A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Maret 24

Ulangan 9:1-29
1. ”Eh urang Israil, maraneh ayeuna tereh meuntasan Walungan Yordan, bakal ngarebut tanah bogana bangsa-bangsa anu leuwih gede leuwih kuat ti batan maraneh. Nagara-nagarana lalega, kuta-kutana laluhur nepi ka langit,
2. jelemana jarangkung gede, baredas, bangsa raksasa, pan aya bejana ka maraneh ge, cenah moal aya anu kuat ka maranehna.
3. Tapi engke ku maraneh katenjo, PANGERAN Allah maraneh bakal majeng ti heula lir seuneu anu ngalebur. Ana maraneh geus maju, musuh ku Mantenna bakal diusir sarta gancang dibasmi. Kitu timbalana-Na.
4. Tapi lamun musuh geus disingkirkeun ku PANGERAN Allah maraneh, ulah boga rasa yen pangna ku Mantenna diasupkeun ka eta tanah jeung ngamilikna teh pedah geus pantesna kitu. Lain kitu! Eta musuh nu matak ku PANGERAN disingkirkeun teh lantaran daroraka.
5. PANGERAN Allah maraneh, nu matak ngawidian eta tanah dicokot ku maraneh teh lain ku sabab maraneh bageur jeung bener. Musuh anu matak disingkirkeun teh lantaran kalakuanana garoreng, jeung ku sabab Mantenna rek ngabuktikeun jangji anu diikrarkeun ka karuhun maraneh, Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.
6. Kanyahokeun, PANGERAN maparinkeun eta tanah anu sakitu alusna teh lain ku sabab maraneh hade lampah. Lain! Da maraneh teh tetep tukang murugul.
7. Sing aringet, kumaha bareto maraneh di gurun keusik nyieun pibendueun PANGERAN Allah maraneh. Ti barang budal ti Mesir nepi ka ayeuna di dieu, maraneh ngan ngalawan bae ka Mantenna.
8. Malah di Gunung Sinai maraneh dibenduan ku PANGERAN. Harita Mantenna kacida benduna nepi ka meh ngabasmi.
9. Harita Bapa keur aya di puncak eta gunung, rek narima papan batu anu ditulisan ku perjangjian ti Allah pikeun maraneh. Opat puluh poe opat puluh peuting Bapa di dinya, teu dahar teu nginum.
10. Sanggeus kitu Bapa narima eta papan batu ti Mantenna, geus ditulisan ku timbalan-timbalan anu diandikakeun ti jero seuneu tea, basa maraneh kumpul di suku eta gunung. Anu nyeratna ge PANGERAN ku manten.
11. Sanggeus opat puluh poe opat puluh peuting, kakara PANGERAN masihkeun eta dua papan batu ka Bapa, geus dieusi ku perjangjian anu diserat ku Mantenna.
12. Harita PANGERAN ngadawuh kieu ka Bapa, ’Geuwat geura turun gunung, jelema-jelema anu ku maneh dibudalkeun ti Mesir teh geus nyarieun lampah goreng, marigawe dosa. Geus alingkar tina timbalan-timbalan Kami, jeung geus nyarieun aallahan keur sembaheunana.’
13. Dawuhanana deui, ’Tetela eta jelema-jelema teh kacida mantangulna.
14. Maneh ulah ngahalang-halang ka Kami, eta jelema-jelema ku Kami arek dibasmi, sing ulah aya anu nginget-nginget deui. Sanggeus kitu maneh ku Kami arek dijadikeun karuhun hiji bangsa anu leuwih gede jeung leuwih kuat batan eta.’
15. Bapa turun ti eta gunung, mawa dua papan batu anu dieusi perjangjian tea. Gebur aya seuneu ti luhur gunung.
16. Maraneh ku Bapa kasampak geus alingkar tina timbalan PANGERAN, geus marigawe dosa ka Mantenna, nyieun hiji brahala sasapian tina logam.
17. Bapa ngabeubeutkeun eta dua papan batu nepi ka beulah.
18. Ti dinya Bapa ngadeuheus deui ka payuneun PANGERAN, bruk sujud kana taneuh, opat puluh poe opat puluh peuting deui teu dahar teu nginum. Bapa nepi ka kitu teh ku sabab eta dosa maraneh nu sakitu matak benduna ka PANGERAN.
19. Bapa kacida paurna ningal PANGERAN mani ngagidir bendu-Na, meh bae ngabasmi ka maraneh. Hadena PANGERAN kersaeun keneh ngadangu panuhun Bapa.
20. Jeung harita Bapa teh mangnedakeun Harun ongkoh, sabab harun oge dibenduan meh disina tiwas.
21. Barang anu doraka jijieunan maraneh nya eta sasapian beunang nyitak tea ku Bapa dicokot, dialungkeun kana seuneu tuluy diancurkeun jadi bubuk, tuluy diawurkeun ka susukan anu ngocor ti eta gunung.
22. Nya kitu keneh di Taberah, di Masa, jeung di Kibrot Taawa, maraneh nyieun pibendueun PANGERAN.
23. Jeung basa maraneh ti Kades Barnea dipiwarang ngarebut tanah anu geus diajangkeun pikeun maraneh, maraneh baha, teu percaya, teu narurut.
24. Ti barang Bapa mimiti wawuh ge maraneh teh geus ngaralawan ka PANGERAN.
25. Bapa nyuuh ka payuneun PANGERAN, opat puluh poe opat puluh peuting, sabab Mantenna geus meh bae ngabasmi ka maraneh.
26. Bapa sasambat, ’Nun PANGERAN Nu Maha Agung, mugi ulah ngabasmi ka eta jalmi-jalmi kenging Gusti ngajait ti Mesir nganggo kawasa rosa.
27. Sing emut ka abdi-abdi Gusti, Ibrahim, Ishak sareng Yakub. Mugi teu dianggo kekeling galih sanaos maranehna teh mantangul, arawon lampah, marigawe dosa.
28. Bilih Gusti ku urang Mesir dipajarkeun teu iasa ngalebetkeun eta umat ka tanah anu dijangjikeun tea. Bilih ceuk urang Mesir Gusti ngaluarkeun eta umat ti Mesir teh baris dibasmi di gurun keusik reh ku Gusti parantos dipikageuleuh.
29. Sanaos kumaha oge eta jalmi-jalmi teh ku Gusti parantos diunculkeun dijadikeun umat kagungan, tur kenging Gusti ngajait ti Mesir nganggo kawasa rosa.’ ”

Ulangan 10:1-22
1. ”PANGERAN ngadawuh ka Bapa, ’Maneh kudu nyieun deui papan batu dua siki kawas anu ti heula, tuluy nyieun peti keur wadahna. Lamun enggeus maneh kudu ka Kami ka puncak gunung.
2. Tulisan Kami anu dina papan batu anu geus ruksak ku maneh ku Kami rek dituliskeun deui dina eta, tuluy petian ku maneh.’
3. Seug Bapa nyieun peti tina kayu akasia, jeung nyieun dua papan batu kawas anu ti heula, tuluy dibawa unggah ka gunung.
4. PANGERAN nyeratkeun deui timbalan-timbalan anu diserat dina papan batu anu ti heula, nya eta Sapuluh Timbalan anu diandikakeun ti jero seuneu, basa maraneh kumpul di suku eta gunung tea. Geus kitu eta papan batu teh diserenkeun ka Bapa,
5. tuluy Bapa turun. Eta papan batu ku Bapa diasupkeun kana peti sakumaha dipiwarangna ku PANGERAN, nya eta dina peti anu dijieun ku Bapa. Ti harita tetep disimpen di dinya.” (
6. Urang Israil arindit ti sumur-sumur urang Yaakan, ngajugjug ka Mosera. Di Mosera Harun pupus, tuluy dikurebkeun. Elasar putrana dijadikeun imam ngaganti anjeunna.
7. Ti Mosera terus ka Gudgod, ti Gudgod terus ka Yotbata anu loba susukanana.
8. Basa keur di gunung, PANGERAN ngangkat kaom Lewi jadi purah ngurus Peti Perjangjian, purah ngimaman ngawulaan Mantenna, jeung purah ngucapkeun berkah kalawan asma Mantenna.
9. Ku hal eta kaom Lewi mah henteu meunang bagian tanah saperti kaom-kaom sejen. Tapi maranehna dibarere hak jaradi imam PANGERAN, sakumaha pangandika Gusti PANGERAN ka maranehna tea.)
10. ”Bapa di luhur gunung meunang opat puluh poe opat puluh peuting, cara ti heula. Panuhun Bapa supaya Mantenna ulah tulus ngabasmi maraneh tea didangu.
11. Sanggeus kitu Bapa ku Mantenna dipiwarang turun ti gunung, sarta kudu mingpin maraneh ngarebut tanah anu ku Mantenna dijangjikeun ka karuhun maraneh.”
12. ”Ayeuna eh urang Israil, barandungan ieu pamundut PANGERAN Allah maraneh, nya eta: Maraneh kudu ngabakti ka PANGERAN. Sagala timbalanana lampahkeun. Ka Mantenna kudu sumujud, kudu kumawula sing jujur,
13. nurut kana sagala papakon-Na anu ku Bapa diwurukkeun ayeuna keur pijamugaeun maraneh.
14. PANGERAN teh nu kagungan langit, malah langit-langit beh ditueun langit ge kagungana-Na, kitu deui bumi jeung sagala eusina.
15. Parandene kitu kacida mikaasihna ka karuhun maraneh, nepi ka maraneh ku Mantenna diunculkeun ti bangsa-bangsa sejen, tur tetep jadi umat pilihan Mantenna.
16. Mana ti semet ayeuna kudu ngesto ka PANGERAN, ulah marantangul bae.
17. PANGERAN Allah maraneh teh Allahna sagala allah, Gustining sagala kakawasaan. Pinunjul, digjaya, matak sieun liwat saking. Mantenna tara pilih kasih, tara pandang ruruba.
18. Sipat-Na jujur satia, sanajan ka nu pahatu atawa ka randa-randa. Heman ka anu marilu hirup di urang, sarua dipaparinan dahar pake.
19. Mana kudu mikaheman ka anu eukeur ngumbara, da maraneh oge kungsi ngumbara di Mesir.
20. Masing anut ka PANGERAN, Allah maraneh, ngabakti ngan ka Mantenna bae wungkul. Sing sujud tumutur, sarta ari ikrar sumpah ngan kudu ku karana jenengana-Na bae.
21. Sanggakeun puji ka Mantenna, da Mantenna teh Allah maraneh, tur ku maraneh ge enggeus kasaksi naon-naon dadamelana-Na anu aragung jeung araheng, pikeun maraneh.
22. Basa karuhun maraneh mimiti daratang ka Mesir kabehna ngan tujuh puluh urang. Ari maraneh ayeuna ku PANGERAN Allah maraneh didamel sakieu lobana, lir bentang-bentang di langit ku loba-lobana.”

Mazmur 37:12-17
12. Anu jahat ngamusuh ka anu bener, mani delek-delek bakat ku ngewa.
13. Tapi ku PANGERAN mah eta teh digumujengkeun, da geus kauninga yen geus tereh ditumpurkeun.
14. Jalma jahat matek pedang, mentang jamparing, rek mergasa nu balangsak, nu walurat, rek ngabinasa ka nu balener lampahna.
15. Tapi maranehna bakal paraeh ku pedangna sorangan, gondewa-gondewana paringges.
16. Najan saeutik, rejeki jalma bener mah leuwih maslahat, batan kakayaan tina ladang kajahatan;
17. sabab kakuatan jalma jahat ku PANGERAN bakal dipinggeskeun, ari mungguh jalma bener ku Mantenna tangtu dideudeul.

Amsal 12:11-11
11. Jurutani anu wekel digawe moal kurang dahareun. Kacida bodona miceunan waktu pikeun hal nu mubadir.

Lukas 1:57-80
57. Sanggeus Elisabet bobotna jejeg bulanna tuluy babar, putrana pameget.
58. Tatangga-tatanggana jeung wargi-wargina anu nyarahoeun yen anjeunna mendak ganjaran anu taya papadana ti Pangeran, kabeh daratang ngawilujengkeun.
59. Sanggeus yuswa eta murangkalih jejeg saminggu, maranehna daratang deui arek nyepitan murangkalih, sakalian dipaparin jenengan Jakaria, cara ramana.
60. Tapi saur ibuna, ”Ulah eta ngaranna! Kudu Yohanes.”
61. Tapi ceuk maranehna, ”Jenengan kitu mah teu aya di wargi-wargi Ibu!”
62. Ti dinya maranehna pepeta ka Jakaria, maksudna naranyakeun murangkalih teh kudu dijenenganan saha.
63. Jakaria mundut dipangnyandakkeun batu tulis, geus kitu nyerat kieu, ”Ngaranna Yohanes.” Jalma-jalma teh kacida hareraneunana!
64. Ari Jakaria harita keneh dadak sakala iasa deui sasauran, tuluy ngamulyakeun ka Allah.
65. Jalma-jalma jadi sarieuneun. Saterusna beja eta kajadian teh nyebar ka sakuliah kota pagunungan Yudea.
66. Saban anu ngadenge eta beja, hatena tingtaranya, ”Rek jadi naon eta murangkalih teh?” Kawantu eta murangkalih teh diaping ku kakawasaan Pangeran.
67. Jakaria, ramana Yohanes, dilebetan ku Roh Suci, tuluy ngawejang ngucapkeun amanat ti Allah:
68. ”Sagala puji ka Pangeran, Allah Israil! Mantenna sumping seja nulungan umat-Na, ngabebaskeun maranehna.
69. Urang dipaparin Jurusalamet perkosa, turunan Daud abdi-Na.
70. Baheula Mantenna jangji, dikedalkeunana ku nabi-nabi pilihana-Na,
71. bakal nyalametkeun urang ti musuh-musuh, tina genggeman anu gareuleuheun ka urang.
72. Dawuhana-Na, Mantenna baris mikawelas ka karuhun urang, sarta baris ngalaksanakeun jangji-Na nu suci.
73. Ka Ibrahim rama urang Mantenna sumpah, jangji ngaleupaskeun urang ti musuh-musuh, sarta ngidinan urang ngabdi ka Mantenna kalawan taya karisi.
74. ***
75. Sangkan urang di payuneuna-Na mulus jeung bener saumur-umur.
76. Ari hidep anaking, bakal disarebut nabi Allah Nu Maha Agung. Hidep ku Mantenna diutus ti heula, keur naratas jalan Mantenna.
77. Pikeun ngembaran jalma-jalma yen bakal disalametkeun, ku jalan dihampura dosa-dosana.
78. Allah urang sipat welas sipat kurnia, bakal nyorotkeun cahaya pisalameteun sina meletek luhureun urang,
79. sina sumorot ti sawarga, nyaangan ka sakur anu araya dina poekna kalangkang maot, baris nungtun lengkah urang ka jalan nu aman santosa.”
80. Murangkalih tea beuki ageung, jiwana beuki teguh. Anjeunna mukim di gurun keusik, ngantos mangsana nganyatakeun anjeun ka urang Israil.