, kudu nyieun upacara. Manehna kudu ka lawang Kemah Suci,
14. ngahaturkeun tilu rupa sato kurban anu mulus ka PANGERAN, nya eta: hiji anak domba jalu umur sataun keur kurban beuleuman, hiji domba bikang keur kurban dosa, jeung hiji domba jalu keur kurban panarima.
15. Jaba ti eta kudu ngahaturkeun roti anu teu diragian sakaranjang, anu karandel, tina tipung anu diadonan ku minyak jetun, jeung anu aripis anu diulasan ku minyak jetun, kitu deui kurban gandum jeung anggur.
16. Imam nyanggakeun eta kabeh ka PANGERAN, tuluy metakeun kurban pamupus dosa jeung kurban beuleuman.
17. Domba jaluna kurbankeun ka PANGERAN jieun kurban panarima, barengkeun jeung roti anu sakaranjang tea. Kurban kadaharan jeung kurban inuman oge sanggakeun.
18. Nasirna kudu ngagundulan sirah di lawang Kemah Suci, buukna teundeun dina luhur kurban panarima anu keur dibeuleum.
19. Pingping hareup domba tea ku imam kudu dikulub, tuluy jait sina ditampanan ku eta Nasir jeung rotina anu kandel sasiki, anu ipis sasiki, tina karanjang.
20. Saterusna ku imam kudu diunjukkeun ka PANGERAN jadi kurban ajang imam sarta sipatna geus suci. Dada domba jeung pingping tukangna oge keur imam sakumaha ceuk pikukuhna. Sanggeus eta, Nasirna meunang nginum anggur.
21. Kitu pikukuhna hal Nasir, jaba ti anu geus diikrarkeun dina panadaranana, sabab sagala anu diikrarkeun dina panadaranana tea kudu ditekanan kabeh.
22. PANGERAN ngandika deui ka Musa
23. hal ucapan berkah anu kudu dilisankeun ku Harun jeung putrana ari keur ngaberkahan urang Israil, kieu:
24. Mugia maraneh ku PANGERAN dirahmat sarta diraksa.
25. Mugia maraneh ku PANGERAN dipiwelas jeung dipaparin kurnia.
26. Mugia maraneh ku PANGERAN digalih jeung dijamugakeun.
27. Sarta kieu timbalan PANGERAN: ”Saupama dina ucapan berkah pikeun urang Israil jenengan kami disebut, tangtu Kami ngamakbul.”

Mazmur 30:8-12
8. Gusti parantos nulung ka abdi, nun PANGERAN, ngajagi ka abdi lir benteng di luhur gunung. Nanging salajengna Gusti nyumput ti abdi, abdi kacida tagiwurna.
9. Abdi nyambat ka Gusti nyuhunkeun ditulungan:
10. ”Naon untungna ka Gusti upami abdi paeh? Naon mangpaʼatna upami abdi parantos dikubur? Barisaeun anu maraot maruji ka Gusti? Barisaeun ngembarkeun kasatiaan Gusti?
11. Sing hawatos, dangukeun abdi nun PANGERAN! Tulungan abdi, nun Gusti!”
12. Kaprihatinan abdi ku Gusti parantos digentos ku kasukaan, kasedih parantos leungit, ayeuna kantun sukana.

Amsal 11:1-3
1. PANGERAN mikangewa ka nu make timbangan curang. Mantenna misuka ka nu nimbangna bener.
2. Jalma adigung bakal meunang pamoyok, mending oge handap asor.
3. Jalma hade ditungtun ku kajujuran. Jalma curang bakal cilaka ku curangna.

Markus 8:22-38
22. Sanggeus narepi ka Betsaida, aya nu mawa jelema lolong ka Anjeunna, menta diidinan nyabak.
23. Jelemana ku Anjeunna terus ditungtun, dicandak kaluar ti jero lembur. Geus kitu panonna diludahan jeung ditumpangan panangan. ”Kumaha, geus aya anu katenjo?” Anjeunna mariksa.
24. Eta jelema neuteup ka hareup. ”Sumuhun, ningal jalmi-jalmi,” jawabna. ”Mung katingalna sapertos tatangkalan laleumpang.”
25. Panonna ku Yesus ditumpangan deui panangan. Manehna upaya neges-negeskeun panenjona, bray tetenjoanana pulih, sagala rupa katenjona eces.
26. Ku Anjeunna dijurung balik, tapi disauran kieu, ”Ulah ka lembur nu tadi deui.”
27. Yesus terus angkat deui jeung murid-murid, ka kampung-kampung deukeut Kesarea Pilipi. Bari angkat Anjeunna mariksa, ”Cik Kami bejaan, ceuk jalma rea Kami teh saha?”
28. Tembal maranehna, ”Aya nu nyebatkeun Yohanes Jurubaptis, aya nu nyebatkeun Elias, aya oge anu nyebatkeun salah sawios nabi.”
29. ”Ari ceuk maraneh, Kami saha?” Yesus mariksa deui. Jawab Petrus, ”Bapa teh Kristus, Jurusalamet!”
30. ”Ulah dibejakeun ka nu sejen saha Kami anu saenyana,” saur-Na.
31. Saur Yesus deui, ”Putra Manusa teh bakal kacida dikaniayana, sarta bakal ditolak ku para kokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku guru-guru agama. Putra Manusa teh bakal dipaehan, tapi sanggeus tilu poe Kami bakal hirup deui.”
32. Nyaurkeunana mani sageblasna pisan. Petrus mah terus bae ngajak nyisi ka Anjeunna, tuluy ngahaturanan wawadi.
33. Tapi Anjeunna malik, neuteup ka murid-murid, tuluy nyeukseukan ka Petrus, saur-Na, ”Nyingkah maneh, Tukang Ngagoda! Eta pikiran maneh teh datangna ti manusa, lain asal ti Allah!”
34. Geus kitu Anjeunna nyaur nu rea kitu deui murid-murid, tuluy nyarios kieu, ”Jelema anu rek anut ka Kami kudu poho kana kapentingan dirina sorangan, kudu manggul salibna, terus nuturkeun Kami.
35. Sabab jelema anu leuwih mentingkeun kasalametan hirupna, nyawana bakal leungit. Sabalikna anu leupas nyawana ku karana Kami jeung ku karana wawaran Injil, nyawana bakal salamet.
36. Naha aya untungna meunangkeun saalam dunya tapi nyawana cilaka? Sama sakali teu aya!
37. Taya naon-naon anu bisa dipake meunangkeun deui nyawana.
38. Jelema anu era ngaku ka Kami jeung kana pangajaran Kami dina jaman anu doraka jeung jahat kawas ayeuna, Putra Manusa oge lamun geus aya dina kamulyaan Rama-Na jeung para malaikat saruci, bakal era ngaku ka jelema kitu.”