A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Maret 20

Ulangan 1:1-27
1. Ieu kitab muat pitutur Musa ka urang Israil di tanah gurun di Lebak Yordan. Eta tempat ayana di wetaneun Walungan Yordan, deukeut Sup, antara Paran ti beulah ditu, jeung Topel, Laban, Haserot, jeung Disahab beulah dieu. (
2. Ti Gunung Sinai nepi ka Kades Barnea, make jalan liwat wewengkon Pagunungan Edom, jauhna lalakon sabelas poe.)
3. Dina taun ka opat puluh budalna urang Israil ti Mesir, tanggal hiji bulan sawelas, Musa nyaurkeun sagala timbalan PANGERAN anu ku Mantenna dipiwarang ditepikeun ka maranehna.
4. Disaurkeunana sanggeusna PANGERAN ngelehkeun Sihon raja urang Emor anu calik di Hesbon, jeung ngelehkeun Og raja urang Basan anu calik di Astarot jeung Edrei.
5. Musa mimiti netelakeun hal hukum-hukum jeung parentah-parentah PANGERAN di wewengkon Moab, wetaneun Walungan Yordan. Kieu saurna,
6. ”Bareto di Gunung Sinai, PANGERAN Allah urang ngandika kieu: ’Maraneh di ieu gunung geus kacida lilana.
7. Geura bobongkar, geura parindah. Jugjug pagunungan urang Emor jeung tanah tatangga-tatanggana, Lebak Yordan, pagununganana, tanah-tanah handapna, pakidulanana, jeung basisir Laut Tengah. Datangan tanah Kanaan, Pagunungan Libanon, terus nepi ka cigede Walungan Eprat.
8. Kami, PANGERAN, geus ikrar yen eta tanah rek dibikeun ka karuhun maraneh, Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, terus turun-tumurun. Geura tareang, tuluy caricingan!’ ”
9. Saur Musa ka umat, ”Bapa bareto di Gunung Sinai geus nyebutkeun kawalahan ngurus maraneh ku sorangan bae teh.
10. Maraneh, ku PANGERAN Allah maraneh geus dijadikeun sakieu lobana lir bentang-bentang di langit.
11. Mugi ku PANGERAN, Allah karuhun maraneh sing dijadikeun sarebu kalieun ti ayeuna, jeung masing marukti sakumaha jangji Mantenna.
12. Tapi naha bisa Bapa ngurus perkara maraneh ngan sorangan?
13. Mana ceuk Bapa, Bapa pangmilihkeun ti saban kaom sawatara jalma anu bijaksana, berbudi jeung boga pangalaman, rek diangkat pikeun ngurus maraneh.
14. Jawab maraneh, ’Satuju, sae kitu.’
15. Eta jalma-jalma anu palinter jeung loba pangalaman beunang maraneh milih teh ku Bapa ditarima, jaradi pangurus maraneh. Cangkinganana aya nu sarebu urang, saratus urang, lima puluh urang, sapuluh urang. Jeung di sakabeh kaom, Bapa teh ngangkat gegeden-gegeden.
16. Carek Bapa harita ka maranehna, ’Dengekeun masing taliti sagala perkara anu datang ti rahayat cangkingan maraneh. Uruskeun perkarana sing adil, boh perkara antara sasama bangsa, boh perkara jeung urang asing anu caricing di urang.
17. Nyieun putusan kudu adil, nimbang-nimbangna ulah beurat sabeulah, ulah pilih bulu. Ulah serab ku sasaha, sabab putusan maraneh teh asal ti Allah. Perkara anu ku maraneh karasana beurat, teruskeun ka Bapa, Bapa anu baris mutusna.’
18. Jeung harita, maraneh ku Bapa dituduhan sagala rupa pipetaeun.”
19. ”Bring urang arindit ti Gunung Sinai, tumut timbalan PANGERAN Allah urang, ngambah gurun keusik anu nya lega nya matak sieun, make jalan pagunungan urang Emor. Sanggeus nepi ka Kades Barnea,
20. Bapa nyarita kieu, ’Ayeuna maraneh geus nepi ka pagunungan urang Emor, anu bakal dipaparinkeun ka urang ku Gusti PANGERAN, Allah karuhun urang. Tuh itu. Pek datangan, eusian, tumut timbalan Mantenna. Ulah mangsar-mingsir, ulah sieun.’
21. ***
22. Tapi ceuk maraneh ka Bapa, ’Kedah aya anu diutus ka ditu ti heula, pikeun nalengteng kaayaan eta nagara, sareng anu engkena kedah nungtun urang ka ditu nganggo jalan anu pangamanna.’
23. Ku sabab hal eta katimbang hade, Bapa milih dua welas jelema, saurang ti saban kaom.
24. Bral maranehna arindit ka pagunungan nepi ka Lebak Eskol, nalengteng.
25. Baralikna deui bari mawa bubuahan asal ti ditu, jeung mupulihkeun yen tanah anu ku Gusti PANGERAN rek dipaparinkeun ka urang teh lendo kabina-bina.
26. Tapi maraneh anggur ngalawan kana timbalan PANGERAN Allah maraneh, arembung terus ka ditu.
27. Jeung tinggelendeng pada batur, ’Urang teh dipikageuleuh ku PANGERAN, dibawa ka dieu ti Mesir teh rek diserenkeun ka urang Emor, sina diparaehan.

Ulangan 2:1-37
1. tuluy malik ka urut, baralik deui ka gurun keusik, make jalan anu ka Teluk Akaba sakumaha timbalan PANGERAN. Urang katahan di dinya kacida lilana, udar-ider kuralang-kuriling di sabudeur wilayah Pagunungan Emor.
2. Sanggeus kitu PANGERAN nimbalan ka Bapa,
3. timbalana-Na urang teh geus meujeuhna lila udar-ider di eta pagunungan, sarta urang dipiwarang maju ka kaler.
4. Bapa dipiwarang nepikeun parentah-parentah Mantenna ka maraneh, anu kieu tea, ’Maraneh kudu ngambah wilayah Pagunungan Edom, wewengkon bangsa turunan Edom, baraya laer maraneh. Maranehna bakal sarieuneun.
5. Tapi kahade ulah diperangan, sabab tanahna sacangkewok oge ku Kami moal aya anu dibikeun ka maneh. Tanah Edom ku Kami geus dibikeun ka turunan Esau.
6. Keur dahareun jeung inumeun kudu mareuli ka maranehna.’
7. Sing aringet, kumaha PANGERAN Allah maraneh ngaberkahan sagala panggawe maraneh. Sajeroning maraneh udar-ider di ieu gurun keusik anu sakieu legana, ku Mantenna dijaga diraksa. Opat puluh taun lilana maraneh terus disarengan, sagala rupa pangabutuh maraneh ku Mantenna diayakeun.
8. Ti dinya urang arindit deui, ninggalkeun jalan anu jolna ti Elat jeung Esion Geber, ngajugjug ka Laut Paeh, tuluy mengkol ngaler ngetan ka palebah Moab.
9. PANGERAN ngandika ka Bapa, saur-Na, ’Urang Moab teh turunan Elut, ulah diperangan, ulah nyieun rusuh jeung eta. Nagara Ar ku Kami geus dibikeun ka maranehna, tanahna saluwuk ge moal aya anu ku Kami dibikeun ka maneh.’ ” (
10. Anu caricing di Ar tadina bangsa raksasa, disebutna bangsa Emim. Jarangkung gede kawas raksasa bangsa Enak.
11. Sarua jeung bangsa Enak, maranehna oge kasebutna mah urang Repaim. Tapi ku urang Moab mah disebutna bangsa Emim.
12. Ari anu caricing di Edom tadina urang Hor, tapi diusir kaluar ti dinya ku turunan Esau, bangsana ditumpes, tanahna diandih, kawas urang Israil engkena ngusir musuh-musuhna ti tanah anu ku PANGERAN dipaparinkeun ka maranehna.)
13. ”Geus kitu urang meuntasan Walungan Sered sakumaha pituduh PANGERAN,
14. nya eta dina taun katilu puluh dalapan sabada urang ninggalkeun Kades Barnea. Prajurit-prajurit urang harita geus tariwas kabeh, tinekanan sakumaha timbalan PANGERAN.
15. Maranehna terus bae didamel lawan ku PANGERAN, nepi ka ditumpesna sama sakali.
16. Sanggeus maranehna beak kabeh maraot,
17. PANGERAN ngandika kieu ka urang,
18. ’Poe ieu maraneh kudu meuntasan wewengkon Moab, jalanna ka Ar.
19. Saterusna maraneh bakal narepi ka deukeut tanah urang Amon turunan Elut. Kahade, ulah nyieun rusuh jeung eta, ulah merangan, sabab tanahna saluwuk oge ku Kami moal aya anu dibikeun ka maraneh, ku Kami geus dibikeun ka maranehna.’ ” (
20. Ieu wewengkon sok disebut oge tanah Repaim, ngaran bangsa anu maratuh di dinya. Ku urang Amon mah disebutna Samsumim;
21. jelemana jarangkung gede kawas bangsa Enak, jumlahna loba, garagah. Tapi ku PANGERAN dibasmi, nepi ka tanahna bisa dirampas ku urang Amon sarta terus dicaricingan.
22. Ari pikeun urang Edom turunan Esau di Pagunungan Edom, PANGERAN mangnumpeskeun urang Hor, nepi ka urang Edom bisa ngarebut tanahna terus dicaricingan, nepi ka ayeuna.
23. Tanah sapanjang basisir Laut Tengah dicaricingan ku bangsa Kreta. Eta bangsa geus numpes bangsa Awim, bangsa pribumi eta tanah. Sakuliah tanahna nepi ka Gasa di kidul direbut, dicaricingan.)
24. ”Sanggeus urang ngambah tanah Moab, PANGERAN nimbalan ka urang. Saur-Na, ’Ayeuna geura mareuntasan Walungan Arnon. Kami ka maraneh rek nyerenkeun Sihon, raja urang Emor di Hesbon reujeung tanahna. Pek gempur, rebut tanahna, andih.
25. Ti semet poe ieu, urang mana-mana ku Kami rek disina sarieuneun ku maraneh. Asal ngadenge ngaran maraneh, saban jelema bakal ngeleper.’ ”
26. ”Ti dinya Bapa ngirim utusan-utusan ti Gurun Keusik Kedemot ka Raja Sihon di Hesbon, ngajak lulus. Bapa mesen kieu,
27. ’Kaula neda widi ngaliwat ka nagara sampean. Mung ngaliwat bae, sareng moal nyimpang ti jalan gede.
28. Tedaeun sareng cai bade ngiring meser. Taya sanes mung seja ngaliwat wungkul,
29. dugi ka meuntas Walungan Yordan, seja teras ka tanah sorangan, tanah paparin ti PANGERAN Allah kaula sadaya. Bangsa turunan Esau di Edom sareng bangsa Moab di Ar, parantos ngidinan kaula sadaya ngaliwat ka wewengkonna.’
30. Raja Sihon teu ngidinan urang nyorang nagarana. Dihaja ku PANGERAN Allah maraneh sina murugul, sangkan digempur ku urang sarta tanahna dirampas cicinganeun urang.
31. Timbalan PANGERAN ka Bapa, ’Raja Sihon ku Kami geus disina taya dayana ka maneh. Rebut tanahna, andih!’
32. Sihon kaluar mawa balad rek ngagempur ka urang di deukeut Yahas,
33. tapi ku Gusti PANGERAN diserenkeun ka urang, seug ku urang diparaehan jeung anakna kabeh kitu deui baladna.
34. Barengan eta urang terus ngagempuran kota-kotana, pribumina ditumpes beak, lalaki, awewe, barudak.
35. Ingon-ingonna direbut, nagarana diranjah.
36. Urang ku PANGERAN diluluskeun ngarebutan nagara-nagara ti semet Arur di rarambu Lebak Arnon, jeung nagara anu aya di tengah-tengah lebak eta, kitu deui nagara-nagara di sapanjang jalan anu bras ka Gilad. Taya pisan kuta nagara anu tahan ka urang.
37. Ari anu ku PANGERAN dilarang didatangan mah, saperti wewengkon urang Amon, wewengkon-wewengkon di sisi-sisi Walungan Yabok, kota-kota di pagunungan, jeung sababaraha tempat sejenna, ku urang henteu dijorag.”

Mazmur 36:1-6
1. Pikeun pamingpin biduan. Ti Daud abdi PANGERAN.
2. Dosa teh ngomong di jero hate jelema jahat. Hate jelema doraka teu weleh kaangsonan ku dosa, ka Allah teu sieun-sieun, Allah ku manehna ditoker.
3. Pangrasana dirina teh hebat, pamikirna dosana moal dihukum ku Allah, da Allah teu uningaeun.
4. Saucap-ucapna jahat, tipu malulu, tara pisan nyieun lampah hade jeung bijaksana.
5. Di enggon, bari ngedeng teh ngalamun kajahatan boro-boro nyieun kahadean, ngagugulukeun bae kadorakaan.
6. Nun PANGERAN, satia asih Gusti sundul ka langit, kasatiaan Gusti maratan mega.

Amsal 12:4-6
4. Pamajikan bageur matak reueus matak bungah salaki. Pamajikan nu ngerakeun mah ibarat panyakit dina tulang-tulangna.
5. Jalma jujur resep terus terang. Ari tukang cidra mah ngan arek nipu.
6. Ucap-ucapan jelema jahat mah nyilakakeun. Sabalikna ucap-ucapan jelema bener mah ngajait nu keur kaancam.

Markus 16:1-20
1. Sanggeus poe Sabat tutup, Maria Magdalena, Maria indungna Yakobus, jeung Salome, mareuli boreh seungit pikeun ngaboborehan layon Yesus.
2. Arinditna ka makam poe Minggu isuk-isuk pisan barang meletek panonpoe.
3. ”Saha engke anu manggulingkeun batu tutup pajaratan?” ceuk maranehna bari leumpang. Batuna teh kacida gedena. Tapi batu tutup makam teh kasampak geus aya nu ngagulingkeun,
4. ***
5. tuluy bae arasup. Barang geus araya di jero, maranehna mani tinggarebeg, nenjo di beulah katuhu aya nu keur calik ngora-ngora, jubahna bodas.
6. Pok nu keur calik teh ngalahir, ”Tong sarieun! Nyai tangtu rek ngalayad Yesus urang Nasaret anu dihukum salib tea. Anjeunna geus teu di dieu, geus digugahkeun! Tuh, kari urut ebog-Na!
7. Geura pupulihkeun bae ayeuna mah ka murid-murid-Na, ka Petrus oge. Bejakeun, ’Anjeunna geus angkat ti heula ka Galilea sakumaha saur-Na tea, engke tangtu kapanggih ku aranjeun di ditu!’ ”
8. Maranehna kaluar rurusuhan ti jero pajaratan tuluy lalumpatan. Maranehna teu ngomong naon-naon ka saha-saha oge lantaran sarieuneun. [
9. Sanggeus Yesus gugah tina pupus, poe Minggu isuk-isuk, pangheulana nembongan teh ka Maria Magdalena. (Yesus kungsi ngaluarkeun tujuh roh jahat ti manehna.)
10. Ku manehna dibejakeun ka mitra-mitra Yesus anu keur prihatin jeung careurik.
11. Dibejaan yen Yesus geus hirup deui teh tur jeung Maria mah malah geus papanggih, maranehna teu palercayaeun.
12. Geus kitu ku cara sejen Yesus nembongan ka dua jelema ti antara panganut-Na, nu keur di satengahing jalan rek ka hiji kampung.
13. Eta anu duaan baralik deui ka kota bebeja ka nu sejen, tapi teu dipercaya.
14. Panganggeusanana Yesus nembongan ka sawelas murid-Na waktu maranehna keur dalahar. Maranehna ku Anjeunna diweweleh lantaran teu baroga iman, jeung keukeuh teu percaya ka jelema-jelema nu geus narenjo sorangan Anjeunna hirup deui.
15. Geus kitu saur-Na, ”Datangan ku maraneh sakuliah dunya, siarkeun Injil Kasalametan ka sakabeh manusa.
16. Salamet anu percaya kana eta wawaran sarta dibaptis. Sabalikna cilaka anu arembung percaya.
17. Nu palercaya bakal dibere kakawasaan nyieun kaajaiban-kaajaiban; bakal barisa ngusir roh-roh jahat ku nyambat jenengan Kami; bakal barisa ngomong dina basa-basa sejen;
18. lamun nyekel oray matih atawa nginum racun maranehna moal naon-naon; lamun nyabak ka nu gering, nu geringna tangtu cageur.”
19. Tutup Gusti Yesus ngalahir-Na ka maranehna, Anjeunna terus diangkat ka sawarga, terus linggih di tengeneun Allah.
20. Murid-murid-Na tuluy ariang nyiarkeun Injil Kasalametan ka suklakna ka siklukna, tur Gusti oge ngiring barangdamel nyarengan maranehna, ngayakeun kaajaiban-kaajaiban geusan ngabuktikeun yen hal anu disiarkeun ku maranehna teh sayaktina.] [ AHIR NASKAH KUNO SEJENNA Eta wanita-wanita tuluy nepungan Petrus jeung batur-baturna, sarta kalawan ringkes nyaritakeun anu dipesenkeun ka maranehna tea. Sanggeus eta mah Yesus ku Anjeun ku jalan murid-murid-Na ngawawarkeun eta amanat suci tur abadi, ti masrik nepi ka magrib, ngeunaan kasalametan anu langgeng.]