A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Maret 31

Ulangan 23:1-25
1. ”Jalma kabiri kitu deui anu buntung rarangan, henteu meunang jadi umat PANGERAN.
2. Jalma anu lahir di luar tikah jeung turunanana, najan nepi ka turunan nu kasapuluh ge teu meunang jadi umat PANGERAN.
3. Urang Amon, urang Moab, saanak incuna, najan geus turunan nu kasapuluh teu meunang jadi umat PANGERAN.
4. Basa maraneh di satengahing jalan tas ti Mesir, eta dua bangsa arembungan mere dahareun jeung cai-cai acan, anggur ngongkos Balhum anak Beor urang Petor ti Mesopotami sina nyapa ka maraneh.
5. Sukur PANGERAN Allah maraneh anu asih ka maraneh henteu malire ka Balhum, malah panyapana ku Mantenna dibalik jadi berkah.
6. Ku sabab kitu, sapanjang maraneh kasebut bangsa mah ulah daek mere pitulung naon-naon ka eta dua bangsa, ulah mere anu bakal jadi kamuktianana.
7. Urang Edom ulah dipikagiruk, baraya maraneh eta teh. Urang Mesir oge ulah dipikagiruk, sabab maraneh bareto milu numpang di tanahna.
8. Anak incu maranehna ti semet turunan katilu saterusna meunang jaradi umat PANGERAN.”
9. ”Dina waktu perang, pasanggrahan balad ulah nepi ka kanajisan.
10. Lamun ti peuting aya anu ngimpi baseuh nepi ka dirina najis, kudu buru-buru kaluar ti pasanggrahan, cicing di dinya
11. nepi ka burit, geus kitu tuluy beberesih. Sanggeus surup panonpoe kakara meunang asup deui ka pasanggrahan.
12. Di luareun pasanggrahan kudu aya tempat paranti miceun.
13. Ana maraneh aya kaperluan ka dinya kudu mawa cocokel keur nyieun lombang kotoran, urutna kudu dirimbunan.
14. Kahade pasanggrahan ulah kanajisan, sabab di pasanggrahan teh aya PANGERAN Allah maraneh nyarengan, ngaraksa, bakal nyerenkeun musuh ka maraneh. Jadi maraneh di pasanggrahan teh ulah nyieun lampah nista, sabab geus tangtu PANGERAN ngalieus ti maraneh.”
15. ”Badega anu kabur ti nu bogana sarta menta dibelaan, ku maraneh ulah diserenkeun deui ka nu bogana.
16. Keun sina cicing di kota maraneh di mana sukaeunana, jeung ulah dikaniaya.
17. Urang Israil lalaki awewe ulah aya anu lacur di kuil-kuil pamujaan,
18. jeung duit ladang lacur ulah dipake mayar panadaran, teu meunang diasupkeun ka gedong PANGERAN Allah maraneh, sabab nu lacur di kuil-kuil pamujaan jeung duit ladang palacuran teh kagiruk PANGERAN.
19. Lamun nginjeumkeun duit, dahareun atawa naon bae ka sasama urang Israil, ulah menta dianakan.
20. Meunang menta dianakan lamun nginjeumkeunana ka bangsa sejen. Ka sasama Israil mah ulah. Ieu larangan estokeun, supaya sagala usaha maraneh di tanah anu bakal dipaparinkeun teh meunang berkah ti PANGERAN Allah maraneh.
21. Lamun boga panadaran ka PANGERAN Allah maraneh, naurna ulah diengke-engke, ulah datang ka diangkeran ku PANGERAN, dosa.
22. Teu nadar ge teu matak jadi dosa.
23. Tapi lamun geus ikrar panadaran peupeujeuh kudu ditedunan.
24. Lamun ngaliwat ka kebon anggur batur anu keur baruahan, bisi hayang mah pek bae ngala sakadar keur dahareun di dinya, tapi teu meunang diwadahan terus dibawa balik.
25. Kitu deui lamun ngaliwat ka kebon gandum batur, pek bae marol sarawueun mah dahareun di dinya, kahade ulah nepi ka dibabad tangkalna.”

Ulangan 24:1-22
1. ”Upamana, hiji lalaki ngawin hiji awewe tuluy beak kasukaan lantaran pamajikanana nyieun teu pikaresepeun, seug bojona teh dibere surat talak sarta diusir ti imahna.
2. Upamakeun eta awewe boga salaki deui ka nu sejen,
3. tapi ku nu ieu ge diserahkeun sarta diusir ti imahna dumeh geus beak duriat. Atawa, upamana bae salakina anu pandeuri teh tilar dunya.
4. Eta awewe anu pisah ti salakina anu pandeuri teh boh ku sabab diserahkeun, boh ku sabab katilar maot, teu meunang diruju ku salakina anu ti heula, kudu dianggap awewe anu geus ceda. Mun dibalikan deui matak cua ka PANGERAN. Peupeujeuh ulah nyieun kanistaan kawas kitu di tanah anu bakal dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh.”
5. ”Lalaki anu anyar kawin ulah diwajibkeun jadi serdadu atawa tugas-tugas umum lianna, kudu diluginakeun nepi ka sataun, sina ngurus rumah tanggana jeung nyenangkeun pamajikanna.
6. Lamun maraneh mere nginjeum naon bae ka batur, ulah nyokot batu panggilingan gandumna keur jadi tandon. Lamun nyokot eta batu, maraneh teh ngarampas parabot tatali hurip eta kulawarga.
7. Anu nyulik sasama urang Israil keur pibadegaeun atawa keur jualeun ka pasar, kudu dipaehan, sangkan eta kajahatan ulah aya di Israil.
8. Anu katerap panyakit kulit anu banget, kudu enya-enya nurut kana kasauran imam-imam ahli Lewi. Turut sagala katangtuan anu ku Bapa geus dipapatahkeun ka aranjeunna.
9. Sing aringet ka Miryam dikumahakeun bareto ku PANGERAN Allah maraneh, keur di tengah jalan basa tas budal ti Mesir.
10. Lamun mere nginjeum ka batur sarta tandonna arek ku baju, bajuna ulah dicokot sorangan ka jero imah.
11. Dagoan di luar bae nepi ka diserenkeun ku nu bogana sorangan.
12. Lamun anu ngagadekeunana teh jalma balangsak, bajuna ulah disimpen nepi ka peuting,
13. unggal-unggal pabuburit kudu dianteurkeun ka imahna sina dipake sare. Tangtu manehna nganuhunkeun, sarta maneh oge ku PANGERAN Allah maraneh bakal kamanah.
14. Ulah teungteuingeun ka nu miskin jeung balangsak, anu ngadon buburuh ka maraneh, boh eta teh urang Israil boh urang asing anu nyiruruk di kota maraneh.
15. Unggal poe memeh surup panonpoe buruhanana kudu dibayar, sabab kacida dipikabutuhna jeung geus kaciptaeun bakal katarima. Mun nepi ka teu dibayar, mana teuing lumengisna ka PANGERAN, sarta maraneh jadi dosa.
16. Kolot teu meunang dipaehan ku lantaran kajahatan anakna. Kitu deui anak teu meunang dipaehan ku karana kajahatan kolot. Jalma kudu dipaehan teh ngan ku karana kajahatanana sorangan.
17. Ulah ngaleungitkeun hak jalma ngumbara atawa jalma pahatu; ulah nyokot papakean randa keur tandon injeumanana.
18. Sing aringet maraneh bareto keur jadi badega di Mesir geuning ku PANGERAN Allah maraneh dijait. Eta sababna nu matak Bapa menta ka maraneh kudu kitu.
19. Lamun keur dibuat di lahan sorangan aya ranggeuyan-ranggeuyan anu tinggaleun, ulah diimeutan. Keun bae jang nu keur ngalumbara, jang para pahatu, jang randa-randa, sangkan sagala usaha maraneh meunang berkah ti PANGERAN Allah maraneh.
20. Sanggeus buah jetun jeung buah anggur maneh dipupu sakali, enggeus bae ulah diala deui, keun nu tacan kaala mah keur urang asing, keur para pahatu, keur randa-randa.
21. ***
22. Ulah paroho maraneh teh kungsi kumawula di Mesir. Eta sababna nu matak Bapa nitah kitu teh.”

Mazmur 39:1-6
1. Pikeun pamingpin biduan. Pikeun Yedutun. Jabur Daud.
2. Ceuk pikiran, ”Aing arek ati-ati ngajaga lampah, jeung ngajaga letah sangkan ulah matak dosa, salila nu jarahat teh dareukeut, aing moal ngomong naon-naon.”
3. Tuluy kaula bungkem, teu kecet-kecet, teu ngomongkeun nu hade-hade acan! Tapi bet asa tambah kasiksa,
4. jadi kakungkung ku rasa tagiwur. Beuki dipikiran, hate beuki susah, tungtungna sungut teh bedah,
5. ”Nun PANGERAN, sakumaha deui hirup abdi teh? Iraha abdi kedah maot teh? Wartoskeun, kantun sakumaha deui umur abdi teh?”
6. Ku pondok Gusti nangtoskeun umur abdi teh! Keur Gusti mah jangka hirup abdi taya hartosna. Tetela hirup manusa mah mung sarenghap ambekan,

Amsal 13:1-3
1. Budak bageur, ari dipapatahan ku bapana teh nurut. Ari nu gede hulu mah dipepelingan teh embung.
2. Jalma hade saucap-ucapna nguntungkeun, ari tukang tipu mah malah resep kana kakerasan.
3. Ngomong masing ati-ati, hirup kudu dijaga. Nu ngomongna gagabah baris tijungkel.

Lukas 5:17-39
17. Dina hiji poe waktu Yesus keur ngawulang, aya sawatara urang Parisi jeung guru-guru agama daratang ti kota-kota, ti Galilea, ti Yudea, jeung ti Yerusalem, marilu dariuk. Yesus kenging kawasa ti Pangeran pikeun nyageurkeun anu keuna ku kasakit.
18. Aya anu ngagotong jelema lumpuh dina bale-bale, seseleke rek asup ka jero imah ka payuneun Yesus.
19. Tapi teu barisaeun norobos lantaran jelema kacida lobana. Tungtungna nu lumpuh teh dibawa naek ka luhur hateup, hateupna dibuka nyieun liang, nu geringna tuluy diulur jeung bale-balena ka handap, meneran ka tengah-tengah riungan payuneun Yesus.
20. Barang Yesus uningaeun yen kapercayaan maranehna sakitu mantepna, seug ngalahir ka nu lumpuh, ”Dosa hidep dihampura, dulur!”
21. Guru-guru agama jeung urang Parisi mimiti ngaromong dina hatena, ”Saha ieu jelema teh bet ngahina ka Allah? Ngan Allah anu kawasa ngahampura dosa mah!”
22. Yesus uninga kana pikiran maranehna, tuluy ngalahir, ”Ku naon pikiran aranjeun kitu?
23. Babari mana nyebutkeunana: ʼDosa-dosa hidep dihampuraʼ, atawa: ʼGeura nangtung tuluy leumpangʼ?
24. Tapi ayeuna ku Kaula rek dibuktikeun yen Putra Manusa teh di ieu dunya kawasa ngahampura dosa.” Ti dinya Anjeunna ngalahir ka nu lumpuh tea, saur-Na, ”Geura hudang, bale-balena angkat, jung geura balik!”
25. Sapada harita keneh jung eta jelema nangtung hareupeun sarerea, bale-bale urutna ngedeng dipanggul, tuluy balik bari ngamulyakeun ka Allah.
26. Jalma-jalma barengong! Hatena galimir, breng maruji ka Allah pokna, ”Ajaib ieu kajadian anu ku urang kasaksi poe ieu!”
27. Ti dinya Yesus angkat. Di jalan ningali hiji tukang mulung pajeg ngaranna Lewi, keur diuk di kantorna. Ku Yesus didawuhan, ”Hayu milu ka Kami!”
28. Lewi cengkat tuluy milu ka Yesus, ninggalkeun sagala rupa.
29. Di imahna, Lewi ngayakeun pesta ngabageakeun Yesus. Semah-semahna kacida lobana, tukang-tukang mulung pajeg jeung salianna.
30. Sawatara urang Parisi jeung guru-guru agama ti golonganana ngaweweleh ka murid-murid Yesus, pokna, ”Ku naon maraneh bet daraek dahar bareng jeung tukang-tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema anu teu paruguh?”
31. Diwalerna ku Yesus, ”Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun.
32. Kaula datang lain rek ngajak tobat ka anu marulya, tapi ka jelema-jelema anu dianggap hina.”
33. Aya anu naranya ka Yesus, ”Murid-murid Yohanes sering puasa sareng sembahyang, nya kitu keneh murid-muridna urang Parisi. Dupi murid-murid Ajengan mah dahar nginum sabiasa.”
34. Waler Yesus, ”Na bisa aranjeun nitah puasa ka tamu-tamu dina pesta kawin sapanjang ki panganten aya keneh dina riungan? Tangtu moal!
35. Lamun ki panganten geus dibawa indit tina riungan, kakara maranehna paruasa.”
36. Geus kitu Yesus maparin misil kieu ka maranehna, ”Moal aya anu nambal baju heubeul ku lawon tina baju anyar, sabab kudu nyoehkeun baju anyarna, padahal tambalan tina lawon baju anyar teh moal matak hade kana bajuna anu geus heubeul, samalah bakal mawa soeh deui anu heubeul.
37. Jeung moal aya anu ngeusikeun anggur peresan anyar kana kantong kulit anu heubeul, sabab tangtu matak bedah eta kantong, anggurna kapiceun, kantongna ruksak.
38. Anggur anyar wadahna ge kudu anyar!
39. Jeung moal aya anu hayang nginum anggur peresan anyar sanggeus nginum anu geus lila, lantaran: ʼAnggur anu geus lila mah leuwih ngeunah,ʼ kitu saurna.”