A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Maret 21

Ulangan 3:1-29
1. ”Ti dinya urang terus ngaler ka wewengkon Basan. Raja Og sabaladna budal rek merangan urang deukeut Edrei.
2. Tapi aya timbalan PANGERAN ka Bapa, dawuhana-Na, ’Ulah sieun. Eta raja sabalad-balad, kitu deui sakuliah karajaanana ku Kami rek diserenkeun ka maneh. Jieun cara ka Sihon raja urang Emor di Hesbon.’
3. Raja Og sarahayatna ku PANGERAN diselehkeun ka urang, kabeh ditumpes ku urang,
4. sarta harita keneh kota-kotana ku urang kabeh direbut taya nu kari. Aya genep puluh kota, tegesna sakuliah Argob, tempat ngarajaanana Og raja urang Basan.
5. Kota-kotana dikuatan ku kuta-kuta anu laluhur, make panto-panto jeung tutulak paranti nulakan.
6. Kabeh ku urang digempur, pangeusina lalaki, awewe, barudak, paraeh ditumpes, kawas kota-kota bogana Raja Sihon di Hesbon.
7. Ingon-ingonna geus boga urang, kota-kotana terus dirayah.
8. Kitu harita urang ngarebut eta tanah ti dua raja urang Emor, mimiti ti peuntas wetan Walungan Yordan, ti semet Walungan Arnon nepi ka Gunung Hermon. (
9. Ceuk urang Sidon mah Gunung Hermon teh Siryon. Ari ceuk urang Emor mah Senir.)
10. Kota-kotana di dataran luhur, wewengkon Gilad jeung Basan, terus ngetan nepi ka Salka jeung Edrei bogana Og raja urang Basan, kabeh dibeunangkeun ku urang.” (
11. Raja Og teh turunan Repaim anu pameakan. Tambelana aya keneh nepi ka ayeuna di kota Raba di Amon, tina batu. Ukuranana nurutkeun ukuran anu geus tangtu, panjangna opat meter, rubakna meh dua meter.)
12. ”Sanggeus eta tanah kacangking ku urang, wewengkon di kalereun Arur deukeut Walungan Arnon, jeung sabagian wilayah Pagunungan Gilad katut desa-desana, ku Bapa dibikeun ka kaom Rubin jeung kaom Gad.
13. Gilad sasesana jeung Basan tempat Og ngarajaan, tegesna sakuliah Argob, dibikeun ka saparo kaom Menase.” (Ari Basan katelahna mah tanah Repaim.
14. Wewengkon Argob sakuliahna, nya eta Basan terus nepi ka wates tanah Gesur jeung Maaka, dicokot ku Yair urang kaom Menase. Desa-desana dingaranan ku ngaranna sorangan, katelahna desa-desa Yair nepi ka ayeuna.)
15. ”Gilad ku Bapa dibikeun ka warga Mahir ti kaom Menase.
16. Kaom Rubin jeung kaom Gad ku Bapa dibere wewengkon ti semet wates Gilad nepi ka Walungan Arnon, watesna ti kidul tengah-tengah eta walungan, di kaler Walungan Yabok, anu sabagian jadi wates tanah urang Amon.
17. Di beulah kulon wewengkonna ngamparna nepi ka Walungan Yordan, ti semet Talaga Galilea beulah kalerna, terus mudun ka kidul nepi ka Laut Paeh, mengkol ngetan nepi ka suku Gunung Pisga.
18. Ceuk Bapa harita ka maranehna kieu, ’Maraneh ku Gusti PANGERAN geus dipaparin ieu tanah wetaneun Walungan Yordan, cicinganeun. Ayeuna, jalma-jalma maraneh anu garagah inditkeun ti heula ka peuntaseun Walungan Yordan, ngabantu kaom-kaom Israil sejenna mangrebutkeun tanah milikna.
19. Anu meunang tinggal di tempat-tempat anu ku Bapa geus dibikeun ka maraneh ngan pamajikan, anak, jeung ingon-ingon. Bapa nyaho, ingon-ingon maraneh kacida lobana.
20. Tulungan sasama maraneh urang Israil, supaya bisa nyaricingan tanah milikna paparin PANGERAN, anu ayana di peuntas kulon Walungan Yordan, nepi ka maranehna oge dipaparin kagenahan ku PANGERAN, cara maraneh ayeuna di dieu. Geus beres mah pek rek baralik ge ka dieu, da ieu teh ku Bapa geus dibikeun ka maraneh.’
21. Geus kitu Bapa marentah kieu ka Yosua, ’Hidep geus nyaksian petaning PANGERAN Allah hidep ka Raja Sihon jeung Raja Og. Nya kitu keneh deuih ka sing saha bae anu tanahna baris dirurug ku hidep engke.
22. Hidep teu kudu sieun ku maranehna, sabab bakal dipangmerangankeun ku PANGERAN Allah hidep.’ ”
23. ”Harita Bapa neneda, sasambat kieu,
24. ’Nun PANGERAN Nu Maha Agung, abdi terang yen sugri kajadian anu rohaka sareng araheng, anu ku Gusti parantos dipintonkeun ka abdi teh sayaktosna nembe awitna. Di langit sareng di bumi, teu aya allah anu tiasa ngayakeun perkawis anu aragung kitu, sapertos anu dipidamel ku Gusti!
25. Mugi abdi widian meuntasan Walungan Yordan, nun PANGERAN, widian ningal eta tanah anu gemah raharja anu aya di peuntas ditu, widian ningal eta nagara pagunungan anu asri, kitu deui Gunung Libanon.’
26. Tapi ku lantaran tingkah maraneh, PANGERAN bendu ka Bapa, paneda panyambat Bapa henteu dikabul. Malah ngadawuh kieu, ’Geus, ulah ngutik-ngutik deui sual eta!
27. Geura unggah ka puncak Gunung Pisga, pek alak-ilik ka kaler, ka kidul, ka wetan, ka kulon. Rarasakeun, serepkeun sakur nu katembong. Sabab maneh hamo nepi ka meuntasan Walungan Yordan.
28. Yosua pakihikeun, pengkuhkeun hatena sarta kuatkeun tekadna, sabab manehna kudu meuntaskeun eta jelema-jelema nepi ka bisa majik di eta tanah anu ku maneh katenjo ti dinya, ti kajauhan.’
29. Ku hal eta urang teh jadi kacandet di lebak anu nyanghareup ka Bet Peor.”

Ulangan 4:1-49
1. Geus kitu Musa misaur ka eta jelema-jelema, saurna, ”Turutkeun sakabeh papakon anu ku Bapa diwurukkeun ka maraneh, tangtu maraneh bakal maratuh di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah karuhun maraneh.
2. Lampahkeun parentah Bapa, ulah dileuwihan ulah dikurangan. Lampahkeun sakabeh timbalan PANGERAN Allah maraneh anu ku Bapa geus diwurukkeun.
3. Maraneh narenjo sorangan, naon anu geus dipidamel ku PANGERAN di Gunung Peor. Kapan sakur anu nyarembah ka Baal mah kabeh oge ku Mantenna disina tariwas.
4. Sabalikna anu tetep suhud ka PANGERAN Allah maraneh mah geuning harirup tepi ka ayeuna.
5. Sakabeh papakon ku Bapa geus diwurukkeun ka maraneh, tumut sakumaha timbalan PANGERAN, Allah panutan Bapa. Lampahkeun engke di ditu, di tanah anu engke bakal diteang, nu bakal dicaricingan.
6. Lampahkeun sing enya-enya, malar kanyahoan ku bangsa-bangsa sejen yen maraneh teh bangsa anu pinter jeung binangkit. Supaya ana maranehna ngadarenge eta papakon-papakon teh ngucap, ’Ieu bangsa, keur gede teh nya pinter nya wijaksana!’
7. Bangsa sejen, sakumaha gedena ge euweuh anu boga allah anu parek raketna ka umat cara parek raketna PANGERAN Allah urang ka urang. Iraha bae ku urang disambat pitulung-Na, harita keneh ngawaler.
8. Bangsa sejen, sakumaha gedena ge euweuh anu bogaeun undang-undang anu adilna cara undang-undang anu poe ieu diwurukkeun ku Bapa ka maraneh.
9. Mana sing ati-ati, jaga, sangkan saumur-umur maraneh henteu nepi ka mopohokeun sakur anu geus kasaksi ku panon sorangan. Caritakeun ka anak incu,
10. hal maraneh dina poean narangtung di payuneun PANGERAN Allah maraneh di Gunung Sinai, waktu Mantenna nimbalan ka Bapa, ’Kumpulkeun jalma-jalma, sina ngadarengekeun pangandika anu baris diandikakeun ku Kami, sangkan dialajar nurut ka Kami saumur hirupna, jeung sangkan ngadidik anak-anakna sina diajar sieun ku Kami.’
11. Caritakeun ka anak maraneh, yen basa maraneh marek di suku eta gunung, gunungna poek ku haseup, kabulen ku mega kandel jeung ngagedur ku seuneu anu muntab-muntab ka langit.
12. Sarta PANGERAN ngandika ka maraneh ti jero seuneu. Gentra-Na kadenge ku maraneh, tapi Mantenna ku maraneh teu katenjo, teu ngawujud naon-naon.
13. Mantenna nimbalan ka maraneh, sangkan maraneh nyekel kana perjangjian Mantenna, nya eta ngalampahkeun Sapuluh Timbalan anu ku Mantenna diseratkeun dina dua papan batu.
14. Ari Bapa ku PANGERAN ditimbalan mapatahkeun eta papakon-papakon, lampahkeuneun maraneh engke ari geus maratuh di tanah anu ayeuna eukeur dijugjug.”
15. ”Waktu PANGERAN di Gunung Sinai nimbalan ti jero seuneu tea, wujud-Na henteu katembong. Keur pihadeeun maraneh sorangan, kahade
16. ulah nyarieun pidosaeun, ulah nyarieun arca sembaheun diri sorangan dina rupa naon bae, boh arca jalma lalaki atawa awewe,
17. boh tironan sato atawa manuk,
18. sato ngarayap atawa lauk.
19. Jeung ulah kagembang nyembah ngabakti ka anu katembong di langit, kayaning panonpoe, bulan jeung bentang-bentang. Nu karitu mah ku PANGERAN geus diajangkeun keur sembaheun bangsa-bangsa sejen.
20. Maraneh mah kapan beunang Mantenna ngarebut ti Mesir, ditarik ti jero tungku anu marong, dicandak ti dinya tuluy dijadikeun umat-Na, sakumaha buktina ayeuna.
21. Orokaya Bapa mah ku PANGERAN Allah maraneh teh dibenduan, lantaran tingkah maraneh. Mantenna nepi ka sumpah hamo ngidinan Bapa meuntasan Walungan Yordan, hamo ngidinan Bapa asup ka eta tanah anu gemah raharja, anu bakal dipaparinkeun ka maraneh.
22. Bapa kudu ajal di dieu, moal nepi ka meuntasan eta walungan. Sabalikna maraneh mah bakal mareuntas, bakal arasup ka eta tanah anu mukti.
23. Ku sabab kitu peupeujeuh ulah nepi ka mopohokeun perjangjian anu geus ditetepkeun ku PANGERAN Allah maraneh, lampahkeuneun maraneh. Gumatikeun sagala papakonna. Ulah nyarieun arca keur sesembahan dina rupa naon bae.
24. Sabab PANGERAN Allah maraneh teh lir seuneu anu bakal ngalebur, teu aya ampunna ka sakur nu jadi lawanna.
25. Sanajan upama maraneh geus lila hirup di ditu nepi ka reuay anak incu, kade ulah nyieun dosa, nyieun arca wujud naon bae keur sembaheun maraneh. Lampah kitu teh jahat dina soca PANGERAN, Allah maraneh.
26. Mugia langit jeung bumi poe ieu jadi saksi, yen lamun maraneh teu narurut ka anu dipapatahkeun ku Bapa, tan wande maraneh gancang musna ti eta tanah peuntaseun Walungan Yordan. Maraneh moal lila-lila harirup di ditu. Geus tangtu maraneh engke ditumpurkeun sama sakali.
27. Bakal dipabalencarkeun ka bangsa-bangsa sejen, paraeh di tanah batur, nu hirup kari saeutik.
28. Di tanah batur mah maraneh kudu ngabarakti ka allah-allah sejen, jijieunan jelema keneh tina kayu, tina batu, allah nu taya kabisa, teu bisaeun nenjo, teu bisaeun ngadenge, teu bisaeun nyatu, teu bisaeun ngambeu.
29. Heug maraneh bakal nareangan PANGERAN Allah maraneh sorangan, geus tangtu bakal kapanggih. Kitu soteh lamun enya-enya nareangan.
30. Samangsa maraneh kasusahan nandangan rupa-rupa kasangsaraan, heug bae marulang deui ka PANGERAN, aranut deui ka Mantenna.
31. Mantenna ge moal nilarkeun deui, moal nyiksa deui, da Mantenna teh Allah anu sipat welas. Sarta Mantenna moal lali kana perjangjiana-Na anu diikrarkeun ka karuhun maraneh.
32. Pek papay ka jaman baheula, jaman samemeh maraneh dijurukeun, ti jaman Allah mimiti ngajadikeun manusa di bumi. Pariksa ka sakuliah jagat, iraha aya jelema anu nenjo kajadian anu aragungna kawas kieu?
33. Iraha aya jelema anu ngadenge gentra Allah ti jero seuneu tur harirup terus cara anu kaalaman ku maraneh?
34. Iraha aya allah sejen anu ngajorag ngarebut hiji bangsa tina genggeman bangsa sejen terus dijadikeun umatna, cara anu dipidamel ku PANGERAN Allah maraneh ka maraneh di Mesir? Ku maraneh katenjo ku panon sorangan, kumaha Mantenna metakeun pangawasa jeung kadigjayaana-Na. Nyebarkeun pagebug, perang, ngadamel mujijat-mujijat, kaahengan-kaahengan, ngadamel perkara-perkara anu pikasieuneun.
35. Pangna PANGERAN mintonkeun anu kitu ka maraneh teh supaya maraneh nyaho, yen anu jumeneng Allah teh ngan Mantenna, teu aya deui nu sejen.
36. Maraneh ku Mantenna dibere ngadarenge gentra-Na ti sawarga, ngadawuhkeun parentah-parentah ka maraneh, jeung dibere narenjo seuneu-Na anu suci di ieu bumi, bari Mantenna nimbalan ti jero eta seuneu.
37. Ku bawaning asih-Na ka karuhun maraneh, heug maraneh teh ku Mantenna dipilih, sarta Mantenna metakeun kakawasaana-Na ngaluarkeun maraneh ti Mesir.
38. Saban maraneh maju, bangsa-bangsa anu leuwih gede jeung leuwih kuat ti batan maraneh ku Mantenna disingkir-singkirkeun, supaya maraneh bisa terus dicandak ka ditu, sarta tanah-tanah maranehna dipaparinkeun ka maraneh pikeun saterusna.
39. Nu matak sing aringet ulah nepi ka paroho, yen PANGERAN teh anu jumeneng Allah di sawarga jeung di bumi. Taya deui Allah sejen.
40. Lampahkeun sagala papakon Mantenna, anu poe ieu diwurukkeun ku Bapa. Lamun kitu, maraneh saanak incu tangtu jamuga, bakal tumuluy nya hirup di tanah anu ku PANGERAN Allah maraneh diajangkeun pikeun maraneh salalanggengna.”
41. Ti dinya Musa milih tilu kota di wetaneun Walungan Yordan,
42. jadi kota suaka pikeun anu nyalametkeun diri lantaran teu kahaja geus maehan jelema nu lain musuhna. Anu boga dosana kudu lumpat ngadon nyalindung ka salah sahiji ti eta kota anu tilu. Lamun geus aya di dinya henteu meunang dibales dipaehan.
43. Kota-kota anu kapilih, pikeun kaom Rubin kota Beser, pernahna di tanah gurun luhur, pikeun kaom Gad kota Ramot di wewengkon Gilad, pikeun kaom Menase kota Golan di wewengkon Basan.
44. Ti dinya Musa ngawurukkeun papakon-papakon jeung aturan-aturan Allah ka urang Israil.
45. Diwurukkeunana sanggeus maranehna budal ti Mesir, di lebak wetaneun Walungan Yordan, anu nyanghareup ka Bet Peor. Eta wewengkon teh wewengkonna Raja Sihon, raja urang Emor anu ngarajaanana di Hesbon, anu geus dielehkeun ku Musa jeung urang Israil sabada budal ti Mesir.
46. ***
47. Tanahna terus diandih, kitu deui tanah bogana Raja Og urang Basan, raja urang Emor keneh anu ngarajaan di wetaneun Walungan Yordan.
48. Ieu wewengkon, ngamparna ti semet Arur di sisi Walungan Arnon terus ka kaler nepi ka Gunung Siryon, nya eta Gunung Hermon tea,
49. kitu deui wewengkon wetaneun Walungan Yordan anu terus ka kidul ka Laut Paeh, terus nepi ka suku Gunung Pisga beulah wetan.

Mazmur 36:7-12
7. Kaadilan Gusti lir gunung tanpa tutugan, adilna lir jerona jaladri. Manusa sareng margasatwa, ku Gusti diraksa diriksa.
8. Satia asih Gusti mulya luhur, nun Allah! Kalangkang jangjang Gusti, ngiuhan abdi sadaya.
9. Abdi-abdi sugema ku seueurna tedaeun ti Gusti, sareng dipasihan nginum ti walungan asihing Gusti.
10. Gusti teh sumbering hirup sadaya mahluk, ku terangna cahaya Gusti, abdi bisa ningal caang.
11. Mugi langgeng mikaasih ka sakur nu terang ka Gusti langgeng midamel kasaean ka jalmi anu balener.
12. Nu aradigung teh sina ulah narajang ka abdi, eta nu jarahat teh ulah diantep ngusir abdi.

Amsal 12:7-7
7. Jalma jahat baris tumpur jeung moal boga turunan. Ari rumah tangga jelema bener mah tangtu jamuga.

Lukas 1:1-20
1. Teopilus anu mulya, Seueur jalmi anu parantos sateka-teka nyeratkeun perkawis anu parantos kajadian di urang.
2. Hal-hal anu diserat ku maranehna cocog sareng carios anu katampi ku urang ti jalmi-jalmi anu ngawawarkeunana, nya eta anu nyaraksian sorangan eta kajadian ti awalna.
3. Sim kuring, ku margi parantos nyukcruk kalayan taliti eta perkawis ti awit kajadianana, gaduh emutan aya saena nyeratkeun eta hal kalayan beres jujutanana, kangge Paduka.
4. Maksad sim kuring nya eta supados hal leresna sagala perkawis anu parantos diwulangkeun ka Paduka teh ku Paduka kauninga sadayana.
5. Keur mangsa Herodes ngarajaan di Yudea, aya hiji imam ti golongan imam-imam Abia, jenenganana Jakaria. Istrina oge turunan imam, jenenganana Elisabet.
6. Istri pameget mulus lampahna di payuneun Allah, kacida taʼatna kana hukum jeung parentah Pangeran.
7. Teu karagunganeun putra lantaran Elisabet gabug, jeung deui duanana geus kacida sarepuhna.
8. Dina hiji poe Jakaria barangdamel mangku kawajiban imam di Bait Allah, giliranana laladen poean.
9. Numutkeun undian anu biasa dijalankeun ku para imam, anjeunna anu kapilih kudu ngukus dina altar. Anjeunna lebet ka Bait Allah.
10. Sabot anjeunna ngukus meuleum menyan, jalma rea ngadaroa di luar.
11. Breh malaikat Pangeran nembongan ka anjeunna, ngadeg di katuhueun altar paragi ngukus.
12. Jakaria ngarenjag jeung kacida sieuneunana.
13. Tapi malaikat teh ngalahir, ”Ulah sieun, Jakaria! Paneda anjeun ku Allah enggeus didangu. Elisabet bojo anjeun bakal boga anak, lalaki, pingaraneunana Yohanes.
14. Pisakumahaeun anjeun bagjana upama eta geus lahir, nu sejen oge loba anu bakal bungah!
15. Eta teh bakal jadi jelema penting di payuneun Allah. Ulah sina nginum anggur atawa inuman keras lianna. Ti barang dijurukeunana bakal dilinggihan ku Roh Suci,
16. jeung bakal nungtun urang Israil baralik deui ka Pangeran Allahna.
17. Manehna ku Pangeran diutus ti heula, bakal kuat jeung kawasa cara Nabi Elias; bakal ngarapihkeun kaom bapa jeung anak-anakna; bakal nungtun tukang ngaralawan baralik deui kana pikiran anu bener. Jadi eta teh bakal nyadiakeun keur Pangeran hiji umat anu daraek ngabdi ka Mantenna.”
18. Piunjuk Jakaria ka malaikat, ”Perkawis eta kumaha bade buktosna? Abdi parantos kolot, pun bojo nya kitu keneh.”
19. Waler malaikat, ”Kaula teh Jabrail, purah aya di payuneun Allah anu ngutus kaula ayeuna ka anjeun, nepikeun ieu warta anu pikabungaheun.
20. Ieu hal tangtu bukti dina waktuna, tapi ku anjeun teu dipercaya. Ku sabab anjeun henteu percaya, anjeun bakal pireu, moal bisa ngomong nepi ka mangsa anu diomongkeun ku kaula kajadian.”