A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Maret 30

Ulangan 21:1-23
1. ”Upamakeun, di nagri anu dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh teh aya jelema anu kapanggih di tegal geus paeh lantaran aya anu maehan, teu nyaho saha nu maehanana.
2. Pamingpin jeung hakim maraneh kudu kaluar, ngukur anggangna tempat korban ti kota-kota anu dareukeut ka dinya.
3. Para pamingpin kota anu pangdeukeutna ka tempat korban kudu mawa hiji sapi ngora anu tacan meujeuhna dipake magawe.
4. Bawa eta sapi ka hiji susukan anu mayeng ngocorna, sarta tanah di lebah dinya tacan pisan diwuluku atawa dipelakan; pinggeskeun beuheungna di dinya.
5. Para imam Lewi oge kudu ka darinya, sabab maranehna kudu nyieun putusan perkara-perkara anu tumali jeung sual kakerasan. Maranehna ku PANGERAN Allah maraneh geus diangkat jadi purah ngawulaan ka Mantenna, jeung purah ngaberkahan jalma rea kalawan asma PANGERAN.
6. Geus kitu para pamingpin kota anu pangdeukeutna ka tempat rajapati tea kudu ngarumbah leungeun luhureun eta sapi anu geus dipinggeskeun beuheungna,
7. bari ngucap kieu, ’Kaula sadaya henteu maehan ieu jelema, jeung henteu terang saha anu ngarogahalana.
8. Nun PANGERAN, mugi aya piwelas ka umat Gusti Israil, kenging Gusti nebus ti Mesir. Hapunten abdi sadaya, sareng luputkeun tina perkawis patina ieu jalmi anu taya kalepatanana.’
9. Lamun eta katangtuan ti PANGERAN geus dijalankeun, maraneh leupas tina tanggung jawab kana eta urusan.”
10. ”Lamun maraneh, ku PANGERAN Allah maraneh diunggulkeun perang jeung meunang tawanan,
11. heug di antara tawanan teh aya awewe anu geulis, sarta maraneh bogoh, hayang ngawin.
12. Bawa eta awewe teh ku maraneh ka imah, tuluy sina ngagunting buukna, ngeureutan kukuna,
13. jeung sina salin papakean. Keun antep heula nepi ka sabulan sina nyacapkeun kaprihatinanana ku hal kolotna anu geus tariwas. Geus kitu mah taya halanganana dikawin.
14. Lamun maraneh enggeus beak kasukaan ka dirina, pirak bae sina indit ka mana karepna. Ulah dinyenyeri deui, upamana bae dibujangkeun atawa dijual, sabab ku maraneh geus dipanjingan.”
15. ”Upamana, aya jelema pamajikanana dua. Duanana baroga anak, tapi anakna anu lahir ti heula teh lain ti pamajikan anu jadi kanyaahna.
16. Dina waktuna ngabagi warisan ka anak, ulah nepi ka warisan hak anu cikal teh diwariskeun ka anak ti pamajikan anu pangdipikanyaahna.
17. Warisan keur anak cikal kudu dua kalieun, sanajan lain anak ti pamajikan anu pangdipikanyaahna. Anak cikal kudu diaku anak cikal, hak warisanana kudu dicumponan sakumaha hak anak cikal.”
18. ”Upamana, aya jelema boga anak wangkelang resep ngalawan, bedang ka kolot teu kalis ku dihukum.
19. Ku kolotna kudu diserenkeun ka kokolot-kokolot kota pamatuhanana sina diadilan.
20. Kecap nyerenkeunana kieu, ’Ieu pun anak teh bedang, wangkelang tukang ngalawan, awuntah kana artos, sareng resep mabok.’
21. Si basangkal teh kudu dibaledogan ku batu ku jalma rea nepi ka paeh. Jadi eta anu jahat teh dieuweuhkeun ti maraneh. Perkarana sina kauar-aer supaya urang Israil anu sejenna sarieuneun.”
22. ”Upamana, aya jelema jahat dihukum paeh sarta mayitna digantung dina tihang,
23. eta mayit ulah diantep di dinya sapeupeuting, kudu diruang poe eta keneh. Sabab mayit anu diantep dina panggantungan teh matak ngadatangkeun panyapa Allah kana tanah. Nu matak kudu terus dikubur supaya tanah anu engke rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh teh ulah nepi ka jadi najis.”

Ulangan 22:1-30
1. ”Upamana, maraneh nenjo sapi atawa domba batur sasama urang Israil anu leupas, ulah kajeunan. Pangnewakkeun, pulangkeun ka nu bogana.
2. Tapi lamun imah anu bogana jauh atawa teu nyaho boga saha, bawa balik bae. Lamun anu bogana datang mapaykeun, bikeun.
3. Kitu keneh lamun anu leupas teh kalde, atawa lamun nimu pakean, atawa nimu naon bae barang leuleungiteun batur sabangsa.
4. Upamana, maraneh nenjo aya kalde atawa sapi boga sasama urang Israil anu ngedeprek ulah diantep, nu bogana bantuan ngahudangkeun.
5. Awewe teu meunang make papakean lalaki, lalaki teu meunang make papakean awewe.
6. Upamana, maraneh kabeneran nenjo manuk dina sayang keur nyirekeman endogna atawa anakna, dina tangkal atawa dina taneuh, ulah ditewak.
7. Anakna meunang dicokot. Indungna mah ingkeun sina hiber, supaya maraneh panjang umur reujeung kamuktianana.
8. Lamun maraneh nyieun imah anyar, perelukeun sakuriling lotengna make hahalang, supaya upama aya anu ragrag ti dinya nepi ka paeh, maraneh teu disalahkeun.
9. Kebon anu dipake melak anggur ulah dipelakan pepelakan sejen. Lamun nepi ka kitu, boh buah anggurna boh nu sejenna ku maneh teu meunang diala.
10. Sapi jeung kalde teu meunang disapasangkeun narik wuluku.
11. Ulah make pakean anu tinunanana wol ongkoh kaci ongkoh.
12. Papakean opat tungtung juruna kudu make omyok.”
13. ”Upamana, hiji lalaki ngawin hiji parawan tapi heuleut teu lila lalakina enggeus beak kasukaan,
14. heug bae jijieunan, nuding majar pamajikanana ti barang dikawin ge geus lain parawan.
15. Lamun aya anu kitu, kolotna awewe tea kudu nyokot tilam panganten anu geus ceda ku getih, pikeun netelakeun yen anakna basa dikawinkeun teh sidik parawan. Eta tilam tembongkeun ka rengrengan kokolot kota.
16. Bapa awewe tea kudu mihatur kieu, ’Kuring ngawinkeun pun anak awewe ka Ki Anu. Ayeuna ku Ki Anu parantos teu dipisuka,
17. sareng dituding majar basa dikawin teh parantos sanes parawan. Padahal leres pun anak teh parawan. Tingali ieu buktosna, tilam pangantenna ceda ku getih!’
18. Eta lalaki ku para kokolot kudu ditangkep tuluy rangket,
19. jeung dimistikeun mayar parurugi ka bapana awewe tea, lantaran geus ngahina hiji parawan Israil. Awewena tetep kudu jadi pamajikanana, saumur-umur henteu meunang diserahkeun.
20. Sabalikna lamun panudingna bener yen eta awewe teh henteu bukti kaparawananana,
21. eta awewe kudu dibawa ka lawang buruan imah bapana, tuluy baledogan ku batu ku jalma rea nepi ka paeh, sabab geus ngerakeun bangsa, memeh kawin tur cicing keneh di bapana geus nyerenkeun parawanna. Ku jalan kitu eta kadorakaan teh dieuweuhkeun ti maraneh.
22. Upamana, aya lalaki di hiji kota kanyahoan manjingan pamajikan batur. Tangkep duanana, paehan. Ku jalan dipaehan, eta kadorakaan teh dieuweuhkeun ti maraneh.
23. Upamana, di hiji kota aya lalaki kanyahoan manjingan budak parawan anu geus boga papacangan.
24. Giring duanana ka luareun kota, baledogan ku batu datang ka paeh. Nu matak kudu paeh duanana sabab: Nu awewe basa dianu teh sakitu di kota henteu jejeritan menta tulung; nu lalaki lantaran manjingan parawan papacangan batur. Ku jalan diparaehan, eta kadorakaan teh dieuweuhkeun ti maraneh.
25. Upamana, aya lalaki newak budak parawan luareun kota terus dipanjingan. Eta mah paehan lalakina bae.
26. Nyi lanjang mah ulah dikieu-kieu da taya dosana anu manjing dipaehan, lantaran teu beda ti nu jadi korban rajapati,
27. ditewak lalaki di luareun kota, upama jejeritan menta tulung ge moal aya nu bakal nulungan.
28. Upamana, aya lalaki kapanggih manjingan budak parawan anu tacan papacangan.
29. Eta lalaki kudu mayar mas kawin ka bapa nyi lanjang gedena lima puluh uang perak, nyi lanjang kudu terus dikawin sarta satutup umurna teu meunang diserahkeun.
30. Ulah aya anu kurang ajar manjingan salah sahiji pamajikan bapana.”

Mazmur 38:9-22
9. Parantos payah, ajur sama sakali, hate nalangsa, bati humaregung gegerungan.
10. Nun PANGERAN, Gusti uninga ka anu diharep ku abdi harurung abdi ku Gusti tangtos kadangu.
11. Hate ratug keketegan, tanaga leungit pisan, panon surem teu cahyaan.
12. Sobat sareng tatangga arembungeun deukeut dumeh abdi rujit ku kasakit, malah kadang warga ge narebihan.
13. Nu harayangeun maehan abdi marasang jiretna, nu harayangeun nyilakakeun, ngati-ngati bade numpes; maranehna teu eureun-eureun sapongkol ngarah ka abdi.
14. Nanging abdi lir anu torek, anu teu tiasa ngareungeu, lir anu pireu, anu teu tiasa ngomong.
15. Abdi lir jalma anu teu tiasa ngabantah lantaran teu tiasaeun ngareungeu.
16. Nanging abdi percaya ka Gusti, nun PANGERAN, yen Gusti tangtos kersa ngawaler ka abdi, nun PANGERAN, Allah abdi!
17. Ulah dugi ka musuh ngarasa senang dumeh abdi susah, ulah dugi ka maranehna garumede dumeh abdi ambrug.
18. Abdi parantos meh rubuh, kanyeri teu aya kendatna.
19. Abdi ngangken dosa-dosa, dosa anu ngalantarankeun hate paur.
20. Musuh-musuh abdi jaragjag sareng baredas, seueur anu ngarewaeun ka abdi teu puguh-puguh.
21. Jalma-jalma anu ngabales kahadean ku kajahatan, ngamusuh ka abdi, dumeh abdi usaha milampah bener.
22. Abdi ulah dikantun, nun PANGERAN, ulah tebih ti abdi, nun Allah panutan.

Amsal 12:26-28
26. Jalma bener jadi tuduh jalan ka nu sejen, demi nu jahat mah sabalikna, sok nyasabkeun ka batur.
27. Anu kedul moal bisa ngahontal udaganana, sabalikna nu rajin mah baris pinanggih jeung bagja.
28. Bener teh nungtun kana jalan hirup. Ari kagejulan nungtun kana jalan pipaeheun.

Lukas 5:1-16
1. Dina hiji poe Yesus keur ngadeg di sisi Talaga Genesaret. Jalma-jalma anu rek ngadarengekeun pangandika Allah ngarangseg harayang deukeut ka Anjeunna.
2. Keur kitu Anjeunna ningali dua parahu keur ditarik ka sisi talaga, ari tukang-tukang ngala laukna geus tarurun, keur meresihan.
3. Yesus tuluy naek kana hiji parahu, bogana Simon, bari mundut supaya parahuna diwelah rada ka tengah. Gek Anjeunna linggih dina eta parahu seug ngawulang ka jalma rea.
4. Rengse ngawulang Anjeunna ngalahir ka Simon, ”Ieu parahu katengahkeun deui ka nu jero, pasang deui jaringna jeung batur, ngala lauk.”
5. Ceuk Simon, ”Parantos sawewengi abdi-abdi ngala lauk teh, Juragan! Nanging henteu kekengingan. Ayeuna ku margi Juragan miwarang, mangga jaring bade dipasang.”
6. Prak maranehna nurunkeun jaring. Lauk anu beunang kacida lobana, jaringna mani meh bedah.
7. Tuluy nyalukan deui babaturanana menta dibantuan. Seug dibarantuan ngangkatan lauk. Parahu duanana meh ngalelep bawaning pinuh ku lauk.
8. Nenjo kitu, brek bae Simon mendek payuneun Yesus tuluy miunjuk, ”Gusti, enggal abdi kantunkeun. Abdi teh jalmi gede dosa!”
9. Simon jeung nu ngabaturanana mani barengong narenjo lauk beubeunanganana sakitu lobana.
10. Nya kitu deui babaturan Simon, anak Sebedeus, nya eta Yakobus jeung Yohanes. Saur Yesus ka Simon, ”Ulah sieun; ti semet ayeuna maneh bakal ngala jelema.”
11. Geus kitu maranehna marilu ka Yesus. Parahuna ditarik ka sisi, tuluy ditaringgalkeun jeung eusi-eusina.
12. Hiji mangsa Yesus aya di hiji kota. Di dinya aya hiji jelema, awakna ruksak ku lepra. Barang breh nenjo Yesus brek mendek tuluy ngalengis, ”Gusti, upami Gusti kersa, Gusti tangtos iasa nyageurkeun kasakit abdi!”
13. Yesus nyabak kana awakna tuluy ngalahir, ”Kami daek, geura cageur!” Harita keneh kasakitna leungit.
14. Eta jalma ku Yesus dilahiran, ”Ulah bebeja ka saha-saha, terus bae ka imam menta dipastikeun yen maneh geus cageur. Tuluy haturkeun kurban sakumaha anu diparentahkeun ku Musa.”
15. Sanajan kitu ge Yesus beuki kautarakeun bae. Jelema-jelema ngaleut rek ngarupingkeun Anjeunna jeung harayang dicalageurkeun kasakitna.
16. Tapi Anjeunna mah geus angkat ka tempat anu sepi, sembahyang.