A A A A A
Alkitab dalam satu tahun
Maret 19

Bilangan 35:1-34
1. Di padataran Moab peuntaseun Yordan nampeu ka Yeriho, PANGERAN nimbalan deui ka Musa,
2. ”Parentahkeun ka urang Israil, sina marere tempat ka urang Lewi di tanah milikna masing-masing, boh kota-kota keur tempat tinggalna, boh sampalan-sampalanana.
3. Barere tempat urang Lewi teh keur padumukanana, kitu deui sampalan-sampalan keur sapi jeung ingon-ingon sejenna.
4. Ari tanah sampalanana kudu dibere ti semet luareun kuta nagara, panjangna ka kulon, ka wetan, ka kidul, ka kaler, masing-masing kudu 450 meter,
5. jadi pasagi anu panjang sisina masing-masing 900 meter, di tengah-tengahna pikeun kotana.
6. Jeung urang Lewi teh kudu dibere genep kota suaka, pigeusaneun kabur jelema anu tas maehan teu kahaja. Jaba ti eta kudu dibere opat puluh dua kota deui,
7. jeung tanah-tanah sampalanana. Jadi jumlahna opat puluh dalapan kota.
8. Reana kota urang Lewi di saban kaom gumantung kana legana wewengkon tiap kaom.”
9. PANGERAN ngandika deui ka Musa
10. pikeun urang Israil, ”Di mana maraneh geus meuntasan Walungan Yordan jeung geus aya di tanah Kanaan,
11. kudu milih tempat-tempat anu cocog dijieun kota suaka pikeun panglumpatan jelema anu maehan teu dihaja.
12. Ari geus aya di dinya mah bisa salamet tina pamales baraya jelema anu dipaehan tea. Jelema anu dituduh maehan teu meunang dipaehan lamun perkarana can dipariksa di pangadilan umum.
13. Tangtukeun genep kota suaka,
14. tilu di wewengkon wetaneun Yordan, tilu di tanah Kanaan.
15. Eta kota-kota suaka meunang dipake nyalindung ku saha bae, ku urang Israil atawa ku urang asing anu ngadon tetep di Israil atawa anu ngan sawatara waktu. Saha bae anu maehan teu dihaja, kudu muru salah sahiji kota kitu.
16. Anu maehan ku pakarang tina beusi, batu atawa kayu, eta memang maehan, kudu dipaehan.
17. ***
18. ***
19. Baraya landes jelema nu dipaehan tea meunang maehan eta jelema. Lamun eta jelema kapanggih, meunang dipaehan.
20. Kitu deui jelema anu ku sabab ceuceub seug nyuntrungkeun atawa maledog nepi ka paeh,
21. atawa nonjok batur nepi ka paeh, eta memang maehan, kudu dipaehan. Baraya landes jelema anu dipaehan tea meunang maehan eta jelema. Lamun eta jelema kapanggih, meunang dipaehan.
22. Tapi bisa jadi aya anu teu kahaja maehan jelema anu teu dipikangewa, naha dibantingkeun atawa dibaledog ku naon bae.
23. Atawa bisa jadi aya anu ngaragragkeun batu teu barang tenjo heula, nepi ka ngalantarankeun jalma nu lain musuhna paeh, padahal taya maksud kitu.
24. Dina hal-hal kawas kitu, jalma anu maehan teh kudu dibawa ka pangadilan umum. Pangadilan umum kudu ngabela, ulah mihak ka baraya anu maot anu niat ngabales.
25. Patina kudu dijait ku pangadilan umum, ulah dibikeun ka baraya jelema anu ku manehna dipaehan. Nya eta kudu dibawa deui ka kota suaka tempat nyalindungna, lilana nepi ka Imam Agung anu keur jeneng harita tilar dunya.
26. Tapi upama kaluar ti kota suaka panyalindunganana
27. sarta seug dipaehan ku baraya jelema anu dipaehan tea, eta nu ngabales teh hukumna lain maehan.
28. Ku sabab kitu anu boga dosa maehan teh kudu tetep aya di kota suaka panyalindunganana nepi ka Imam Agungna tilar dunya. Sanggeus kitu kakara meunang balik.
29. Ieu pikukuh teh pikeun maraneh turun-tumurun, di mana bae.
30. Jelema anu didakwa maehan, kakara bisa dinyatakeun salah jeung dihukum paeh, lamun perkarana bisa dibuktikeun ku dua saksi. Saksi saurang teu cukup pikeun ngabuktikeun yen eta dakwaan teh bener.
31. Anu maehan kudu dipaehan, sarta hukumanana henteu bisa ditebus ku duit.
32. Jelema anu keur mubus di kota suaka teu meunang diidinan mere duit ngarah diidinan balik ka imahna, sapanjang Imam Agung can tilar dunya.
33. Upama hal eta dirempak maraneh sarua jeung nganajisan ieu tanah. Maehan teh nganajiskeun ieu tanah. Taya jalan pikeun nyucikeunana deui iwal ti ku pati jelema anu maehan tea.
34. Jadi pacuan maraneh nganajisan ieu tanah enggon maraneh, sabab Kami PANGERAN aya di dieu jeung urang Israil.”

Bilangan 36:1-13
1. Para kapala warga-warga kaom Gilad bin Mahir bin Menase bin Yusup ngadareuheus ka Musa jeung ka para kapala lianna,
2. arunjukan, ”Timbalan PANGERAN kapungkur, Bapa kedah ngabagikeun tanah ka urang Israil nganggo lotre. Sareng timbalana-Na Bapa kedah maparin tanah milik ka pun dulur Selopehad kanggo anak-anakna anu awewe.
3. Mugi kaemut, upami maranehna kawin ka kaom sanes, tanah milikna tangtos ragrag ka eta kaom, ku margi kitu tanah milik abdi-abdi tangtos jadi ngirangan.
4. Dina Taun Kasukaan, waktos nebusan tanah-tanah milik anu parantos kaical supados kapimilik deui ku nu gaduh asalna, tanah-tanah milik anak-anak Selopehad mah tangtos moal tiasa kapimilik deui, ku kituna moal kaetangkeun kana bagian kaom abdi-abdi deui da parantos jadi tanah milik tetep kaom salakina.”
5. Ti dinya Musa nyaurkeun timbalan PANGERAN ka urang Israil. Saurna, ”Bener eta omongan kaom Menase teh.
6. Mana kieu timbalan PANGERAN: Anak-anak Selopehad meunang boga salaki ka saha bae, tapi kudu ka kaomna keneh.
7. Tanah milik satiap urang Israil kudu tetep aya dina cangkingan kaomna masing-masing.
8. Unggal awewe anu boga warisan tanah milik di hiji kaom Israil, kawinna kudu ka lalaki ti kaom eta keneh, supaya unggal urang Israil tetep ngabogaan warisan tanah milik karuhunna,
9. ulah aya tanah milik anu pindah ti kaom ieu ka kaom anu sejen. Tegesna unggal kaom kudu mageuhan tanah milikna masing-masing.”
10. Ku lantaran kitu, Mahla, Tirsa, Hogla, Milka jeung Noa, anak-anak Selopehad, karawinna teh ka lalaki ti kaomna keneh, nurut kana timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka Musa tea. Karawinna teh ka anak uana,
11. ***
12. ka warga ti kaom Menase bin Yusup, jadi tanah milikna tetep aya dina genggeman kaom bapana.
13. Kitu aturan jeung pikukuh ti PANGERAN ka urang Israil anu diandikakeun ka Musa di padataran tanah Moab peuntaseun Walungan Yordan deukeut nagara Yeriho.

Mazmur 35:17-28
17. Nun PANGERAN, sabaraha lamina deui mung bade ningalikeun bae teh? Jait abdi tina panarajang maranehna, salametkeun nyawa abdi ti eta singa-singa!
18. Tangtos ku abdi dinuhunkeun di hareupeun umat Gusti, tangtos Gusti ku abdi dipuji di hareupeun maranehna.
19. Tong diantep musuh-musuh abdi, tukang-tukang bohong, sarenang dumeh abdi eleh. Eta nu ngarewaeun ka abdi teu puguh-puguh teh tong diantep tinggelenyu ningal abdi kabalangsak.
20. Ngaromongna bujeng-bujeng darehdeh, kalah ka ngarancang rupi-rupi panipuan ka jalmi-jalmi anu hirupna rarukun.
21. Maranehna naruding bari sosoak, ”Hag ayeuna mah kaperegok kalakuan maraneh nu teu bener teh!”
22. Anging PANGERAN tangtos langkung tingali, mugi abdi ulah diantep nun Gusti; abdi mugi ulah dikantun tebih-tebih.
23. Mugia Gusti enggal sumping, geusan ngabela hak abdi. Mugia enggal tandang, geusan ngabela perkara abdi.
24. Gusti teh adil, nun PANGERAN, umumkeun yen abdi teu salah ulah dugi ka musuh abdi sarenang hate ku hal abdi.
25. Ulah dugi ka hatena ngaromong, ”Ayeuna urang bebas ti manehna! Memang kitu kahayang urang!”
26. Sakur nu ngarasa senang ku kasangsaraan abdi, sina areleh, sina baringungeun. Sakur anu ngakukeun leuwih hade batan abdi, sina nandang wiwirang sareng kahinaan.
27. Mugia sakur anu hayang sangkan abdi dibebaskeun, sing tiasa surak gumbira bari ngucapkeun deui, ngucapkeun deui, ”Estu agung PANGERAN! Mantenna ngaraos suka lantaran abdi-Na rahayu.”
28. Upami kitu, kaadilan Gusti ku abdi tangtos dibewarakeun sarta muji ka Gusti sadinten jeput.

Amsal 12:3-3
3. Jalma doraka hirupna moal aman. Jalma bener mah reugreug.

Markus 15:25-47
25. Mimiti disalibkeuna-Na pukul salapan isuk-isuk.
26. Dina luhur salib-Na dipasang tulisan anu unina dipake ngadakwa ka Anjeunna: ”Raja urang Yahudi”.
27. Kajaba ti Anjeunna anu dihukum salib teh penjahat duaan, hiji di tengeneun, hiji di kiwaeuna-Na. [
28. Tinekanan anu ditulis dina Kitab Suci: ”Anjeunna disaruakeun jeung penjahat.”]
29. Jelema-jelema anu laliwat ka dinya garogodeg tuluy ngahina ka Anjeunna, ”Wah, anu rek ngaruag Bait Allah jeung rek ngadegkeunana deui di jero tilu poe!
30. Coba turun tina salib nyalametkeun maneh!”
31. Imam-imam kapala jeung guru-guru agama oge maroyok ka Anjeunna, pokna ka pada batur, ”Ka batur sok nyalametkeun, ari nyalametkeun diri-Na sorangan teu bisa.
32. Hayang nenjo turunna tina salib eta anu ngaku Kristus jeung raja Israil teh, hayang percaya kana omongana-Na!” Dua penjahat anu bareng disalib jeung Anjeunna oge milu ngahina kawas kitu.
33. Waktu geus tengah poe, sakuliah nagri eta ngadak-ngadak jadi poek, tilu jam lilana.
34. Dina pukul tilu Yesus ngajerit tarik, ”Eloi, Eloi, lama sabahtani?” hartina, ”Nun Allah sim kuring, Allah sim kuring, ku naon nu mawi ngantunkeun?”
35. Anu ngadarenge Anjeunna kitu ngajeritna sawareh aya nu ngaromong kieu, ”Manehna sasambat ka Elias!”
36. Aya saurang terus lumpat nyelupkeun sepon kana anggur haseum, tuluy ditiir disodorkeun kana lambey Yesus bari ngomong, ”Keun urang dagoan, urang tenjo Elias lungsur nurunkeun Manehna tina salib!”
37. Yesus ngajerit deui tarik, les bae pupus.
38. Bareng jeung pupus-Na, reregan Bait Allah bedah dua ti luhur ka handap.
39. Kapala pasukan serdadu anu nangtungna hareupeun tihang salib nenjo Yesus kitu pupusna, pok bae ngucap, ”Ieu jelema saestuna Putra Allah!”
40. Rada anggang ti dinya aya wanita-wanita keur narenjokeun, di antarana Maria Magdalena, Maria indungna Yakobus nu ngora jeung Yoses, jeung Salome.
41. Waktu Yesus keur di Galilea, maranehna sok ngingiring ka Anjeunna jeung ngalalayanan. Wanita-wanita anu milu daratang jeung Yesus ka Yerusalem oge loba anu araya di dinya.
42. Wanci geus sareupna, Yusup urang Arimatea anggota Mahkamah Agama anu kapandang jeung ngarep-ngarep ngadegna Karajaan Allah, sumping ka dinya. Poe eta teh poe Panyadiaan (sapoe memeh poe Sabat). Ku sabab eta kalawan teteg manah Yusup ngadeuheus ka Pilatus mundut layon Yesus.
43. ***
44. Meunang katerangan Yesus geus pupus teh Pilatus kacida heraneunana, seug nyaur kapala pasukan mariksakeun enya henteuna Yesus geus lila pupusna.
45. Sanggeus uninga ti eta kapala pasukan, Pilatus ngidinan Yusup nyandak layon.
46. Geus kitu Yusup ngagaleuh lawon lenen lemes. Layon diturunkeun, rap dibungkus ku eta lawon, terus diasupkeun ka jero liang pajaratan anu ditebok tina gunung batu. Geus kitu Yusup ngagulingkeun hiji batu gede dipake nutup lawang pajaratan.
47. Maria Magdalena jeung Maria indungna Yoses araya nyaksian diasupkeunana layon Yesus ka jero pajaratan.